Carita Ngahiyangna Pajajaran - 22


Lajeung!

Laju ngamuk bangsa urang! Tapi ngararamuk teu maké aturan. Loba anu pararaéh teu boga dosa, puguh musuh dijieun batur, puguh batur disébut musuh. Ngadak-ngadak loba nu jaradi pangkat, tapi mararéntah cara nu édan. Nu baringung beuki baringung, Nu teu bingung jadi bingung. 

Budak satepak jaradi bapa, nu ngaramuk beuki loba beuki rosa. Mani sahéng sanagara sabab anu ngaramuk hanteu béda tawon dipaléngpéng sayang. Sakur anu hanteu sapikiran sapangadegan, najan teu biluk ka musuh ogé laju baé disébut musuh. Datang katambah loba anu diparaéhan teu puguh dosa. Sabuwana dijijieun jagal, sabab nu sabangsa eujeung urang laju perang ngalawan dua welas bangsa ti lima nagara. Tapi kaburu disapih, ku nu daratang ti tanah sabrang.

Laju diurang ngadég Raja! Jelemana mah jelema biasa. Ngan disarebut hanteu puguh indung hanteu puguh bapa. Tapi saenyana mah memang titisan. Titisan sukma Raja jaman baheula. Tapi ngindung ka Putri Déwata bangsa kadéwan. Da puguh titisan Raja, Raja anyar hésé apés ku rogahala.

Ti harita, ganti deui jaman, ganti jaman ganti lalakon! Iraha mimitina ganti jaman? Ti mimiti ngadég Raja. Iraha mimitina ganti lalakon? Hanteu kébel, anggeus témbong bulan ti beurang di susul kaliwatan ku béntang gedé caang ngagenclang. Di urut Nagara Pajajaran Girang ngadég deui Karajaan, tapi nu jadi Raja. Lain teureuh Pajajaran éta! Di urang laju deui aya Raja! Tapi Raja para Buta, diponggawaan ku buta-buta! Nu jadi Raja lain baé buta duruwiksa, tapi buta ogé teu bisa neuleu. Buhaya eujeung monyét, ucing gering eujeung ajag ngarowotan somah bari disangsara disusah-susah.

Karesepna éta Raja diagung-agung diugung-ugung. Ngadégkeun panto teu bisa molongo. Ngadégkeun lawang teu bisa muka. Miara heulang dina caringin, nyinyieunan pancuran diténgah jalan. Da Rajana...Raja panyélang! Da ngaran géh jadi Raja karésép sakahayang inyana. Hanteu meunang dicaram hanteu meunang dihulag. Sakalina aya anu wani ngageuingkeun anu diporog ku ponggawa buta.

Lain sato-sato nu ngarowotan somah, tapi jelemana anu ngageuingkeun ngélingan Raja. Da puguh buta-buta jaradi ponggawa, beuki hareup beuki hareup, Raja buta beuki ngabéka.

Jangji inyana mah kieu, tapi titah inyana mah kitu. Nitah kitu, tapi jangji inyana mah hanteu dibuktikeun. Raja jangji eudeuk ngagungkeun Agama. Anu jadi gara-gara urang kiwari aya didieu. Tapi lajuna mah sakabéh urang Sélam ku inyana dikudukeun saban-saban nyenyembah deui berhala digantung ditaweuran.

Raja jangji eudeuk nyieun somah pada jembar eujeung raharja. Tapi nitah ngagarap sawah di salah wayah. Bubutut salah nu ngatur, panarat pabeulit dina cacadan. Da atuh anu ku Raja dititah ngawaluku lain jelema prah tarani. Laju na mah kembang taraté paéh sawaréh, kémbang kapas teu jadi nareuleu, buah paré loba anu nareuleu hanteu bisa asup dina haseupan.

Da anu ngarebonna, Tukang barohong! Anu taranina, ngan wungkul jangji! Anu daragang, ngan ngaranjap nu balanja! Anu jaradi pagawé, loba lunta mawan aja! Jeung ari garawé ngahaja dilila-lila! Ngarah somah nu disususah rurubaha méré loba! Anu jaradi ponggawa, barareunghar tina babangsat! Sararénang tina ruruba dararagang, tapi bari nyieun susah usaha somah.

Modal dagang arinyana? Nya pangkat jeung kakawasaan nu ku arinyana diparaké nyaringsieunan. Datang ka anu geus sarieun méméh disaringsieunan, méré kauntungan nginjeumkeun modal. Tapi modal anu moal bisa ditagih deui!

Kumaha arinyana dagang? Daragang bari monggawa, datang ka pagawéan méh sakabéh hancaeun gatrah! Lain ku sabab daragang, tapi mémang teu barisa gawé! Lain hanteu bisa gawé ku sabab barodo, tapi lantaran pararinteur teuing. Ngan pararinteur kabalingeur. Ti dinya, salega buwana jadi hakaneun beuki marahal, jadi somah beuki baringung.

Sampurasun, Batur urang susul nu kaliwat jauh, Harita jaman laju ganti deui. Asup keuna jaman sato. Jelema dikawasaan sato. Jelema hayang paloba-loba sato. Jelema beuki loba nu cara sato. Di jaman éta nya datang budak janggotan, sajaman ku jaman hideung, sasamping ku samping hideung. Nyorén kanéron tapi teu hideung, nyana ngageuingkeun anu keur sasar ngélingan nu kamalinaan, méré nyaho ka nu paroho. Tapi euweuh nu ngawararo. Boro boro deuk ngawaro, Budak janggotan ogé ku arinyana ditaréwak diasupkeun ka pangbérokan.

Arinyana hanteu areungeuh, haseup ti pirunan ngebulna beureum. Ditariyupan ku monyét- monyét anu bareureum. Laju anu kamalinaan arembung ngawaro. Ngacak ngacak heula saban pasar, laju ngawut-ngawut dapur batur manyar arinyana néyangan musuh. Padahal arinyana nyiar nyiar pirusuheun. Sabab arambeuk dipajarkeun teu barisa ngatur nagara. Padahal arinyana nyaraho, monyét arinyana nu haréjo, Monyét arinyana nu garading. Saban monyét nu arinyana beuki kamalinaan mararabok kakawasaan.

Padahal arinyana pada nyaho. Éta téh puguh géh monyét, hayoh dibaréré kakawasaan! Ku naha ngarantép sina monyét-monyét kamalinaan? Sabab Raja arinyana anu nyontowan, senang téh. Kudu keur hirup. Beunghar téh meungpeung keur pangkat. Ngarah kapangkatan gedé kakawasaan. Kudu monyét-monyét dijieun balad, bari méré monyét-monyét kakawasaan.

Saha, saha anu wani mumpang! Ka pangkat meujeuh kawasa, kawasa meujeuh keur jaya, ka nu keur jaya meujeuh keur beunghar? Atuh eudeuk kumaha? Da inyana Raja géh Raja panyélang. Najan pagawé jeung ponggawa inyana anu saralah ogé, najan pagawé jeung ponggawa inyana nyuyusah somah ogé ku inyana diingkeun baé! Da puguh Raja dipindah sukma. Kajayaan buta-buta jaradi ponggawa jeung pagawé, Kakawasaan monyét-monyét anu marabok lilana ngan duwa kali ganti Raja Panyélang. Katilu ngadég, Tapi mahi lila pikeun somah kacida sangsara, datang ka somah ngarep-ngarep sing Caringin reuntas di alun-alun. Sing buta-buta jaradi wadal, wadal polah kénéh arinyana. Saban ganti Raja panyélang baris aya Caringin Reuntas, Tapi reuntas na hanteu saruwa.

Iraha bari mimiti aya Caringin reuntas? Engké amun geus témbong budak angon datang ngabéjaan anggeus laguna ngarakrak panggung enggon kacolah anu éédanan jaradi édan.Geus datang keuna dawuh, mudu dirubuhkeun jeung didudutan. Budak angon hanteu diwaro! Tapi laju loba nu rarebut. Mimiti ti jero dapur, ti dapur laju salembur, ti salembur laju jadi sanagara. Tapi panggung réyod mah hanteu diburak.

Nu barodo jaradi gélo, ngaharepkeun anak ciung. Budak buncireung nyumputkeun monyét beureum dina caringin, caringin na laju teuntas. Tapi...panggung réyod mah hanteu dirakrak. Nu barodo garélo deui! Diarojok-ojok monyét hideung, nu ditipu ku monyét beureum. Arinyana harayang sina bulan jeung béntang baé nnu beurang peuting nyaangan jagat ieu . Arinyana mararaksa, manuk ciung ulah disebut ciung!

Ti dinya loba deui anu raribut! Mimiti ti dapur deui, ti dapur dapur jadi salembur, ti salembur jadi deui sanagara. Anu karanceuh laju garélut, diarojok-ojok deui monyét beureum. Nu nyararu jadi monyét harideung bulu, harideung létah harideung deuleu. Tapi beureum haté jeung beureum seja.

Seja ngabeureumkeun sajagat ieu. Nu kataripu laju garelut, ngagelutan sakur anu hanteu saruwa dina sinembah. Ngagelutan batur-batur nu geus areungeuh keuna ditipu. Dimana-mana beuki loba nu deuk garélut. Ngan anu aréling pada caricing, arinyana mah ngalalajowan. Tapi … kabeurangan.

Naeun sabab mantak garélut? Marebutkeun warisan saméméh wayah. Nu haraweuk hayang panglobana, nu teu daék harayang loba, nu kudu kawaris mararénta bagian arinyana. Tapi warisan mah euweuh saurang anu kabagéan, sabab geus direbut ku urang sabrang nyekel gadéan.

Caringin anu keur eunyeuh reuntasna kabawa caah. Monyét hideung karebut ka sabrang deui. Tapi monyét-monyét anu beureum diantép intip dipipir leuit. Ari monyét-monyét anu haréjo arembung turun ti luhur panggung. Panggung rubuh! Dirubuhkeun talaga bedah, anu bedah ku lini deui. Kuya bodas, anjing bodas, buhaya bodas, mararodar diséréd guntur.

Ngan béas bodas leuleungitna lain kabawa caah. tapi diacak-acak deui ku monyét beureum, diacak-acak deui monyét-monyét anu haréjo. Diacak acak deui monyét-monyét anu garading, Jeung ku begu-begu nu sarupa jelema.

Urang wétan anu geus hareudang ku urang kulon nu keur hudang. Hariwang keuna wayah Urang Sunda baris hudang! Kujang Sunda titinggal kaula sina ditarépa deui di sabrang wétan!

Sunda pagirang-girang deui tampian. Di mana-mana raribut deui mararebutkeun leuit anu kararosong. Mararebutkeun jojodog pada caropong. Rebut! Beuki rebut beuki rusuh Buta-buta laju nyarusup. Sakabéh rupa monyét pada haliwu, sabab sarieun ditareumpuhkeun beulahna samangka. Da mémang heueuh lapurna nagara téh gara-gara arinyana keukeuh harayang baé  pangkawasana! Geus hanteu barerék ogé keukeuh baé mudu turut ngatur nagara.

Urang sunda diaradukeun deui, da Sundana Sunda goblog! Teu arareungeuh diaradukeun! Laju maséaan sakur anu ditaruduhkeun, maséaan deungeun maséaan batur. Sunda maséaan Sunda kénéh! Ngan Sunda nu aréling hanteu paraséa hanteu pagirang-girang tampian. Tapi kabarérang, sabab Sunda burung paséa jeung sunda édan. Sunda édan maséaan Sunda nu teu burung hanteu édan.

Salégana nagara cara keur kahuruwan loba seuneu loba cai, tah didinya mah kara nyarariyar budak angon seja arinyana deuk marénta tumbal. Tapi budak angon anggeus euweuh, geus euweuh dibirit leuwi, geus euweuh panto batu satangtung, tapi haneuleum nu dijieun hateup hanjuang nu dijieun tihang euweuh anu areungeuh jadi pipihan handapeun Pakujajar Ki Paharé. Anu kasampak ku anu ngariyat ngan kari gagak nu keur ngelak dina tutunggul, ngabéjaan, tapi euweuh saurang anu ngararti. Padahal gagak téh ngabéjaan “samangka geus asak di Tegalan Pangperangan.” Tah éta pitumbaleun pikeun pamunah. Daréngékeun! Perang di tegalan geus moal aya anu bisa ngahalang-halang. Sabab geus karep para lulugu wétan. Tapi bisa dikiyasan abéh ulah datang deui ka Sunda béak kaluluh. Sabab Pajajaran mudu ngadég deui. Mandiri deui jadi Nagara anu néngah dina jajaran! Saamparan eujeung satahap jeung Nagara nagara anu sahaté! Lajeung batur! Léngsér!!!

Ceuk Si Léngsér jauh ti tengah-tengah tegal : "Nun!!!!

Ceuk Raja anu harita jadi kénéh Raja, tapi ngan Raja dina sébutan, sabab Nagara inyana mah geus dibogaan deungeun : Kiyasna, Léngsér. kumaha tah kiyasna? Si Léngsér laju ngomong, tapi ku Raja hanteu kadéngé.

Ceuk Raja tanpa Nagara : "Teu kadéngé. Ngomong bé dia téh torék. Lain torék dina ceuli, tapi torék dina pikir. Pikir atuh! Keur jadi kénéh Raja, mémang kaula anu mudu datang ka Raja. Tapi lantaran dia ayeuna, Geus écag ti jadi Raja, nya atuh anu ngora anu mudu nyampeurkeun ka anu kolotan".

“Heueuh bénér”. ceuk Raja bari nyampeurkeun. Raja nyampeurkeun Si Léngsér. Si Léngsér nyampeurkeun Raja. Laju arinyana  nyarampeurkeun kokolot nu tilu jadi lulugu. Ngaluluguwan Pajajaran nu eudeuk ka kalér.

Laju Si Léngsér haréwos : "Ulah ngugung ngugung monyét hideung. Ulah siyeun ku monyét beureum. Ulah ngéléhan baé ka urang wétan. Ulah mundur ku urang kulon. Tapi kalébétkeun umbul umbul Pajajaran anu bodas sabari hideung disulaman Kujang lalayanah  jeung pakujajar".

Ceuk Raja : "Tah kitu! Tengerkeun jaman ganti deui, nyaéta jaman anu baris muka lawang pieun mapag powé Nu mawa jaya tina sangsara. Wayah datang Raja panyélang anu kadua ditandaan heula ku bitu gunung gédé. Laju disusul ku tujuh gunung pada garedé. Wayah bakal dilelemahna tegal pangperangan. Amun parek ka urut punduk leuwi Ki Pata Hunan, geus malang cukang nu nyéla bumi. Girangeun eréng di kutu lampah nu nyabrang geus mudu dina érétan. Jig! geura narindak! Tapi ulah ngaliyeuk ka tukang, ngan sing awas neulé ka hareup. Sing telek neuleu ka kénca, sing teges neuleu ka beulah katuhu. Di tukang mah batur-batur ti Pajajaran anu ngaranteur. Laju nindak anu narindak eudeuk ka kalér ka dayeuh panineungan samar kasampak. Tapi tetep ngadeg jero harigu saban Sunda Pajajaran".

Ceuk Raja : "ka anu sakabéh anu marisah ka Beulah kidul : Batur batur! dulur dulur! Sakabéh anak sakabéh incu, buyut, cangah, boa eujeung waréng. Jeung sakabéh Sunda Pajajaran anu sajati. Mimiti powé ieu Pajajaran ganti jaman, ganti alam teruseun hirup. Lain urang ngaganti alam ngaganti jaman, tapi urang diganti alam ku ganti jaman. Mimiti powé ieu  Pajajaran pindah ti jaman wasa carita ka jaman jadi carita. Ti alam hirup saméméh paéh ka alam paéh saméméh hirup. Sabab hirup terus-terus. Jéro angen Bangsa Sunda anu Pajajaran dingaran Sunda".

Baca Juga :

Tidak ada komentar