Carita Ngahiyangna Pajajaran - 18


Lajeung batur!

Raja beuki ambek baé. Lain ambek ka Si Léngsér, lain ambek lantaran dipapatahan. Tapi ambek beuki ambek sabab nyeri tambah nyeri, mudu éléh sabab di hurup. Amun musuh ngan sanagara mah lain musuh anu dibantuan tilu nagara, Éléh géh Teu panasaran. Parabu Agung Siliwangi Raja Sunda, inyana mundur kadesek. Kudu éléh? Éléh.? Lain Parabu Agungna anu éléh, lain Raja Sunda anu éléh. Tapi mémang Bangsa Sunda anu kudu éléh Kadesek di Jaman harita, kadesek di Jaman kiwari. Malah éléh di jaman nu eukeur datang.

Kadésék kaéléhkeun, salilana opat jaman, nu kabehna opat kali jangkep 100 taun. Raja Pajajaran ambek jasa, keur ambek bari téténjrag. Datang taneuh salega jampang Mani eundeur cara keur lini.

Loba lebah anu urug, lain urug taneuh ti ruhur, tapi arurug pating gerebro, blangblong cararopong dijéro taneuh, cara sumur dihandapeun kulit taneuh pangluhurna. Tah kitu sabab-sababna datang ka kiwari di tanah jampang loba lahan ngadak-ngadak cararopong euweuh nu ngali, jariga sumur euweuh dasarna.

Ceuk Raja: Mun Nagara geus karebut musuh. Tapi ngaing teu ojah baé, Léngsér Pajajaran baris musna sagala galana. Malahan engké di jaga bakal dipararungkir urang dihurup.

Bari dipajarkeun ceunah lain arinyana mararaksa, lain arinyana nitah ganti sinembah bari gobang diabar-abar.

Tapi Pajajaran musna téh lantaran ngalawan sembaheun anyar bawa arinyana.

Léngsér! Saha anu jaga deuk jadi saksi? Pieun méré nyaho saheueuhna, lain Pajajaran nu nangtang perang, ain mungpang boro bedegong. Lain hanteu purun ganti Sinembaheun.

Lain ngalawan Sémbaheun anyar. Tapi sabénérna saheueuhna Pajajaran téh manadeh keuna dipaksa.

Lain sembaheun anyar nu teu di aku, tapi Pajajaran teu sudi ganti Sembaheun. Ari bari mudu jadi badéga ngagung-ngagung nu ku urang mawa éta sembaheun.

Léngsér! Amun ngaing mudu ngawaro sia, teu béda ngAing téh siki dipelak jero pirunan hurung. Tilok eundeuk bisa jadi pepetétan.

Ceuk Léngsér : Gustiii..,Lalakon urang geus digalurkeun, ditetepkeun ku Nu nyieun lalakon, lalakon jagat Pajajaran, Lalakon alam Sunda Papantunan. Urang Gusti anu ngalalakonna. Lain urang anu nyieun lalakon mah. Anu nyieunna mah tuh itu Nu di ditu...Nu Kawasa Sagala Wenang, Nu Ngusikkeun Nu Malikeun, Nu Nguripan Ngahirupkeun.

Mun ceuk Inyana mudu kieu, ceuk Inyana mudu kitu saaaaha nu eudeuk bisa mungpang Jaya atawa Apes...? Hanteu biisa siki jero pirunan hurung  di buritna jadi pepetétan?

Gusti! (Curuk Si Léngsér bari nunjuk kaluhur) Hanteu mudu bahan piéweuheun, ari gawé inyana eundeuk dikitukeun mah.

Geura! Kabéh cai. Naméh jaradi walungan gedé. Bijil heula tina liang, di pagunungan anu jauh ti muharana. Muharana ngocorkeun keuna sagara.

Tétéla cai anu ti gunung sakitu jauh geuning bisa datang ka sagara jauh, bisa tépung eujeung laut. Tapi laut? sagara? Tilok eundeuk bisa nganjang ka sirah cai walungan anu di gunung sakitu jauh? Tapi amun anggeus datang keuna wayah diusikeun ku Anu Nyieun lalakon, ngan saséblok Gusti, najan di daratan anu anggang luhur gunung anu jauh, saséblok Gusti ngan saséblok ku sagara bisa kalimpas.

Ceuk Raja bari neuleukeun curug : Heueuh!!! Tapi nahaeun atuh gunana di Nusa Larang naded dayeuh, tapi Nagara nga saribak ampok-ampok? Ari anu lelegana direbut musuh. Amun Nagara lelegana jeung dayeuhna geus karebut musuh, Nagara-Nagarana bakal leungit digaranti. Leungit ngaran Nagara ogé leungit ngaran ngaing. Ngaing deuk mulang deui, sorangan! Ka sia Léngsér ngaing mihapé, amun ngaing ninggang di apes mudu jadi babatang di tegalan pangperangan, jaga ku sia sing ngaran Pajajaran. Ulah bisa datang ka laas diusap jaman! Ulah bisa lebur ngawun ngawun, ulah beunang ku angin dibawa leungit!

Ceuk Si Léngsér : "Urusan ngaran Pajajaran mah ulah salempang. Loba tukang mantun ieuh. Tapi amun eudeuk perang sorangan baé ulah. Sabab kapiran! Geura...tegaskeun atuh. Tina déngdékna matapowé, tina baranangna béntang janari, tina handuru maung ngagaur parek ka isuk. Tina manuk dudut sora nyalatok, apanan geuning sakitu angeus tétéla urang téh  eukeur malang dina apes. Mun ngalawan musuh meujeuh keur jaya. Leungitan ngaran mah ulah salempang, sabab ngaran hadé téh paméré batur, ngaran goréng mah rékaan musuh. Ari ngaran Gusti mah apanan SILIWANGI, Lain Wawangi anu kasilih! Tapi Silih dina harti basa urang, Basa urang Pajajaran. Harti Silih di basa urang nya éta Langgeng. Ari Wangi, kudu dihartikeun ku basa urang. Ulah dihartikeun ku séjén basa. Najan saruwa dina Sundana. Sabab Wangi basa Pajajaran, hartina téh Kasucian anu Sajati. Ulah salempang. Ngaran Gusti moal leungit. Sabab najan dilebur ku nu harasud, moal ngaran Gusti baris leungit, moal musna ku supata, moal leungit ku panglarang. Lantaran saban jaman Wangi deui Wangi deui, tina Pakujajar beukah kembang  eujeung baris tetep baé langgéng, diaweuhkeun ku celuk Pantun". 

Tunda!

Baca Juga :

Tidak ada komentar