Makam Sempak Waja Di Kampung Karang Gantung Desa Kiarajangkung, Kecamatan Sukahening, Kabupaten Tasikmalaya

Makam Sempak Waja Di Kampung Karang Gantung Desa Kiarajangkung,
Kecamatan Sukahening, Kabupaten Tasikmalaya

Kasebat dina Naskah Carita Parahyangan (CP), Sempak Waja, putrana Prabu Wretikandayun (Suradharma) :
"Sabada Sang Wretikendayun ngadeg ratu di Galuh, nya terus ngajalankeun kahirupan sacara rajaresi sarta ngalandi dirina jadi Rahiangta di Menir. Dina waktu bumén-bumén, harita téh nya nyusun Purbatisti. Lawasna jadi Ratu 90 taun.
Diganti ku Rahiangtang Kuli kuli, lawasna jadi ratu 80 taun. Diganti ku Rahiangtang Surawulan, lawasna jadi ratu 6 taun, ka 7 na diturunkeun, lantaran goréng lampah. Diganti ku Rahiangtang Pelesawi, lawasna jadi ratu 142 taun, lantaran hadé lampah. Diganti ku Rahiangtang Rawunglangit, lawasna 60 taun. Diganti ku Rahiangtang Mandiminyak.
Anak Rahiangta di Menir téh aya tiluan, nu cikal nya Rahiang Sempakwaja, ngadeg Batara Dangiang Guru di Galunggung; Rahiangtang Kidul, ngadeg Batara Hiang Buyut di Denuh; Rahiangtang Mandiminyak ngadeg ratu di Galuh.
Pwah Rababu dibawa ku Rahiang Sempakwaja, dipirabi. Kacida dipikaasihna. Nya lahir anakna lalaki duaan, nya eta Rahiang Purbasora jeung Rahiang Demunawan". (Naskah CP)
Rsi Batara Sempak Waja teh ramana Prabu Purbasora atanapi akina Wijaya Kusuma di Cipancar Girang Limbangan, Wiradi Kusuma (Sunan Pamret) sareng Dewi Komalasari (Sunan Baeti) di anu makamna di Cipancar Hilr  kec. Sumedang Selatan


Makam Wiradi Kusuma (Sunan Pamret) di Pamakaman Umum Desa Cipancar Kecamatan Sumedang Selatan

Makam Dewi Komalasari (Sunan Baeti / Nini Balangantrang /Nini Sanepa) di Pemakaman Umum Desa Cipancar Kecamatan Sumedang Selatan

Dewi Komalaasari (Nini Balangantrang / Nini Sanepa / Sunan Baeti) garwana Aria Bimarakasa (Aki Balangatrang / Aki Sanepa / Sang Resi Agung) putra ka hiji Sang Resi Jantaka (Rahiangtang Kidul) ti Dewi Sawitri

Dewi Komalasari dipigarwa Aria Bimaraksa, puputra :
1. Prabu Guru Aji,
2. Darma Kusuma.
3. Asta Jiwa.
4. Usoro.
5. Siti Putih.
6. Sekar Kencana (Lenggang Kencana)


Numutkeun katerangan Kang Dicky Z Sastradikusumah nu di Tasikmalaya linggihna, lokasina Situs Makom Batara Dangiang Guru Sempak Waja, ti Rajapolah ka arah Galunggung, di Kampung Karang Gantung Desa Kiara Jangkung, Kecamatan Sukahening, Kabupaten Tasikmalaya. Upami bade angkat ka Situs Makam Batara Guru Rsi Sempak Waja ngalangkungan Desa Kiarajangkung anu suasana sejuk khas Pagunungan, amparan sawah nu yuguhken pamandangan matak endah nyegerkeun titingalian.


Suasana jeung kondisi desa ayana di suku Gunung Galunggung belah kaler, teu jauh beda jeung desa-desa nu umumna aya di daerah lain di Tatar Jawa Kulon. Hilir mudikna kendaraan nu ngangkut hasil bumi jeung aktivitas masyarakat teu macet kawas di Kota.


Makam Sempak Waja Di Kampung Karang Gantung Desa Kiarajangkung,
Kecamatan Sukahening, Kabupaten Tasikmalaya

"Di lokasi Situs Makam Batara Guru Sempak Waja aya oge sabaraha makam nangging teu seur,, sareng aya curug  cai" tulisan Kang Dicky Z Satradikusumah dina FB. 


Bahasan Ngeunaan Rakryan Sancang 
Numutkeun Kang Dicky Z Sastradikusumah. Rakryan Sancang mah Batara Sempak Waja, nanging numutkeun panaluntikan smkuring mah, Batara Rsi Sempak Waja putrana Prabu Wretkanyun (Sang Suradharma) teh sanes Rakryan Sancang, margina Rakryan Sancang mah aya makamna di Sancang 5 Garut Selatan, di dinya aya makam Syeh Pandita Rukmin guruna Syeh Rukmantara sareng Syeh Rukmantiri, anu makamna sami di daerah Sancang Garut Selatan, aya nu nyutat oge Rakryan Santjang teh Syeh Rukmatara, aya oge nu nyutat guruna syeh Pandita Rukmin.

Kamungkinan ageung mah Syeh Rukmantara teh Rakryan Sancang, ari garwana Syeh Rukmantiri taya lian anu disebat Nyi Arum Hondje tea anu ti Pameungpeuk Garut.



Kakaitan eta dibahasna naskah atawa carita dina Basa Sunda ti kampung dukuh Pameungpeuk Garut, anu nyaritakeun kisahna Rakryan Sancang sareng garwa Nyi Arum Hondje. (Baca klik kisahna di kisah ieu sareng di dieu), kitu deui aya dina naskah Wawacan Siti Ningrum atanapi Wawacan Suryadiningrat anu ti Garut. Intina wawacan eta teh, Syekh Pandita Rukmin, Syeh Rukmantara, sajaman sareng Prabu Kandi (Prabu Kandiawan) anu ditarik kesimpulan tina awal wawacan.

Kayakinan yen nu sejen Rakyan Sancang teh Syeh Rukmantara kacutat dina Babad Singket  Prabu Guru Aji Putih.


Badad Singket Prabu Guru Adji Putih Guguru Agama Ka Pangeran Rukmantara

Sabada Sanghyang Resi Agung ngalaksanakeun tugas-tugas Keresianana netep di Bagala Asih Panyipuhan atawa nu sok disebut Cipeueut (Cipaku). Di dinya pisan anjeunna ngawirid pirang-pirang elmu agama jeung darigama ka putra-putrana katut para muridna. Putra cikal jenengannana Pangeran Suryadiwangsa. Dina hiji waktu Sanghyang Resi Agung nyaur Pangeran Suryadiwangsa sareng Darma Kusumah atawa nu sok disebut Darmawisesa

Ramana ngebrehkeun eusi manahna, yen sakitu taun katukang nyidem cita-cita nyaeta nyiapkeun putra cikalna jadi pamingpin adil paramarta di Tatar Sunda. Ari jadi pamingpin teu kawas malikeun dampal leungeun tapi kudu dideudeul ku elmuna, diwajaan ku pangabisana jeung dipapaes ku cahaya, cahara, komara jeung wibawa. Tegesna pamingpin kudu mibanda kesakten jeung kawani dina nanjeurkeun bebeneran.

Kasakten (kasaktian) lain kawedukan atawa elmu teu teurak dikadek, bisa ngapung, ngaleungit tapi nu disebut kasaktian ceuk elmu kapamingpinan saciduh metu saucap nyata, nurus bumi napak sancang. Hartina pamingpin kudu beunang dipercaya (amanah). Saciduh metu hartina pitutur digugu, ucapna dilaksanakeun, ku gawe rancage barina nyata. Saucap nyata (carita jeung faktana) hartina catur ngabukur, nyarita ayabuktina. Ucap lampah paripolahna jadi suri tuladan pikeun rayatna. Elmu kapamingpinan moal leupas tina elmu katauhidan dasarna tina ngaji diri. Karana kitu Pangeran Suryadiwangsa jeung Darmawisesa diparentah ku ramana kudu guguru elmu katauhidan ka Rakean Sancang nu murba di Sancang Pakidulan.

Rakean Sancang nyaeta Pangeran Rukmantara putra selir Raja Tarumanagara akhir, Inyana kungsi badarat ka nagari Mekah ngagabung jeung pasukan Kanjeng Nabi Muhamad, malah saur sepuh kungsi  milu perang Uhud. Sabada Kanjeng Nabi Muhamad nilar dunya Rakean Sancang mulang ka pulo Jawa tuluy netep di Sancang Pakidulan nu nampeu ka laut kidul. Di dinya anjeunna ngadegkeun patapaan pikeun jalma nu hayang ngulik elmu katauhidan jeung Kaislaman.

Pangeran Suryadiwangsa jeung Darmawisesa (adi lanceuk) ninggalkeun Bagala Asih Panyipuhan ngajugjug pakidulan. Sanggeus amprok jeung Rakean Sancang tuluy guguru jadi muridna, kalayan diwirid elmu tauhid jeung elmu Islam. Sanggeus dianggap maher dina bag-bagan tauhid jeung prinsif-prinsif dasar Islam Pangeran Suryadiwangsa jeung Darmawisesa diparentah kudu indit ka Nagari Mekah sarta kudu ngayakinkeun agama Islam nu dianggap agama anyar ku balarea. jst.....


Namun dumasar katerangan ti Dicky Z Sastradikusumah, "Anu nguatkeun yen Batara Sempak Waja teh Rakryan Sancang, kumargi di lokasi situsna Sayyidina Ali r.a di Kampung Kalapasari Desa Sukakerta Kecamatan Sukaraja, aya sisa-sisa baju jirah janten cungkup atawa turup batu nisan makom patilasan  sareng artepak-artepak sanesnna nu aya, satiap tanggal 12 bulam mulud rutin tiap taun nu tos berjalan puluhan taun diayakeun ritual ngumbah ku cara dimandikeun.  





Sayydina Ali r.a waktos sumping ka Galuh, ningaleun artepak sisa-sisa baju jirah (baju beusi)  sareng aya artepak keramik zaman dinasti Tang abad ke 6/7 masehi.

Ti situs  patilasan Sayyudina kirang langkung 300 m aya situs makom atawa patilasan Jawara Sunda nu teu kaelehkeun di Tanah Sunda nu kahirupanna sajaman sareng sayyidina Ali r.a sareng saling pakait di jamanna nu ku masyarakat setempat disebat Batara Garunggang alias Rakeyan Sancang alias Sempak Waja alias Gagak Lumayung alias Langlang buana

Panalungtikan abdi sareng Agus Wirabudiman, Rakeyan Sancang teh sanes putra Raja Tarumanegara tapi putra mahkota Galuh nyeeta Sempak Waja putra Prabu Writekendayun (Sang Suradhama), kumargi di Galunggung sareng Sukapura oge gaduh Floklore ngeunaan Batara Sempakwaja nu hubunganna sareng  sumpingna Sayyidina  ka Galuh sareng Floklore ngiring bajuang  di perang madinah, logika abdi sederhana kedatangan sayyidina Ali r.a ka Tanah Sunda teu ka Tarumanegara tapi ka Galuh kumargi Tarumanegara tos teu aya, tos gentos ku kerajaan Sunda sareng waktos eta kerajaan Galuh langkung kuat  tibatan kerajaan Sunda, sareng oge naon wae nu hubunganna sareng Rakeyan Sancang tempat kajanten perkara na aya di wilayah Galuh sanes di Tarumanegara, kumargi tina Babad Galunggung Sancang kalebet wilayah tanah Galunggung alias Galuh.

Menurut guru besar sejarah sunda unpad bahwa orang yang pertama masuk islam dan berbaet langsung di hadapan nabi yang di bawa oleh sayyidina Ali r.a ke tanah arab, sewaktu pulang ke tanah sunda beliau pergi ke Galunggung dan meninggal di Galunggung, dalam sejarah Galuh atau Carita parahyangan, orang yang pergi ke Galunggung dan membentuk kebataraan dan mewarisi 12 wilayah yaitu Batara Guru Sempak Waja Pangeran Mahkota Galuh yang tidak jadi raja di Galuh, karena digantikan adiknya Mandiminyak, jadi yang di maksud guru besar sejarah Sunda orang yang pergi ke Galunggung itu tiada lain Batara Guru Sempak waja yang tidak jadi Raja Galuh karena beliau pergi ke tanah Arab sewaktu terjadi suksesi di Galuh.

Oleh Agus Wirabudiman cerita sejarah Batara Guru Sempak Waja alias Rakeyan Sancang putra mahkota galuh yang berhubungan dengan Sayyidina Al r.a dan sebagai muslim pertama di tanah sunda pernah di seminarkan yang di sponsori kemendag pusat di sebuah Hotel Berbintang di Tasik dan dihadiri dosen-dosen sejarah sunda dan dosen sejarah islam, presentasi agus dalam seminar tidak ada yang membantah tentang cerita tersebut, bahkan materi seminar tersebut pernah saya bagikan ke Raja dan Sultan nusantara, cukup mendapat tanggapan positip dari sultan Aceh, Sultan dari Minang dan sultan-sultan dari Sulawesi seperti Sultan Luwuk dan Sultan Gorontalo, bahkan Sultan Luwuk membenarkan cerita tersebut katanya, tercatat dalam naskah al galigo suatu naskah tertua di sulawesi yang mencatatkan kedatangan armada yang dipimpin satria Sunda bersama sayyidina Ali r.a ke tanah Sulawesi dan membawa armada tersebut ke tanah Arab, bahkan Irjen pol Anton Carlyan yang pernah dinas di Sulawesi juga membenarkan bahwa al galigo itu artinya tiada lain adalah Galunggung dan satria Sunda tersebut di Sulawesi di kenal dengan istilah Wirabuana dan pernah menjadi nama Kodam di pulau Sulawesi yaitu kodam 7 Wirabuana.

Abdi oge kasumpingan orang-orang batak / tapanuli atau sumatra utara nu  nyebutkeun yen aya jejak sareng caritana Batara Sempak Waja sareng syiar islam ktu deui jejakna ke tanah arab, bahkan ku pangikut tarekat satariah di Sumatra Utara nami Batara Sempak waja dugi ka ayeuna sok di tawassulan,'.  Kang Dicky Z Sastradikusumah  seratanna di Face Book Group Karaton Sumedang larang.

Waallaahu Alam Biromudih, 

Rampesan

Dikupas sareng dicatat tina Postingan dina Facebook :
1. Dedi E Kusmayadi Somaatmadja, Panata KSL Bidang Sejarah dan Budaya
2. Dicky Z Sastradikusumah, ti Sukapura Tasikmalaya.

 Sumber Cutatan  ;
1. Naskah Tarjaamah Carita Parahyangan
2. Sakilas Babad Prabu Guru Aji Putih tepangna sareng Syeh Rukmatara.
3. Postingan Facebook Fb Gruop Karaton Sumedang "Makam Sempak Waja  Di Kampung Karang Gantung Desa Kiarajangkung, Kecamatan Sukahening, Kabupaten Tasikmalaya", tanggal 31-12-2019

Baca Juga :

Tidak ada komentar