Carita Ngahiyangna Pajajaran - 23

Lalakon urang lajukeun. Sabab engké jaga Ka batur-batur jeung dulur-dulur nu tadi nindak ka kalér, baris aya nu hiri-déngki. Dina séja nyilih deui Bangsa Sunda, nyaram-nyaram urang Sunda nararineung ka Pajajaran, sabab nu saririk hiri-déngki arinyana siyeun kasili wawangi. Amun Sunda ngadég deui Pajajaran, arinyana arembung ngarti, bong percaya ka Budak Angon nu nyarita Pajajaran téh, lain ngajajarkeun tangkal nu jiga paku. Tapi ngajajarkeun nu salah tinu bener. Jeung ngajajarkeun kabener-bebenerna bener.

Arembung arinyana ngarti, sabab pikir arinyana Pajajaran téh ngahudang-hudang panasaran, nyeunyeuit deui kanyeuri. Nya kanyeuri anu baris ngahudangkeun sukma Sunda! Pajar arinyana harti Sunda téh “suhun semet dada” - Tegesna mah badéga.

Laju saban usuk Bangsa Sunda ku arinyana diteuheulkeun ditareundeutkeun. Bangsa Sunda mudu nurut baé diparéntah digarawékeun kumajarkeun "Sampurnana Nagara Tunggal" ngaran kudu dibantu ku Bangsa Sunda. Padahal héhésé jeung tarahalna,  éta kabéh bagian Sunda. Ngeungeunahna mah nya bagian baé arinyana. Bangsa Sunda diaradukeun. Tapi dasar Sunda babari dipadaya, dasar Sunda ngeunah dipuji, nya araratoh saban-saban disina paséa neunggeulan deungeun ngagelutan batur. Aratohna? Sabab disaban kalang Sunda deui anu unggul, Sunda deui anu meunang, Sunda deui jadi jawara, bari Sunda baé nu jaradi wadal. Tapi anu luhur baé pangkat beuki gedé baé dina kawasa. Lain Sunda anu jawara, lain Sunda anu bébéla.

Engké dina usum ramé papanggungan, jeung anu mamaranggung kamalinaan, liwat budak angong jeung budak anu janggotan ngélingan ka urang Sunda : Bangsa Sunda téh  lain Badéga!

Tapi dasar Sunda loba teuing nu barodo, nya hanteu ngawaro! Ti dinya hanteu kédik anu pabisa-bisa. Séwang-séwang nyieun harti tina Sunda. Tapi harti anu saéstu teu kaharti ku para aji. Teu katorah ku para pujangga. Sabab najan ogé pararinter, arinyana hanteu nyaho-nyaho acan nu kumaha rupa handeuleum jeung kunaha hanjuang siang. Da nyarucruk téh pada kalangsu. Tapi nyarariyar téh  aranggang kénéh, nu aréling barisa ngarti. Ngan barudak Sunda nu keur baringung naréangan indung anu ditundung, marapag bapa pasingsal jalan.

Saha nu jadi indung? Nya aweuhan tina ngaran, ngaran Pajajaran samar. Mantakna ditundung? Sabab teu baé ngarti. Ku naha Sunda dijieun téré? Saha anu nundung? Raja buta ponggawa buta, eujeung Sunda pada baruta! Saha nu jadi bapa? Nya jaman nu baris datang ngahudangkeun sukma Sunda. Ku naha pasingsal jalan? Sabab arinyana hanteu nyaraho Budak angon keur ngalalakon.

Dimana? Di kaléreun lawang gintung, Sakaléreun lawang sakéténg. Naeun sabab hanteu nyaraho? Lantaran harudang saméméh wayah, digarieungkeun kuya bodas, dipadaya ku kuya bodas.

Balukarna? Kanyeuri nu tambah nyeuri, kanineung nu beuki téléb. Nya karuhan, bangsa Sunda eudeuk ngamuk. Tah éta sabab sabab urang mudu manjangkeun lalakon. Amun Sunda ngamuk ulah motah di salah wayah. Sabab amun Sunda ngamuk sabari motah dua raksasa jaradi bobotoh. Balukarna? Rusuh gedé saamparan jagat. Éta rusuh gedé  mémang baris mudu kajadian. Tapi hanteu digara-garakeun ku urang Sunda. Tapi digara-garakeun monyét beureum jeung monyét hideung. Anu jaradi gara-gara gérna perang sanékala.

Keun baé éta mah lain urusan urang, engké ogé ari geus rakacak mah monyét-monyét hideung téh baris nyaraho. Arinyana téh  tinggaleun jaman. Jeung sakabéh Sunda pahilih-hilih. Laju arareungeuh diparakéyan kedok teu neuleu jeblog, da kédok na dijieunan monyét anu harideung. Hideung haté hideung pikir. Datang ka jaman nu geus bodas ogé. Dikudukeun hideung baé hideung térus.

Daréngékeun!
Mimiti ti powé ieu, urang kabéhan parindah alam. Tapi aya baé di jagat ieu kénéh ieu kénéh. Urang ngahiyang, teu kadeuleu ku mata jelema. Pieun engké di wayah di tatar kalér, jagat génjlong ku garuda megarkeun endog. Marulang deui ka alam cara baheula. Urang daratang deui bari kadeuleu. Tapi ngan kadareuleu ku anu areungeuh. Sabab datang urang ngawaruga dina bangsa nu lain selam. Urang galing-gisik jeung sakabéh jéléma, tapi ngan anu kawaris nu engké baris areungeuh.

Salila urang ngahiyang dia kabéhan meunang némbongan. Dia kabéhan meunang nyawara, Tapi aya paryaduan, hanteu meunang  katémbong ku sambarang jéléma, Hanteu meunang némbongan ka sambarang jéléma, Hanteu meunang nyawara ka sambarang jéléma. Cindeukna hanteu meunang ka sambarang jelema. Hanteu meunang di sambarang wayah. Kawidi némbongan kawidi nyawara ngan di wayah mun kapaksa. Dina waktu anu kajurung ku parelu, bari hadé nu mudu jadi balukar a nu némbongan jeung ka anu ditémbongan, ka nu nyawara ka anu dibawa nyarita. Anu ngarempag tangtu bakal kabendon, Lain ku kaula Tapi Ku palolah arinyana!

Déngé!
Nu katémbong teu ngahaja bakal apes salila ti poék ka poék deui atawa ti caang ka wayah deui caang. Aya pamunahna, geuwat dia ngarupakeun maung nu leumpangna ngéléséd sabari tungkul. Anu némbongan ngahaja témbong, teu kawidian hanteu parelu, bakal apés salila opat puluh kali waktu nu tadi, euweuh pamunahna!!!

Nu mantuwan jelema jahat, nu mantuwan jelema jail, tangtu baris keuna bebendon. Sabab Pajajaran mah hanteu ngajar mudu jahat, hanteu widi keuna jail!!! Sabendon anu karitu leungiteun jalan di waktu mulang. Laju jaradi méong nu baris marodar ku pakarang. Euweuh pamunahna!!!

Nu tutulung di hadé gawé, nantuwan lain liliyuran, diwidi laluwasa galing-gisik di duwa alam. Alam jelema biasa jeung alam Pajajaran.

Jelema ti luar kalangan urang, mun nyieun salah ka urang kabina-bina, mun hiri déngki ka urang atawa nganyieun ngahihina Pajajaran, téwak ku dia!

Laju puwat keuna karéta Pajajaran Nu meneran eudeuk ngaliwat. Mun karétana ditarik kuda opat harideung, éta pitandaeun nu salah téh  mudu dihukum. Mun nu narikna kuda opat barodas, éta pitandaeun nu salah teu bisa dihampura.

Mun geus inyana tobat, jangji mowal deui deui ka urang nyieun kateungeunaheun, pulangkeun inyana ka alam inyaman deui. Tapi sina neuleu heula pieun bukti Nagara Pajajaran di séjén alam, alam Pajajaran anu ngahiyang.

Lilana urang ngahiyang opat jaman kalmia datang nu kébelna jangkép opat kali 100 taun. Piliganti saban jaman, ti urang mudu aya anu nyilok hirup babarengan jeung jéléma. Mawa rupa, rupa jelema. Tapi anu mahiwal tinu biasa gawé inyana nengetkeun nu ti musuh jadi deui jéléma. Dina seja ngahaharuwan Pajajaran nyaritakeun uga beunang arinyana nyieun sorangan, ulah dipodaran! Keun sina karojor kasiku ku éta uga. Ayeuna dia kabéhan tuturkeun kaula! Kumaha kula baé!!! Urang papag jaman nu bakal datang, jaman ngadeug deui Pajajaran anu jembar hampurana, nu subur tatanénna, anu béra dagangeunana, Anu ragem jeung papada nu hadé haté. Urang nindak. Pareum...Laju Raja ngudarkeun beubeur, Beubeur cindé, cindé wulung dikébutkeun. Leus...ngileus Ngahiyang

Lajeung batur di buritna Ngahiyangna Pajajaran sakabéh nu satia ka Raja teu katémbong ku panénjo. Pada leungit tina pandeuleu, ngan Si Léngsér hanteu ngaleungit, hanteu leungit hanteu euweuh ngajéntul keur nangkeup tuur, jiga tunggul sémpur eukeur ngabatu.

Ceuk sora Raja nu kadeuleu ngan ku Si Léngsér : "Léngsér!!!kumaha dia?"

Ceuk Si Léngsér nu kadeuleu ku sakabéh nu nareuleu : "Hanteu kumaha!!! Kaula mah Masih panjang kénéh lalakoneun, sabab melang ka nu marulang, nu ka kalér nu ka kulon. Sabab engké Sunda wétan teu ngeunah angeun, Amun Sunda urang di urut dayeuh engké unggul di pangawéruh eujeung leuwih di pangarti, bari jémbar dipangabisa. Najan dina hirup sagala sarwa dangdarat, ku Sunda wétan arinyana baris tampian digiringan, dikuruhan dipendet sunggapan".

Kaula téh  hirup geus kebel jasa, encan nyorang ngarasanan ngeunah seuri. Tapi salawasna ku deungeun deungeun ngarareunah baé diseungseurikeun . Tapi engké hayang kaula nu ngeunah seuri. Hayang resep heuleu ngeunah seuri. Amun engké jaga Sunda wétan ngarerél létah, dicékékan Pajajaran mupulan wadal, da bongan Sunda wétan jeung papada Sunda pagirang girang tampian.

Tapi, ngarah kapaké dijijieun kokolot, ngalétakan ngisangan deungeun. Ngajak Pajajaran urang ngagelutan musuh. Tapi bari sina Pajajaran urang nu katempuhan, dituduh ku Sunda wétan.

Kaula melang ka Pajajaran urang, nu kiwari mulang ka kalér, nu engké jaga terus di kalér dirawaykeun ku sélér sélér. Kaula melang ka arinyana, eudeuk ngalanglangan arinyana, eudeuk nganjang ka budak angon, bari nyolok tukang mantun.

Bari sugan sugan baé kasampak jelema surti nu lantip piker, jeung hadé di hate hadé di lampah jeung rancagé ngarti paéh.

Ceuk sora Raja nu teu kadeuleu : Hadé ari kitu mah. Tapi kaula ulah ku dia deuk dijauhkeun.

Ceuk Si Léngsér : Heu.. euh deuh!

Si Léngsér laju nindak mimiti ka kulon heula, ti kulon laju ka kalér, lajuna mah laju teuing ka manaaa. Tapi najan euweuh nu areungeuh Si Léngsér tetep aya ngalanglangan ngalanglangan.

Ngalanglangan bari nganjang, bari nyilok-nyilok tukang mantun. Inyana mantun ngalalakonkeun nu geus kalakon. Nyaritakeun nu baris datang, eujeung engké tantu kasorang.

Ku saha? Ku sakabéh bangsa urang, anu kajongjonan jadi badéga.

Tapi pantun Si Léngsér, Léngsér Pantun Bogor Pakulonan baris dihaharuwan ku Sunda teu ngeunah angeun. Lantaran Catur Si Léngsér puguh kitu baheulana. Béja Si Léngsér mémang enya di engkéna. Kabéh bukti jadi saksi, begu galuh mumungkus hulu, kuya bodas unggah darmaga, kulit munding jamang lakén.

Si Léngsér ngalalana, Make tanda ti babaheulna eujeung ciri nu tara ganti Si Léngsér sasamping beureum. Samping beureum sému paul. Tapi paul belél jasa. Jamang Si Léngsér?
Jamang nyangsang dina taktak anu kénca, sebut bodas ka ku lécék, sebut hideung da boléas. Gidig inyana? Leumpang noyod rada bongkok. Tara tinggal ti kanéron, disaléndang dikatukangkeun. Sakapeung osok saiket, sakapeung satiung iket, anu semu jeung batik na. Tara bisa disebut tangtu, tapi aya ciri nu moal pahili. Si Léngsér saiket rawing, Si Léngsér sabaju rambéng . Rupa inyana? Bisa ngora tapi joré, bisa kolot tapi kasép, bisa kapeung-kapeung kadeuleuna. Jaga arca atah tatah, jaga kohkol encan anggeus.

Urang tunda di hanjuawang siyang, Urang teundeun di haneuleum siyeum. Ampiheun...pajueun kahareup. Sampeureun anak incu, Téangeun engké jaga.Tanyaeun nu teu nyaraho . Di palébahan urut ngumpul jeung misahna urang Pajajaran, engké jaga ngadeg lembur mawa ngaran Tegal Buleud. Di jaman nu baris datang di dinya baris ngadeg Panggodongan, nu hauna sajangkung kuwung- kuwung. Jeung seuneuna ngagedag-gedag beurang jeung peuting. Keun sina ngagedag gedag! Pikeun di beurang ngahanjuwan garapan. Pikeun di peuting jadi tetenger ka sakur nu keur marapag wayah Pajajaran ngadeg deui.

Lain Pajajaran nu baheula lain Pajajaran nu kiwari anggeus leungit, lain Pajajaran nu diarep-arep ku kahayang. Tapi Pajajaran anu anyar. Anu napak dina uga dina jajaran anu satahap. Sajajar jeung anu satampian dina saleuwi. Nyaéta Pajajaran nu salin ngaran, ngajajar manjang ka wétan, ngalonjor jolok ka kulon. Dirajaan ku nu sabar! Diratuwan ku nu adil! Saha nu baris ngarajaan? Sana anu baris adil jadi ratu? Engké ogé dia nyaraho. Ti mana datangna engké arinyana? Ti sabrang lautan dina mulang anggeus ditudung .

Nyanggakeun.

Baca Juga :

Tidak ada komentar