Carita Ngahiyangna Pajajaran - 19

Lajeung ah!

Salila urang Sunda barisa kénéh nyaratu kéjo mémang ngaran Gusti bakal diparopohokeun. Tapi éngké baris datang jaman Urang Sunda harayang disarébut Bangsa Sunda, jeung harayang diaraku rawayan Pajajaran. Gara-gara keuna panggung sasémaya, Budak angon ngalungkeun sayang tawon, sabab inyana geus sebel jasa neuleu monyét-monyét rarajaan.

Bari ngékékésék somah anu mudu manjakan bari nyuguhan. Tah ku éta budak angon anu éta loba urang Sunda jadi panasaran laju ngarukcruk ngiku ngoréhan. Pada pada harayang nyaho saha saenyana nu ku Pantun disebut-sebut Prabu Siliwangi.

Kiwari musuh meujeuh keur jaya, lain lawaneun di wayah kieu. Mending ogé ngéléhan heula. Lain ngéléhan urang ka musuh, tapi ngéléhan gé urang ka waktu. Lain wayah, kiwari urang ngabalés.

Apan éngké di jaman anu bakal kasorang, bakal nangtung jelema jangkung, tutunjuk di alun-alun.Tah éta! Éta anu engké baris mangnalukkeun musuh. Ayeuna mah hayu urang nyabrang, urang ngadegkeun dayeuh deui, dayeuh anyar di Nusa Larang.

Ceuk Raja : "Ari kitu mah, atuh hade! Ngaing nurut ka dia Léngsér. Urang nindak ka panyabrangan".

Curug anu tadi, engké téh  disarebutna curug pamerangan, sabab didinya si Léngsér merangan napsu Raja. Ngan baé, kiwari aya sababaraha curug anu dipajarkeun Curug Pamerangan, datang ka euweuh anu nyaho deui. Bener anu mana anu saényana curug pamerangan anu saéstu.

Ti curug anu tadi urang Pajajaran nararindak mapay ka hilir. Datang ka palébahan tungturunan anu kaurugan unggul unggulan ku wungkul talapok awi.

Engké jaga di palebah dinya aya lembur leutik anu boga ngaran Salumpit. Di lebah dinya kabéhan nyararabrang laju unggah ka sabrang wétan. Datang deui ka lebahan anu datar.

Ceuk Raja : "Léngsér jiga na mah di dieu ogé hadé".

Ceuk Si Léngsér : "Jigana mah hanteu hade, amun Gusti di dieu ngadégkeun dayeuh. Tah éta geuning ciri cirina, tanah di dieu téh labuhan bulan. Mantak gé Gusti ari jadi Raja téh ulah sok téténjrag kamalinaan. Tah kieu jadina, di sagala ieu taneuh jampang jadi bé ngali sumur téh hanteu meunang sakali kali karep baé".

Sabab di handap di jero taneuh loba lebah anu karancang. Kapeung kapeung di jerona taneuh téh copang cara sumur nyao teuin saha nu ngalina. Tapi jérona jiga parat tembus jagat.

Jeung deui amun di dieu ngadeug dayeuh engkéna téh narik kolot. Tapi amun di jieun babakan  engkéna téh baris jadi lembur gedé anu subur pieun nu suhud, baris jembar pikeun nu sabar. Jeung pibetaheun pikeun nu haradé pangadegan.

Datang kiwari éta babakan aya kénéh disebutna ogé Pangadegan. Tapi anu kiwari disebut babakan jeung anu disebut Pangadegan lain lembur-lembur anu baheula dicicingan urang Pajajaran sabab babakan pangadegan anu baheula mah ayana téh  parek ka situ hiyang, anu harita ngababakan.

Ngan aya tilu kurén urang Pajajaran anu séjén na mah, laju deui nuturkeun Raja ka panyabrangan, narindak ngétan ngidul ngétan deui térus ka kidul. Anjog ka tegalan lega jasa anu jadi sampalan Banténg jeung manjangan.

Harita mah tegal téh buleud, lobana batu teuwas hideung jeung harérang...Bari nanggowan batur batur nu pandeuri Raja ngarereb di tegalan buleud barengan batu hideungna.

Si Léngsér jeung para kokolot, para sambilan jeung para jaro haliwu nyieun parahu. Ngarakit rakitkeun bitung pigétékeun.Genep beurang genep peuting parahu-parahu kari ngadayung. Géték-géték kari ngabaséh jeung kari nulak.

Laju datang peuting anu ka tujuh kabéhan pada sadiya, sadiya timbel pagedé gedé, sadiya leumeung pagedé gedé. Sadiya lodong pagédé-gédé, sabab beurangna kabéhan eudeuk nyarabrang, ngaranna ogé anu deuk nyarabrang ka Nusa Larang, anggang jasa ti daratan jauh jasa ti panyebrangan.

Karuhan mudu mani bebekelan lauk mah kari nambay baé di sagara. Tapi ari nginum mah, da nga pényu eujeung lauk nu sok ngimun cai sagara mah. Mantakna urang Pajajaran marekel cai pieun inumeun, cai pancuran paloba-loba dina lodong pagedé-gedé.

Tunda!

Baca Juga :

Tidak ada komentar