Medar Carita Medang Kahyangan
CARITA MEDANG KAHYANGAN
(Tri Guna Ra : Asal Usul Tri Tangtu di Buana)
Sampurasun baraya sajagat raya
Mugia samya ginanjar kawilujengan
Dina pedaran tulisan anu ieu sim kuring salaku panulis rék nyobaan ngaguar ngeunaan Sumedang dumasar kana carita rayat anu biasa disebut foklore, sanajan sabagéan pihak akademisi mah nganggap lemah seug upama hiji foklore dijadikeun rujukeun sajarah, ari alesanna mah rupa-rupa, aya nu nyebut éta mah dongéng nu eusi caritana ngawang-ngawang teu napak dina sarat-sarat gurat hiji sajarah ceuk kaidah akademis, kadang cenah dongéng mah réya kiratana batan faktana, da meureun baé ari kaom akademis mah ngiblatna kana pakem pakem kaélmuan bangsa deungeun.
Padahal teu bisa kitu waé nganggap sakabéh dongéng téh wadul atawa réka carita nu meunang ngarang ku pédah teu dumasar kana kaidah akademis tur teu didukung ku timuan fakta-fakta di lapangan, bisa jadi hiji carita sasakala (legenda) téh carita nyata anu dicaritakeun ku basa nu harita mah masih kénéh luyu jeung kaayaan alamna sarta kaayaan manusana anu alam pamikiranana tangtu moal sarua jeung alam pamikiran urang di alam kiwari, mungkin waé nu ngaran kasaktian téh baheula mah mémang nyata saperti kamampuhan hiji manusa ngaliwatan kakuatan kasaktiannana mindahkeun batu sagedé saung ti walungan ka luhur gunung ku sorangan upamana anu ceuk pantar urang ayeuna mah mustahil.
Euweuhna bukti (fakta) mah can tangtu wadul da bukti nu aya gé can puguh enya, contona hiji jelema labuh tangka bareuh sukuna, sabulan ti harita mangsa sukuna geus cageur pék ngadongéngkeun ka babaturanna mun manéhna téh sabulan katukang labuh tepika bareuh sukuna, tapi da basa ngadongéngkeun ka babaturanna mah geus cageur taya tapak bareuh saeutik-eutik acan, naha babaturanna rék nyebut carita éta jalma téh bohong ku sabab taya bukti jeung saksi? pan teu bisa kitu ogé, percaya jeung henteuna gumantung ka saha nu nyaritana tur kayakinan nu ngadéngéna, tong boro kitu pan agama gé teu kurang nu ngabarohongkeun sakitu nu nepikeunna téh saurang Rasul, tapi keur nu teu yakin ceuk nafsu jeung pamikiranna mah dianggapna wadul.
Jadi tina hal éta, urang boga gambaran yén teu sakabéh carita dongéng kolot téh bohong, bisa jadi enya ngan akal pamikiran urang nu can nepi da bongan diukurna ku alam kiwari, lebah dieu dina neuleuman hiji carita kolot mah urang kudu bisa nganjang ka alam pamikiran baheula di mana nu kasebut kasaktian téh masih kénéh nyarangking, tur kaahéngan kaahéngan alam téh masih kénéh nyarampak nyarata lain ukur carita.
Saacanna hadé urang pisahkeun heula antara Medang KaHyangan jeung Medang Larangan ngarah teu pacorok carita nu ahirna matak pajeujeut lanjaran sajarahna, ceuk carita Kolot-Kolot mah sacara kawilayahan anu disebut Medang KaHyangan téh nyaéta Gunung Agung Tampomas anu disebut ogé Gunung Gedé tur wewengkon sabudeureunna anu kawatesanan ku lebak Ci Palias (Ci Pélés kiwari), anu kampung Buhunna ceuk carita mah aya tilu, nyaéta ; Narimbang, Hambawang jeung Conggéang nu ngasalkeun tina lalakon SangHyang WENING – SangHyang WENANG jeung SangHyang KALA saperti anu kacutat dina naskah Layang Pustaka Lingga Purusa yasana Rd. Sjarif Soeharip Djajadiningrat :
“…. Sang WENING nyipta Tisti baan Tatanan ri Madya Pa-Da, lakuna Nawang-Ga Hyang (Nyonggéang) Larang, inya meneng nga-Darana nga-Wening Galih nga-Haning nga-Hirang Rasa muhit aji Cipta Wening, hingga Tisti Tri-Hamukti.
Sang WENANG dharma nimbang-nimbang, si Tisti digular digilir keuna hayu saeusina.
Sang KALA kawasa murba ; nga-Hamurba Wayahing Nga-yugakeun Uga Cipta keuna wayah nga-Wa-Ru-Ga, ja carék inya ; “Kuna Kala-Pa baan kula !”
inya lakuna ; Tata => Titi => Titis hing Tisti dadya Tatanan ri Bawana Madya Pada sinurup ingaran Laya Ma Da-Hyang :
Nawang-Ga Hyang (Nyonggéang) Larang dadya aran Conggéang.
Nimbang-nimbang dadya aran Narimbang.
Nga-Hamurba Wayah hing Nga-yuga dadya aran Hambawang.
Babar sapisan !”
tah ceuk carita Lingga Purusa mah cenah aran lembur Conggéang téh asal tina lakuna Sang Hyang WENING nalika Nyipta Tisti (Hukum) ngaliwatan Tapa Nawang-Ga Hyang nga-Darana = museurkeun akal pikir tur museurkeun rasa tunggal di alam samadhi (sadar sampurna), ari aran lembur Narimbang asalna tina laku Sang Hyang WENANG waktu nimbang-nimbang eusi Tisti, jeung Hambawang asalna tina lakuna Sang Hyang KALA dina nga-Hamurba Wayah hing Nga-yuga : (nga-Hambawang) = ngagelarkeun hiji perkara dumasar kana waktuna.
Malah dina éta gurit layang mah asal kecap Sumedang téh tina Laya Ma Da-Hyang nu hartina ; Lemah Cai Indung, kecap Ma Da-Hyang laju robah jadi Medang.
Matak laju aya Medang Hyang, Medang Jati, Medang Kamulyan tur Medang Larangan.
Tapi aya ogé kolot nu nyebutkeun yén kecap Medang téh dicokot tina aran Kai Medang samodél kai Huru nu baheula mah réya tumuwuh di wewengkon sabudeureun Gunung Agung Tampomas.
Najan kasebut ilahar aran tangkal kai téh sok dijadikeun aran tempat atawa aran lembur (Toponimi) saperti Ci Kopo, Ci Jati, Ci Waru jsb, tapi lebah dieu mah asa leuwih loyog kana asal kecap anu mimiti, nyaéta Ma Da-Hyang nu hartina Lemah Cai Indung nu maké panambah Jangkar kecap ; SU nu hartina ; Alus / hadé / éndah, jadi Su-Ma Da-Hyang > Su-Ma Da’ng > Sumedang = Lemah Cai Indung anu éndah matak betah.
Matak payus mun seug tiheula jadi pangjugjugan para Wiku dina nyukcruk élmu, panyungsian para Resi dina ngulik pangarti, patempatan para Pandita dina ngolah Tapa, turta pangauban para Bagawan dina ngambah bagbagan kasampurnaan, saperti cara kiwari di mana Sumedang ogé kasohor salaku Kota Pendidikan, maskotna LINGGA lambang Katohidan (spiritual), kadaharan khasna TAHU nu sacara palasifah hartina Tahu = Nyaho > Kanyaho (Kajembaran Inteléktual).
Tah kitu asal kecap Sumedang numutkeun vérsi Carita Medang Ka-Hyangan mah anu tangtuna saeutik aya bédana jeung carita ti pongpok beulah wétan nyaéta ti Medang Larangan anu nétélakeun cenah kecap Su-Medang téh ngasalkeun tina kasauran Éyang Prabu Taji Maléla nalika ngawatek aji di Gunung Gunung Lingga, nalika anjeunna ningal cahaya anjeunna sasauran “Insun Medal Insun Madangan = kaula lahir pikeun nyaangan”, éta mah vérsi Carita Medang Larangan anu wewengkonna dumasar kana babagian wilayah Nagara masih kaasup kana wilayah Nagara Galuh, ngan waktu Prabu Ciung Wanara unggul perang basa ngarebut deui Tahta Galuh ti Prabu Tampéran Barma Kusumah anu disimbolkeun ku carita ngadu hayam, anu hasil kaputusanana Prabu Ciung Wanara disérénan sabeulah Nagara Galuh, nu watesna sa-Kuloneun Cai Manuk sa-Kiduleun Cai Palias, sa-Wétaneun Cai Tarum anu pusatna di wilayah Darmaraja kiwari, disebut Medang Larangan.
Naha cenah disebut Medang Larangan? ké urang pedar ka hareupna, heulaanan urang hususkeun ngaguar Medang KaHyangan baé ulah wara réya rambat kamalé.
Neruskeun hanca garapan carita ngeunaan Medang KaHyangan, sumangga ayeuna urang lajengkeun kumaha guaranana dumasar carita Kolot ti sababaraha Narasumber, catetan naskah kuna ogé hasil panalungtikan di lapangan.
Carita ieu dimimitian ku hiji dongéng kolot anu nétélakeun yén cenah baheula kungsi Gunung Ci Ramaya (kiwari Ciremé) nginjeum emas sabatok ka Gunung Agung (Tampomas), kusabab henteu mulangkeun matak Gunung Ciremé téh mun disawang ti wewengkon Sumedang tepi ka kiwari sok dipeungpeukan waé méga, jarang pisan atra katingali béngras, cenah mah “ÉRAEUN”.
Dina tulisan anu munggaran kungsi diguar ngeunaan Dongéng atawa Carita Foklore nu bisa jadi éta téh carita sajarah versi kolot urang anu merlukeun kajembaran akal jeung rasa dina ngalenyepanana ulah heureut pureut pamikiran malar teu melengkung bekas nyalahan dina salang surupna.
Ku kituna singhoréng seug ku urang dilenyepan mah lain gunung nginjeum emas, tapi manusa paradaban Ci Remé nu paska Banjir Nuh ngalaman kamekaran kahirupan ménta bantuan ka manusa paradaban Tampomas keur ngawangun Ka-Indran anu ceuk sajarah disebut SAHUNG GALA (Saung Galah-l), kalayan pasini jangji upama Ka-Indran réngsé mangka Putra Mas Ka-Indran bakal dijodokeun ka Putri Maya Da-Hyang Tampomas, hubungan ieu manusa manusa paradaban dua gunung téh kawangun ti mimiti masih Banjir Nuh di mana dumasar kana ujaring carita aya 33 gunung di sakuliah jagat anu teu kakeueum basa banjir nu laju disebut NUSA TIGANG PULUH TIGA, sedengkeun di wewengkon ParaHyang aya tilu gunung seuneu anu teu kakeueum nu disebut TRI GUNA-RA nyaéta :
1. Gunung GALUH (kiwari Galunggung), disebut Gunung Galuh pédah puncakna nu baheula luhur jasa sok katémbong nyéngcélak bodas siga Galuh (manik mutiara), sanggeus ngalaman sababaraha kali bitu, puncakna ambruk ngalelep ka handap ngarungkupan jagat anu aya di handapeunana, matak aya lelewek nu aranna Buana Rungkup.
2. Gunung CI RAMAYA (Ci Remé), Gunung nu kiwari panggedéna di Provinsi Jawa Barat, Ci (Cahaya) = Kaweruh, Ramaya = Karamaan, Ci Ramaya = Ajaran KaRamaan.
3. Gunung AGUNG / Gunung Gedé / Tampor Omas ( 400 Cempor / Palita ), Kiwari disebut Tampomas.
Tiluanana mangrupa gunung seuneu aktif, tur ceuk hasil panalungtikan tiluanana kungsi bitu dumasar kana timuan urut aliran lahar tur batuan lahar nu ngabeku disabudeureunna.
Ceuk carita basa kajadian banjir Nuh, sababaraha manusa ParaHyang aya nu hasil nyalametkeun diri unggah ka gunung nu ngalahirkeun manusa Sunda Pagunungan anu sipatna statis.
Dina wanci peuting saban gunung nu aya manusaan bakal kaciri aya seuneu hurung nétélakeun aya kahirupan atawa aktifitas manusa di puncakna anu teu kakeueum, ti harita mimiti aya komunikasi antara manusa pagunungan ngaliwatan seuneu anu disebut SUAR papada méré tanda yén di Nusa (Puncak Gunung) anu dicicinganna aya manusa anu salamet najan hanteu réya.
Hasil panalungtikan di Tampomas ogé manusa nu salamet téh hanteu réya, upamana di Situs Bumi Luhur nu pernahna di sakaléreun Lingga Kala (Batu Pasagi atawa sok disebut oge Batu Sandung) aya tilu kuburan, ka-opatna Batu Palintangan anu kiwari nelah Batu Kasur (Kala Surya), satukangeun Situs Bumi Luhur ge sabenerna mah rea keneh makam-makam jaman pra sejarah ngan remet ku tatangkalan jeuang palaur ku oray atawa hewan buas keneh mun rek naluktikna.
Asup akal sabab dina kajadian banjir nu paheula-heula lumpat ka gunung nyalametkeun diri téh lain wungkul manusa, tapi sabangsaning sasatoan gé sarua kaasup sato sato galak saperti maung, kerud, sélang, ajag jeung sajabana, anu dina kaayaan kitu mah masing-masing papada sabisa-bisa kumaha carana ngajaga kalumangsungan hirup, aya kalana manusa jeung maung téh silih tompo silih ala nyawa supaya bisa ngeusi peujit, acan nu kaserang ku kasakit, jadi nu salamet téh tinu asalna réya gé jadi mingkin ngurangan ti waktu ka waktu, lintang ti manusa nu boga kamampuhan lahir batin hirup di leuweung nu bisa tetep hirup tur lolos tina seleksi alam.
Ti anu nyésa laju anakan incuan deui sairing jeung mimiti surutna deui cai, mingkin handap mingkin handap ninggalkeun padumukan karuhun-karuhunna di puncak gunung, nya laju anak incu putuna éta disebut TURUNAN, ari karuhun karuhunna anu maraot laju dipusarakeun di luhur gunung disebut LULUHUR KARUHUN.
Ayeuna urang malikan deui carita paradaban Ci Remé nu rék ngawangun Ka-Indran (Indra Pra-Hasta) anu disebut ogé SAHUNG GALAH (Saung Galah-l) sanggeusna réngsé téh jojodona Putra Ciremé ka Putri Agung Tampor Omas Maya Da-Hyang hanteu ngajadi, da Putra Ka-Indran kalah bogoh ka Putri Ma-Hyang Galuh, matak kacaritakeun ngadeg SAHUNG GALAH-II di Gunung Galuh, kajadian ieu ngakibatkeun Gunung Agung bitu hartina manusa paradaban Gunung Agung Tampor Omas wéra nu laju megatkeun hubungan bilateral jeung Ci Ramaya, kajadian ieu laju diabadikeun ku Bujangga dina guguritan ;
“Gunung Galuh kapungkur, Gunung Sumedang katunjang”
Nu nétélakeun Putri Gunung Agung Tampor Omas katunjangan ku Putri Gunung Galuh dina ngajodo ka Putra Ka-Indran, matak pantes basa Turunan Ci-Ramaya jeung Galuh babak babak nyieun nagara di wates Gunung Agung nyaéta di sisi walungan Ci Palias (Ci Pélés), Gunung Agung téh kacarita rék bitu deui da wéra ka turunan maru, malah teu ukur meunang ancaman gunung nu rék bitu, ceuk carita kuta panganggo Sang Ratu ogé ngaleungit, nya ti harita cenah éta tempat disebut KUTA MAYA.
Teu lila ceuk carita turun Aki Pangebon jeung Nini Pangebon nu ngahadep ka Sang Ratu nu nétélakeun éta kajadian téh aya patalina jeung UGA PASINI bihari su’al jojodo anu teu jadi, kamistianna Gunung Agung Tampor Omas kudu ditumbal ku emas keur munah tulah sumpah anu tiheula ngaliwatan hiji ritual ruwatan agung, nya laju Sang Ratu nyatujuan ku ngayakeun ruwatan agung di Puncak Agung Manik Tampor Omas ku tumbal barang-barang tina emas nu dialung-alungkeun kana liang Kawah Domas, aya deui nu nyebutkeun ditumbalna téh ku Keris emas, enya waé dadak sakala Kawah nu tadina motah téh laju répéh rapih deui, Gunung Agung Tampor Omas teu jadi bituna.
GUGURITAN NATAAN GUNUNG
Raden…
Gunung Tanpa Tutugan (gening)
Gunung galunggung kapungkur
Gunung Sumedang katunjang
Lain Sumedang di wetan
Baheula Sumedang Larang (gening)
Sumedang Sasaka Domas
Lain gunung tanpa omas
Itu gunung naon… raden?
Nu ngayapak tebeh wetan
Ari Gunung ciremai teh
Tetengger nagara mana…
Lain Cirebon di wetan
Cirebon baheula larang
Cirebon sasaka domas
Itu gunung naon.. raden?
. . . . . . . . .
Sakumaha anu kacutat dina Naskah PRA-BAWANA SACAKALA yén Tilu Gunung Seuneu (Tri Guna-Ra) éta nu dijadikeun Dadasar Ajaran Tri-Tangtu di Buana : RASI ~ RAMA ~ RATU di Para-Hyang;
1. Ka-RASI-an dicekel ku Gunung Galuh, matak Naskah kabuktian Kitab SangHyang SIKSA KANDA’NG KARASIYAN medal ti Galuh.
2. Ka-RAMA-an-an dicekel ku Gunung Ci Ramaya, kitabna DangHyang KRETA PUSAKA RAMA (Hukum Tata Nagara), teu anéh mun jaman pra-kamerdékaan di suku Gunung Ciremé lumangsung pananda tanganan Perjanjian LINGGAR JATI patali hal jeung lahirna Nagara Indonésia.
3. Ka-RATU-an dicekel ku Gunung Agung Tampor Omas, kitabna RAJATHA CAKRA.
Tapi ceuk carita kolot mah nu kasebut Ka-RATU-an mah acan sapinuhna ngadeg, ti Ka-RAMA-an téh kakara nitis ka ka-PRABU-an (Pra-Bawana / Pra-buana), sabab Ratu Ratu Sumedang nu kungsi nyakrawati di Sumedang kabéh gé turunan Galuh, kaasup Prabu Siliwangi, anu kabéhanana saacan jaradi Ratu téh cenah kudu nyorang heula tapa di Puncak Agung Manik Tampor Omas keur meunangkeun Pulung Pusaka Ratu “RAJATHA CAKRA”, ari Patapan Pi-RATU-eun awéwé mah di suku Gunung Agung Manik Tampor Omas tebéh Kulon~Kidul aya hiji guha.
Ceuk sakaol engké dina Uga “Tampomas Buka Kemben” (Gunung Tampomas Urug) éta hiji tangara seug Jaman RATU ADIL jaman nu pangbungsuna téh medal ngélébétkeun Panji Suci, nguniangkeun Ajén KAMANUSAAN.
Cag sakitu guaran Carita Medang Ka-Hyangan bagéan ka-dua, muga aya guna mangfa’atna.
ka hareup urang sampeur guaran séjén patali hal jeung situs situs Purwa Kala nu aya di Gunung Agung nu aya patalina jeung carita di luhur.
bilih aya basa nu lepat atanapi aya pamanggih nu teu sarua, sim kuring neda agung sih haksami, tina bédana urang jadikeun kajembaran jajar carita ngeunaan Medang KaHyangan malah mandar jadi pangbanding dina raraga neuleumanana.
“Shema pun Nihawah : Bagja manusa nu netepan dina kasadaran”
Rahayu Cag.
Penulis :
Ahmad Jailani, Team Insun Medal Insun Madangan (TIMM)
Post a Comment