Wangsit Siliwangi Prabu Nusiya Mulya
Wangsit Siliwangi: Prabu Haris Maung (Nusiya Mulya), Raja Pajajaran ka VIII.
“Sampurasun….seuweu siwi Pajajaran anyar,
Kula datang tinu anggang, ngalongok barina sono,
Lantaran arinyana rea nu geus poho,
Nu matak teu marahi da sok dimumurah,
Kasilih ku wadah luis jeung ginding, tibelat ku adat semah,
Nu ngadon bebetah bari ngaranjah kebon jeung sawah,
Ngaranjah barina melak campuh ngipuk jeung tandur,
Tapi lain melak kapas jeung kalapa,
Tapi ngipuk tandur musuh jeung dulur,
Melak renggang baraya,
Pribumi sina teu eling ka purwadaksina,
Sina linglung ka luluhurna,
Sina benci ka tali paranti,
Ku basa kapir jeung musyrik,
Ku basa kufur jeung takhayul,
Nuduh cenah sesa Hindu.
Sok rajeun aya nu eling
Bari mapay-mapay lacak luluhurna
Wangsit ! Uga ! katut Pusaka
Saha ?
Nyaeta budak angon
Nu imahna di birit leuwi
Nu miskin barina sugih tur tumaninah
Lumantung beurang jeung peuting
Ngangon naon ?
Lain ngangon sapi lain munding
Lain embe lain domba
Lain meri lain soang
Tapi ngangon kalakay daun jati
Ngasuh tutunggul nu saestu
Nu wawuh kana semu
Nu mukit kana wawangi nu sajati
Nu rancage hatena
Nu alus laku lampahna
Nu mitutur ka batur salembur
Nu miwulang ka baraya sauyunan
Naon bawaanna ? bawana teh…
Amparan tegal si awat-awat
Terusan jalanna ka bale aray
Nanggung kaneron butut
Eusina panglay geus nahun beunang ngunum tujuh taun
Naon karesepna ?
Ngelingan kanu keur linglung
Nu asa genah na salah, nu sok ngawur kasintu, nyieuhkeun hayam
Ngajak ngaguar sajarah
Nu ku semah jero ratusan taun digadabah jeung dibeslah
Ngelingan tanpa buruhan
Da lain urang sabrang
Nu ngadon daragang carita
Nu di ukir direka
Sangkan pribumi kabita
Ngelingan yen jati kasilih ku junti
Dayeuh maneuh meuweuh ku manganeuh
Taman endah reujeung subur geus kaliput ku situ
Nagara beunghar ku hutang
Nu pinter ngomongna cowong
Hahaok hareupeun corong
Tapi bari baredegong
Tur bari hareuras beuheung, teu beda ti bedul jeung bagong
Teu daek ngalieuk kanu euweuh
Da pinter kabalinger ieu aing paling bener
Teu awas ku ajag jeung monyet
Nu ngaranjah kebon jeung sawah
Bari ngawut-ngawut dapur batur
Buta-buta nu baruta
Lain buta daruwiksa
Tapi nu dahar taya seubeuhna
Kadedemes hawek careraman
Buta nu sagala beuki
Nu nenjo bari molotot
Panonna nongtot
Teu awas kanu dipincuk ku daun garut diseumat ku merang awi
Sabab gede mata batan pincuk
Samaruk kupat tahu
Ayeuna budak angon !!!
Jongjon ngorehan
Teu hiding kanu ngalarang, nyarekan jeung nyingsieunan
Nu mitnah tur nyangka setan teu didenge teu dilawan
Ditampa ku ikhlas jeung sabar
Dina amparan dibabar
Da hayang mahi sarerea
Ngorehan reujeung manggihan, nyungsi jeung diampihan
Ngahormat kanu kagungan wiwitan
Diteundeun di handeuleum sieum, pikeun anu datang nyampeur
Ditunda di hanjuang siang, nganjangan nu bakal ngala
Saha ?
Nyaeta nu boga hakna, tuluyna budak angon jeung budak janggotan
Regepkeun !
Tuh langit beulah kulon geus beureum
Dibarengan kunu saliduru, sadulur saturunan
Bari dititah batur, parebut eusi dapur
Nu siduru kajongjonan
Atuh heuay merelek bari nundutan
Atuh tigebrus kana durukan
Reuwas hudang pada nafsu
Bari linglung ka dulur saturunan
Seak mesat gobang kabuyutan
Geus areling, nyeh…nyalengir
Geuning saturunan
Regepkeun !
Tuh langit beulah kaler geus beureum euceuy
Didinya ge aya nu saliduru, sadulur saturunan
Bari nungguan beubeuleumannana
Warisan ti luluhur
Teu wudu campuh, parebut bari jeung gelut
Begal nyawa, leungit pati
Garelutna aya nu ngatur (nu di kulon, nu di wetan)
Eta keneh, eta keneh
Ngatur gelut bari dagang
Milu campuh bari untung
Siga sedih tapi seuri
Mucekil loba rejeki
Ladang mimis jeung bedil
Ari urang kumaha ?
Regepkeun !!!
Buta-buta nu baruta garelut deui pada parebut pakan kosong
Nya datang nu boga haqna
Buta teh areraeun
Areraeun gelutna, bari henteu kabaragean
Sabab beak dipake mayar hutang
Regepkeun !!!
Jaman riweuh beuki maceuh
Pacampuh ketir jeung keueung
Kabeh pada nareangan budak angon
Nu imahna di birit leuwi
Pantona batu satangtung
Hateupna handeuleum sieum
Tihangna hanjuang siang
Babarengan jeung budak janggotan
Bejana geus nindak di lebak cawene
Bari buburak ku panglay beunang ngunum tujuh taun
Bisi aya nu katumpangan
Regepkeun !!!
Dimana engke gunung gede geus bitu
Bari disusul ku tujuh gunung
Pek tareangan eta budak angon jeung budak janggotan
Tuh di lebak cawene
Ngan omat ulah ngalieuk ka tukang.
Cag ! Sakitu, geura narindak.
Mugia aya manfaatna.
___________________
Ieu Naskah Dokumentasi kenging ibu Hj. Netti Medina (alm).
Post a Comment