Carita Ngahiyangna Pajajaran - 20

Lajeung! Bray beurang!

Kabéhan narindak ka basisir. Tapi barang anggeus parek, laut téh  ngadak ngadak caah bari motah pikakeu eungeun. Ombak ombakna luncat ka darat kaluhurna salaput haur.
Ceuk Raja : "Ku naha kiéh?"

Ceuk Léngsér : Mémang kieu. Mantak kieu, sabab kitu, sabab anggeus meureun mudu kieu lalakon urang téh, ngan datang ka lébah dieu.

Laju Raja téh ceurik. Si Léngsér ogé laju ceurik. Balad-balad ngarilu ceurik. Kolot budak pada ceurik. Pada ceurik careurik sedih.

Sabab geuning heueuh, najan malik najan usik, moal malik moal usik, lamun malik na teu diusikkeun. Kasaha? Ku Raja sakabéh Raja! Ku Guru sakabéh Guru! Nu ngaraton teu maké waton, nu imah inyana caang ngagenclang. Nya inyana nu ngabogaan sakabéh jagad, jeung ngabogaan sakabéh alam.

Ceuk Raja : "Léngsér! Ngaing pasrah. Kumpulkeun sakabéh balad sakabéh somah jeung sakabéh anu ngalilu".

Laju Si Léngsér nabeuh bendé : Céwéwéw. Céwéwéw! Wiiiiiiiw.! Béndé si Léngsér teu daékeun harus. Tapi, céwéwéw sembér. Ngawiwiwna ngawiwiw sédih. 

Kumpul, batur! Kumpul! Raja eudeuk nyarita!!! Urang Pajajaran laju kumpul, Kararumpul sabari ceurik. Rabul anu daratang pandeuri, Laju kararumpul sabari ceurik.

Tapi hanteu nyararaho Naeun sabab maké ceurik. Éta kitu, SapédaH neuleu batur batur pada ceurik? Ku nahaeun atuh ceurik? Nyao...Asal katémbong cérik baé. Kabéh pada ceurik, Tapi pada ceurik béda-béda.

Aya anu ceurik balilihan. Aya anu ceurik elih-elihan. Aya anu ceurik inghak-inghakan. Aya anu ceurik gagaukan. Aya anu ceurik kokosodan. Aya anu ceurik bari gogoléran. Aya anu ceurik bari lolongséran. Aya anu ceurik bari ajol-ajolan. Aya anu ceurik bari kokorondangan.
Aya anu ceurik bari lulumpatan. Anu sabari nonggéngan baé ogé. Aya! Anu sabari sungsat singsét géh aya! Anu sabari sururunday géh aya!

Anu sabari pahareup-hareup... Ogé aya! Anu sabari patukang-tukang... Ogé aya! Anu sabari ngumpul sabatur... Ogé aya! Malah, ceurik ngan sorangan baé ogé... Aya! Cindeukna mah, Ceurik baé. Ceurik pabisa-bisa jeung Ceurik pabedas-bedas! Malah aya anu ceurik dilalagukeun, ngadingdiut cara aul, ngahihih cara hingkik. Ngahuhuh cara haruhuh, jeung aya anu cara dudut bari nyalatok, cara heulang nantang hujan.

Cara begu di usum wayang. Nu careurik di bagi tilu bubuhan : anu careurik cimataan, anu careurik teu cimataan, jeung anu ceurik mata téh dibalur ku ciduh abéh jiga cimataan.

Tapi anu anéh? Ku naha nya euweuh aya any ceurik bari héhéyotan? Cindékna mah meunang careurik sakabisa séwang-séwangan. Sabab jaman harita mah euweuh aturan ti Nagara nnu ngamudukeun ceurik téh, kudu sakarésép pangagung baé.

Ceuk saurang anu anyar datang : "Kunaon sih dis ceurik?"

Ceuk anu di tanya : "Atuh ku suuungut".

Laju éta duaan téh careurik sabari sareuri. Tunda batur geus deuk bérés!

Baca Juga :

Tidak ada komentar