Keramat Sirah Cipaku Di Cisitu Beraura Positif dan Negatif

 
 

Karamat Sirah Cipaku di jerona aya tilu Patilasan 
Numutkeun ikrar kuncen Sirah Cipaku NanggerangDdarmaraja boh di nu hajatan boh di na waktu nyekar kasebat :
Eyang Prabu di Sirah Cipaku, Embah Surya Ageung nu sumare di Cikeusi, Resi Ajar Padang nu sumare di makam Gunung Padang numutkeun salah sawios sepuh lamun numbal lelemah disebat Ki Ajar Sakti, tapi teu wantuneun nyebat jenengan aslina Prebu Permana di Kusumah raja karajaan Galuh Pakuan, harita puseur Dayeuh karajaan nuju di Ciduging Darmaraja numutkeun buk Galuh Pakuan, samemehna ti Cibubut heula, saparantos Raja wafat ngalih ka Ciamis,  Ciung Wanara nyusul ka kidul ka Ciamis ku sabab puseur dayeuh Karajaan harita parantos ngalih ti Ciduging ka Ciamis. 

Gunung padang nu dimaksud dina tulisan ieu nyaeta gunung padang Cikarut Desa Cikeusi Kecamatan Darmaraja Kabupaten Sumedang Jawa Barat. 

Karamat Sirah Cipaku
Kahiji
Makam handap disebutna makam Embah Jagalawang (gapura) di dinya patilasanna ngujur ngulon ngetan tutunggulna hiji aya batu kantong (benda purbakala) panayogean lamun tos rengse nyekar sok mangku eta batu kudu bari deku mun kapangku tanda bakal dikabul maksud (anu hade). Tapi aya oge maksud nu teu hade pasugihan.

Kadua
Makam patilasan Eyang Prabu Siliwangi (Prabu Seda) aya batu ngabagung ngujur ngidul jigana ngarujuk kana laut kidul sabab anu nyekar nyanghareup ngidul di sisi eta makam aya tangkal bungur anu teu ngagedean angger sagede kitu, lamun keur nyekar sok loba monyet anu datang nyalampeurkeun nu aslina aya 40 lamun leuwih ti opat puluh nu leuwihna teu asli, cirina monyet asli kumisna jiga kumis lalaki, sajaba ti kitu lamun anu keur tapa di makam eta anu rek kataekan maksudna sok diletakan ku maung Eyang Prabu Seda, tapi tara sakur nu tapa di dinya diletakan maung-maung, anu kawenehan hungkul, disebut makam tengah. 

Katilu 
Simbol Buyut Semar ngujur ngaler tutunggul hiji anu dipake rujukkan makam Nanggerang, Ancol, Cipaku tutunggul hiji, beulah kidulna saeutik aya batu anu ngadangong ka arah kidul mangrupa sandi snu nuduhkeun arah ka Liang maung salanghunyar, di luhur eta batu aya tapak meong ka arah kidul ( teu loba nunyahoeun ), ka makam eta tara loba anu nyekar kajaba anu boga pamaksudan khusus, disebut makam tonggoh, ti dinya bijil cinyusu Sirah Cipaku anu ngalir di Lebak Cipaku engkena ngamuhara ka Cimanuk di Muhara Cipaku Bojong Galuh Ciseuma, disebut makam tonggoh. 

Di Karamat Sirah Cipaku aya nu belang, maung tutunggangan Eyang Prabu, aya tapak meong dina batu di makam nu tonghoh, aya nu leuleus oray siger sajodo, aya monyet loba 40 teu nambahan teu ngurangan, aya sirah cai cipaku, aya benda purbakala batu kantong di makam landeuh, aya tilu makam anu ngujurna beda, ngulon , ngidul, ngaler, di dinya oge aya aneka tutuwuhan awi surat awi haur cucuk pager makan, aya tamiang irateun, kawung , kakayon teureup gede jangkung minangka anteneu pikeun monyet ningali bisa aya bahaya monyet naek  aya mandah monyet sagede budak warna bodas aya nu nyebut hanoman aya nu nyebut si moher, aya tangkal bungur ,kawung, kiara janggot, caringin janggot , tangkal loa, jsb.

Aya kaarifan lokal teu hade nuar samarangan, teu hade ngomong  suaban, teu hade ngala monyet, teu hade nanggap wayang, teu hade nyieun sumur, teu imah loteng, teu hade dahar daging nu beureum (mencek ), teu ngawangun imah wetaneun imah kolot, ngagali kaluar oge sarua teu hade wetaneun teu meunang ngalangkangan kolot . 

Paralun bilih aya nu leupat

Sumber : drs. Wisahya.
-------------------------------

Siapakah Prabu Seda ??
Prabu Seda (Tokoh Sejarah Asli Pajajaran)
Berbeda dengan Sunten Jaya yang murni tokoh fiksi/legenda, nama Prabu Seda (memiliki gelar lengkap Prabu Seda Siliwangi atau dikenal juga sebagai Prabu Ragamulya Suryakancana) adalah figur sejarah yang nyata.
• Raja Terakhir: Beliau merupakan Raja terakhir Kerajaan Pajajaran yang memerintah sekitar tahun 1567–1579.
• Gugurnya Pajajaran: Dinamakan "Prabu Seda" karena beliau mangkat atau gugur (seda) saat ibu kota Pakuan Pajajaran runtuh akibat serangan dari Kesultanan Banten. Setelah ibu kota runtuh, sisa-sisa bangsawan Pajajaran mengungsi, dan salah satu penerus pakaian kebesaran raja menyerahkannya ke Kerajaan Sumedang Larang.

Hubungan Antara Nama Tersebut
Di masyarakat, terkadang terjadi percampuran (sinkretisme) antara nama tokoh sejarah asli dengan tokoh cerita babad/pantun. Istilah "Prabu Seda Sunten Jaya" kemungkinan muncul dari tradisi tutur yang menggabungkan ingatan kolektif tentang akhir tragis kerajaan Pajajaran (Prabu Seda) dengan penokohan pangeran Pajajaran yang ada di dalam cerita rakyat (Sunten Jaya).

Rahayu

Baca Juga :

Tidak ada komentar