Pakeman Basa (Idiom)

Pakeman Basa disebut ogé Idiom, asalna tina bahasa Yunani Idios, anu ngandung harti “has, mandiri, husus, pribadi”. 

Dina basa sunda Pakeman basa nyaéta wangun basa anu husus tur mandiri sarta ngandung harti anu dikandungna teu bisa dihartikeun sajalantrahna nururtkeun harti tata basa. Atawa pekeman basa, nyaéta pok-pokan maneuh anu ngandung harti siloka, henteu sacéréwéléna. 

Éta omongan dilarapkeun ka jelema, ngan kecap-kecapna henteu dicokot tina ngaran babagian awak atawa paripolah/pasipatan jelema baé, tapi aya tina ngaran barang salian ti jelema, saperti ngaran sasatoan atawa tatangkalan anu diwangun omongan geusan ngedalkeun kereteg haté atawa pikiran ka nu lian. Harti anu kapanggih dina pakeman basa atawa idiom disebut harti idiomatik.

Anu kaasup kana pakeman basa dina basa sunda nyaéta :
1. Paribasa
2. Babasan
3. Cacandraan
4. Uga
5. Rakitan lantip
6. Caturangga
7. Candrasangkala
8. Repok

Dina pangajaran ayeuna urang bakal pedar ngeunaan paribasa, babasan, cacandraan, kila–kila, jeung kapamalian.

1. Paribasa
Nyaéta babandingan anu jadi perlambang lakuning hirup, ngawangun omongan (runtuyan kalimah) anu geus puguh eunteup seureuhna (sistematika), geus puguh surupanana, geus tangtu pok-pokanna.
Ciri–ciri paribasa :
a. Paribasa sifatna ngabandingkeun, ngupamakeun, jeung mapandékeun.
b. Paribasa téh omongan anu hartina lain harti sajalantrahna.
c. Paribasa mangrupa kalimah anu teleb sarta anteb kana haté nu diajak nyarita.
d. Paribasa henteu bisa dirobah, dikurangan, dileuwihan, sarta dilemeskeun kekecapanana, sabab geus mangrupa wangun basa anu geus matok (pakeman).
Ditilik tina maksud anu dikandungna, paribasa téh bisa dipasing – pasing jadi tilu golongan nyaéta :

a. Paribasa wawaran luang
Eusina ngébréhkeun pangalaman anu geus lumrah di masyarakat, sarta mangrupa bahan babandingan pikeun laku lampah urang.
Contohna :
- Uyah mah tara téés kaluhur, hartina tabiat/sifat nu jadi anak tara jauh béda jeung tabiat/sifat kolotna.
- Uncal tara ridueun ku tanduk,  hartina boga élmu pangaweruh mah moal hésé mamawa.
- Wiwirang dikolongcatang nya gedv nya panjang,  hartina ngalaman hiji kajadian anu matak pikaéraeun.
- Buruk–buruk papan jati, hartina sagoréng – goréngna dulur sorangan, moal téga nganteupkeun mun aya karerepet atawa menang papait.
- Hadé ku omong goréng ku omong, hartina dina nyanghareupan masalah, rék hadé rék goréng, kudu dibadamikeun.
- Umur gagadihan, banda sasampiran hartina: umur jeung harta banda hakékatna milik Allah Swt.
- Ungguh baléwatangan hartina: di bawa ka pangadilan
- Buburuh nyatu diupah béas, hartina: meunang dua kauntungan sakaligus, saperti nu sakola meunang béa siswa.
- Anu burung diangklungan, anu gélo didogdogan, anu édan dikendangan  hartina: anu gedebul dihaminan, ngarah tambah maceuh.
- Ari umur tunggang gunung, angen-angen pecat sawed (najan umur geus kolot, kahayang kawas nu ngora)
- Bihari ngalingling pasir, ayeuna ngalanglang pasar (jaman geus robah, jalma ogé loba nu ganti pacabakan, atawa robah-robah tingkah lakuna)
- Cécéndét mandé kiara, cileuncang (cileungcang) mandé sagara (nu miskin hayang nyaruaan nu beunghar.

b. Paribasa panyaram lampah salah
Eusina panyaram sangkan ulah migawé pagawvan anu matak rugi, boh keur diri sorangan boh keur batur.
Contohna :
- Ulah unggut kalinduan, ulah gedag kaanginan, hartina: ulah sieun, kudu gedé kawani
- Ulah koméok saméméh dipacok, hartina: ulah waka ngomong teu sanggup/teu bisa saméméh dicoba.
- Ulah incah balilahan, hartina: ulah rék ninggalkeun tapi kudu tetep satia
- Ulah nyeungceurikan upih ragrag, hartina: ulah popoyok ka jalma nu geus kolot sabab urang gé bakal ngalaman.
- Ulah cara ka kembang malati kudu cara ka picung,  hartina: ulah babari bosenan, tapi kudu satia salilana.
- Cul dog-dog tinggal igel, hartina: ninggalkeun gawé baku, terus milampah pagawéan nu taya hartina.
- Mareubutkeun balung tanpa eusi,  hartina: marebutkeun perkara anu papada can jelas.
- Pagiri–giri calik pagirang – girang tampian, hartina: teu sauyunan, papada hayang menang sorangan, papada hayang leuwih., jsb.

c. Paribasa pangjurung laku hadé
Eusina pikeun pangjururng milampah pagawéan anu hadé.
Contohna :
- Carincing pageuh kancing, saringset pageuh iket (taki-taki ngajaga kaamanan, mageuhan tulak jeung sajabana, bisi aya bancang pakéwuh)
- Kudu bisa ngeureut neundeun/pakéan, hartina: kudu bisa nagjeujeuhkeun rejeki, kudu sina mahi.
- Kudu boga pikir rangkeupan, hartina: ulah sabrongbrong, kudu aya rasa curiga.
- Kudu hadé gogod hadé tagog, hartina: hadé basa jeung hadé tingkah lakuna.
- Kudu nepi méméh indit, hartina : kudu direncanakan kalawan asak.
- Kudu bisa kabula kabalé,  hartina: kudu bisa mawa awak.
- Bibirintik ti leuleutik babanda ti bubudak, geus gedé ngan kari maké,  hartina: kudu gemi jeung daék babanda ti leuleutik ngarah dimana geus kolot teu loba kakurang.
- Élmu tungtut dunya siar, sukan–sukan sakadarna, hartina: téangan élmu jeung harta banda keur pibeukeuleun, sarta kudu hirup basajan. Jst...


2. Babasan
Bédana jeung paribasa, babasan mah winangun frasa atawa kecap kantétan anu susunana geus matok sarta ngandung harti injeuman.
Ciri–cirina:
1. Babasan mangrupa babandingan ngeunaan kaayaan, pasipatan, pariplah, sarta nasib jelema jeung sabudeureunana.
2. Babasan mangrupa frasa atawa kecap kantétan anu ngandung harti injeuman, lain hari sabenerna.
3. Babasaan heunteu bisa dirobah, dikurangan, dileuwihan, atawa dilemeskeun.

Papasingan babasan diantaranga waé :

a. Anu dipaké babandingan sasatoan
Contona:
- Beuteung anjingeun,  hartina beuteung jalma anu leutik, dipapandékeun kana beuteung anjing
- Hulu peutieun, hartina: leutik sirah, heunteu sabanding jeung awakna, dipapandekeun kana peuti nya éta kutu munding, anu huluna leutik.
- Kokolot begog, hartina: budak nu sok pipilueun kana urusan kolot atawa omonganna kawas kolot, dipapandékeun ka anak monyét (begog = anak monyét nu keur meujeuhna bangor)

b. Anu dipaké babandingan tatangkalan jeung bungbuahan

Contona:
- Kawas beubeulahan terong,  hartina: sakarupa pisan siga nu kembar
- Pucuk awian, hartina: teu panceg pamadeganana, dipapandékeun kana pucuk awi anu luak léok  katebak angin.
- Héjo carulang, hartina: dilarapkeun kana kulit jelema anu konéng semu héjo, dipapandékeun kana jukut carulang anu daunna héjo ngémploh semu konéng.
- Siga cai dina daun taleus, hartina:teu panceg pamadeganana

c. Anu dipaké babandingan barang
Contona:
- Gurat batu,  hartina: kukuh, teu babari ngarobah omongan anu geus diucapkeun, dipapandekeun kana urat – urat dina batu, sabalikna tina gurat cai.
- Sari gunung, hartina: dilarapkeun ka awéwé anu katingali geulis ti kajauhan tapi ari ti kadeukeutan mah teu sabaraha geulisna, dipapandekeun kana gunung anu katénjo éndah ti kajauhan padahal rembet ku kakayon.
- Kawas pérah bedog rautaneun,  hartina: dilarapkeun ka jalma anu goréng patut pisan, dipapandékeun kana pérah bedog anu can jadi.

d. Anu dipaké babandingan awak
Contona:
- Gedé hulu,  hartina: sombong, adigung
- Béngkok tikoro, hartina: teu kabagéan kadaharan istiméwa lantaran béakeun atawa telat datangna.
- Panjang leungeun,  harttina: daék cocokot, jalma tukang ceceremed.
- Bujur aseupan, hartina: jalma nu teu daék cicing diukna, pindah – pindah waé.
- Beurat birit, hartina: jalma nu hésée dititah
- Hampang birit,  hartina: jalma nu daékan di titah.
- Amis daging, hartina: jalma nu sok babari borokan
- Amis budi, hartina: jalma nu soméah.
- Buntut kasiran, hartina: korét
- Kolot sapeuting, hartina kolot euweuh kanyaho
- Dulang tinandé, hartina: awéwé mah kumaha lalaki
- Kawas aul, hartina: ciciduh atawa sok cumiduh
- Dibeuweung diutahkeun , hartina:dipikir dibulak-balik sangkan keuna kanu dimaksud.
- Nyalindung ka gelung, hartina: ngandelkeun usaha pamajikan
- Ngadu angklung, hartina: paréa-réa omong nu taya gunana

e. Anu dipaké babandingan jelema atawa tokoh kasohor

- Kawas rama jeung sinta, hartina: pasangan anu kasép jeung geulis, dipapandékeun kana tokoh wayang Ramayana.
- Kawas dongéng si boséték,hartina gunta – ganti aturan tapi taya parobahanana, dipapandékeun kana dongéng anu tokohna si Boséték, jalma anu loba aturan tapi taya kamajuan. 
- Mangrupa kecap kantétan anu murwakanti
- Awét rajét, dilarapkeun ka nu laki rabi, lana tapi réa pacéngkadana.
- Pinter kabalinger, hartina: ongkoh cenah pinter tapi beunang katipu ku batur atawa nyieun aturan anu tgeu bener.
- Jelema cepet bener, dilarapkeun ka jalma anu jujur, bener, tara linyok bohong.

3. Cacandraan
Nyaeta caritaan karuhun nu ngagambarkeun kaayaan nagara jaga atawa dina jaman anu kasorang (panataan kana pasipatan tempat anu dibalibirkeun).
Contona:
- Bandung heurin ku tangtung.
- Sukapura ngadaun ngora.
- Sumedang ngarangrangan.
- Cianjur katalanjuran.
- Galunggung Ngadeg Tumenggung.
- Pangandaran andar–andaran.
- Wanayasa macangkrama.
- Banagara sor katengah.

Cacandraan béda jeung jujulukan kota, misalna:
1. Bandung kota kembang
2. Bogor kota hujan
3. Cirebon kota udang
4. Karawang kota lumbung padi,
5. Sumedang kota tahu,
6. Garut kota dodol,
jsb.


4. Uga
Kecap uga katelah hiji omongan anu eusina mangrupa ramalan yén dina hiji waktu bakal aya kajadian alam  boh nu pikagumbiraeun boh nu pikasusaheun.
- Jaga mah barudak, sajajalan disaungan, nya buktina aya karéta api.
- Gancang carita béja, mun geus aya balabar kawat, nya buktina aya telegram.
- Jaga mah, barudak, batu turun keusik naék, nya buktina aya anak somah naék pangkat, anak ménak teu naék pangkat.
- Jaga mah, barudak, nganteuran ka nu di gawé mawa kéjo dina iteuk, nandakeun angker gawé nya buktina aya nu dagang di pagawéan.


5. Kapamalian
Kecap pamali sok dihartikeun larangan karuhun atawa larangan sepuh urang anu maksudna teu menang ngalakukeun hiji pagawéan lantaran sok aya matakna.
Contona:
- Ulah nambulan uyah, pamali bisi potong peujit
- Ulah cicing dina lawang panto, pamali bisi hésé menang jodo
- Ulah maké baju bari leumpang, pamali bisi tgeu kalaksanakeun cita–cita
- Ulah sapaké jeung koloy, bisi hapa hui
- Ulah mandi pabeubeurang, bisi téréh péot
- Ulah lila teuing cicing dikamar mandi, pamali bisi gancang kolot
- Ulah dipapayung dijero imah, pamali bisi di datangan maung jsb


6. Kila–kila
Kila–kila nyaéta totondén (tanda–tanda) alam kana naon–naon anu bakal kajadian.
Contona:
- Lamun aya kukupu hiber ditengah imah, tandana rék aya tamu.
- Lamun ngimpi néwak lauk, tandana rék menang duit.
- Lamun kekenudan panon kenca, tandana rék manggih kasedih.
- Lamun kekenudan panon katuhu, tandana rék manggih kabagjaan.
- Lamun murag bulu mata, tandana aya nu sono ka urang.
- Lamun panas ceuli, tandana aya anu ngomongkeun.
- Lamun aya sora manuk sit uncuing, tandana bakal aya nu maot.
- Lamun aya sora manuk bebencé, tandana aya bangsat keur kukulampangan néangan palingeun.
- Lamun aya sora hayam kongkorongok tengah peuting, tandana aya parawan hamil tiheula.
- Lamun aya sora toké, tandana bakal aya rejeki.
- Lamun aya sora soang tipeuting, tandana bakal aya jurig.
- Lamun dijalan kacegat ucing, tandana bakal manggih ka sial.
- Lamun dampal leungeun karasa ateul, tandana bakal nampa duit.
- Lamun aya cakcak bodas, tandana aya jalma nu ngadengekeun omongan urang.
- Lamun aya cakcak ragrag tandana aya jurig.


Cag ah amun teu ku urang sunda kusaha deuih atuh ngamumule make basa Jati Indungna, sangkan teu leungit purwadaksina...apan cenah Sumedang teh puseur budaya Sunda.

Baca Juga :

Tidak ada komentar