Di Cipaku Darmaraja Pamali Nanggap Wayang

Di Ciri Cikal Bakal Sumedang aya Bahasa Pamali Nanggap Wayang

Babasan wangsit eta aya nu percaya aya anu ham-ham jeung aya oge anu teu percaya. 

Naon atuh make aya bahasa eta. Ke urang guar sakedik sakedik supados ki sunda ngarti jeung apal kana jajarana.

Kaol : beja pabeja-beja yen di Cipaku ulah nanggap wayang, pamali. Ku ki sunda dipilari cirina jeung kumaha jajarana anu jelasna tah kieu anu kapendak dina bahasa lisan ti para sepuh anu beunang dipercaya yen di Cipaku pamali nanggap wayang. Yen bahasana teu meunang di tulis sabab pamali jadi kudu dilisan dina neurangkeunana oge. 

Kaol Caritana : yen aya perkara tina bahasa geular opat kalima panceur mun panceurna ngarawatan nyalira. 
Anu opat eta wiwitana tina bahasa Nur Cahya :
- bodas kahiji, 
- beureum kahiji, 
- koneng kahiji, 
- hideung kahiji. 

Tah eta teh gelar jeung geugeular di ieu alam malah aya bahasa dulur anu sajati dina rasa jeung hirup oge maujudna aya: dina jaman eta oge dina diri manusa anu apal kadirina pasti ka panggih komo mun sampurna tafakurna. 

Kadieuna anu opat eta gelar sanghyang, gelar batara tah kitu sajarah garis gedena, yen di Cipaku ulah nanggap wayang. 

Kasimpulana di Cipaku aya jajaran awal anu di gelarkeun ku Hyang Agung, sabab bakal nu ngawayangkeunana Galah, Galuh nu jadi Galihna. Salain di Cipaku daerah-daerah teu meunang nanggap wayang nyaeta di Cikeusi, di Cimarga, di Paniis kitu deui di Cipancar kacamatan Sumedang Selatan oge sami pamali Nanggap Wayang, ku kituna mun nanggap wayang harta bandana bakal ancur, bandana tangtu ngurangan. 

Baca Juga :

Tidak ada komentar