Karajaan Jampang Manggung Cikal Bakal Cianjur

Mimitina Karajaan Jampang Manggung diadegkeun ku Prabu Kujang Pilawa kurang leuwih dina abad ka 4 M, dina bulan kawolu taun 330 Saka kurang leuwih dina taun 406 atawa taun 407 M. Samemeh jadi karajaan Jampang Manggung disebutna karajaan Jampang Datar dipimpin ku Raja Sugiwanca atawa disebut oge Aki Wengku. Aki Wengku oge marentah di di karajaan Malabar.

Kujang Pilawa dipulung mantu ku Raja Sugiwanca, ngadahup ka Dewi Anumirti anakna Sugiwanca, sarta dijadikeun raja Jampang Datar ngagantikeun dirina. Ari karajaan Malabar tahtana dipasrahkeun ka alona Sugiwanca nyaeta Gasman sanggeus jadi raja disebut Prabu Sabatan Kati.

Ku Prabu Kujang Pilawa, karajaan Jampang Datar diganti ngaranna jadi karajaan Jampang Manggung pernahna di gunung Jampang Manggung anu ayeuna asup kana pamarentahan kacamatan Cikalong Kulon Cianjur. Minangka karajaan nu mandiri, Jampang Manggung boga hubungan hade jeung karajaan sejenna saperti jeung karajaan Malabar, Sundapura, Purwakarta jeung karajaan Tanjung Kalapa, lian ti eta aya boga hubungan jeung raja-raja ti karajaan Tarumanagara .

Kujang Pilawa asalnamah ti nagri Para Sunda atawa nagri India ayeunamah. Jaman harita memang India keur jadi puser peradaban dunia, agama Budha keur meumeujeuhna mekar disakuliah dunya. Pikeun harita bakal jadi hiji kahurmatan saumpama bisa ngaraketkeun babarayaan jeung raja India, komo deui bisa mulung mantu ka satria India. Kabeneran sara Satria di India, diantarana resep ngayakeun ekspedisi balayar ka sababaraha nagara pikeun nyiar pangalaman hirup, kitu deui jeung Kujang Pilawa nepika inyana ka karajaan Malabar anu puser dayeuhna di Bandung ayeuna.

Aki Sugiwanca ngarasa sugema pisan sawaktu kadatangan Kujang Pilawa, eukeurmah turunan satria, Kujang Pilawa loba pisan pangaweruhna. Ti mimiti elmu pamarentahan, kadugalan jeung elmu perang, remen dimenta sangkan nurunkeun elmuna ka satria-satria karajaan Malabar jeung Jampang Datar nu dipingpin ku Aki Sugiwanca.  

Kujang Pilawa teh inyana raja adil paramarta nu merhatikeun pisan kasajahteraan rahayatna, utamana dina widang atikan moral kusabab kitu Kujang Pilawa merlukeun pisan kahirupan para pandita/guru agama nu harita disebutna teh Ing Paya. Para Ingpaya dipernahkeun hade pisan di pasanggrahan-pasanggrahan. 

Dina jaman Kujang Pilawa panghasilan hasil bumi nagara subur ku mangpirang – pirang bubuahan saperti kopi, hajeli, jahe, kupa jrrd. Keur ningkatkeun widang ekonomi dibuka pasar-pasar leutik jeung pasar gede. Sabagian rahayat oge dibere kalaluasaan pikeun dagang di puser nagara sejenna saperti dayeuh Taruma jeung nagri kalapa. Para sodagar ti Jampang Manggung oge loba anu ngajorag ka nagara Indrabumi di deukeut gunung Cereme anu harita kawilang maju kusabab loba didaregdeg sodagar-sodagar ti nagri Benggala, Cina, Campa, Sukaya, jsb.

Diantarana mawa pakakas tina emas jeung keramik pikeun ditukeur ku hasil bumi ti karajaan Jampang Manggung. Dina widang kasehatan para tabib ti Jampang Manggung geus kasohor kamamana nepika ka nagri sejenna, malah loba nonoman anu diajar katabiban di nagara Jampang Manggung. Pikeun ngajaga kaamanan nagara, Kujang Pilawa nugaskeun patihna nu disebut Turus Juru Luar nu ngajaga kaamanan diluar jeung dijero karajaan.

Pikeun Turus Juru boga kawijiban ngabimbing masarakat, mere piwejang ngeunaan hukum jeung tugas warga nagara sangkan ulah kabeulit kumaslah criminal jeung palanggaran hukum lainna.

Dina ha lieu karajaan Jampang Manggunung boga pangalaman sawaktu meunang panarajang 800 pasukan ti negeri Daha India anu rek nyoba-nyoba ngajajah Jampang Manggung, teu sakali wae karajaan Daha narajang karajaan Jampang Manggung, ngan kusabab kakuatan pasukan jeung kapimpinan Prabu Kujang Pilawa unggal panarajang pasukan Daha bisa dilumpuhkeun kalayan korban nuloba ti fihak Daha.

Kitu oge sawaktu ratusan pasukan ti bangsa Banggala anu rek ngagunasika kaamanan rahayat Jampang Manggung, pasukan Banggala bisa ditumpes, tuluy sesana diusir kaluar Jampang manggung, sarta teu balik deui.


Ajen kahirupan Jampang Manggung
Dina ngurus karajaan jeung ngolah nagara Kujang Pilawa teu kaluar tina ajen karajaan nu disebut Ajen Galuh, Ajen Pananggelan jeung Ajen Galunggung.

Para guru jeung pandita anu boga tugas neuleuman jeung ngajarkeun ajen kahirupan eta disebut Ing Paya, aya oge Ing Paya anu boga kaahlian lain lian ti ngajarkeun ajen Pananggelan, nyaeta Ing Paya anu boga ahli kana ilmu sejenna, saperti katabiban, irigasi, tatanen, supranatural jsb disebutna Ing Paya Agung  .

Ajen Galuh

Nu disebut Ajen Galuh the nyaeta tina kocap Galuh, Galeuh jeung Galih nuhartina permata, anu nerangkeun sual Zat nu Maha Kawasa nu disebut Sang Hayang Batara Tunggal anu mere kahirupan jeung nyabut kahirupan kasakabehna mahluk. Dina ajen Galuh ieu diajarkeun oge sual paparahan kana katangtuan ti nu Maha Kawasa.

Ajen Pananggelan
Sedengkeun Ajen Pananggelan nyaeta : Atikan anu ngabimbing jalma sangkan bisa hirup tumuwuh jeung lingkunganana, nyaah kasasama teu adigung adiguna, teu miboga barang anu lain hakna, tuhu kana adat , bakti ka kolot jeung ka guru, jeung taat ngalaksanakeun kabijakan raja salila teu pasalia jeung katangtuan ajen-ajen nu lumaku. Dina ajen Pananggelan manusia kudu ngalaksanakeun Darma, hartina ngalaksanakeun pakasaban kahirupan sapopoe pikeun kulawarga, nagara jeung bekel ibadah kanu Maha Kawasa, sakumaha diajarkeun ku Nabi Adam, Siti Hawa sareng Nabi Sis.

Para Ing Payagung oge ngajarkeun elmu-elmu lainna anu sapopoe bisa digunakeun ku masarakat saperti cara ngurus hewan piaraan samodel ngurus munding, domba, jsb timimiti cara ngangon, cara ngabersihan hewan, jsb. Lian ti eta para Ing Paya mere piwejang sangkan urang Jampang Manggung balansiar dagang sacara jujur, sarta ulah poho ngalaksanakeun darma lamun meunang kauntungan tina dagang.

Anu leuwih utama, para Ing Paya mere piwejang sangkan nyaah ka leuweung kujalan nerapkeun larangan melak tutumuwan di leuwueng kabuyutan anu dipercaya tempat kumpulna arwah karuhun. Hutan anu bisa diala hasilna disebut leuweung raja/leuwueng tutupan.

Ngan upama rek nuar tatangkalan kudu menta kamandang heula ka Patih Sahuang (kuncen leuwweung jeung gunung anu seluk belukna) sangkan lingkungan alam tetep saimbang, antara anu dituar jeung anu kudu dipiara.

Nabi Adam jeung Nabi Sys dipercaya minangka utusan ti Sang Hyang Batara Tunggal pikeun mere cahaya kahirupan ka sakumna manusia.

Ajen Galunggung

Ari Ajen Galunggung ngajarkeun kumaha kuduna hubungan manusa jeung alam sabudeureunana sangkan salawasna saimbang. Hubungan manusa jeung binatang dibagi ku sababaraha sikep kusabab aya binatang anu ngabahayakeun, aya oge anu lindeuk, aya binatang anu bisa didahar dagingna aya anu teu meunang didahar, aya binatang anu bisa diporo aya anu teu bisa. Contona Maung, binatang ieu teu meunang diporo lamun henteu asup pakampungan eta oge kudu menta ijin heula Patih Sahung kuncen leuweung anu bisa mere pamadegan sual kasaimbangan leuweung jeung eusina.  

Kitu deui bagong, bisa diporo lamun ngagalasak pepelakan, tapi teu meunang diporo lamun asup leuweung kabuyutan, kitu deui daging bagong teu meunang didahar ku jalma, daging bagong bisa dibikeun ka anjing jeung aul kusabab dina sihungnya nyayang roh jahat. Domba leuweung anu asup ka kampung meunang diboro watesna nepika leuweung Raja/ leuweung tutupan. Domba teu meunang diboro upama asup ka leuweung larangan/leuweung kabuyutan.

Hayam leuweung jeung manuk leuweung teu meuang di sumpit upama teu penting-penting teuing mah, komo hayam leuweung bikang nu keur endogan teu meunang diporo. Hayam jeung manuk leuweung meunang diporo sabulan sakali eta oge teu meunang leuwih ti hiji, pikeun diaala dagingna jeung buluna nu alus. Manuk Kerak, Cangkurileng, Ciung jeung Beo meunang dipiara umpama nyaho elmuna, kusabab lamun teu bisa miarana matak ngageringkeun si manuk jiwa jeung ragana.

Peusing umpama keur ubar meunang diporo jeung didahar, tapi teu meunang didagangkeun. Umpama didagangkeun hartina geus ngarempag ajar Galunggung kitu numutkeun catetan para Ing Paya sakumaha anu diajarkeun ku Nabi Adam, Siti Hawa jeung Nabi Sis.

Loba deui ajaran ajen anu diterapkeun dina kahirupan sapopoe urang Jampang Manggung. Kujang Pilawa the raja panutan, hirupna dibaktikeun pikeun kararaharjaan rahayatna, inyana remen mujasmedi ka Sang Hyang Widi sangkan tetep bisa ngajalankeun pamarentahan sakumaha ajaran karuhun, sangkan Adam jeung Sys panuju dialam kalanggeunan.

Kujang Pilawa jadi raja Jampang Manggung salila opat puluh taun, samemeh mulang kakalengan Kujang PIlawa hirup mandita jadi Ing Payagung. Kujang Pilawa boga anak sabelas, tahta karajaan diwariskeun ka Danu Sangkalang anakna di cikal, kitu deui patih Jampang Manggung dipasrakeun ka Sanjar Janggala anak kadua Prabu Kujang Pilawa.

Senjata Kujang
Salila jadi raja Jampang Manggung, Kujang Pilawa dipikawanoh minangka raja sakti mandragun, jeung taya nu bisa ngelehkeun kadigjayaanana. Ari pusakana nyaeta senjata Tosa. Kamana wae sang prabu miang senjata Tosa taya leupas tina cangkengna, antukna pakarang Tosa loba anu make ampir unggal satria ditip karajaan ditatar Sunda. Anu helokna, ngaran pakarangan Tosa lila-lila ngaranna ganti jadi pakarang Kujang, kusabab geus jati ciri kagagahan Prabu Kujang Pilawa. Nepika ayeuna pakarangan Kujang jadi ciri pakarangan khas Jawa Barat.  Sanggeus mulang kakalanggengan, tahta karajaan Jampang Manggung dipasrahkeun ka anak cikalna nyaeta Danu Sangkalang sedengkeun anak kadua Kujang Pilawa nyaeta Sanjar Janggala diangkat Patih karajaan Jampang Manggung. Lian ti eta diangkat oge sesepuh Ing Payagung nyaeta Aki Seuseupan minangka panasihat raja.


Prabu Danu Sangkalang Raja Kadua Jampang Manggung
Prabu Danu Sangkalang kaasup raja anu boga pamikiran maju, diantarana ngahapus tradisi anu lumaku nu dianggapna teu luyu jeung rasa kamanusaan, saperti ayana tradisi Ngayang nyaeta ngawinkeun dulur sakembar, mimitina sanggeus orok kembar lain jinni lahir, siorok lalaki ngan bisa disusukeun ka indungna dina waktu saminggu geus kitu kudu dipesat, umpana indungna teu ngidinan, anggota kulawarga sejenna kudu maksa sangkan orok lalaki disusuan ku lain indunga, saha wae. Engkena sanggeus papada dewasa dulur sakembar beda jinis the dikawinkeun. Upama dina jatukramina salah surangna maot, pasanganna teu meunang kawin deui salila hirupna. Upama aya pasangan anu ngalanggar, bakal ditibaan hukuman disita kabeh hartana. Tradisi Ngayang ieu ku Prabu Danu Sangkalan tuluy dihapus.

Tradisi lainna anu dihapus ku Danu Sangkalang nyaeta Tradisi Bawil, tradisi males pati anu taya rasrashana. Dina tradisi Bawil, umpama aya salah saurang warga boga maksud hayang balas dendam mimitina kudu neangan sato kurban embe hideung, atawa kebo dongkol pikeun ritual, si sato tuluy disiksa nepika paehna. Tuluy getih hewan anu geus disiksa diuyup ku jalma anu rek ngalaksanakeun bales dendam. Geus nguyup getihna, daging sato sesembahan tuluy didahar atah-atah bari seuseurian kalayan harepan roh roh gaib marengan niat sijalma dina tarekah bales dendam. Sanggeus kitu sijalma nu rek bales dendam tuluy neangan jalma anu rek diala patina, lamun geus bisa dipaehan, musuh nu dibunuhna direcah awakna, didahar hate jeung jantungna atah-atah. Sirah jalma anu geus dipaehan, tuluy ditegas, dibawa balik, sarta dipajang dipipir imah atawa diteundeun didapur nepika jadi tangkurak, tangkurak eta disimpen nepika tujuh turunan.

Danu Sangkalang boga pamadegan yen tradisi Bawil lain warisan Adam, Hawa jeung Sys, oge lain ajaran sakumaha dina ajen kahirupan nu lumaku. Tradisi Bawil nurutkeun pamadegan Danu Sangkalang warisan sampeuran tina tradisi jahat Dasa Muka/Astina dina lalakon Mahabarata, atawa warisan Ajus Marjus sigana nu dimaksud Ya juj Wa Majuj anu aya dina Al Quran,  atawa Gog Ma Gog dina Bibel.

Tradisi lainna anu dihapus ku Danu Sangkalan nyaeta tradisi Ciling, nyaeta tradisi ngusir pamajikan gegeden nagara anu ngalahirkeun orok cacat, kusabab dipercay bakal mawa sial ka nagara.

Danu Sangkalang marentah karajaan Jampang Manggung salila 53 taun, ngan sanggeus ditinggal maot ku Sanjar Jangala adina pituin nu jadi Patih Jampang Manggung, Danu Sangkalang remen gearing siga kapapaitan pisan ditinggal maot ku adina the, nepika inyana gering parna. Danu Sangkalang ngadahup ka Dewi Bilbilani sanggeus palastra, tahta raja Jampang Manggung dicangkring ku Pita Kumana Jaya anak cikal Danu Sangkalan.

Pita Kumana Jaya
1. Asal muasalna urang Jampang Cianjur Kidul
2. Tahta Raja Jampang Manggung direbut Soko Ganggalang
Sawaktu Pita Kumana Jaya nyangkring kakawasaan minangka raja Jampang Manggung sesepuh pandita/Ing Paya Gung Aki Seuseupan pamitan ka rajana rek mundur tina kasibukan di karaton minangka panasihat raja, Aki Seuseupan rek museurkeun hirupna ngolah pasanggrahan, hirup mandita ngadeukeutkeun diri ka Sang Murbeng Alam.

Prabu Pita Kumana Jaya najan bari beurat hate, teu wasa narah pamenta Aki Seuseupan anu geus puluhan taun jadi panasihat raja Jampang Manggung samemeh dirina. Mundurna Aki Seuseupan ti karaton dileupas kalayan hurmat, dibahanan mangpirang-pirang beukeul kayaning emas, perak jeung kakayon lainna kaasup dua kuda jeung tujuh kebo lengkep jeung dua tukang ngangonna sangkan bisa jadi bekel kahirupan Aki Seuseupan di pasanggrahanna.

Pita Kumana Jaya sadar yen Kujang Pilawa jeung Danu Sangkalang sawaktu jadi raja geus mawa komara anu nyongkolang pikeun kamajuan karajaan, kusabab kitu inyana tetep pengkuh ngajalankeun kawijakan anu geus ditetepkeun ku luluhurna.

Pita Kumana jaya ngupayakeun sangkan kamajuan anu geus dijaul ku raja samemehna bisa tetep lumangsung. Dina ngolah nagara, ngurus nagari Pita Kumana Jaya dibantu ku para patihna kayaning : Kutamadunya, Suryalaga, Bomanlarang, Sokoganggalang, dan Rangijid.
Prabu Pita Kumana Jaya marentah karajaan dibarengan ku prameswari Putri Salangkan Pati nu asalna ti gunung Cereme. Dina mangsa pamarentahana karajaan Jampang Manggung ngalaman masa kajayaan utamana diwidang karaharjaan rahayatna. Jampang Manggung oge kasohor ku elmu katabibabana nepika ka mancanagara. Nepika loba tabib anu ngahaja guguru ka para tabib jeung para Ing Paya di Jampang Manggung saperti tabib-tabib ti negeri Cina, Campa, dan Gangga serta Banggala.

Dina umur 39 taun Pita Kumana Jaya katarajang kasakit parna nu taya obatna, kusabab kitu pamarentahan karajaan dijalankeun ku para patihna kusabab anak-anakna laleutik keneh. Hanjakalna teu kabeh patih tuhu nyekel amanah, Soko Ganggalang jeung Rangijid loba milampah curaling teu tuhu kana adat, ngupayakeun sangkan kaayaan nagara teu aman, hal eta aya hubunganana jeung niat Soko Ganggalang jeung Rangijid anu ambisi hayang jadi raja. Kaayaan beuki teu merenah sanggeus Pita Kumana Jaya mulang kakalanggengan. Patih Bomanlarang, Suryalaga jeung Kutamadunya mah nembongkeun baktina ngurus layon rajana, hal eta beda jeung talajak Sokoganggalang jeung Rangijid anu narekahan diri sangkan bisa ngarebut tahta kujalan ngumpulkeun kakuatan jeung dukungan.

Kaayaan rahayat kabagi-bagi aya nu ngadukung Sokoganggalang najan kapaksa, aya oge anu wani ngalawan hal hal eta jadi mamala kusabab kabeh warga anu baruntak ka Sokoganggalang jeung Rangijid asup kana pangberokan. Sedengkeun patih sejenna anu masih keneh satia ka raja, ngan bisa ngamankeun istana jeung prameswari Putri Salangkang Pati jeung dua anakna nu masih keneh can sawawa nyaeta Laganastasoma jeung Putri Sangwangi.

Pikeun ngajaga sangkan teu leuwih loba korban rahayat, Patih Bomanlarang, Kutamadunya jeung Suryalaga nyebarkeun surat karahayat Jampang Manggung sangkan ngungsi kadaerah anu jauh tur aman, nyaeta kadaerah Agra wewengkon kidul lainna. Teu lila sakurna warga Jampang Manggung anu tuhu kana eta surat geuwat nyalametkeun diri kadaerah pakidulan, saeutikna aya 160 kepala kulawarga mimpin eksodus kulawarga ka Pakidulan. Nurutkeun ieu riwayat para kulawarga ti Jampang Manggung antukna loba anu ngamukim di wewengkon Agra jeung Pakidulan lainna, antukna sabudeureun wewengkon pakidulan ti harita disebut wewengkon Jampang nyoko ka rahayat anu asalna ti nagara Jampang Manggung.

Pasukan pambaruntak nu dipingpin ku Sokoganggalang jeung Rangijid beuki ngadeseh istana, laju pikeun kasalametan prameswari Salangkangpati jeung dua anakna tuluy nyalametkeun diri kujalan ngarolos ti karaton, sedengkeun Putri Kancing Sarati mertuana putri Salangpati milih netep disabudeureun karaton najan kitu tetep ngarestuan niat mantu jeung incuna nyalametkeun diri tina pasukan pambaruntak. Rombongan prameswari anu nyalametkeun diri dikawal ku tilu patih nu satia nyaeta Bomanlarang, Kutamadunya jeung Suryalaga, rencanana rombongan rek muru pasanggrahan Aki Seuseupan di sabudeureun ku gunung Gede jeung Manangel. Samentara eta, Soko Ganggalang geus hasil ngarebut tahta, manehna tuluy ngangkat dirina jadi raja Jampang Manggung, sedengkeun Rangijid ditelasan ku Soko Ganggalang di sabudeureun Cigalongong Cikalong kusabab jadi lawan politikna.

Ing Paya Laganastasoma/Sang Hyang Tapak gunung Mananggel
Singket carita sanggeus apruk-aprukan norobos leuweung geledegan rombongan prameswari Salangkangpati ditarima hade naker ku Aki Seuseupan, ahirna salila 13 taun Salangkangpati jeung dua anakna ngamukim dipasanggrahan Aki Seuseupan bari nyamurkeun diri jadi rahayat biasa boh bisi kapanggih ku mata-mata Sokoganggalang.

Putra cikal Laganastasoma geus umur 22 taun sedengkeun adina Putri Sangwangi geus nincak umur 15 taun. Laganastasoma anu geus loba nyuprih elmu pangaweruh ti Aki Seuseupan ngarasa geus waktuna turun gunung muka pasanggrahan sorangan, kukituna inyana menta ijin ka Aki Seuseupan rek pamitan ti pasanggrahan Aki Seuseupan. Najan beurat hate rombongan Laganastasoma dileupas ku Aki Seuseupan, rombongan neangan tempat lain kusabab moal mungkin deui balik deui ka karaton Jampang Manggung anu geus dikawasa ku Sokoganggalan.

Dina lalampahanana Laganastasoma jeung indung sarta adina katut para patih nu satia ngajaga kasalametanana antukna nepika dihiji tempat pangreureuhan. Kacaritakeun dina hiji peuting Laganastasoma meunang ilapat, dina ngimpina inyana kadatangan arwah Prabu Pitakumanajaya ramana, sang Prabu nitah ka anakna sangkan netep dieta tempat keur ngamimitian muka kahirupan anyar.

Isukna Laganastasoma maluruh jalma anu boga eta tempat, tetela nu boga tempat the sodagar beunghar ngaranan Jema anu boga sikep resep tutulung. Niat Laganastasoma hayang ngamukim dieta tempat ditarima pisan ku Jema, eukeur mah manehna ngarasa yakin dina jero hatena yen Laganastasoma teh sabenernamah putra makuta Jampang Manggung anu geus ninggalkeun karaton salila belasan taun. Komo deui sanggeus pancakaki yen sabenernamah Jema teh katuran nagri Para Sunda tempat asalna Prabu Kujang Pilawa luluhur Laganastasoma.

Matak Jema teu asa-asa mangnyieunkeun pasanggrahan gede pikeun Laganastasoma jeung rombonganana di eta tempat sakumaha ilapat anu katarima ku Laganastasoma dina ngimpina. Ti harita Laganastasoma ngamimitian hirup minangka Ing Paya anu salawasna dijadikeun guru nu masarakat, teu sautik nu daratang ti mamana pikeun jadi murid-muridna cicing nyuprih elmu di pasanggrahan Laganastasoma.

Pasanggrahan Lagasnastasoma dingaranan Pasanggrahan Pananggelan, malah gunung anu aya disabudeureun pasanggrahan antukna sok disebut Gunung Pananggelan, anu lila-lila rubah ngaranna jadi gunung Mananggel.

Didieu aya catetan yen saking beungharna Jema loba jalma anu kataji, matak ti harita sakur jalma anu geus beunghar atawa jaya sok disebut geus jadi Jema nyoko kana kabeungharan Jema, lila-lila sebutan eta jadi Jelema. Ayeunamah sebutan anu geus sukses teh nyaeta geus jadi Jelema.

Dina umur 25 taun Ing Paya Laganastasoma ngadahup ka putri Candra Wulan asal ti gunung Padang, tina jatukrami ieu lahir dua putri jeung hiji putra nyaeta : Jamalillah, Sakalillah jeung Indalana/Jamali Wetan.
Kamashuran Laganastasoma minangka ahli pangobatan jeung guru kamanusiaan beuki kasohor kamana-mana.

Laganastasoma Mareumkeun pambaruntakan di Jampang Manggung
Hiji waktu aya kabar yen Raja Jampang Manggung Soko Ganggalang katarajang kasakit parna, geus mangpirang-pirang tabib timamana didatangkeun ka karaton pikeun ngubaran panyakitna, tapi taya hiji oge tabib anu bisa jadi cukang lantaran nyageurkeun panyakit Soko Ganggalang, malah kasakitna beuki parna, nepika teu bisa ningali.

Soko Ganggalang ngadenge yen ditutugan gunung Manangel aya tabib anu sakti bisa ngubaran sagala panyakit, ngarana Ing Paya Laganastasoma, sang raja laju nitah sangkan Laganastasoma diogan ka karaton Jampang Manggung keur ngubaran panyakitna.

Singket carita utusan Jampang Manggung geus nepi ka pasanggrahan Laganastasoma bari masrahkeun surat ti Soko Ganggalang anu menta sangkan Laganastasoma datang ka karaton Jampang Manggung pikeun ngubaran panyakitna.

Narima surat eta Laganastasoma teu langsung nyanggupan, inyana menta kamandang ka indungna nyaeta putri Salangkangpati sok bisi surat teh ngan saukur akal-akalan Soko Ganggalang anu rek nandasa dirina minangka ahli waris tahta karajaan Jampang Manggung. Putri Salangkangpati teu ngidinan inyana datang manggihan Soko Ganggalang. Pikeun Laganastasoma tahta karajaan Jampang Manggung geus teu jadi udagan deui, inyana leuwih museurkeun diri jadi Ing Payagung anu salaswasna ngabantu saha wae jalma anu meunang masalah dina kahirupanna lahir jeung batin, kitu deui sawaktu narima surat ti Soko Ganggalang anu menta tulung ka Laganastasoma sangkan ngubaran panyakitna nu geus parna.

Rahyang Laganastasoma ahirna masrahkeun papasten muntang saraya ka Sang Murbeng Alam menta pituduh naha kudu nedunan pamenta Raja Jampang Manggung atawa narah datang ka karaton Jampang Manggung. Tina hasil mujasmedi , ahirna Laganastasoma netepkeun niatna rek nedunan pamenta Soko Ganggalang, ngubaran panyakitna, sabab dina hasil mujasmedina inyana ningali yen Soko Ganggalang lain ngan saukur geus lolong matana, jiwana oge geus kosong tina cahaya ajen-ajen kamanusiaan.  

Singket carita, Laganastasoma geus nepika karaton Jampang Manggung ngubaran panyakit Soko Ganggalang, sanggeus sawatara lila ngubaran kasakit lahirna, Laganastasoma tuluy ngubaran panyakit batin Soko Ganggalang anu sabenerna keur gering pikir ningali kalakuan anakna nyaeta Tarungdawaling anu geus ngarempag purbatistis jeung purbajati ajen karuhun. Najan anak raja, Tarungdawaling resep ngalajur nafsu, ngarampas kakayaan rahayatna, miragasa kahurmatan para wanoja, jeung teu ngahurmat para Ing Paya. Antukna pamor karajaan Jampang Manggung beuki nyilorot, eukeur mah eukeur sawaktu Soko Ganggalang ngarebut tahta karajaan oge make cara-cara anu teu luyu jeung kamandang para Ing Paya, lian ti eta, para Ing Paya/pandita salila Soko Ganggalang nyekel kakawasaan geus teu dibere tempat deui di karaton minangka panasehat raja, Soko Ganggalang ngan dikurilingan ku jalma-jalma anu tuhu ka manehna ngan saukur butuh jabatan jeung kakayaan wungkul.  
 
Sanggeus jadi cukang lantaran cageurna panyakit Soko Ganggalang, Laganastasoma mulang deui ka pasanggarahan Pananggelan di gunung Manangel. Ngan samemeh inyana ningalkeun karaton Jampang Manggung, Laganastasoma mere piwejang sangkan Soko Ganggalang ngaraketkeun diri deui jeung para Ing Paya sangkan hirupna bisa tenang, teu ngan saukur ngudag-ngudag urusan kadunyaan.

Piwejang Laganastasoma dilaksanakeun ku Soko Ganggalang, sanggeus puluhan taun ngajauhkeun diri ti para Ing Paya, manehna tuluy ngogan para Ing Paya sangkan kumpul di karaton, Soko Ganggalang menta kamandang ka para Ing Paya pikeun kalumangsungan karajaan Jampang Manggung anu beuki nyilorot pamorna , ditambah kalakuan Tarunggawaling anu geus jauh tina ajaran ajen-ajen malahmah geus ngajadikeun dirina sumber karusuhan dimana-mana. Tina gempungan jeung para Ing Paya antukna kabeh sapuk yen diperlukeun tarekah teges pikeun mareumkeun karusuhan karusuhan anu dijieun ku anak-anak buahna Tarungdawaling. Kukituna para Ing Paya mere kamandang sangkan Soko Ganggalang ngadatangkeun deui Laganastasoma ka karaton pikeun ngamankeun karajaan Jampang Manggung tina gangguan anu dijieun ku Tarungdawaling jeung anak buahna.   

Soko Ganggalang ngagugu kana pamenta para Ing Paya, inyana tuluy ngirim utusan ka Ing Paya Laganastasoma, pikeun menta kasadiaan Laganastasoma mareumkeun bancing pakiwuh anu diakibatkeun Tarungdawaling jeung anak buahna. Laganastasoma nyaluyuan pamenta Soko Ganggalang, inyana nyiapkeun murid-muridna sangkan bisa jadi pasukan pangaman karajaan Jampang Manggung. Sanggeus nepika karatonan Jampang Manggung Laganastasoma mingpin pasukan karajaan Jampang Manggung dibantu ku murid-muridna pikeun numpes pambaruntakan. Sakur-sakur tempat anu diperkirakeun jadi sayang panyumputan anak buah Tarungdawaling dijorag hiji-hiji.   

Najan bari kitu Tarungdawaling oge teu cicingeun manehna satekah polah ngalawan pasukan Laganastasoma, nepika perang rongkah teu bisa dihindarkeun deui. Ngan lila-lila pasukan Tarungdawaling kaleled ku paranarajang pasukan Laganastasoma, manehna ampir tiwas ngan ku kawijakan Laganastasoma, Tarungdawaling anu keur baloboran geutih keuna ku sabetan pedang dipasraskeuh ka bapana Raja Soko Ganggalang.

Rengse ngamankeun karajaan Jampang Manggung, Laganastasoma balik deui ka Pasanggrahan Gunung Manangel, ti harita inyana meunang gelar Resi Pananggelan, atawa Ing Payagung Laganastasoma ti raja Soko Ganggalang. Sabenerna Laganastasoma bisa wae ngarebut tahta minangka ahli waris nu sajati makuta raja Jampang Manggung, ngan Resi Laganastasoma geus ngabuleudkeun diri rek museurkeun hirupna kana ngokolakeun pasanggrahan ngabdi ka masarakat dina sual ajen kamanusaan jeung katabiban.   


Putri Candra Wulan ti Gunung Padang istri Laganastasoma
Tina Jatukrami jeung putri Candrawulan, Laganastasoma boga anak tilu, dua awewe jeung hiji lalaki kayaning : Jamalillah, Sakalillah, Indalana/Jamali Wetan. Ngan Candrawulan teu lila umurna, palastra dina umur ngora. Layona dikurebkeun di gunung Manangel. Ditinggal maot ku Candrawulan, Laganastasoma ngarasa sedih hatena, inyana jadi beuki remen mujasmedi di ponclot gunung Manangel, masrahkeun dirina kana papasten Sang Hyang Widi.

Sataun sanggeus Putri Candrawulan mulih kakalangengan, sodagar beunghar Jema ngajodokeun Laganastasoma ka kulawadetna nyaeta Dewi Niskalawati ti nagri Purwa, tina jatukrami ieu teu boga katurunan.

Kusabab teu mere wae katurunan ka Laganastasoma, Niskalawati ngajodokeun Laganastasoma ka wanoja pahatu lalis Manik Kancala, ngan sanggeus sawatara taun rumah tangga, ti Manik Kancala oge Laganastasoma teu boga katurunan.

Hiji waktu Laganastasoma meunang ondangan raja Cina, sangkan nungkulan gotrasawala para tabib sadunya, kusabab pasanggrahan Pananggelan memang geus kasohor ku olahan obat – obatanana kayaning akar-akaran, kulit jeung daun tutuwuhan anu dipadu jeung cai ti cai nyusu atawa cai serepan. Dina gotrasawala eta Laganastasoma datang minangka utusan karajaan Jampang Manggung, sarta meunang pangawajen ti raja Cina minangka salah saurang Litagung / narasumber. Sanggeus mere piwejang sual katabiban, loba tabib anu kataji nepika milu ka pasanggrahan Panaggelan di Jampang Manggung hayang ningali langsung praktek katabibab di Jampang Manggung, kayaning tabib ti Malabar, Sundapura, Purwakarta, oge tabib awewe Lumiang Tin (Tin Lumiang) ti nagri Cina.

Singket carita Lumiang Tin tuluy dipigawra ku Laganastasoma sarta ngamukim di pasanggrahan Pananggelan. Tina jatukrani jeung Lumiang Tin, lahir dua anak nyaeta hiji lalaki jeung hiji awewe, nyaeta Rahyang Indra Prakarsa jeung Dewi Injil Sari.

Laganastasoma jeung Patih Gajah Panambur/asal muasal ngaran Cugenang
Gajah Panambur teh patih karajaan Jampang Manggung anu kasohor sakti mandraguna, taya jawara anu bisa meruhkeun kasaktianana. Ngaran leutik Patih Gajah Panambur nyaeta Rakean Gintingan najan babakti di karajaan Jampang Manggung anu dipingin ku Soko Ganggalang, inyana patih anu tuhu kana ajaran Purbatisti jeung purbajati ajen karuhun. Kabeneneran inyana tacan rumah tangga, najan masih nonoman waktuna dipuseurkeun keur olah kanuragan jeung mujasmedi ka sang hyang widi.

Hal eta jadi pangirongan Laganastasoma, kusabab adina nyaeta Dewi Sangwangi tacan rumah tangga, masih tuhu ngokolakeun pasanggrahan gunung Geulis jeung indungna. Ari Laganastasoma geus diamanatan ku Sunan Ambu sangkan neangan pisalakieun anu loyog jeung darajat Sangwangi anu geus boga gelar Ing Payagung. Sanggeus mujasmedi tetela anu aya dina panoropongan Laganastasoma ngan Patih Gajah Panambur anu cocog jadi salaki adina. Ngan inyana kudu boga cara sangkan bisa ngajodokeun Sangwangi ka Gajah Panambur anu boga pangkat Patih dikarajaan Jampang Manggung.

Dina waktu anu geus ditangtukeun Laganastasoma nepungan Patih Gajah Panambur di tempat mujasmedina di Jajarsingki, Gajah Panambur ngarasa kaget kadatangan Ing Payagung Laganastasoma anu geus sakitu kamashurna di Jampang Manggung anu kungsi ngubaran kasakit Prabu Soko Ganggalang jeung ngamankeun bancing pakiwuh di karajaan Jampang Manggung. Laganastasoma ditarima hade naker ku Gajah Panambur, inyana apal pisan Laganastasoma geus ngajaul pangkat Resi kalayan gelarna Resi Panaggelan.

Dina sawatara waktu Laganasatasoma tacan ngungkabkeun niatna rek menta kasiadaan Gajah Panambur jadi salaki Dewi Sangwangi. Laganastasoma neuleuman heula pangawaruh Gajah Panambur dina elmu ajen kamanusiaan, ajen pananggelan, ajen galuh jeung ajen galunggung. Dua manusia luhung elmu ieu, dina sababaraha poe papada ngaguar ajen-ajen karuhun, nepika Laganastasoma boga pamadegan yen pangkat jeung darajat Gajah Panambur dina ajen kamanusiaan geus masagi minangka hiji gegeden nagara.

Cunduk kana waktu Laganastasoma ngarasa perlu ngukur kasaktian  elmu kanuragan  Gajah Panambur kusabab nurutkeun pamadeganana Dewi Sangwangi kudu boga salaki anu bisa ngajaga kasalametan kulawargana minangka katurunan raja Jampang Manggung. Sanggeus sapuk duanana ngabuka diri pikeun ngajajal kasaktianana sewang-sewangan, ti mimiti jurus elmu bela diri nepika ngagunakeun ajian-ajian pangwaruhna antukna ijen patutunggalan lumangsung nepika sababaraha poe, ngan lila-lila Gajah Panambur kateter ku panarajang Laganastasoma, inyana nepika teu bisa ngajaga dirina kuserangan kasaktian Laganastasoma nepika labuhna sabaraha kali. Hal ieu jadi pangalaman munggaran pikeun Gajah Panambur, kusabab samemehna inyana tacan pernah aya anu bisa ngelehkeun elmu kasaktianana.

Ari Laganastasoma, bisa ngajajal kasaktian Gajah Panambur lain keur kasombongan, ngan samata-samata hayang narekahan sangkan pisalakieunana lain jalma samaena, tapi bener kauji lahir batin ku dirina.

Sanggeus kitu Laganastasoma ngabejakeun niatna ka Gajah Panambur sangkan narima Dewi Sangwati jadi gerwana. Ngadenge hal eta, Gajah Panambur ngahuleng, teu nyana jalma satingkat resi anu geus bisa ngelehkeun kasaktianaa percaya ka dirina keur jadi bagian kulawarga jadi salaki adina Resi Pananggelan Laganastasoma. Mimitina Gajah Panambur narah kana pamenta eta, kusabab dirina ngarasa teu pantes meunang kahurmatan eta, ngan sanggeus dicaritakeun ku Laganastasoma yen tarekah dirina teu leupas ti pituduh Sang Hyang Widi anu geus nuduhkeun pisalakieun Sangwangi teh Gajah Panambur.

Geus duanana sarua sapuk, Gajah Panambur dirapalan ditikahkeun ka Dewi Sangwangi di Pasanggrahan Gunung Geulis. Tina jatukrami ieu lahir anak lalaki anu engkena nyangkring jabatan jadi Adipati, nyaeta Adipati Ca Genang/Rahiang Genang Damatra anu jadi bibit buit ayana wewengkon dingaran Cugenang  Cianjur.

Sunan Ambu gunung Geulis/Dewi Salangkangpati
Putri Salangkangpati teh prameswari karajaan Jampang Manggung sawaktu rajana Prabu Pita Kumanajaya, inyana teh indungan Ing Payagung Laganastasoma, oge Putri Sangwangi. Samemehna Salangkangpati dumuk di pasanggrahan Panaggelan jeung anak-anakna. Hiji waktu inyana menta ijin ka Laganastasoma anakna hayang nyepen museurkeun diri mujasmedi diwewengkon anyar, wewengkon anyar oge diharepkeun bisa keneh loba tutuwuhan keur ngolah obat-obatan. Antukna Salangkangpati jeung Sangwangi anakna meunag hiji gunung anu merenah pikeun muka pasanggrahan anyar, lila-lila gunung eta sohor disebut gunung Geulis, sanggeus ditempatan ku Salangkangpati jeung Sangwangi. Ngaran eta meunang masarakat anu ningali kageulisan dua putrid Jampang Manggung.

Salangkangpati oge remen disebut Sunan Ambu minangka sebutan panghargaan ti masarakat kitu teamah loyog jeung kaelmuanana anu geus aya dina darajat Ing Payagung.
Putri Salangkangpati remen disebut oge kusababaraha gelar ti masarakat kayaning :

Sunan Ambu Mangkubanyu, Putri Largading, Nyi Mas Galing Muntang Mayang Kembang, atawa Dewi Lintang Mayang Sari,

Sang Hyang Tapak di Gunung Manangel
Laganastasoma palastra dina umur 116 taun , diperkirakeun taun 550 Saka atawa taun 626 M, atawa  M, ngan loba nu yakin yen Resi Pananggelan/ Ing Paya tapak Laganastasoma moksa diponclot gunung Managel, kusabab teu aya kuburana, Laganastasoma ngan ninggalkeun tapak dampal sukuna, nu disebut Sang Hyang Tapak. Laganastasoma ngan ninggalkeun surat yen inyana rek murba, pindah alam pikeun leuwih neuleuman kahirupan sarta ngabimbing sakur katurunana. Laganastasoma oge ngebrehkeun yen tapak suku dina batu teh tapak sukuna, pikeun ciciren hiji waktu katurunana neangan patilasannana. Sedengkeun gerwan-gerwana Candrawulan, Manik Kancala, Dewi Niskala Wati jeung Lumiang Tin  dikurebkeun ngariung sahandapeun batu Sang Hyang Tapak.

Aya catetan dina pedaran tadi yen asal usul kocap Eyang anu ayeuna dipikawanoh ku urang Sunda, eta teh asalna tina kocap Rahyang ngan lila-lila jadi Eyang. Kitu deui kocap akang, atawa engkang, nurutkeun pedaran ieu asalna teh tina kocap Rakean, lila-lila jadi Keang tuluy rubah deui jadi Kang, atawa Akang nepika ayeuna. Sedengkeun kocap Ujang anu ayeuna dipikawanoh asalna teh tina kocap Kujang nyoko kana kagagahan Prabu Kujang Pilawa, ngan lila-lila jadi Ujang diralapkeun pikeun budak lalaki.

Para putra Sang Hyang Tapak/Rahyang Laganastasoma, taya anu nuluykeun jadi raja, kabeh hirup jadi resi ngokolakeun pasanggrahan saperti Rahyang Indalana/Rahyang Jamali Wetan jeung Rahyang Indraprakarsa.

Rahyang Indalana/Rahyang Jamali Wetan diperkirakeun lahir taun 565 Saka atawa 641 M. Sanggeus meunang gelar Ing Payagung Jamali Wetan muka pasanggrahan di wewengkon tebeh kaler semu ngetan pernahna ditungtung buntut gunung Pananggelan / Mananggel. Pasanggrahana dipikawanoh kusebutan Pasanggrahan Jamali Wetan. Lila-lila wewengkon ieu disebut Jamali nepika ayeuna. Rahyang Jamali Wetan ngadahup ka Dewi Antini ti Leuwi Damar, tina jarukrami ieu boga anak opat nyaeta : Sang Damara/Janglar Birawangsa,  Sang Saga/Sanjar Jangala, Dewi Gunjani jeung Kanangasari.

Kaparigelanana ngokolakeun pasanggrahan jeung ngabimbing rahayat make ajen Galuh, ajen Pananggelan jeung Ajen Galunggung hade pisan, sakumaha dicontokeun ku ramana nyaeta Sang Hyang Tapak/Laganastasoma/Resi Pananggelan.

Lian ti ngawangun pasanggrahan di Pasir Sampay/Jamali, Indalana ngawangun pasanggrahan sejenna di sababaraha tempat diantarana pasanggrahan nu dibangun di sisi wahangan Cisokan, di wewengkon sabudeureun gunung Galunggung, di Tanjung Kalapa (ayeunamah Pasar Minggu Jakarta) di daerah Winataro ( Bintaro Jakarta). Nepika ayeuna wahangan anu aya di Bintaro disebutna wahangan Pasanggrahan. Tuluy ngadirikeun pasanggrahan oge di Kebon Wareng pernahna ditempat nu dihapit ku opat jalan, waragad wangunanana make awi bitung nu ditata kalayan hade, sarta dipelakan tangkal Campaka, wewengkon ieu ayeunamah asup kana wilayah Desa Babakan Karet Cianjur.

Sawaktu umur Indalana/Jamali Wetan geus tunggang gunung, tanggung jawab ngokolakeun pasanggrahan dibikeun ka adina sabapa nyaeta Indraprakarsa anu sarua geus ngajaul pangkat resi kalayan gelarna Ing Paya Gung, ka adina ieu Jamali Wetan mihapekeun anak tunggalna nyaeta Janglar Birawangsa anu masih keneh leutik sangkan dididik hade sual bagbagan ajen kamanusiaan jeung elmu sejenna ku Indraprakarsa.

Dina umur 99 taun Rahyang Jamali Wetan palastra, Dikurebkeun di Pasir Sampay diwewengkon anu euyeub ku tanglak Kanyere jeung Karet Ki Munding.

Ari adina Jamali Wetan nu sa bapa nu lalaki nyaeta Indra Prakarsa keur ngorana resep ngalalana jeung ngumbara manggihan dulur-dulur indungna Lumiangtin anu asli ti Cina. Indraparakarsa kungsi ngumbara ka nagara Cina, salila tilu taun. Balik ti Panyabaan, Indraprakarsa dumuk dipasangrarahan alona nyaeta Sang Damara/Janglar Birawangwa. Indraprakarsa wafat dina umur 100 taun, sanggeus palastra dikurebkeun pernahna di luhureun hulu cai Cibalagung disuku gunung Geulis. Indaprakarsa dikurebkeun ku alona anu harita geus jadi raja Jampang Manggung kalayan geular Rahyang Baduga/ Rajamandala, antukna wahangan anu asalna ti hulu cai gunung Geulis eta dingaranna Ciwalaagung ku Rajamandala, hartina aliran cai anu disagedengna aya makam resi anu agung, kabeh dieu ngaran Ciwalaagung jadi Cibalagung. Indraprakarsa sawaktu jumenengna kungsi ngabantuan Janglar Birawangsa ngarebut deui tahta raja Jampang Manggung ti Prabu Kolabasa.   

Ari wewengkon Manangel sanggeus ditinggal moksa ku Sang Hyang Tapak dikokolakeun ku adi-adina Rahyang Jamali Wetan nu saindung sabapa nyaeta Dewi Jamalilah jeung Putri Sakalillah.

Satuluyna Jamalillah ditikah ku Resi Begawan ti gunung Sepuh tina jatukrami ieu lahir : Jaka Bareno (Raja Jampang Manggung) anu nikah ka Dewi Kuncir ti Wanayasa. Jaka Bareno antukna bumen bumen di wewengkon tebeh kaler basisir laut Kidul Sukabumi, tempatna masih keneh disebut CiBareno.

Putra kadua Jamalillah nyaeta Jaka Bayabang anu ngadahup ka Dewi Jangari ti Bungbulang, Jaka Bayabang tuluy dumuk disabudeureun Gunung Gajah. Putra ka tilu Jamalillah nyaeta Jaka Toe (Raja Jampang Manggung) nikah ka Dewi Banitris ti karajaan Tanjung Kalapa (Pasar Minggu Jakarta), laju bumen-bumen di sabudeureun Gunung Agung. Ari putra nu bungsu nyaeta Jaka Dwipa anu remen melak tangkal jambu dimamana, moksa di gunung Gunung Simpang, patilasanna dipageur ku gombong garede, kusabab kitu ku masarakat disebut Eyang Pager Ageung. Anakna Jaka Dwipa aya nu ngamukim di sisi wahangan sungai Musi nyaeta Swarna Dwipa sarta ngarundaykeun katurunan Jampang Manggung di Sumatera , dina jaman Sriwijaya loba kacaturkeun jadi tokoh karajaan Sriwijaya. Putri Jamalillah sok disebut oge Ambu Kancana, dikurebkeun di gunung Kancana.

Ari Sakalilah ditikah ku Rahyang Dangis putra makuta Nagri Purwa/Purwakarta. Tina jatukrami ieu boga anak lalaki ngarana Rakeyan Jaka Murang/Warinajati. Sakalillah moksa di nagri Purwa, patilasanana aya di hiji Lemah Duhur nu disebut Kembang Kuning, ti harita inyana sok disebut Ambu Kembang Kuning atawa Ambu Gading Sagara.
      
Rahyang Baduga Ngarebut Deui Tahta Jampang Manggung. Riwayat ngaran tempat RAJAMANDALA

Sawaktu karajaan Jampang Manggung ngadeg di Cianjur nepika jaman Raja Rahyang Janglar Birawangsa, ditatar Sunda/Jawa Barat karak aya karajaan ti dinasti Salakanagara dituluykeun ku dinastiTarumanagara. Tahta karajaan Jampang Manggung salila puluhan taun pernah dikawasa katurunan bangsa deungeun nyaeta Prabu Sokoganggalang urang Gangga nu asalna beunang ngarebut sawaktu raja Jampang Manggung Pitakumanaya palastra, sedengkeun harita putra makuta Jampang Manggung nyaeta Laganastasoma masih keneh bureuy, karak umur 9 taun. Satuluyna tahta karajaan Jampang Manggung ku Sokoganggalang diwariskeun ka incuna nyaeta Prabu Kolabasa anakna Tarungdawaling. Sedengkeun Laganastasoma ahli waris nu sajati tahta Raja Jampang Manggung sanggeus dewasa milih hirup jadi resi, kitu deu anak-anakna nyaeta Jamali Wetan jeung Indraprakarsa.

Kacaritakeun Sang Damara/Janglar Birawangsa anakna Rahyang Jamali Wetan geus dewasa, inyana boga niat hayang ngarebut deui tahta raja Jampang Manggung anu harita dicangkring ku Prabu Kolabasa, cita-citana diungkabkeun ka Indraprakarsa mamangna. Ngadenge kahayang Sang Damara, Indraprakarsa kacida ngarojongna, ngan tangtu cita-cita eta kudu disiapkeun kalayan daria jeung teu bisa ngadadak, kusabab kitu Indraprakarsa/ Rahyang Girijaya nitah ka Sang Damara alona sangkan ngalalana heula ka sababaraha nagri pikeun nambah pangaweuh sual kanagaraan jeung militer bari nepungan dulur-dulurna anu aya di sababaraha nagari kayaning, Taruma jaya, Agra jeung lainna deui.

Di nagara Taruma Jaya, Sang Damara ngalanana meunang sataun, laju pundah ka nagri Agra ngan hanjakalna harita nagri Agra geus narikolot kusabab loba rahayatna anu ngungsi akibat para pangawasana rebutan tahta. Ti nagri Agra, Damara nuluykeun lalampahanna nyebrang lautan ka Kutai Kartanagara, Kalimantana ayeuna, baheulamah disebut nagri Borneo. Di Kutai,  Damara nepungan para dulurna anu geus bumen-bumen , inyana di wewengkon ieu dumuk meunang  dua taun, tuluy meuntas laut deui nuju ka nagri Sunda Leutik ditutugan gunung Tambora,  Lombok , ti dinya mah laju balik deui ka tatar Sunda Nagri Pusaka ayeunamah Pusaka Nagara Pamanukan.

Ari pangna disebut Nagara Pusaka (Pusaka Nagara) aya sajarahna , baheula eta wewengkon teh kungsi dipilih ku Sri Begawan Pujasera (Raja Resi Agung Aki Manglayang/Aki Manglayung), inyana adina Aki Tirem tea (Sang Tirem Baya atawa disebut oge Sang Aki Mulya Sakti). Aki Manglayung kungsi bumen-bumen jeung masyarakat salila sapuluh taun tapi saenggeus kitu mah inyana pindah jeung masarakatna ka Tanjung Bokor lebakeun Gunung Malabar, sedengkeun sawarehna deui mah anger wae darumuk di Nagri Pusaka (Pusaka Nagara), kaereh ka Pamanukan.

Waktu Damara (Janglar Birawangsa) kadinya, padumukan warga kurang leuwih aya genep puluh kapala kulawarga di kokolotan ku hiji panghulu nu katelah Patih Galingging, sarta ku eta patih masarakatna dierehkeun ka wewengkon ka kawasaan nagara Taruma Jaya.  Ku Patih Galingging, Sang Damara guguru rupa-rupa elmu pangaweruh jeung pangalaman salila dua taun.  

Sanggeus ngumbara ka sababaraha nagri Sang Damara mulih deui ka pakandangan muru pasangrahan Jamali Wetan anu diadegkeun ku bapana nyaeta Rahyang Jamali Wetan, di pasanggrahan ieu dibarengan ku mamangna nyaeta RahyangIndraprakarsa.

Strategi Perang Indrabangsawan
Di pasanggrahaan Jamali Wetan Damara nyiapkeun pasukan pikeun ngarebut tahta Jampang Manggung salila lima bulan. Kakuatan pasukan pikeun ngarurug karaton Jampang Manggung loloba diiluan para nonoman,  pikeun strategi kakuatan dibagi jadi tilu pasukan masing-masing dipimpin ku katurunan Jampang Manggung. Pasukan nu kahiji dipimpin ku Aki Gede/Adipati Cagenang/Rahyang Genang Damatra muserkeun kakuatan pasukan di wewengkon Pasir Gedogan, tuluy ka Sampalan, meuntas susukan Cisungareun, tuluy ka Cibaregbeg, Taraju, Cikanyere, ka Kebon Limus ahirna anjog titonggoheun karaton Jampang Manggung.  

Pasukan kadua dipingpin ku Janglar Birawangsa, samemeh nepika kakaraton Jampang Manggung, mimitina ngaliwatan Kebon Wareng, tuluy ka ponclot gunung Mananggel, gunung Gentong, Pasir Panggung, Bakom, Langkob nepika anjog ti kiduleun  karaton Jampang Mangung, ari pasukan katilu dipingpin ku Indra Prakarsa mimitina pasukan asupna ka Leuwueng Hereup (diperkirakeun ayeunamah kampung muka), tuluy ka Tajur Halang, Cigalonggong, nepika anjog ti wetaneun Jampang Manggung. 

Pasukan Damara aya ribuna, pasukanana dingaran pasukan Indrabangsawan kusabab para pamimpinna katurunan Jampang Manggung nu sajati. Samemeh ngagempur benteng lawan, Damara mere peupeujeuh ka pasukanna sangkan bisa ngarebut tahta Jampang Manggung make cara-cara anu teu ngarempag ajen kamanusiaan, jeung teu meunang ngarogahala musuh anu geus teu walakaya, lian ti eta teu meunang nyusahkeun rahayat.

Pasukan Indrabangsawan disiapkeun kalayan daria, matak sawaktu nalikung karaton Jampang Manggung ti tilu arah teu pati meunang perlawanan anu karasa, eukeur mah pasukan karajaan Prabu Kolabasa geus teu meunang dukungan ti rahayat Jampang manggung. Prabu Kolabasa bisa diturunkeun kalayan damai sarta dihukum pati kusabab salila jadi raja Jampang Manggung geus teu malire rasa-rasa kaadilan rahayat. Sang Damara tuluy diistrenan jadi raja Jampang Manggung kalayan geular Prabu Janglar Birawangsa/ Rahyang Baduga. Rakeyan Sanjar Janggala adina kapeto jadi Patih Jampang Manggung, sedengkeun Indraprahasta dijadikeun panasehat raja.
    
Sang Damara/Rahyang Janglar Birawangsa disebut oge Rahyang Baduga, marentah karajaan kalayan adil paramarta. Kacaritakeun dina hiji waktu nagarana kadatangan rombongan raja Asoka ti India, anu ngungsi kusabab kausir ti karajaanna ku ayana rebutan tahta.

Raja asoka teh rek menta suaka poltik ka Raja Jampang Manggung, sarta masrahkeun diri hayang dijadikeun rahayat Jampang Manggung. Rombongan raja Asoka, ku Janglar Birawangsa dipernahkeun disisi wahangan Citarum Leutik, antukna lila-lila eta pamukinan anyar teh jadi pamukiman anu maju dingaranna Ciasoka nyoko kana asal muasal rahayatna anu urang Asoka ti Indian, ngan ayeunamah disebut Cisokan. Pakampunganana beuki lila beuki mekar, malah nepika ngababakan katempat lainna, laju eta tempat teh dingaranan Babakan Soka ayeuna asup kana wewengkon kacamatan Bojong Picung. urang Cisokan ngarasa hutang budi ka raja Jampang Manggung Janglar Birawangsa, laju ku urang pakampungan Cisokan ngaanugrahan gelar karaja Janglar Birawangsa kusebutan Raja Mandala anu hartina Raja Sawarga. Pamukiman deukeut Cisokan oge antukna disebut kampung Rajamandala, hal eta jadi pangemut-emut ka jasana Rajamandala atawa Rahyang Baduga/ Rahyang Janglar Birawangsa anu gede jasana ka urang Ciasoka anu menta panyalindungan ka Birawangsa.

Janglar Birawangsa kakarek jatukrami dina umur 50 taun, inyana dijodokeun ku mamangna ka katurunan Patih Gajah Panambur/Rakean Gintingan nyaeta Nyai Walini. Ari Nyai Walini taya lian incuna na Adipati Cak Genang, anu ngawasaan wewengkon sabudeureun gunung Aseupan, Manglid, Plung-plong/Palalangon, (wilayah-wilayah ieu ayeuna disebut Cugenang). Adipati Cak Genang teh anakna Patih Gajah Panambur tina jatukrami jeung Dewi Sangwangi. Ari Dewi Sangwangi teh adina Laganastasoma, duanana sarua adi lanceuk anakna Prabu Pitakumanajaya raja Jampang Manggung. Jadi jatukrami antara Rahyang Baduga jeung Nyai Walini mageuhkeun deui sekeseler katurunan Prabu Pitakumanajaya.   
      
Prabu Janglar Birawangsa samemeh turun tina tahta inyana masrahkeun karajaan ka anak cikalna nyaeta Prabu Jaka Baleno/Jaka Toe. Rahyang Janglar Birawangsa tuluy milih hirup mandita, tina mujasmedina inyana meunang ilapat sangkan neuleuman eusi hate sorangan sangkan manggihan jalan deket jeung Sang Hyang Tunggal kujalan tatapa ditujuh tempat anu geus ditangtukeun kayaning Citarum Leutik, Suku Gunung Agung anu loba tangkal Gintungna, tempat anu aya tangkal campaka nu jumlahna 11, Batu Ubur-ubur di Cijampang, Walahar, Kumba-kumba, tuluy Nyangkoek.  Kabeh tempat eta tuluy jadi tempat mujasmedina Rahyang Janglar BIrawangsa, ngan dina tempat anu pamungkas nyaeta di Nyangkoek Rahyang Damara moksa, samemeh murba, inyana wasiat sangkan dipulasara di Nyangkoek. Lila-lila Nyangkoek ganti ngaran jadi kampung Baduga nyoko kana gelar Janglar Birawangwa sanggeus jadi resi nyaeta Rahyang Baduga. Ayeuna patilasanna aya di kampung Baduga Desa Ciandam Kac. Mande. Janglar Birawangsa/Rajamandala ku urang Cianjur remen disebut Eyang Hakekat kusabab Rahyang Baduga dianggap geus nepi hakekatna hirup nyaeta bisa neuleuman hate sorangan sarta nyaho kana Sang Murbeng Alam.


Agama Islam asup ka Jampang Manggung
Salah saurang Raja Jampang Manggung nyaeta Rahiyang Rangga Jaya/Rangga Wulung. Inyana teh anakna Raja Jampang Manggung Rahyang Saduwara anu cikal sedengkeun Rangga Wulung boga adi lalaki nyaeta Rahyang Laksajaya.

Rangga Wulung teh raja sakti, inyana sajaman jeung Sri Baduga Maharaja/Prabu Siliwangi Raja Pajajaran ka I (1482-1521 M)

Malah ku Prabu Siliwangi, Rangga Wulung diaku hade pisan dijadikeun senopati kahurmatan di karajaan Pajajaran. Jaman Prabu Siliwangi agama Islam geus asup ka karaton karajaan Sunda, sanggeus asupna Sang Bratalegawa anakna Prabu Niskala Wastukancana (1371-1475) asup Islam. Malahmah salah saurang prameswari Sri Baduga Maharaja ngagenggem agama Islam nyaeta Ratu Mas Subanglarang, anak-anakna Prabu Siliwangi ti Subanglarang nyaeta Prabu Anom Walangsungsang jeung Ratu Rara Santang oge asup agama Islam.

Kacaritakeun pangaruh agama Islam geus mimiti karasa ka wewengkon karajaan Jampang Manggung. Malah bapana Rangga Wulung nyaeta Rahyang Saduwara anu jadi raja Jampang Manggung geus mulai kataji kana agama Islam, hiji waktu inyana meunang ilapat tina mujasmedinya nyaeta kudu neangan jimat anu bisa ngaleburkeun benda anu teuas, bisa nyambungkeun benda anu buntung, bisa ngadeukeutkeun anu jauh, sarta bisa mere kasampurnaan hirup didunia jeung di alama kalanggengan. Narima ilapat eta Raja Saduwara geuwat marentahkeun anak cikalna nyaeta Rangga Wulung pikeun guguru kamana wae sangkan bisa mawa jimat anu dituduhkeun dina ilapat.

Singket carita,Rangga Wulung kaluar ti karaton Jampang Manggung, ngumbara kamamana, guguru kaunggal jalma luhung sangkan meunang jimat sakumaha anu dituduhkeun ka bapana. Ngan taya hiji oge jalma anu bisa ngajawab siloka anu aya dina ilapat, sabab elmu bisa ngabeulah batu jeung beusi kungsi ditembongkeun ka bapana ngan hal eta teu katarima ku Raja Saduwara. Lalampahan Rangga Wulung nepika ka Karawang anu harita masih keneh disebut Tanjung Jaya. Di karawang Rangga Wulung dituduhkeun ka Syeh Hasanuddin salah saurang waliyulloh anu sohor kusebutan Syeh Quro kusabab sorana halimpu sawaktu maca Al Quran.

Ku Syeh Quro siloka anu aya dina ilapat ka Raja Saduwara dibejer beaskeun yen eta teh nuduhkeun kana agama Islam, agama anyar pikeun urang Sunda harita. Siloka jimat bisa ngalumatkeun benda nu teuas teh nyaeta saripati ibadah dina Islam yen agama Islam mah bisa meruhkeun sifat sarakah jeung durjana dina Islam, ari bisa nyambungkeun nu buntung jeung mere katenangan dunya–akherat nyaeta agama Islam mah agama nu mupusti rasa duduluran antara sasama teu dikasta-kasta, unggal jalma sarua darajatna di hareupeun Alloh SWT nu murbeng alam. Kukituna agama Islam bisa nyambungkeun babarayaan antara umatna anu teu kawates ku bangsa, harta, jeung darajat umatna. Sarta umpana pengkuh tuhu kana ajaran agama Islam bakal mawa kasampurnaan hirup di alam dunya jeung dialam kalanggengan.

Sanggeus meunang piwejang ti Syeh Quro, Rangga Wulung tuluy asup agama Islam. Sarta teu kapalang diajarna nepika munggah haji ka Mekkah, sarta guguru agama Islam nepika meunang gelar ti Syeh Quro ngaran Syeh Abdul Jalil. Sanggeus dianggap masagi dina bagbagan agama Islam, Syeh Abdul jalil/Rangga Wulung diparentahkeun Syeh Quro sangkan nyebarkeun agama Islam. Lalampahanana dimimitian mapay-mapay raratan Pasir Kancah, Subang, gunung Cereme, Indrabumi, Galunggung, Pasir Kendan, Wado, Legok jeung Sumedang, nepika ayeuna diwewengkon anu kungsi ditempatan ku Syeh Abdul Jalil remen disebut leuweung Rangga Wulung. Antukna Syeh Abdul Jalil nepika lemah caina di Jampang Manggung , ngadakwahan ramana nyaeta Rahyang Saduwara jeung adina nyaeta Laksajaya, ti harita rahayat Jampang Manggung ngagenggem agama Islam. Rangga Wulung muserkeun hirupna ngokolakeun pasantren diwewengkon gunung Manangel, tahta raja Jampang Manggung dipasrahkeun ka adina nyaeta Rahyang Laksajaya. Sanggeus palastra Syeh Abdul Jalil/Rangga Wulung dikurebkeun di pasir Sereh Kalurahan Muka Cianjur.   
  

Datangna Raden Jayasasana/Dalem Cikundul. Riwayat ngaran Gekbrong, Pameungpeuk jeung Sukaraja    
  
Sanggeus Syeh Abdul Jalil palastra, karajaan Jampang Manggung teu boga deui ulama anu masagi dina elmu-elmu agama Islam. Pikeun kapentingan eta raja Jampang Manggung Prabu Laksajaya ngirim surat ka Kasultanan Cirebon, sangkan dikirim ulama anu bisa ngajar agama Islam. Lian ti eta Prabu Laksajaya menta ulama anu bisa ngajarkeun carana ngahuma Banjir nyaeta nyawah anu harita geus mimiti sumebar ditatar Sunda. Sanggeus sawatara waktu lilana, ahirna datang ulama ti Cirebon ngaranna Raden Jayasasana rek ngajarkeun agama Islam jeung ngajarkeun cara-cara melak pare disawah, kusabab harita urang Jampang Manggung boga tradisi nu geus lila nyaeta melak pare dihuma.

Raden Jayasasana beuki lila beuki gede pamorna di karajaan Jampang Manggung, malahmah dinikahkeun jeung Dewi Amitri anakna Patih Jampang Manggung, Hibar Palimping. Raja Jampang Manggung Laksajaya teu boga anak lalaki kitu deui jeung Patih Hibar Palimping. Nu matak lian ti ngawuruk agama Islam jeung ngajarkeun carana nyawah, Raden Jayasasana remen dilibatkeun kana urusan pamarentahan jeung pertahanan nagara.

Kacaritakeun hiji waktu Kasultanan Banten ngarurug karajaan Jampang Manggung, nepika hasil ngerid sarupaning kakayaan rahayat Jampang Manggung kayaning ingon-ingon jeung harta banda. Pasukan Banten sanggeus meruhkeun nagara Jampang Manggung laju muru wewengkon Cugenang ayeuna rek balik deui ka Banten. Ngan harita Patih Hibar Palimping jeung Jayasasana geus ngumpulkeun deui pasukan Jampang Manggung tujuanna rek ngagempur balik pasukan Banten anu rek balik deui ka nagara asalna.

Pasukan Banten ahirna kaberik sarta digempur ku pasukan Jampang Manggung dilebah Cugenang ayeuna, nepika kapeungpeuk teu bisa kamamana. Urut meungpeuk kakuatan pasukan Banten, nepika ayeuna disebut kampung Pameungpeuk ayana diwilayah kacamatan Cugenang Cianjur ayeuna.

Sanggeus dipeungpeuk teu kabeh wadyabalad Banten bisa dirurug, sabagean ngarolos diri rek make jalan gedeh, nyalingker ka Nyangkokot heula tuluy ka wewengkon Plung Plong. Asup ka jalan Gedeh anu brasna di lembur Bangkuwong (ayeunamah asup kana wilayah kacamatan Gekbrong). Di sabudeureun Bangkuwong pasukan Banten ngareureuhkeun kacape samarukna moal kaberik ku pasukan Jampang Manggung. Ngan can sabaraha reureuh karak ge gek dariuk kaburu diserang deui ku pasukan Jampang Manggung nepika brong deui perang, ayeuna tempat eta dingaranna Gekbrong. Ngan sabagian deui pasukan Banten bisa ngaroloskeun kadaerah sabudereun Gandasoli, ditempat ieu pisan ahirna pasukan Banten serah bongkokan ka panarajang pasukan Jampang Manggung anu dipingpin ku Patih Hibar Palimping jeung Raden Jayasasana. Tuluy pasukan Banten ngucapkeun sumpah satia ka Jampang Manggung sarta rek satia ka raja Jampang Manggung, eta urut ngucapkeun janji satia the antukna dingaranan Sukaraja, ayeunamah asup ka wilayah Kabupaten Sukabumi.  

Patih Hibar Palimping sanggeus palastra dikurebkeun di kampung Pasucen Cikalong Kulon Cianjur ayeuna, kusabab kitu disebut Mbah Pasucen. Tahta pamarentahan Jampang Manggung satuluyna ku Prabu Laksajaya dipasrahkeun ka Raden Jayasasana anu engkena ngarundaykeun bupati-bupati kabupaten Cianjur. Raden Jayasasana museurkeun pamarentahan disisi wahangan Cikundur, ngan lila-lila ngaran Cikundur diganti jadi Cikundul kusabab Prabu Laksajaya teu bisa ngucapkeun Cikundur kalayan bentes kusabab cadel, antukna ngaran Cikundur jadi Cikundul. Raden Jayasasana sanggeus nyepeng kalungguhan pamarentahan ti Raja Jampang Manggung remen disebut oge Dalem Cikundul. 

Raja Jampang Manggung sejenna
Raja Jampang Manggung sejenna nyaeta Rahiang Sedangding sawaktu bureuy keneh sok disebut Rakean Sedayu, inyana putra cikal Rahiang Tambun. Sedangding boga adi opat belas urang awewe dalapan lalaki genep.

Tina rumah tanggana Sedangding boga anak dua kayaning Rahiang Bilawarna jeung Rahiang Saduwara. Sanggeus Sedangding ngahiang, anu nyangkring raja dikarajaan Jampang Manggung nyaeta Rahiang Bilawarna. Ari Rahiang Saduwara adina kapeto jadi patih. Rahiang Bilawarna ti leuleutik keneh geus resep nyuprih pangarti, paribasa kuru cileuh kentel peujit. Lian ti eta Rahiang Bilawarna samemeh jadi raja resep ngumbara kamamana, guguru kasajumlah ing paya jeung ing payagung. Kusabab remen miang ilmu, Bilawarna lila lelengohan, malahmah dina sual ngabina rumah tangga kasusul ku adina anu boga rumah tangga tiheula. Sudawara adina Bilawarna boga anak lalaki nyaeta ;
1. Rahiang Rangga Jaya (Rangga Wulung) engkena sanggeus jadi ulama janten Syeh Abdul Jalil.
2. Rahiang Laksajaya.

Kusabab pada ngarojong, antukna Bilawarna daek oge boga rumah tangga, kakarak dina umur 50 taun inyana ngabina rumah tangga. Akibat telat boga rumah tangga, sawaktu Bilawarna moksa dina umur 61 taun anak-anakna masih keneh bureuy nyaeta : Rakean Jugala anu karak 7 taun umurna jeung Rakean Purba Sulung anu kakara 2 taun. Kusabab kitu Rahyang Saduwara kapeto ngaganti kadudukan lanceukna jadi Raja Jampang Manggung salila anak-anak Bilawarna tacan sawawa.

Rahyang Saduwara teh raja ririwit remen katarajang kasakit, hiji waktu sawaktu geuringna geus parna inyana ngagero alo-alona Jugala jeung Purba Sulung, sangkan salah sahijina ngagantikeun dirina jadi raja Jampang Manggung. Anu heloka duanana narah jadi raja, kulantaran resep nyuprih elmu, anak-anak Bilawarna ngan saukur menta bagian tina hasil bumi nu teu sabaraha jumlahna. Tahta raja jampang manggung antukna dipasrahkeun ka anak Saduwara anu panggedena nyaeta Rahyang Rangga Jaya (Rangga ulung). Laju pikeun ngaraketkeun kulawarga, Rahyang Purba Sulung ditikahkeun ka Dewi Waras Lika putri cikal Laksajaya.  Ari putra cikal rahyang Bilawarna nyaeta Rahyang Jugala ngadahup ka Dewi Miranti urang Cidadap laut Kidul.

Tina jatukrami antara Purba Sulung jeung Dewi Waras lahir para putra nyaeta : Rahyang Jayaprabuka, Rahyang Jaya Sangkakala, Rahyang Sukadarma, jeung Rahyang Pustika. Sedengkeun tina jatukrami antara Jugala jeung Dewi Miranti ngalahir putra tunggal nyaeta Rahyang Sabrang Japra, engkena Sabrang Japra kasohor minangka salah saurang panglima perang karajaan Pajajaran dina jaman Sri Baduga Maharaja/Prabu Siliwangi. Sabrang Japra remen disebut Embah Japra atawa Eyang Japra makamna aya di Kebun Raya Bogor sagedengeun makam Ratu Galuh Mangku Alam salah saurang gerwa Prabu Siliwangi. 

SUSUNAN RAJA-RAJA JAMPANG MANGGUNG
1. Prabu Kujang Pilawa
2. Prabu Danu Sangkalang
3. Prabu Pitakumanajaya
4. Prabu Soko Ganggalang asalna Patih Prabu Pitakumanajaya
5. Prabu Kolabasa incuna Soko Ganggalang
6. Prabu Janglar Birawangsa buyutna Prabu Pitakumajaya anu ngarebut deui tahta Jampang Manggung ti Prabu Kolabasa.
7. Prabu Jaka Bareno (Jaka Toe)
8. Prabu Galingging
9. Prabu Sopanan
10. Prabu Cantayan.
11. Prabu Gunam (Gunaman)
12. Prabu Galuguh (Rahiang Genangan
13. Rahiang Kartawana
14. Rahiang Gerendeng
15. Rahiang Tambun
16. Rahiang Sedangding (Sedayu)
17. Rahiang Bilawarna
18. Rahiang Saduwara
19. Prabu Mandalawangi
20. Rahiang Ranggawulung/Rangga Jaya, saparantos lebet Islam sarta masantren di pasantren Syeh Quro namina digentos janten Syeh Abdul Jalil.
21. Rahiang Laksajaya (Raja Jampang Manggung Pamungkas)
22. Rahiang Jaya Prabuka pamimpin spiritual urang Cianjur, makamna di kampung Sedong kalurahan Bojong Herang Cianjur.

=================================    
Kenging : Luki Muharam, SST wartawan Tabloid Sunda Galura, Divisi Sejarah Paguyuban Pasundan Kab. Cianjur, Divisi Sejarah Lembaga Kebudayaan Cianjur (LKC).

Baca Juga :

Tidak ada komentar