Rupi-rupi Sahadat Sunda Buhun


Rupi-rupi sahadat sunda Buhun nu nga-Esa-keun ayana Dzat Alloh, anu aya dina kasumedangan sareng kasundaan.
 
Sahadat Sunda Kasumedangan Darmaraja
Bismillah hirahman nirahiim,....
Alloh subhana wata'alla teu aya dua. 
Pangeran tetep pangeran. 
Pangeran Ratu Sajagat Ingsun
la illahailalloh, anu hirup teu kena ku pati, teu kena ku lara.
Tih di bumi Kudratullooh, 
Hirup Langgeng Salawasna, 
Mijangker Sahadat, 
Mitangkel Iman, 
Mikalif Taohid,  
Midaun Hurip, 
Mipuhu Rasa, 
Buana Agung Pancer pangawasa, manusa pasti. 
kang leuwih jumeneng, sadaya isun umat Sunda, 
kang anyakrawati Cahya Gilang Gumilang.
Allah Hu, Allah....Allah Hu, Allah, Allah Hu,  Allah....Allah Hu Allah.

ASHADU SAHADAT SUNDA
KaAgunganNA Pancer Pasti,
Pepes welas kalanggengan umat manusa, 
Hurip kawasa, lawang pangrasa, miluhung rasana, 
Cumablak Dat Alif Langgeng Ngadeg Satengahing Jagat, 
Bumi manik, lemah langit, tatahan bujal buana, 
Jungjungan langit pahuwa Ratu Anggawati tatahan jaman, 
Kang daim Nu Leuwih Agung Anu Wisesa, 
Anu kagungan Sajagat Bumi Alam.
Allah hu, Allah....Allahu, Allah, Allah Hu Allah....Allahu Allah.

SAHADAT SUNDA
Bismilah hirohman nirohim,
Ashadu sahadat sunda, 
NgaAgungkeun dat Alloh, 
Alif Allah ingkang ngadeg satengahing Jagat, dat lat, dat les
Dat langgeng sifat Alloh, 
Ngandika nu gaduh asma All0h, 
Tetep iman sareng islam kersaning Alloh, 
Ashadu ala ilaha illalloh, 
Wa ashadu ana muhamaddarosullulloh.

SAHADAT BAWA NGAJADI
Ashadu sahadat bawa ngajadi,
sahadat bathin manusa,
malaikat dat maring Alloh,
medal ti Adam nu ngajadi,
metuna ti Ratu Galuh,
tinu dzat opat,
metuna ti kuncung Agung,
medal cahyaning AlloH,
tina Sir acining putih,
jasad sukma rohing nyawa.

SAHADAT CIPAKU
Sang kuncung batara wenang ku Alloh sira sanika, 
langit ngait jagat rapak tarima badan kaula 
Sirna Adam ku Alloh (yaa allah) 3X
atawa :
Sang kuncung batara wenang, 
sanika ku Alloh langit ngait jagat rapak, 
tarima badan kaula sirna adam, 
Alloh Hu, Alloh, Alloh Hu, Alloh, Alloh Hu, Alloh,
lailahaillalloh muhammaddarosululloh.

ILMU MARIFAT CIPAKU
Sang kuncung batara wenang,
sanika ku Alloh langit ngait jagat rapak, 
tarima badan kaula sirna adam, 
Alloh Hu, Alloh, Alloh Hu, Alloh, Alloh Hu, Alloh,  
 lailahaillalloh muhammaddarosululloh.

Hartosna: sang teh hiji, kuncung buuk dina embun-embunan ngacung ka luhur, batara hartina maha pinter, sari sanika tegesna pangersana, langit kawas dikaitkeun, jagat kawas diamparkeun, tumampa yen kaula hirup sanggeusna adam mulang ka alam langgeng. Alloh Maha Agung, teu aya deui nu wajib di sembah lintang ti Alloh, muhamad rosul Alloh.

Artinya kita berserah diri dari ujung rambut yang paling atas sampai seluruh badan hanya kepada Alloh SWT yang wajib disembah.

Ilmu Tauhid atau Ilmu Cipaku yaitu mendekatkan diri dengan Tuhan atau disebut Marifat.
Ilmu Marifat Cipaku dikenal dengan Ilmu Cipaku, “Sir budi cipta rasa, sir raga papan rasa, dzat marifat wujud kaula maring Alloh, maring malaikat, maring khodan karomah suci, maring isun sajerning urip, lailahailalloh muhamaddarosululloh”,

Sahadat Darmaraja
Nu nangtung tanpa kurungan 
nu herang tanpa karangan, 
Nu ngadeug disanghyang Taji Teja 
heunteu aya di Buana Panca Tengah
Yaa Allah deg…deg…Panca komara

Bagi Eyang Haji sesuai rukun Islam yang paling penting adalah Sahadatnya atau Ikrarnya untuk memahami diri manusia sebagai Mahluk Ciptaan Alloh SWT oleh karenanya beliau membuat Sahadat Darmaraja untuk para Raja yang ingin mengabdikan diri menjadi Raja (Darma = Bakti, dan Raja Pemimpin), “Nu nangtung tampa kurungan, teu hérang tampa karangan, nu ngadeg di sanghyang téja henteu aya di buana panca tengah, deg, deg, deg, deg, deg, pancakomara. Lailahailalloh muhammadarrosululloh.

Hartina, nu ngadeg taya wujudna, nu herang taya wadahna, nu ngadeg di alam lelemut teu aya di alam manusa, panceugkeun lama kawibawaan. Teu aya anu wajib disembah lintang Alloh, Muhamad utusan Alloh. Artinya adalah bahwa ketika menjadi Raja harus mengukuhkan kewibawaan dengan cara berserah diri kepada Alloh SWT. Eyang Haji mengajarkan Ilmu Marifat tersebut di Situs Cipeueut Aji Putih.


Kasumedangan 
Tapi aya oge anu eusina kieu :

 Kasumedangan I
Sir cipta mulia cipta, 
anu HUrung anu HErang,
anu aya di Buana Panca Tengah, 
manik mutiara putih, 
anu ngaran mata holang manusa,
ya isun kurungan tunggal wisesa, 
mangka luhut, mangka anut, maring badan isun, 
ya isun kurungan tunggal wisesa, 
mangka welas, mangka asih (.....) wong sajagat kabeh
La Ilaha IllAllah, La Ilaha IllAllah, La Ilaha IllAlla, Muhammadur Rasulullah

Pada saat dzikir terjadi out of body, mi’raj melalui Cahaya, melesat menembus Arasy..
Apa yang ada di alam semesta milik KULA-AKU-ALLAH..
Termasuk Esesensi Dzat (Mata holang) di dalam raga-sukma.
Di dalam diri manusia ada YANG MAHA MELIHAT (AL QIYAMAH 75 : 14)
Pagi-pagi pergi ke ladang… petang pulang… itulah kehidupan kita didunia…akhirnya..
Dari Allah kembali kepada Allah..  manunggal YA INGSUN .. YA ANDA…

 Kasumedangan II
Clik Putih, Clak Herang
Nu teu aya lawan, 
jagat tamba taya bangsana.
Nya aing sang Prabu Tajimalela
La ilahaa ilallooh 

Kasumedangan III (Prabu Tadjimalela)
Diaping kunu Suci, diraksa kunu Kawasa
Dedeg landjer jaya perang di Buana Panca Tengah
Ulun santri demang braja 
Prabu Tajimalela nu murba di Darmaraja
Laa illaha illaallah muhammadurrasullaallah,
Rir…ringkang mawa sawangan, 
hate ringkang, hate jaya sembada, 
sang toap lenggang, sang toap karang,
Sang muncul putih bumi larang buah kampong,
Nu herang taya lencana mustika larang mustika herang,
Terah saha iku, terah saha saha teuing,
Ka aing acining lalaki mustika ning jelema,
Waluya jeneng manusa Aji putih, Purbawisesa.
Awit asihan aing sae sagalana.

 SYAHADAT SILIHWANGI
BISMILLAHIRRAHMANIRRAHIIM...
LAA ILAHA ILA ANTA LAQUWWATA 
SALAMATAN FI DUN-YA HASANATAN 
GOFURULLAH HU ALLAH,
FI KULU UMATI RASULULLAH 
SILIH KANJENG SILIWANGI GELAR TAPAK 
LANGKAH SUNDA ING TUMAMPI KA GUSTI ALLOH
LAA HAULA WALAA QUWWATA ILA BILAHIL ALIYYUL ADZIM.

 Sahadat Banten
BISMILLAHIRROHMANIRROHIMI
ASHADU KALIMAT NAPAS SABADAN 
ABADANA ASHADU KALIMAT TIPAL-TIPAL INGSUN
YAH TAMPE RAHMAT ILLALLAH
KANG TANPE IMAN 
LAILLAHAILLALLAH MUHAMMADARROSULULLAH

 Sahadat Bawa
Ashadu Sahadat Bawa,
Iman jati lulungguhan pulo nyawa,
Roh nyawa intening hurip,
Hurip teu keuna ku gingsir,
Langgeng teu keuna ku owah,
Laa illaha illaallah muhammadurrasullaallah
 
Sahadat Taraju
Ashadu sahadat taraju
Idin imatan warohmatan
Walidatan, wasira tan,
Titikaptan minha 
ya hu, Ya Allah, ya Rasulullah.

Sahadat Sayang
Ashadu sahadat sayang,
Kuriling ka bale suci
Cat mancet ka jagat mulya,
Tetesen ditetes ku Allah
Ya hu, ya Allah, ya Rasulullah.

Sahadat Sari
Ashadu sahadat sari,
Gegedah wadah humenggang,
Ngebur-ngebur lain ratu,
Ngebyar-ngebar cahyaning pangeran,
Payung tilu nungku-nungku,
Payung emas lingga jati,
Kakayon sabar darana,
Teteras sekar cendana.

Sahadat Adam
Ashadu Sahadat Adam
Sah Adam
Ashadu nur putih alip tunggal
Iman eling ka mulya kang kadim,
Laa illaha illaallah muhammadurrasullaallah
 
Syahadat Sancang
Asyahadu Syahadat Sunda
Jaman Allah ngan sorangan,
Kaduana Gusti Rasul,
Katilu Nabi Muhammad,
Kaopat umat Muhammad,
Nu cicing di bumi anggaricing,
Nu calik di alam keueung,
Ngacacang di alam mokaha,
Salamet umat Muhammad.

Sahadat Sunda Cirebon Girang
Ashadu sahadat sunda
sahadat kaula ngan sahiji
raden santri kuncung putih
nu calik di cirebon girang
nu rebo tanpa wekasan
hurip gusti, waras abdi/(…….)
hurip teu keuna ku gingsir
waras teu keuna ku owah
hurip ku kersaning allah ta’ala
Laa illaha illaallah muhammadurrasullaallah

 Sahadat Iman
Ashadu iman tuhu
Sahadat iman nuradan
iman ngadeg satuhune
qori Allah korsi Allah
korsi nabi Rosululloh
Laa ilaha ilalloh muhammadur rosululloh
 
Sahadat Sejating Diri
Ashadu dzat gusti dzat abdi, rasa gusti rasa abdi,
jumeneng gusti jumeneng abdi, dzat sejatining manusa,
kawasa sa alam dunya, tunduk takluk sakabeh mahluk,
tunduk tanak kersa ku kawasa Alloh,
hirup langgeng di dunya, hirup langgeng di akherat,
kun sejatining manusa ruh kaula jasad,  jasad kaula dunya, ruh kaula akherat
Laa ilaha ilalloh muhammadur rosululloh.

 Du’a Pangesi Diri 
Abdi seja matihahan, istighfaran, subhanalloh seluruh tubuh 
sedulur papat kalima pancer, 
Ghoib…Ghoib…Ghoibul…Ghoib 
sukma sari, 
sukma rasa, 
sukma tunggal, 
sukma akbar, 
sukma anu ngaraga sukma dina sukma, 
sejatining manusa ngaraga sukma jeung badan kaula, 
sukma sampurna ning manusa tekad ucap, laku lampah, amal perbuatan, aqli qouli fi’li ghoibi.  
Sumsum balung, urat, lamad, geutih, daging, kulit bulu, rasa perasaan, pangawasa, pengersa, paninggal, pangrungu, pangangseu, kanyaho hirup-hurip dzatna, wujudna sampurna manusa, cai sucina angin, suci seuneu, suci bumi, suci sir amarah, shawiyah, muthma’inah, lawamah, mardiah, rodiah menuju li ala kalimatillah. 
Allah Hu Allah...Allah Hu, Allah...Allah Hu, Allah...

 Du’a Panyipuh Elmu Pangaweruh
Bur sipuh pangaweruh, 
pangasahan pangawasa, 
hurungna ku Gusti. 
Lencupna ku Allah ta’ala. 
Laa ilaha ilalloh muhammadur rosululloh.

Baca Juga :

15 komentar:

  1. assalamualaikum izin untuk mengamalkan. semoga barokahna ilmunya

    BalasHapus
  2. assalamualaikum izin untuk mengamalkan. semoga barokahna ilmunya

    BalasHapus
  3. Manfaat nya apa ya kang?

    BalasHapus
  4. Komentar ini telah dihapus oleh pengarang.

    BalasHapus
  5. Sampurasun kang, izin mengamalkan.

    BalasHapus
  6. qobiltu.
    nampi sadayana.
    hatur nuhun.
    ijin ngamaken.

    BalasHapus
  7. Qobiltu ijataka
    Nampi sadaya semoga dibales oleh allah SWT. Mohon ridho untuk mengamalkan

    BalasHapus
  8. Qobiltu ijin mengamalkan semoga amalna di bales ku Alloh swt.Aamiin...

    BalasHapus
  9. Assalamualaikum
    Punten izin abdi bade ngamalkeun.

    BalasHapus
  10. Assalamu'alaikum kang.. ijin untuk mengamalkan.. tpi sbelum sya amalkan.. sya mau tau dulu. Siapa yg harus sya kirimin hadiah al fatihah untuk Sahabat sunda ini
    kang.

    BalasHapus
  11. Qobiltu, ijin copas kang. mugi barokah dunia akhirat

    BalasHapus