Kasenian Nu Aya di Kecamatan Darmaraja Sumedang

Manusa Sunda dina ngayakeun tatali marga atawa hubungan jeung sasama manusa ngaliwatan kedaling basa jeung kedaling rupaning sora waditra atawa benda-benda nu disadam sapertina ngalahirkeun rupa-rupa kasenian diantarana Seni Nembang atawa kawih jeung tatabeuhan (baradang) diantara seni nembang atawa Kawih jeung Tatabeuhan (baradang). Swara atawa tatabeuhan kauger guru wilangan lagu nyiptakeun rupaning kaendahan, kasedih, kabungah, kakaeung jeung kasieun. Warna sora jeung tatabeuhan tandaning bisa ngagambarkeun kaayaan suasana luyu jeung tujuanana.

Seni tatabeuhan mangrupa sarana pamujaan jeung hiburan. Dina kamekaranana kasenian dijadikeun alat atikan, panerang jeung hiburan. Kasenian nu tumuwuh di wewengkon Darmaraja sabudeureunana kayaning seni pantun, beluk, terebang, tayub, reak, rengkong, gondang, kacapian, karinding, wayang golek (meunang lalajo dinu TV atau kaset mah, ngan nu teu meunang nanggap wayangna), jeung sajabana. Dina sakitu kasenian masyarakat Darmaraja mibanda kasenian khas nyaeta Seni Koromong jeung Tayub. Sabab kasenian eta teu kapinda  ku masyarakat diwewengkon sejen.

Seni tinuwuh jeung pangaruh sejen luyu jeung kamekaran jaman kalayan ngamalirkeun epkresi formal jeung artistik. Kaaslian lain sakadar manusiawi, leuwih jauh ngahijikeun rasa jeung perlambang inheren, saripati kaendahan mibanda dimensi batiniah ngungkapkeunana sacara sadar jeung sifatna sesensial ranah-ranahna aksidental nayaluyukeunana ngaliwatan kosmos jeung hirarki eksistensi nyampak di benda-benda.

Seni lain sakadar rekaan mungkul tapi sifatna fungsional dina tatanan liturgi kalayan ka uger pakeman atikan sabab lahirna tina daya, cipta, jeung karsa  manusa sumberna tina agama kalayan patula-patalina jeung kasolehan jeung kaendahan nu saesensi jeung dimensi hirup jeung huripna geusan nyumponan kahirupan. Seni keur seni tegesna gagasan peradaban kuno nu teu pernah dimusieumkeun sarta suwung ngahasilkeun karya seni keur seni.

Seni Buhun mibanda falsafah nu asalna ti Gusti Allah SWT, aksialna aya dina tahapan realitas (kanyataan), akhirna seni pikeun nganytengkeun batin ka Nurilahi, cindekna dicipta ku manusa  jeung keur manusa dina wujud teomorfik nayeta nyiptakeun keur muja GustiNa.


A. Seni Koromong
Dumasar kana hasil panalungtikan koromong titinggal Karajaan Tembong Agung. Dijieunna ku empu Puradangdang di wewengkon Tembong Agung baheula anu geus wanoh kana tambang logam beusi, perak, kuningan, tambaga, emas, jeung perunggu. Gamelan Koromong diajangkeun ku Prabu Aji Putih pikeun syarat ngalamar Ratna Inten Nawang Wulan anu geugeularna "Ronggeng Sadunya", putrina Jagat Jayanta, terah (turunan) ménak (bangsawan) Galuh, putri cantik jelita nu pinter nembang (bernyanyi) jeung tari anu masih dulurna keneh ti akina Purbasora.

Dijieunna tina bahan parunggu asli, waditrana bonang gede, bonang panjang, goong, kendang jeung kecrek, disebut gamelan wangunan sabab jumlah waditrana salawe wilahan. Koromong
Koromomg gede 5 wilah, koromomong panjang 17 wilah, goong dua siki, kendag indung hiji, kulanter hiji jeung kecrek. Istilah koromong asal tinu nu belenong leutik dina wangunan waditra buner (bonang) atawa monclot, ditelahkeun KOROMONG.

Sabada sripitakon sabda panglamaran ditarima ku Ratna Inten Nawang Wulan, kalayan putri geulis janten permaesuri Raja Tembong Agung diboyong ka karaton katut gamelan koromong. Ti harita Koromong mekar di lingkungan karaton, digunakeun pikeun mapag pangagung jeung ditabeuh dina acara mieling poe-poe nu ngandung sajarah, karana kitu disebut Seni Ajen, eta Koromong teh. Sumber sejen mertelakeun gamelan Koromong (Waditra) dina jaman Prabu Aji Putih (678-721M), aya dua parangkat nyaeta Koromong Buyut Goong (Cipaku dipindahkeun ka Nanggeran Kacamatan Cisitu), jeung Koromong Eyang Janggel (Cileuweung). Sedengkeun tilu perangkat titinggalan Prabu Tajimalela dijieunna di Gunung Sanghyang (Cibugel), nyaeta Koromong nu aya di Jatibungur, Cisarua (Kecamatan Ganeas), jeung di Desa Sukamaju (Kecamatan Rancakalong). Dibawa waktu Prabu Gajah Agung mindahkeun karaton ka Ciguling Pasanggrahan. 

Lagu-lagu Koromong
Koromong mibanda lagu-lagu bawanan atawa asli disebut lagu buhun, nu ngabedakeun wanda jeung pola tatabeuhan, diantarana :
1. Balebandung.
2. Tabeuh Gede
3. Mingkrik
4. Dondang Dua
5. Dongdang Opat
6. Pangkur
7. Bele-bele.

Lagu tambahannana nyaeta lagu nu geus kaselapan ku pangaruh lagu disaluareunnana, diantarana, nyaeta :
1. Geboy
2. Jemplangan
3. Banjaran
4.Rayak-rayak
5. Keumbang Beureum
6. Bambung Hideung, jsbna

Wanda Lagu
Wanda Lagu jeung watek-watekna gumantung tujuan nu nyiptakeunnana, guru wilangan lagu nu dipiwanoh ngalahirkeun Citraning rasa pangdangu, kalawan bisa ngabedakeun suasana batin.

1. Balembandung
Lagu bubuka (pamuka) pikeun mapag pangagung atawa tamu uleuman, tabeuh gendingna gancang watekna sumanget jeung mere tangara bakal aya kajadian aheng.

2. Tabeuh Gede
Tabeuh  gendingna teu gancang atawa ancad laer, watekna nganteur katineung, watekna miris-miris, sabab ditabeuhna pikeun nyarakseni ti Alam kasucian kalayan ngaping ngajaring kanu nabeuhna jeung ka nyansiannana, nu dipamrih ngamalirkeun dangiang rasa teleb dina Qolbu wiyaga jeung sakumna nu ngadengekeun, nu dipalar salamet nu nabeuh salamet nu dipangnabeuhkeun.

3. Mingkrik
Tabeuh gendingna sedeng (antare), watekna sumanget ngawewegeun adeg-adeg jeung ukal-ikelna nu ngigel, lantara lagu pririgan geus lumrah diigelan. Lagu mingkrik minangka lagu karesepna para patinggi atawa para dalem dina jaman harita.

4. Dondang Dua
Dongdang nyaeta wawadahan dijieunna tina kai, make gotongan. Digunakeun keur mawa paparabotan rumah tangga, dibawana ditanggung. Umumna digunakeun pindah imah jeung seuseurahan panganten. Karana kitu watekna ngawawaas aleutan atawa kasibukan.

5. Pangkur
Tabeuhna anca, watekna ngagambarkeun kawaas mawa mangsa ka lawas, nganteur katineung ka mangsa ka tukang, gending ngadangding panggeuing ati nu katujah marudah, kateuhak ka susah, dipundutan ku pangkur watekna malidkeun kekebul rasa nu nempel dina pikiran jeung hate.

6. Bengbele
Tabeuhna anca (antare),
watekna sumanget jeung diajangkeun pikeun nyindiran nu boga hajat supaya buru-buru mawa lalawuh atawa kadaharan ka panggung, kalayan diwuwuh ngarantayna nu nyawer atawa masak hartina duit kana baskom disadiakeun dina papanggungan.

Kamerakan Koromong
Ti Jaman Tembong Agung seni Koromong mangrupa unggulan sabab paling dipikaresep ku kulawarga karaton. Kabeh dieunakeun dipikaresep ku kalangan kulawarga Dalem Sumedang. Sanggeus jadi seni pertunjukkan rakyat dipikaresep ku Rahayat Darmaraja, jeung Sumedang katut sabubeureunana.

Bangsa Inggris (Rafles) kungsi ngageular Pasanggiri Seni Koromong di Srimanganti (Musium Prabu Geusan Ulun ayeuna). Nandakeun Seni Koromong geus ngambah alam pikiran, rasa (imajinasi) jeung rohangan ka resep bangsa deungeun.

Dina taun 1930m Yafcoen nalungktik Seni Koromong ti awit wangunan gending, pola lagu, prak-prakannana, nepi ka filofisna dibedah jadi patolkak referensi studi apresiasi seni buadaya. Mertelakeun seni Koromong mibanda ajen leuwih ti seni-seni sejenna. Ku sabab  kitu disebut SENI AJEN atawa SENI PANGAJENG-NGAJENG.



Seni Tayub
Ceuk salah sahiji sumber, seni Tayub asal muasalna ti Talaga dibawa ka Darmaraja pernahna dina Jaman Karajaan dinasti Prabu Tajimalela. Perangkat seni Tayub nyaeta gamelan Pelog, kabehdieunakeun ngagunakeun gamelan-gamelan laras Salendro.



Seni Tayub lain saukur pikeun hiburan wungkul, tapi mangrupakeun mediasi tatali marga manusa jeung manusa, manusa jeung Gustina jeung ngawengkelkeun harepan sangkan mampu nyingkiran pirang-pirang ujian atawa godaan hirup kalayan mampu ngalanggengkeun budaya Gotong Royong (talari). Nu ngabedakeun Tayub jeung seni sejenna nyaeta juru tari anu disebut ronggeng, kecap Ronggeng hartina ngigel. Atawa juru tari. Ari ingon-ingon nu bisa moyeg contona Kuda anu di sebut Renggong ngahaja supaya Ronggeng teu disaruakeun jeung Kuda.


Juru Baksa nyaeta juru soider nu ngagaliri-gilir nu ngigel, biasana lalaki dina lebah eta mah teu bisa digarap ku awewe. Dina emprona ngigel dimairan ku Ronggeng (Juru Tari). Titik mencarna Tayub di wewengkon Darmaraja nalika jenengna Ronggeng Sadunya, kabeh dieunakeun ibingan dipirig gamelan pelog jeung Salendro dipitembeyan ti Kampung Munjul. Ku Sabab kitu Kampung Munjul ngandung sajarah kamekaran seni Tayub. Dimekarkeun ku para seniman ahirna sumebar ka saban desa parat nepi ka Situraja, Tomo, Cisampihm Ciranggem, jeung sajabana. Seni Tayub kaasup seni pertunjukan rayat sabab paling dipikares ku rahayat atawa balarea. Ditabeuhna luyu jeung tujuan nu boga hajat. Contona: Syukuran khitan, pangantenan,  mieling poe-poe sajarah, syukuran (nadir) ngaruat lembur, syukuran budak nunggal, jsb.

Waditra atawa Gamelan Tayub
Gamelan Tayub diwuwuh wangunan waditra rupa-rupa jeung fungsina beda-beda. Waditra seni Tayub diantarana :
1. Saron
2. Saron Hiji
3. Saron Dua
4. Panerus
5. Selentem
6. Jengglong
7. Bonang rincink
8. Bonang Barung
9. Goong
10. Kendang indung jeung kuilanter
11. Ketuk jeung Kecrek
12. Bedug atawa dogdog lonjor
13. Rebab

Nu nabeuhna disebut nayaga atawa wiyaga, ngan kabehdieunakeun mah jumlah waditrana dikurangan atawa disederhanakeun.

Baca Juga :

Tidak ada komentar