Situs Rambut Kasih Sakadana Blok Nagrog Desa Cipamekar, Kecamatan Conggeang


Yadi ti Conggeang : Di Conggeang,  lembur sim kuring kang Dedie Kusmayadi. Aya oge patilasan Panday Besi di sagedengeun na,jaman Ratu Nyi Imbang Kasih nu puputra eyang cacagati nu karajaanna di Narimbang, mung nu nyesa kantun cai paranti nyipuh sareng lebak pamiceunan bubuk beusi na hungkul

Mang Nendi ti Conggeang  : Kerajaan Goa Karang wilayah Karajaan leutik  nu aya di suku Gunung samemeh nami Gunung Tampomas, masih namina keneh Gunung Gede, atanapi gunung Geulis. Dinamian Gunung Tampomas saparantos gunung tara bitu deui. Sedengkeun jaman Bujangga Manik dina taun 1500 Mesahi-an, nyerat eta gunung teh, namina Tomp[o]mas.

Kuring  : Tah anu dicarioskeun  ku mang Nendi mah "Karajaan Goa Karang", tapi di lokasi Gn. Karang Suku Gn. Tampomas, eta Karajaan Goa Karang jaman beh dituna keneh janten sanes jaman Pajajaran.

Bujangga Manik, ngalakukeun perjalanan sok sanajan perjalamanna nulis mungkul (fiktif) dina taun 1500 Masehi-an, Gunung Tampomas ku Bujangga Manik ditulisna eta  Gn. Tomp[o]mas.

Kacipta baheula mun "Bujangga Manik" ngalakukeun perjalanan nyata jaba leumpang, jaba can aya scoter, mobil, jiga kiwari, apan leumpang ditulisna dina naskah daluangna oge, teu naek kuda, jadi musafir meureun eta Raja teh.jadi musafir meureun eta Raja teh? ceuk Panbers mah dina laguna :
Tiada tujuannya kemana
Mata angin tak kau hiraukan
Ke barat kau melangkah
Ke timur juga kau tuju
Ke utara kau pergi
Ke selatan pun kau berlalu

Turun gunung naek gunung, turun walungan, mapay walungan emangnya gue nggak cape, ti tungtung Kaler (sanghyang sirah) nepi ka tungtung kidul Pulo Jawa (Sanghyang Dampal) jaba teu digaji. 

Naek ka Puncak Tampomas oge  tos seunggah jaba enggap, apanan "Resi Sabdo Palon" oge ngajentul wae geus naek ka Semeru mah, teu turun-unggah, nikmat senah bari ninyuh cikopay atawa nge-teh "Daun Sembung atawa "Daun Baluntas" ajaaa!!, da Teh mah can aya atuh jaman harita mah ayana oge jaman Walanda.

Dina Naskah Sunda sejen, nyaeta : "Carita Ratu di Pakuan" mah Gn Tampomas disebutna Gn. Manik Tamporasih, da Gn. Cupu na mah di Sumedang Kota nu aya situs Cupu (eyang Cupu), sagigireun makamna Batara Kusumah ramanna Jaya Perkasa.
Janten taun sababaha eta karajaan Goa Karang Karajaan Pajajaran teh ayana? Sarreng kumaha bet gaduh putra cacagati (Rd. Sacagati). Naha sajaman Pangeran Rangga Gede eta Ratu Nyi Imbang Kasih teh?
Atawa satutasna jaman panggiring Medalna Kamulyan karajaan Salakanagara di Suku Gn. Tampomas anu minangka Prb. Resina nyaeta Danishwara. (Sumara Dira).

Kuring :  Kasebut oge Rambut Kasih Sakadana di antara nu 7 nu Medal Kamulyan panggiringna runtuyan Karajaan 

Salakanagara di Suku Gunung Tampomas jeung Wilayah Sumedang nu sejenna, da baheula leuweung keneh Sumedang na oge, tong disamikeun  jiga kiwari. 

Pala putra Prabu Dharma Satya Jaya Waruna Dewa (Sanghyang Jagat Jaya Nata), Mp 262 -290 Masehi, nyaeta :

1.  Jaya Sampurna atawa Jaya Sakthi, nguasaan  di sakitar  Gunung Susuru (wilayah Sususu, situsna di lingkungan Parigi Kelurahan Pasanggrahan Baru kecamatan Sumedang Selatan)

2.  Indra Sari atanapi Gajah Handaru atanapi Dalem Tumenggung di Gunung Susuru (wilayah Susuru, situsna lingkungan Parigi Kelurahan Pasanggrahan Baru kecamatan Sumedang Selatan)

3.  Suksmana, atawa disebat Eyang Cupu (nguasaan di wilayah Cupu - Sumedang Kota kiwari, situsna di Gunung Cupu Pasarean, Kel. Kotakulon, Kec. Sumedang Selatan)

4.  Prabu Danishwara (Sumara Dira), nguasaan di suku Gunung Tampomas (wilayah Ciemutan, situsna di Blok Ciemutan Dusun Cilumping Desa Cikurubuk Kec. Buahdua)

5. Jayabuana Ningrat, disebut Banas Banten (wilayah Banas Banten nepi wilayah perbatasan Indramayu - Sumedang, situsna di Kampung Banas Banten Desa Babakan Asem Kec. Conggeang)

6.  Larasakti, (wilayahna Cisusuru, Situsna di Gunung Cisusuru Dusun Sahang, Desa Dayeuh Luhur Kec. Ganeas)

7.  Sanyak atawa Sari Hatimah (wilayahna sakitar Nagrog, situsna di Cieunteung Desa Cipamekar, Kec. Conggeang).

8.  Rambut Kasih Sakadana.

9.   Dalem Aji Sadepok.

10. Dalem Tumenggung Surabima.






Sapuluh nu diluhur, sasuai  sareng ka dulur nu tujuh, ka saderek nu opat, ka lima pancer anu sok dirajahkeun. Ku rerengan Guriang 7, utamina ku ki Dipa Atmadja, Cibeureum.

Upami nu di Blok Cieunteung, Desa Cipamekar Kec. Conggeang, situsna :
1.  Dalem Tumenggung Surabima.
2.  Dalem Aji Sadepok (Batara Sakabuana)
3.  Sanyak (Sari Hatimah).

Upami nu di Nagrog Desa Cipamekar Kec. Conggeang, nyaeta : Rambut Kasih Sakadana alias Pujasari Kencana Wangi alias Kusuma Sari.

Tah eta nu dimaksad Situs Nyi Imbang Kasih dina naskah mah disebutna Rambut Kasih Sakadana alias Pujasari Kencana Wangi alias Kusuma Sari, kitu deui sanes Nyi Rambut Kasih nu di Talaga anu sajaman sareng Pangeran Muhamad sareng garwana Siti Armilah (mbah Badori), da benten jaman, Rambut Kasih  Sakadana mah langkung kolot jamanna oge.

Janten eta mah sanes ti Pajajaran nanging runtuyan nu Medal Kamulyan ti Salakanagara, memang sesah meureun nyebatna rata-rata wilayah Sumedang Kaler diidentikeun ku nami Pajajaran, komo satutasna gubragna estapet karajaaan pajajaran ka Sumedanglarang mah.

Ari nagrog teh hartina pondasi dasar anu bade dituju, bedog manjing Sarangka matak aya panday Domas oge di dinya jaman harita, Cienteung jeung Nagrog tempat nyieun pusaka jaman harita.

Kuring : Situs Nyi Kasih Sakadana mah jaman kabataraan / jaman karesian Medal Kamulyan sisi Gunung Tampomas.

Duka jamanna sateuacan Eyang Candi Karang (Sanghyang Hanjuang Beureum) nu sajaman sareng Sakawayana (Embah Jalul) anu kantos janten dalem / Tumenggung di Wilayah suku gunung Tampomas ti Tembong Agung, dina jaman kakawasaan Prabu Tajimalela (Brata Kusuma), taun 721 - 778 M, putrana Prabu Aji Putih. 

Mungkin oge harita Hariang Banga pernah ngulampreng ngadon ulin ngala pibakaleun bonsai anu dhenok montok ka "HARIANG" bari ne-neangan Ciung Wanara anu disilibkeun dina caritaan Ciung Wanara, sateuacan perang campuh antara pasukan Hayam Turundul (rahayat) jeung pasukan hayam raja. Jadi kungsi ka "HARIANG" heula meureun Hariang Banga teh jeung telik sandina dititah bapana Raja Bondan (Tamperan) ti Galuh Pakuan Kawali Ciamis, neangan Suratama (Ciung Wanara), arek ditumpur ludeskeun turunan Permana Di Kusuma, ngan teu papangih di Hariang, margi sanes di Hariang cicingna Suratama (Ciung Wanara) di Sagara Manik, mangsa keur leutikna sareng ki Balangantrang / ki Sanepa (Aria Bimarakasa)  sareng Ni Balangatrang / Nini Sanepa (Dewi Komalasari / Sunan Baeti), mun dikaitkeun sareng nami "HARIANG" mah. 

Duka mun sateuacana eta nyi Rambut Kasih Sakadana teh, antara abad ka 5-6 M. Medal Kamulyaan Pangiring Salakanagara di Suku Gn Tampomas diasumsikeun saatosna abad 3 - 4 M, margi pala putra katurunan Darma Satya Jaya Waruna Dewa raja Salakanagara ka 5.

Pami katerangan abdi kitu, janten teu nyambung ka Cacagati (Rd. Sacagati) mah, abad na oge jauh pisan, naon margina numutkeun katerangan ti kang Adeng Lukmantara dina blogna :
Kiai Rangga Haji nu makamna di Desa Cibuluh Kecamatan Ujung Jaya, putrama Pamgeran Santri sareng Ratu Pucuk Umun (Ratu Inten Dewata) atawa raina Prabu Geusan Ulun (Rd. Angkawijaya). Rangga Haji nyaeta tokoh nu naklukeun Aria Kuda Panjalu, anu peperanganna di sakitar daerah Narimbang  sangkan lebet Islam

Mbah Cacagati ieu, tina logat sareng kacaketan ucapan kamungkinan namina sami sareng R. Sacagati. R. Sacagati minantuna Santowan Anut Nangga, putrana Kiayai Rangga Haji. Santowan Anut Nangga puputra istri nu migarwa  R. Sacagati, sahingga dikenalna NM. Sacagati. Janten saolah aya keterkaitan antara Sacagati sareng akina, Rangga Haji nu sateuacanna tos nincak ka Daeran Narimbang

Cag heula..

Baca Juga :

Tidak ada komentar