Medang Kahyangan (Medal Kamulyan) Zaman Kerajaan Salakanagara

PANGIRING MEDAL KAMULYAN, ZAMAN KARAJAAN SALAKANAGARA NU MEDAL DI SUMEDANG 

Saeutik pisan mun ngabahas Medang Kahyangan, saencan Tembong Agung diadegkeun ku Prabu Aji Putih di Darmaraja (678 - 721) , nu kacutat dina naskah Sunda buhun, ngan katulis dina naskah perjalanan Bujangga Manik, nu eusina kieu : 
"...ku ngaing geus kalempangan meu(n)tas di Cupunagara, lurah "Medang Kahyangan" ngalalar ka Tompo Omas, meu(n)tas aing di Cimanuk". Hartina ku kuring geus kalempangan (kaliwatan) mentas di Cupunagara, ka lurah Medang Kahyangan naek ka Tompo Omas, mentas kuring di Cimanuk.

Kitu deui Gunung Tampomas ngan kaungkap dina naskah Carita Ratu Di Pakuan : 
"... Gunung Cupu, Bukit Tamporasih, patapaan Pwahaci Niwarti, nu nitis ka Taambo Agu(ng), nu leuwih kasih, ahistuhan Rahmacuté, seuweu pa[h]tih Prebu Wangi Serepong. Sira Punara Putih, ti Sumedanglarang...".  Hartina : Gunung Cupu, Gunung Tampomas, tempat tatapa Pwahaci Niwarti, nu nuluykeun ku Tembong Agung, nu leuwih asih adina Rahmacuté, turunan Patih Prabu Wangi Serepong Sira Punara Putih, ti Sumedanglarang.

 
Katerangan :
adina Rahmacuté (Prabu Aji Putih), nyaeta Sakawana (Mbah Jalul) putrana Prb. Aji Putih raja Tembong Agung anu pernah ngawakilan Sumedanglarang ngawasa di sakitar Gn. Tampomas, sabada Medang Kahyangan dina jaman Prb. Tajimalela / Brata Kusuma ngawasa Raja Sumedanglarang (721 - 778), turunan Aria Bimaraksa.

Gunung Cupu, Bukit Tanporasih, Ma(n)dala Tanpo Waha[n}nan, Sri Gina bukit / Manghening, Pata(n)jala pané(n)joan. 
Hartina : Gunung Cupu, Gunung Tampomas Mandala Tampo Wahanan, tempat ngahening diri (tatapa) jeung tempat panenjoan.

Kamandalaan nyaeta kata benda pikeun Mandala nu hartina Tempat Suci (arhat) jeung sakaligus daerah anu jadi wilayah bawahan karajaan waktu harita (Tarumanagara), nu miboga kawenangan nu khusus dina bidang keagamaan. Sabagean masyarakat di tatar Sunda nyaruakeun Mandala sarua jeung Kabuyutan.

Mandala nyaeta tempat suci jeung tempat diajar paelmuan kaagamaan dina ajaran Jati Sunda jeung kahinduan anu dipimpin ku Rsi Guru. Di samping eta aya aktivitas sejen salian elmu kaagamaan, misalna ngokolakeun tatanen jeung perniagaan, oge dijaga keamanannya ku para cantrik / prajurit pangamanan di Mandala.



Panggiring Medal Kamulyan di Sumedang (jaman Kerajaan Salakanagara), nyaeta Karajaan nu corakna Hindu mimiti di Jawa Barat nu didirikeun Dewa Warman Tahun 52 Caka Sunda, Nagarana nyaetai Salakanagara, Ibukotanya : "Raja Tra Pura" atawa "Kota Perak" di Pandeglang Banten.

Raja-Raja Salaka Nagara
1. Dharama Lokapala 130 – 168
2. Digwijagakasa Dewa Warmanputra 168 – 195
3. Singha Sagara Bimayayasa Wirya 195 – 238
4. Dharma Satya Nagara 238 – 252
5. Dharma Satya Jaya Waruna Dewa 252 – 290

Dina versi Sajarah Salakanagara, dina masa Raja ka 3 nyaeta, Raja Salakanagara (Raja Purnawarman Iswaradigwijaya Bhimaparakrama Surya Maha Purusa Jagatpati Purandara Sakti Pura Wiryajaya Lingga Triwikrama Bhuwanatala / Sri Purnawarman Bhimanarakrama Narendradhipa), 169 - 282 Caka (395 - 434 M). 

Nalika Dharma Satyajaya Waruna Dewa marentah di Kerajaan Salakanagara jadi Raja nu ka 5 dina taun 129 - 177 Caka (242 - 290 M), putra-putrana 7 jalmi aya nu ninggalkeun ka Karatonan ngajugjug ka arah wetan ti Salakanagara pikeun nyebarkeun kayakinan dina waktu harita sarta tumetep di daerah sakitar pagunungan, nu salajengna jadi Tumenggung, Batara Guru atawa Resi, aya oge nu salajengna janten pamimpin atawa Raja sabab ngalanjutkeun  Medal Kamulyan Salakanagara di Sumedamg, Medal hartina datang, Kamulyan hartosna budina luhur jeung jembar manah.

Wilayah Sumedang waktu harita kalebet wilayahna bawahan karajaan Salakanagara, nu disebatna willayah Cupugiri 
jeung wilayah Gunung Cupu di Sumedang.
  
Dharma Satya Nagara migarwa Sanghyang Dewi Ningrum, puputra :  Dharma Satya Jaya Waruna Dewa (Jagat Jaya Ningrat)

- Sanghyang Prabu Wisesa migarwa Sanghyang Dewi Kencana, puputra : Sri Nurcahya

Dharma Satya Jaya Waruna Dewa (Jagat Jaya Ningrat) migarwa Sri Nurcahya, puputra 7, nyaeta :
1. Prabu Daniswara (Sumaradira) janten Raja di suku Gunung Tampomas, anu nyebarkeun ajaran ka-Hindu-an di belah kaler wilayah Sumedang waktu harita, kaasup Cimalaka, Conggeang, Buah Dua, Tanjungkerta Tanjung Medar wilayah beulah kaler kiwari. Makamna aya di Blok Ciemutan Dusun Cilumping, Desa Cikurubuk, Kecamatan Buahdua.


Gunung dina papakem masyarakat sunda zaman klasik mibanda kadudukan tempat sorangan dina sistem religina atawa papakem pikeun pencerahan, ku sabab puncakna Gunung (Cupu Manik / Ponclot Gunung) dianggap deukeut jeung Sanghyang Wenang, anu biasana dicirian ku Batu "Lingga Alpha / Lingga Lancip" atawa "Lingga Omega / Lingga buleud" aya oge nu bentukna Batu Lingga Pasagi, nu jadi dadasar philosofi atawa ajaran Medal Kamulyan, nyaeta :
- Bumi (Acinig Bumi)
- Air (Acing Banyu)
- Api (Acining Geni)
- Angin (Acing Angin)


Puseurna ajaran baktha ka Hindu an harita zaman Salakanagara  (252 - 290 M) ayana di Ponclot Gunung Cupu Manik Gunung Tampomas. Bukti nu kapanggih paninggalan arkeologis nu aya di kawasan Gunung Tampomas pernah ditaliti N.J. Krom dina taun 1914 jeung nyatet ayana wangunan punden berundak tina batu-batu lobana opat teras, nu ngaliwatan tetecean tina batu. 



Di Puncak  wangunan berundak aya Patung Archa Ganesha, Batu Tapak Suku jeung genep benda, nyaeta : Goong Leutik jeung hiji deui hiji landasanna anu pernah ditaliti ku Krom tahun 1915. Dina ajaran kahinduan Goong leutik eta jeung alat panakolna sok dipake pikeun samadhi.

Dina bulan Januari 1987, Lucas Partanda Koestoro ti Laboratorium Paleoekologi jeung Radiometri Bandung, (Balai Arkeologi Bandung ayeuna), kungsi ngalakukeun panalungktikan deskriptif titinggal budaya ajaran baheula di Sanghiang Taraje. Uraian hasil panaluktikanna nguraikeun yen kondisi jeung dimensi tata ruang wangunan tina Batu Undak-undakan.

Sababaraha obyek penting nu dicatatna nyaeta aya Arca Menhir tina batuan andesit di teras mimiti, batu tatapakan (umpak), Batu Ajeg  (batu nu didirikeun nantung) jeung batu Kasur nu aya di halaman ka tilu anu ditalungtik ku Koestoro dina taun 1987. 



Tiga Makam Kuno dilokasi Puncak Manik Gunung Tampomas Kondisi Sekarang


Naek kaluhur di belah Kidul - Wetan Sanghiang Taraje aya "Situs Puncak Manik

Di Puncak Manik eta aya obyek "Arca Ganesha", arca binatang jeung batu bentukna Tumpeng. "Arca Ganesha" nu aya di Cupu Manik Tampomas dijieun tina bahan batuan andesit. Ganesha digambarkeun sacara sederhana dina posisi diuk, leungeun kenca dilipet di hareup dada, leungeun katahu nyekelan tungtung tulale.

Arca sasatoan sejenna ngagambarkeun "Maung jeung Monyet". Sasatoan eta digambarkeun dina patung batu. Sirah tukang Maung, ditekuk jeung sirah Monyet dina posisi patonggong tonggong kiwari batuna geus ngarupa bentukna korosif ku parubahan cuaca jaman anu geus lila.

Eta ayana di Ponclot Puncak Manik Gn. Tampomas, di deukeut lebah panto mun bade lebet ka situs "Batu Sandung Lingga Papat", kitu oge amun pernah ka Puncak Manik Gn. Tampomas, katambah jeli urang dina nelaahna eta batuan panto gerbang jeung rohangan dua umpakan di sakitar Puncak Manik Tampomas teu sakadar ninggali kaendahan alam ti luhur Gunung atawa ngadon camping mungkul, di lokasi nu aya Batu Sandung Lingga Papat Puncak Manik Tampomas.


Arca Sasatoan Nu ngagambarkeun "Maung jeung Monyet" tos kororosif ku Alam di Puncak Manik

Ayana patung "Archa Ganesha" dina ajaran Hindu ngagambarkeun pendidikan, "Maung" dina ajaran wiwitan ngagambarkeun kakuatan, kitu deui di Cupu Manik Tampomas aya batu Lingga pasagi opat (Batu Sandung), dihandapna dipahat corak tangkorak manusa, hiji ciri dina ajaran kahinduan waktu harita dina pamahaman bakhta ka Dewa Siwa, jeung aya tilu Lingga nu sejenna. Gunung Agung (Tampomas) di anggap puseurna wilayah ka-Hindu-an ti mandala-mandala sejen waktu harita dina jaman Salakanagara - Tarumanagara wilayah Sumedang.



Upaya Pikeun Nyalemetkeun Situs Budaya Batu Sandung Pasagi Opat Puncak Manik Gunung Tampomas

Upaya Pikeun Nyalemetkeun Situs Budaya Batu Sandung Pasagi Opat Puncak Manik Gunung Tampomas

Upaya Pikeun Nyalemetkeun Situs Budaya Batu Sandung Pasagi Opat Puncak Manik Gunung Tampomas

Di lereng gunung Tampomas beulah wetan aya lokasi nu disebut Blok Candi. Sacara administratif lokasina aya di wilayah desa Narimbang, Kacamatan Congeang.

Di Blok Candi lokasi ieu aya struktur teras batu nu orientasina ngaler - ngidul. Panjangna 6,40 m katebelanna 40 cm. Dumasar katerangan ti masyarakat di blok Candi ieu tahun 1998 ditemukan Arca jalma tina batu nu sirahna tos potong,posisina eta arca mirip jalma anu mudra (samadhi) leungeunna disilangkeun hareupeun dada (Mudra taki-taki atawa mun dina paperangan ngalambangkeun bertahan, dina posisi siap siaga). Ari nu ngawasana di Candi Karang waktu harita, nyaeta Sanghyang Hanjuang Beureum (Eyang Candi) anu migarwa Raga Legawa,  di Situs "Candi Karang", Cilumping Hariang Kacamatan Buah Dua.


2. Jaya Sampurna, nyebarkeun ajaran Hindu utamana dina kajayaan di sakitar wilayah Gunung Susuru, karomahna aya di Dusun Ciloa, Desa Genteng Kecamatan Sukasari, Kabupaten Sumedang.





3. Lara Sakti / Jaya Sakti, anu nyebarkeun ajaran Hindu di wilayah Susuru, karohamna Dusun Ciloa, Desa Genteng Kacamatan Sukasari, Kabupaten Sumedang.



4. Indrasari (Gajah Handaru), anu nyebarkeun ajaran Hindu mimpin di wilayah Susuru. Karomahna dusun Ciloa, Desa Genteng Kecamatan Sukasari, Kabupaten Sumedang (Catetan : duka naon namina wilayah eta sabudeureunna baheula).




Aya kamungkinan nami Ganeas, oge tina kecap Ganesha, ngan ari urang Sunda mah apan sok tisoledat letah.

5. Sukmana (Rsi Cupu), anu nyebarkeun ajaran Hindu di Gunung Cupu, Pasarean Kelurahan Kotakulon Kecamatan Sumedang Selatan.


6. Jaya Bhuana Ningrat (Banas Banten), karomahna di Kampung Banas Cibanten Desa Babakan Asem Kecamatan Conggeang.



7. Sanyak (Sari Hatimah) sareng Tumenggung Surabima, karomahna di Kampung Cieunteung - Cidempet, Desa Cipamekar Kacamatan Conggeang anu sok disebat di eta tempat makam mbah Dalem Tumenggung Surabima (Sukma Sabda Indhra), disabeulah aya makam Mbah Sanyak (Sari Hatimah)


Mandala di sakitar wilayah Mandala Cupu Sumedang, bawahan Karajaan Salakanagara waktu harita dipimpin Guruloka atawa Guru Rsi Sukmana (Eyang Rsi Cupu), anu dmakamkeun di Gunung Cupu.

Wilayah Cupu Manik Sumedang ; Conggeang, Buah Dua, Tanjungkerta dipimpin ku Prabu Danishwara (Sumara Dira). Danish mibanda harti Gajah. Kitu deui Banash Banten sami mimpin di wilayah eta jaman harita, ngan kumargi teu arapal jaman mana, makam atawa tempat disumarekeunna sok dirarubah janten makam kiwari, janten teu jelas jaman mana-manana. Siga makamna Prabu Danishwara sareng Banash Banten diluhur nu kiwari dirobah bentukna.

Gunung tanpa tutugan
Gunung Galunggung kapungkur
gunung Sumedang katunjang
Lain Sumedang di Wetan
Baheula Sumedang Kahyangan
Sumedang Sasaka Domas
lain Gunung Tanpaomas
Itu gunung naon?

Nu ngayapak tebeh Wetan
Ari gunung Ciremei teh
Tetengger Nagara mana
Lain Cirebon di Wetan
Cirebon baheula Larang
Cirebon Sasaka Domas
Itu gunung naon?...Raden

Gunung Cupu Mandalayu
Layu soteh hayu mulang
Wangsul ti pangumbaraan
Ari Gunung Cupu teh raden
Tetengger nagara mana
Itu Gunung naon?

Cag ah...

Tabe pun.

---------------------
Ditulis ku : Dedi E Kusmayadi Somaatmadja, Kamatren Budaya KSL

Sumber :
1. Wacana Sejarah Salakanagara 
2. Buku Jati Sampurna Sumedang.

Baca Juga :

Tidak ada komentar