SILSILAH JEUNG SASAKALA TALAGA MANGGUNG

 


Silsilah
PANGANTEUR : Neuleuman Dongeng Sasakala Talaga Manggung 
(H.Ahmad Ma’mun al Huda / Rd.Suparman Sastrawijaya)

Hingsun anggarawastu hingkang sampurna arek cumarita marang jagat manungsha sangkan atra sandi sastra lan sasmitha kang dikandung hing lebet sasakala laku lampah para bujangga anu jadi pupuhu tedak turun incuputu terah Talaga.Kang disedja ngarah henteu pajurawet sakehe jeujeutan lan cor coran urang sadaya.Da bongan aya paribasa “Wong tua gawe wiwitan, wong enom dharma ngelakoni “ anu pihartieunana ari lalakoning hirup incu putu teh among neruskeun cipta rasa jeung karsa para karuhun; anu tangtuna sumande marang titiwanci iraha awatara urang hirup kumelendang, jeung lalakon naon anu jadi timbalan Gusti keur urang masing masing salila hirup di Mayapada.

Etamah nyanggakeun mangsa borong ing panganggo masing masing hingsun mah among dharma nyaritakeun carios ti para sepuh anu kacatet dina ati sanubari nalika hingsun ngagarap Cutatan “Serat Rundayan Talaga trah Ratu Laubarangsari saking Pangeran Ariya Satjanata/ Bupati Panjalu “ sinerat dening Raden Demang Kramadinata putuna Pangeran Ariya Wiradipa,tulisan nganggo aksara Sunda Cacarakan,diserat dina keretas daluang ari kulit bukuna didamel tina kulit Mencek/Uncal atah masih aya buluan.

Ieu buku ditampi ku pun Buyut Raden Demang Wangsadidjaya nalika janten Hoof Asistent Resident (Wadana) Talaga dina taun 1840 ti Raden Kartadilaga( sesepuh Talaga carogena Nyai Raden Anggrek).

Ari anu maos eusi buku nyaeta pun Embah Rd.Hidayat bin Rd. Surawinata bin Rd. Tjakrawinata, sim kuring anu nulis dina buku kosong teras dipasihan nami “Cutatan Rundayan Talaga alpukah Raden Hidayat /Mantri Bedrift Pengairan Talaga” digarap timulai 1955 rengse taun 1957, tulisan nganggo aksara laten ngangge penah cocol merk “seagull” dina buku tulis pangbagian ti sakola.

Ari eusina buku cutatan malulu ngarupikeun silsilah manusa ti awit nabi Adam as. Tumeka Dapuntadewa cikal bakal radja radja Syailendra(Radja Gunung) tumurun hing Sunda Galuh, tumurun hing Padjadjaran,tumurun hing Alas Talaga ditutup ku dionslagna Pangeran Ariya Satjanata ka II.ku pamarentah Compeny tina jabatan Bupati Talaga margi alim ngalih /digabung ka Majalengka( Kabupatian Anyar gabungan Majaagung jeung Talaga miturut Stelsel Jensen taun 1840 di KutaAnyar SindangkasihKulon) . Wuwuhan anu ditambihkeun nyeta sarsilah turunan anu sanesna para putra Pangeran Ariya Surawijaya/Sunan Ciburuy sareng Sarsilah Turunan Pangeran Ariya Wiranata karya tulis R.Acap Kartadilaga/H.Hasanudin salinan Ny. Rd.Inoh Mardinah / Rd.Subarma Sastradimadja (Kapala Penilik Sakola Kawadanan Talaga).

Ngan hanjakal nepikeun yuswa hingsun tekan pitungpuluh warsi cutatan anu reana tujuh buku teh teu acan kapendak deui, duka disimpen ku turunan nu mana ti wargi wargi dihandap ieu anu kantos dpasihan buku cutatan.
1. Rd. Hidayat bin Rd.Surawinata (Pensiunan Mantri Pangairan Talaga)
2. Rd. Emon Sumarna bin Rd. Kulsum (Pensiunan Komis Kewedanan Talaga)
3. Rd. Uci Anwar Sanusi bin Rd.Cakrawijaya. (Pensiunan Kanwil DikBud Talaga).
4. Rd. Endus Kartadireja bin Rd. Syafei (Pensiunan Kepala Sekolah Talaga).
5. Rd. Duleh Suparman bin Rd. Mustaham (Pensiunan Kepala Penmasy Talaga).
6. Rd. Suherman Martakusumah bin Rd.Mukasan Martadikusumah (ACW/PSM Bandung).
7. Rd.Djayadipradja bin Rd. Pradjawinata bin Rd.Wangsadiredja (Propriter Water Leiding Talaga).

Tambo aslina miturut Rd.Dayat diserahkeun ka Rd. Mohamad Nur Kartaatmadja / Bupati Majalengka cariosna bade disimpen di Musieum Jakarta.

Ieu sarsilah anu dihimpun ku sim kuring sapinuhna mung ngandelkeun “heartmemories bending ability”ditambihan catetan catetan lepas kenging nyukcruk ti para sepuh Talaga anu masih pada jumeneng ditambih wuwuhan sarsilah wargi wargi anu kacatet ti semet taun 1956 dugikeun taun 1961, kumargi eta ieu tulisan teh mung ngarupikeun dongeng sanes referensi sajarah. Hatur nuhun kahaturkeun ka Raden Haji Umar Sumardi bin Raden Djayadipradja anu parantos ngadorong ngawujudna objectivitas seratan ieu kitu deui ka wargi wargi anu parantos ngintunkeun bahan kalengkepan eusi sarsilah boh mangrupi catetan rundayan runtuyan boh dongeng dongeng wargi Talaga(hapunten teu tiasa disebatkeun hiji hijina).Diserat deui ku Rd.H.A.M.Suparman Sastrawijaya awit 14 Syafar 1530 rengse 6 Ramadhan 1533 H.(26 Juli 2012 M).

Hingsun amung memuja marang sang widhi wasa Pangeran kang Maha Tunggal pamuga muga ieu olahan carios tiasa nambihan khasanah kabudayaan urang,janten pambuka panaratas jalan pikeun ngaraketkeun deui sasaderekan pra tedak turun sadaya. Sumangga nyanggakeun bilih aya katunaan eta mah mung kaluar tina garap gangsulingbudi pribadi sim kuring anu dhoif nya nyuwun pangapuntena ti sadaya.

Pamuga – Amien
Anu nyerat : H. Ahmad Ma’mun al Huda / Rd. Suparman Sastrawijaya, Tangerang Juli 2012 M.
 
I. NISKALA LAN AWATARA :
Ingkang kapedar dihandap nguningakeun pangirangiraning titiwanci mangsatkala hirupna saurang tokoh atawa iraha hiji kajadian anggelar lan pirang warsi lamina ngawatara.Kenging ngarorotek lan ngimpun saka pustaka pustaka modern buku palajaran sajarah titingkat Sakola Rakyat (Sejarah Indonesia karangan H.Anwar Sanusi), buku palajaran sajarah ti tingkat Sakola Menengah Atas (Sejarah karangan Drs Soeroto dkk).

A. RADJA RADJA GUNUNG (SYAILENDRA) ABAD KA-6 TEKAN ABAD KA-10 MASEHI
Kacarios Sang Dapunta Dewa tumurun hing tanah Djawadwipa tumeka marang dandaka telatah gunung Merbabu hing madiyo Djawadwipa.Sia kersa rinakit keraton kang agreng, meniku wiwit nurunaken wangsa Syailendra hing tanah Djawi.

Lelungguhan ketampa maring Sana- a, sang sunu dados ratu Mataram ing dalem selikur warsi, ketampa malih maring Sandjaya lamine ngasta kaprabon kalihdasa warsi lan moksha ing niskala 634 taun saka.

Lelungguhan katerasaken maring Sri Mahadja Rakeyan Panamkaran, ketampa maring Sri Maharadja Rakeyan Panunggalan lan katerasaken marang Sri Maharadja Rakeyan Warak, ketampa aken maring Sri Maharadja Rakeyan Garung.

Saking Garungan tahta ketampi maring Sri Mahardja Rakeyan Pikatan saterase Maharadja Kayuwangi ketampi maring Srimaharadja Rakeyan Watuhumalang saterase Srimaharadja Rakeyan Watukura Diyah Balitung kang moskha hing taun saka ka-900, menikowiwit perlayane atikan Hindu Maisanawa ingkang dados ageman abdi dalem sedaya kagentos dening Bodhisatwa Mahayana kang kasebut Atikan Pancatantra. Ratunipun Sri Dharmodaya Mahasanthi nira angagem atikan Bodhgaya.

Ratu Sri Dharmodaya Mahasanthi utawa Sri Iswara Kesawa Samarrotungga, sia kang duwe gawe agung ngerampungaken wewangunan Karang Pecandran Sambharabudhara ing niskala taun ka-912 saka, ingkang wiwitane umpag umpagan Puri Agung Maisa nawa kang durung rampung.

Sang Sri Iswara kagentos dening Prabu Daksa kang kaceluk kakandang ewu Sri Maharadja Dhaksotama Bahubadjra Pratipaksa Saskaya hingkang ngebahu denda Mataram tekan taun ka-921 saka.

Lelungguhan ketampa maring Sri Mahardja Layang Diyah Tulodong Sri Sadjana Sanmatanuraga Tungga Dewa perlaya hing taun ka 921 saka; kagentos dening Rakeyan Pangkaya Diyah Wawa Sriwidjaya Lakanamotungga hingkang nurunaken cikal bakal pepuhu Sunda Galuh lan Galuh Pakuan.Nira kang duwe gawe angawinaken atikan Hindu Dharma lan Bodhisatwa kang amedaraken atikan Kasanghiyangan ingkang dados janten dedasar agomo Sunda.

Saterase telatah Syailendra muspra dening prahara mayapada.kraton ngalih maring tlatah ma-Ngetan karsane Mpu Sindo lantlatah ma- Ngilen karsane Sanhamaya Puruhita ingkang keladi dados Sanghiyang Rongkob.

B. NISKALA SUNDA-GALUH LAN PADJADJARAN AWATARA TAUN KA-932 SAKA DUGI KA TAUN 1515 SAKA 
1. Awatara Taruma Nagara taun 358 tug 669 Masehi.
2. Awatara Salaka Nagari Sunda Wiwitan taun 150 tug 362 Masehi hing Salaka Nagari.
3. Awatara Sunda – Galuh taun 669 tug 1482 Masehi yuganing Prabu Adhihulya lan Prabu Banyak Wide parat anurunaken Betara Gunung Picung(Narayan Adhikusumah), dicocok dening Prabu Haur Koneng kaping Kalih.
4. Awatara Djanggala – Kadiri taun 1042 tug 1222 Masehi.
5. Awatara Sunda Purba taun 670 tug 732 Masehi.
6. Awatara Galuh ditaklukeun ku Sri Maharadja Sana-a saking Mataram taun 732 Masehi
7.  Awatara Sunda Madiya (Prabu Harisdarma) taun 732 tug 750 Masehi.
8. Rakeyan Panarabansaking Jenggala ngewangun malih kakawasaan Galuh hing taun 750 Masehi.
9. Prabu Airlangga nyaremkeun Karadjaan Sunda,Prabu Permana Dewa ingkang ngebahu denda karaton Sunda perlaya ngmasing pati ing datulaya.(+/- taun 1042 M).
10. Radja Galuh Panyocok Prabu Haur Koneng ka III (1540 tug 1575 Masehi).Karaton carem robih jadi Rawa Lakboh ku kajadian prahara galugu banjir bandang kusabab dadalna tanggul kali Serayu.Babadamian antawis Wargi Sunda Galuh lan Gusti Sinuhun Syech Sarif / Demak diayakeun diistana Ciburang / Maniis.
11. Awatara Majapahit wiwit babad Alas Tarik dening Raden Widjaya sinatria Sunda - Galuh terah Ratu Shima.

C. AWATARA SUNDA-GALUH LAN PAKUAN PADJADJARAN SILIWANGI
1. Maharadja Djayabupati taun ka 952 saka hing Kraton Taruma Nagara nganut atikan Maisanawa ageman kang sami diagem Prabu Airlangga,
2. Rahiyang Niskala Wastukancna narpati karadjaan Sunda-Galuh hing kraton Surawisesa/Kawali digentos ku Rahiyang Dewaniskala katampi dening Rahiyang Ningrat kancana karaton ngalih ka Pakuwan Padjadjaran, digentos dening Sri Baduga Maharadja (1350 tug 1357 Masehi), sakulawarga carem perlaya hing palagan Bubat nagari Madjapahit.
3.  Karaton karadjaan Sunda dialihkeun deui ka Surawisesa ku Hiyang Bunisora (1357 tug 1371 M) digentos ku Prabu Niskala Wastukancana (1371 tug 1474 M,), kagentos ku Prabu Tohaan di Galuh (1475 tug 1482 M,), digentos ku Sang Ratu Djayadewata (1482 tug 1521 M) kagentos ku Prabu Samiyan Surawisesa (1521 tug 1535) karaton dialihkeun deui ka Bogor Girang sabab bala prajurit Kasultanan Banten terus ngangseg naluk nalukeun cantilan cantilan karadjaan Padjadjaran, Salaka Domas, Sunda Kalapa, Kutatandingan lan Kertabhumi. Saterasna digentos ku Prabu Ratu Dewata (1535 tug 1543 M) ngbahu denda saking karaton Parung Kujang/ayeuna namina Parungkuda. Saterasna dina taun 1543 Masehi dialihkeun ka Cisaat ku Prabu Nusiya Mulya taun 1544 moskha dilebet Guha Kotamaneuh gunung Eundeur Cisaat.(Tingali carios Nyere Kawung Lalaki babad Kutamaneuh)

D. AWATARA SUNDA-GALUH RUNTUYAN KAJADIAN DI TALAGA 
1. Narayan Adhikusumah/Betara Gunung Picung / Sang Ciptapermana II hing Sunda Galuh lan Alas Talaga (1003 tug dugi 1073).

2. Dina taun 1076- Sang Watugunung / Prabu Dharmasuci / Sanghiyang Talagamanggung ing Alas Talaga misahkeun diri tina kakawasaan Sunda Galuh,anjeuna nyebarkeun atikan Hindu Maisanawa di Alas Talaga anu dicirian ku ditangtungkeun deui Kahiyangan Argalingga sareng puri Kapanditaan di Lembur Pendetan titinggal Sanghiyang Rongkob (Sanha Maya Puruhita) puri nulad wawangunan Puri Kahiyangan Mahameru.Tekan yuswa sangang dasa dereng dipasihan ganjaran leleran saking Sang Widhi Wasa sanadjan sampun pirang pirang kali dedamel Rajah Suya ing Puri Kahiyangan Ageng lan Puri Argalingga tetep sang Padmi durung bobot, milane anyandak putra rorok anama Abiseka Guru Gantangan putrane Begawan Bagaswara saka Kahiyangan Mahameru. Ki Abiseka sinatria pinandita ingkang sampun nguwasani elmu jampe pemake atikan Hindu Dharma lan sampun rampung pengajiaane ing Rig Veda lan Jayur Veda, Upanishad lan Bhagawatgita milane kasebut Sinatria kang masagi ing ulah kanuragaan lan ulah pekerti,Kasebute Sinatria Pinandita linuwih kang unggul limang papak,jembar nalare limpad sastrane; sang perabu anempataken kang putra amengku paguron Garasiyang katelah Ajar Garasiyang. Sanghiyang Talagamanggung rinakit kaprabon Puri Kahiyangan Agung kanggo puser nagari Sia anata telatah alas talaga dados pilemburan kang nyambung siji lan liane karo dalan pagaliwotan nganggo tap tapan watu gunung wiwit Kahiyangan Argalingga teras Cibunut teras Pasir Bitung naek ka Kaputren Baruhjaksi lan Citaman tumurun ing Puri Kahiyangan naek mangulon ing Paguron Garasiyang hing gunung Uncir tumurun ing Citando tempat para bebahu tandu jampana rage, tumurun hing Sindang Palay tutug hing kuta Walangsudji lan Banjaran tempat ragemna para Prajurit Wadiya Balad. Arah arahing daksina wonten dandaka tutupan tempat curak curak moro sato kang disebat Suniya ing daksina ditutup marang lembur Kancana tempat ragemna para Wadiya Ponggawa karaton lan Gunungmanik tempat ragemna para Telik Sandi Yudha. Saka Gunung manic tumurun tekan basisir purwa Djaladara Madiya kang disebat Banjaransari tempat ragemna para Prajurit Wadiya Balad Pilih Tanding.Turangga kang dianggo mangrupi kuda kacang sanajan leutik linghas trengginas, Alas Talaga dumugi gunung Picung lan gunung Candana parat ka Gunung Padang/Bitung tasih mangrupi huma tetanen Djewawut (Kunyit) yasana Sanghiyang Rongkob kang sampun sirna paripurna amarga prahara Cereme hing Nagari Padabeunghar (ayeuna disebatna Lembur Pendetan lan Apuy nu hartosna kaduruk seuneu ).Para cacah saking Padabeunghar nyaralametkeun diri nya ngababakan di sisi Alas Talaga Beulah kulon kidul sisieun dalan utami hing Kraton Sunda Galuh lan Kabataraan Gunung Picung.(Nepikeun kaayeuna ngarana tetep Blok Babakan ditengah kota Talaga lebah Kidul-Kulon)

3. Prabu Dharmasuci Abirawa (1196 tug dugi 1269) neraskeun kalungguhan Sanghiyang Talaga Manggung naliko yuswo nira pitungwelas warsi sasampune Sanghiyang Talaga Manggung seda; saderengne kang nyalikan Puri Agung niku tuwang raka Abiseka Guru Gantangan ingkang dados narpati(1162. 1196). Prabu Dharmasuci Abirawa angasta kaprabon Puri Kahiyangan Agung dugikeun ka Tilem janten Setu Sangiyang.

4. Dina taun 1209 Asupna tatanen Pa(Ketan).Kalaipa(Kalapa), Garabah Pa-riuk dicandak ka Talaga ku Bhiksu Budha Mahayana anama Dang Sakiyawira Nalanda Bhikshutama Sambhara Bhumi, sareng padagang China name Tan Bong Siu tilas panglima karajaan Beng anu kawon perang ku karajaan Cin. Sang Bihiksu di Talaga kongas disebat Ki Pa-Lemban – Gunung (Tukang nebarkeun Pa di Gunung).

5. Dina taun 1268 Dharmasuci Abirawa ngadamel usaha ngamumule budi daya Parey Bulu Bagolo di Setu Ci-Pa- Mintar digebengan Kiduleun Puri Kahiyangan Agung anu disebut talatah Dharmalarang dipimpin saurang ahli tatanen bangsa Cina ti Sriwijaya anu dipasihan gelar Raden Pandji (Pajaratanana sisi kaler lembur/Desa Darmalarang.

Parey Bulu Bagolo ngarupakeun indung sakabeh bangsa Parey(Pa Ranggeuyan/ Geugeusan) utamana anu kiwari dipelak dipahumaan (sawah darat) ditatar Sunda; jeung turunana anu disebut Cere( Pa murag) saperti Segon, Poslen, Delanggu,Solok jeung turunan turunanana saperti IR-12 – 21 dstna anu dipelakna dina sawah baseuh.

6. Dina taun 1265 Ratu Simbarkancna didahupakeun ku hingkang rama marang Patih Palembang Gunung sinatria terah Isyana anama Dang Sakiyawira Nalanda Bhikshu tama Sambhara Bhumi(Keur ngorana disebut Satriya Indrayana batur sagulung sagalang jeung Rakey Pikatan Danur Rayana buyutna SMR.Rakeyan Pikatan ). Kawah candradimuka wadiya balad Wirautama Walangsudji dirobih janten Istana Kapatihan, Puri lan Taman panganjrekan Ratu Simbar didamel disisi kaler-kulon istana, perenahna sisi susukan Cipamintar disebat Kaputren Cigumawang.Kulon Kalereun Kaputren aya hiji leuweung tutupan anu disebut Kebon Wana anu eusina tatangkalan anu ngahasilkeun bahan sogan(Wana) kayaning Kasumba(warna beureum kolot),Ki Beusi (bahan mangsi/warna hideung), Cangkudu(warna soklat) , Burahol, (warna biru) jeung salam (warna kopi tutung) anu digunakeun ku Ratu Simbar kanggo nyelep hasil sentegan (Tinun) boh Jamang(baju lalaki).Cinde Manik (Samping),Cinde Cagak (Calana) lan Ambetan (Bengker Harigu).

7. Dina taun 1269 kajadian radjapti ka diri Prabu Dharmasuci Abirawa anu dilakukeun ku Ki Centang barang ngagugu kana pangjerum Patih Palembang Gunung. Ki Centangbarang saurang abdi dalem kameumeut anu dipercaya ngarumat sakabeh pusaka jeung rahasia karajaan kaasup sanjata awisan konta anu disebat Cis, Ki Centang budakna saurang Santana Djero anu jadi batur ulin ki Abirawa tibarang medal dugikeun sawawa, sarua meunang atikan kasinatriaan ti Ajar Garasiyang. Ari Centangbarang teh sanes nami jati dirina tapi gelar pepangkatan abdi dalem karaton sami sareng gelar Girang Serat (Bendahara Raja) di karaton Pakuan. Ki Centang barang dipasihan kakawasaan di Citando tempat ngumpulna para bebahu lan tetunggangan Joli, Tandu, Jampana, Dongdang Agung, ugi kuda tunggang para ahli jurit pangawal Istana.

8. Sarengsena kajadian rajapati ki Palembanggunung ngangkat diri janten Pangawasa Nagari Walangsuji (1267 tug dugi 1295) namanira digentos jadi Rakeyan Sambhara Amurwa Bhumi Andana Warih atawa Sang Wurah Warih.Perlaya ditelasan ku Ratu Simbarkancna tenggekna digorok ngangge Ampel (tusuk konde) anu ilaharna dianggo ku para putri karaton mangrupi peso alit sageung cinggir tina wesi aji panjangna sakilan gagangna tina tanduk uncal ditaretes manic manic anu janten sanjata pamungkas kanggo ngajaga kahormatan diri.(Upami diperhatoskeun rupina hampir sami sareng ampel anu dianggo ku para putri cina dina carios filem Gong Fu).

Salami sang Andana Warih ngasta Kaprabon Walang Suji di Alas Talaga diterapkeun aturan aturan anyar nyaeta : Agama resmi nagari Walangsuji nyaeta Budha Maha yana,Cacah teu meunang ngajual Pa ka Dayeuh tapi kudu ka Pa-ngagung (ngabuahkeun sistim Pajabat Mantri Lumbung), tiap rahayat Alas Talaga diwajibkeun mayar Pa-Jeg(Pajak) ka nagara mangrupa Samadea hasil tatanen ditambah Sacaeng Pa-rabon (Pajak Panghasilan) tina hasil Sabahu tatanen Pa kudu disetorkeun sacaeng. Wihara/Klenteng Agung diwangun di blok Karang Anyar sedengkeun Kuburan Budha/Bong disadiakeun di pasir Cicanir nepikeun ka Citungtung disambung ku Pamendeman Banusan Gede di Beulah kaler (Zaman Islam disebutna Astana Gede).

9. Ratu Simbarkancana diistrenan jadi pangawasa hing Kraton Walangsuji- Alas Talaga (1297 tug dugi 1328, tahta kadua ti 1338 tug dugi 1379).

10. Dina taun 1328 tug 1338 Ratu Simbarkancana pas dadana anu kasebrot getih Palembanggunung ngarandapan panyawat radang pinareup(Kangker Payudara ? pen), tatambi di saurang Simseh nami Adjar Kutamanggu alias Pa-Linggih (tilas pakatik padagang pare Tan Bong Siu.) anu maguron di Kutamanggu karajaan Saung galah (Kuningan).Salami udur ngasingkeun diri di Gunung Cupu Mandalayu (Desa Cageur- Cipasung-Darma) namina digentos jadi Nyai Lara Amis margi bau borokna kaambeu ti tebihna dua tumbak. .Tahta Talaga diwakilkeun ka Ratu Mayangkaruna putri rorok Bagawan Garasiyang (Ki Abiseka Gurugantangan) salami sapuluh warsi.

11. Prabu Kartanagara/ Sang Kalagemet carem ku panyerbu karaman Djayakatwang dibantuan ku Radja Wurah Warih dina taun 1292 Masehi.

12. Dina taun 1338 Ratu Simbarkancana hanggarbeni ingkang kaping kalih maring Palinggih sang Pandita Adjar Kutamanggu; anu sajatine anama nira Raden Kusumahlaya putrana Prabu Ningratkancana ti Karaton Sunda Galuh Madiya/Kawasen Surawisesa.Saparantos rarabi sareng Ratu Simbarkancana ; diistrenan jadi Pangawasa Karadjaan Talaga (1339 tug 1406).Sandi Atma “ Talaga Ngadaun Ngora” kagelar hing pesta rajah suya meniko.

Ratu Mayang Karuna putrana Purwayana Kancanadewa rarabi ka Raden Munding sari Ageng putrana Prabu Pamanah Rasa putrana Pangeran Menak Kancana putuna Prabu Niskala Dewa saking keradjaan Padjadjaran (1239 M.); salajengna dicandak ngalih ka Padjadjaran bumen bumen dilamping gunung Sanggabuana palih kidul anu ditata nulad kaayaan puri Baruhjaksi dinamian lembur Talaga (perenahna aya didesa Cibeureum Kacamatan Tanjungsari Bogor Timur).

13. Betara Sokawayana/Prabu Parunggangsa jadi Narpati Alas Talaga (1406-1456).

14. Ratu Talaga Sang Sunyalarang ngadeg Narpati Talaga (1456-1514).

15. Raden Ranggamantri neraskeun tahta Ratu Snyalarang (1514-15340.

16. Raden Ragamantri/Prabu Pucuk Umun putrana Raden Mundingsari Ageng sareng Ratu Talaga Sang Sunyalarang di Islamkeun ku hingkang uwa Pangeran Walang sungsang dina taun 1469 Masehi (Pamekaran Dakwah atikan Islam ka radja radja Sunda- Galuh anu aya di wewengkon kakawasaan Dipati Charbon/Pajajaran).Gelar Prabu Pucuk Umun (Pamingpin Hindu anu Utama) digentos janten Pucuk Ummum (Pimpinan Anyar Umat).Islam anu dicandak ku Walang Sungsang nembe ngarupikeun Islam Syahadah teu acan lebet kana Islam Syariat lan Ibadat tata kahirupan miturut atikan agama Hidu Budha tetep hirup teu digunasika.

17. Tahta diteraskeun Prabu Haur Koneng ka III 1534-1540. Salajengna janten Narpati Sunda Galuh( Ciburang).

18. Rundingan Damey antawis Sakumna Wargi Sunda-Galuh sareng Sultan Cirebon/ Syech Syarif Hidayatullah dilaksanakeun di karaton Ciburang /Maniis taun 1541. Eusi babadamian nyaeta :
Kahiji : Moal silih serang/silih ganggu antawis kakawasaan Demak/Cairebon sareng kakawasaan Sunda - Galuh. 
Kadua fihak Cairebon satuju ngical deui uyah ka tatar Sunda-Galuh. 
Katilu : Radja radja Sunda Galuh kudu mayar upeti taunan ka Sultan Cairebon ku mangrupa hasil tatanen (Parabon)
Kaopat: kapayun lamun aya pacogregan antawis dua fihak Gusti Sinuhun gaduh kawajiban lumungsur ngadameykeun. Ti fihak Sunda-Galuh babadamian diwakilan ku Prabu Haur Koneng ka III/Narpati Talaga/Ratu Sunda-Galuh Panyocok.

19. Panembahan Senopati/Ngabehi Patrasana ngadeg narpati Kasultanan Mataram Islam (1557).Raden Mas Djolang ngadeg Sultan Mataram(1613-1645)neraskeun tahta Mas Rangsang; nganggo gelar Sultan Agung Hanyokro Kusumo Sayidin Panatagama Kalifatul Tanah Djawa ,marentahkeun nagara bawahan tilas erehan Demak/Pajang kudu ngirimkeun “Rombongan Tugur” (sabangsa kerja rodi) ka Mataram satiap tilu sasih sakali, nyaeta kawajiban gantina “SowanTaunan tiap tiap Mulud”.Ieu tugur kudu dikokojoan paling henteu ku Priyantun satingkat Papatih Nagara Vazal.

20. Pangeran Ariya Saringsingan (Duta Karadjaan Talaga) ngadamel kagehgeran di karaton Sultan Mataram nalika sowan temune dinten jumenengan Sultan Agung ing 1615, anu maksudna supaya kawajiban “Tugur” anu kacida ngabeuratkeun jeung ngarendahkeun darajat martabat manusa(kudu nyembah bari ngadapuy dina taneuh balairung pasowanan) kudu dieureunan (tingali carios keris Gagakrancang).

21. Pangeran Ariya Kikis diistrenan jadi narpati Talaga taun 1540 M, ngagentos Prabu Haur Koneng ka III anu janten Ratu Sunda Galuh.Ngaluarkeun ujar ratu sabda radja kang unine mangkene: Kahiji: Sakabeh Cantilan anu kawengku ku kakawasaan Talaga lan Walangsudji mangrupa para Dalem dibere kakawasaan pinuh ngurus wewengkon sewang sewangan kaasup kakawasaan ngurus wadiya balad jagabaya utama anu tadina ditempatkeun di Banjaran atawa Banjaransari. Kadua para Dalem Utama – Majaagung,Cageur,Patrajenar,Salawangi Parakan Muncang,lan Singandaru diberean Dardjah Bupati Mandiri anu dibantuan ku Kapala Jurit Wirautama. Katilu: Dina tiap tiap kaping tanggal 10 tug kaping tanggal 17 wulan Syafar sakabeh para Dalem para Demang lan Kapala Jurit Wirautama kudu Caos ka Pasanggrahan Agung dina rarangka sayaga sowan ka Sultan Cirebon lan Demak dina sasih Mulud (Tatanan kanagaraan Anyar anu diterapkeun di Talaga mangrupa musyawarah perwakilan lan otonomi wilayah).

22. Pangeran Arya Saringsingan(Patih Talaga) lan Pangeran Ariya Kikis/Narpati Talaga nyangkalakan sesa sesa Wadiya Balad tilas Kasultanan Demak anu ngaranjah sarta narik pajeg kalawan paksa pirusa diwewengkon Talaga.Ieu karaman Wadiya Balad teh pimpinan senapati Ki Gedeng Sura asal Palembang anu nyingkir ka Cirebon saparantos Kasultanan Demak ngalih ka Pajang. Narpati Talaga ngumumkeun kawajiban perang sabil ka sakabeh rahayat Talaga keur ngabasmi para karaman Demak,ieu ajakan perang sabil dilakukeun disaantero wewengkon Talaga.Kusabab eta sanajan parantos sepuh pisan Gusti Sinuhun Syech Syarif rawuh ka Dayeuh Talaga dina rarangka nanjeurkeun eusi rempugan babadamian Ciburang tea . Mantene negesaken yen perang sabil di pulo Djawa ngan sakali kalina nyaeta antawis Balambangan lawan Demak. Anu sanesna amung getreng biasa wae antawis saderek . Pangeran Ariya Kikis taun harita keneh (1545) kedah turun tahta sarta kudu ngasingkeun diri nebus dosa tos nyalahgunakeun syareat Islam jang merangan urang Islam.Pangeran Ariya Kikis ngabuang diri tatapa ngebleng dileuweung Wanaperih (Leuweung Kapeurih Hate) di Desa Kebonwana- Desa Kagok.(Tingali dongeng perlayana Panglima karajaan Demak Kiai Abis, Kiai Sabet Sara lan Kiai Sugih Branjangan di Talaga).

23. Dina taun 1560 Pangeran Apun Surawijaya ngaruag Pandopo Bhumi Agung tilas karaton Walangsudji,Anu parantos kubra dikantunkeun ngalih ka Puri Buniasih; patalapakanana dijanten keun Serang Peuteuy (kiwari jadi lembur Sarangpeuteuy) teras dialihkeun ka Talaga; Rarangkayna anu didamel tina kai Djati sareng kai rasamala dianggo ngadandanan Pandopo Pasanggrahan Agung Talaga.

24. Ku yasana Pangeran Apun Surawijaya, dina taun 1564 tilas alun alun krida wadiya Walangsudji dijantenkeun pasawahan anu caina ditaekeun ti susukan Cipamintar (di onderhoud ku pamarentah Walanda janten irigasi tehnis dina taun 1846 nalika Raden Demang Wangsadidjaya janten Hoof Asistent Resident (Wadana) Talaga. (Tingali carios Munding mulih Pakandangan).

25. Dina taun 1565 Pangeran Ariya Apun Surawijaya diistrenan jadi Narpati Talaga di Pandopo Pasanggrahan Agung Talaga diluuhan ku Dipati Charbon/Pangeran Pasarean ka I.
26. Dina taun 1585 Pangeran Ariya Surawijaya diistrenan jadi Narpati Talaga di Pandopo Pasanggrahan Agung Talaga diluuhan ku Pangeran Girilaya/Sultan Cirebon anu ngwalian pernikahan Pangeran Surawidjaya ngadahup ka Ratu RadJa Kartaningrat(Putri Pembayun Kasepuhan turunan Ratu Winaon).

27. Dina tau 1629 Ratu Laubarang Sari Sang Tilarnagara dedahup ka PangeranAriya Sumalah (Bupati Panjalu I.)anamung perlaya ngemasing pati ing nagri Mataram nalika gawe tetugur.Ngedahup malih marang Rayine Pangeran Ariya Satjanata kang anerasaken Tahta Kabupatian Panjalu(1635 tekan 1657 Masehi).gadah lelandihan Sang Talingsingan ingkang dados buronane Wadiya Mataram ing nelika Sultan Amangkurat Siji anglungguhi tahta Sultan Mataram (Parios lelampahan Patih Tandamui lan Patih Satjanata ing Babad Cirebon).

28. Pangeran Dipati Surga jeneng Narpati Talaga,perlaya hing palagan laut sesarengan kalih hingkang Morotuwa Pangeran Losari.

29. Pangeran Ariya Kusumahyuda nerasaken kelungguhan Narpati Talaga.

30. Pangeran Ariya Natadilaga dados Sunan Maro Narpati Talaga.

31. Pangeran Ariya Sacadilaga ngadeg Narpati Talaga Panyocok.

32. Dina taun 1687 Pangeran Dipati Wiranata ngdeg Sultanat Talaga miturut Ordonansi Staatsel Gubernor General Johannes Camphuys, di Talaga jadi aya dua kakawasaan anu dpimpin ku Narpati Pangeran Ariya Natadilaga bin P.Arya Kusumahyuda.

33. Dina taun 1810 saurang pengusaha Walanda Hendrik Merkus de Kock “ Buyut De kok” ngabudidayakeun sayuran Saladah (“Saladaer”) di wewengkon Cigowong sampe Legasari legana 5000 bahu (10 Hektare).

34. Dina taun 1816 Pangeran Dipati Satjanata ka Dua dionslaag tina jabatan Bopati lantaran murugul ka pamarentah Walanda anu ngalihkeun paparentahan bupati ka Madjalengka(miturut Staatsel Jensen),dilaksanakeun dina taun 1820 ku Gubernur General Goldert van der Capellen kabupatian Talaga robih janten Hoof Asisten Residence (Kawadanaan) sementawis dicepeng ku Pangeran Papat (Opat Pangeran). Dileler pansiun sawah 100 bahu di Banjaransari sareng 100 bahu kebon Salada di sawah Legasari.

35. Dina taun 1840 Raden Demang Wangsadidjaya janten Hoof Asistent Resident (Wadana) Talaga ngajalankeun parentah Bupati Madjalengka ka hiji.

36. Dina taun 1917 diayakeun Rundingan para Ulama Talaga ngeunaan kamusyrikan kamusyrikan anu dilakukeun para peziarah di Setu Sangiang,diputuskeun di Sangiang kedah aya kuburan katurunan Talaga Manggung supaya kalakuan nyembah kana setu tiasa leungit.Pilihan diputuskeun yen kuburan Batara Sokawayana ti Parung / Champaga dialihkeun ka Sangiang. Gempungan dipimpin ku Kiyai Terbuka turunan Sayed Ibrahim Cipager. (Carios Rd. Sastradilaga / Ulama Talaga).

37. Dina taun 1922 Jasad Sunan Parung / Batara Sokawayana anu masih bulegeran( akibat pangaruh Ajian Betara Karang) dialihkeun ti Champaga ka Sangiyang. (Pun Bapa Rd. Djayadipradja janten saksi wakil turunan Ratu Laubarangsari, sareng mitohana Rd. Sastradilaga janten saksi wakil turunan Pangeran Natadilaga / Sunan Maro, seueurna saksi harita hampir 20 jalmi kalebet R. Acap Kartadilaga / Minantu Rd.Natadiputra saksi wakil turunan Pangeran Dipati Wiranata).

38. Dina taun 1921 disisi Setu Sanghiyang aya kuburan Islam kapendak ku tukang ngala Howe (Penjalin), ditengah tengah kuburan ditanjeban tangkal Panjalin, howena henteu tedas dikadek, nurutkeun alamat ngimpi anu katampi ku juru kunci sepuh setu Sangiyang namina Bapa Uho(1961 nalika kula nganteur Alo Esu Sutrisno bin Djoyowinangun nyekar ka Sangiyang anjeuna tos umur 73 taun) eta kuburan teh tempat dikurebkeunana Raden Ranggamantri. Anjeuna maot saparantos usaha neuleuman setu Sangiang bari cangkengna ditalian ku howe anu panjangna kinten kinten saratus deupa. Nurutkeun carios Raden Djayadipradja (dongeng sepuh) anjeuna mung nepikeun ka tiasa ngagantung satumbak tina pucuk awi bitung anu tumuwuh di pakarangan Puri Ageng anu moskha, saatos unggah kadarat anjeuna ngalemar (ngadahar daun seureuh dikapuran) sarengsena beberesih anjeuna sidakep sinuku tunggal ngaheningkeun cipta rasa jeung karsa mayunan setu, teu lami kinten kinten wanci tunggang gunung anjeuna maot, teras dikurebkeun didinya keneh katut howe anu meulit dina cangkengna, anu rupina howe teh sirungan deui. . Ieu howe dipusti pusti ku ahli “ Maenpo (Silat) Ujungan” sabab kacida manjurna lamun dipake ngagitik musuh jeung lamun kaasupan karuhun cenah mah bisa nangtung . (Wallohu a’lam).

39. Dina rarangka nga- rayakeun pernikahan Ratu Wilhemina taun 1937 (sandikalana artos sen diliangan)ka Pangeran Bernhard Talaga dileler wangunan Systim Air Beresih (Water Leiding Bedriyft) mangrupi Bak Cai / Dam di hulu cai Ci Nyusu Cigowong lengkep jeung wawangunan Kontrol Aliran Cai tina beton, jeung pemipaan diameter 3 inches sapanjang 3 kilometer nepikeun ka Gudang Cai anu didamel tina cor coran beton di Kebon Cikur Talaga Wetan ukuran 14 M kali 14 M kali 3 M. sistim distribusi cai ledeng ka unggal bumi priyayi,jalmi beunghar anu sanggup mayar, kantor pamarentahan jeung masjid masjid.Saluran cai nganggo pipah galvanis ukuran satengah dim lengkep nganggo Meteran Cai tina kuningan jeung keran control. Kanggo Masyarakat Talaga Kulon dipangdamelkeun Tuk (Pancuran) dipojok kulon kaler Alun-alun Talaga. Dipayuneun Pendopo Hoof Asistent Resident diwangun Water Fountein Buleud ukuran garis tengah 10 meter (Peresisna dipayuneun bumi dinas Pembantu Bupati Talaga ayeuna), Raden Djayadipradja anu dipasihan tanggel waler pengelolaan dugi keun ka taun 1967 (saterasna dijabel ku Orba). Ieu sistim waterleiding luput tina dirusak ku Bala tantara Dai Nippon ku perlindungan Komandan Rikugun Cirebon Daijin Nishimoto Sang (nalika anjeuna masih jadi padagang lawon sutra(Mata mata Tenoheika) sering ka Talaga ngarerebna di bumi pun uwa Raden Kartadipradja).

40. Ku alpukahna R.Acap Kartadilaga / Kuwu Talaga Kulon Dina taun 1940 kuburan Ratu Sunyalarang dialihkeun ti Parung ka Cikiray (Kuburan keluarga Rd.Natakusumah turunan Pangeran Ariya Wiranata ti fihak ibu ) nganggo alesan kuburan sieun kagusur Cilutung lamun Banjir.(Politic triyken dina rarangka ngadamel sasrsilah” Talaga Ngadaun Ngora kujalan ngadeg keun Ratu Simbarkancana ka.2”, tapi ieu ide teh ditolak ku 70 % sesepuh Wargi Talaga anu kaleresan berfaham Nasionalis).

41. Taun 1941 kajadian Huru Hara Pacinan di Talaga, sakabeh wawangunan anu bau bau China kayaning imah pribadi, Wihara/Kelenteng, Bong(Kuburan China), Pasar, Pendopo Hoof Asistent Resident, Pasanggrahan Agung jeung nu sanesna seep diranjah; barang barangna anu aya hargaan seep dirampok, wangunanana di bumi hanguskeun .Ari urang Cina nu aya di Talaga teu dipilih bulu boh geus kolot,budak ngora jeung budak leutik teu aya nu kalangkung dipaehan / dipeuncit. Anu saralamet teh jalma anu eukeur indit inditan boh ka Majalengka, Kuningan atawa Cirebon jeung sakolompok kulawarga turunan Cina anu geus nyampur jadi pribumi. Nepikeun ka jaman kamerdikaan tug ayeuna maranehanana henteu waranieun balik deui ka Talaga sanajan harta bandana loba. Urang Talaga harita lir jelema kasurupan dajal geus teu boga ras rasan pisan(Hampir sarua jeung kajadian di Jakarta taun 1998 nalika Orba tijungkel).
42. Taun 1944 taneuh pakarangan tilas”Karang Djaba” Pandopo Pasanggrahan Agung Talaga disumbangkeun kuatasnami Ahli Waris Raden Demang Wangsa didjaya nyaeta Raden Kartadipradja kanggo ngawangun Rumah Sakit (Ayeuna janten Rumah Sakit Umum Talaga). Rumah Sakit dipimpin ku Mantri Lazim ti Rumah Sakit Cideres(hiji badan zending agama Katholic) / Majalengka.Dina taun 1960 diteraskeun ku Mantri Sulaeman statusna janten Poliklinik Pamarentah ngindung ka Rumahsakit Umum Majalengka. Kagiatan badan zending agama Katholic masih terasdijalankeun ku dikintunkeunana Dokter Sukarela Bangsa Djerman ka Talaga, sareng ditempat keunana saurang aktivis gereja Cideres (Wakil Pendeta Bapa Ignatius Keto) jadi Pembina Dinas Pertanian Talaga dina taun 1961 dugi ka taun 1965 sareng saurang aktivis pemuda Katholik Cideres nami Suherna jadi padamel Padisentra.

43. Taun 1946 kantor kantor Pamarentah Republik Indonesia didamel sementawis dina taneuh pakarangan Raden Kartadipradja nyaeta Kantor Kapolisian Talaga (Polsekna ayeuna tos ngalih nyalikan tanah tilas Kelenteng), Kantor BODM (Koramilna ayeuna tos dialihkeun caket Gedong Kacamatan Anyar),Kantor Kacamatan Talaga ari pa Camatna(M. Soleh Kartadiwiriya) ngeusian Bumi Ageung kakantun Raden Demang Wangsadidjaya.

44. Dina taun 1948 Raden Zaenudin salaku Pejabat Resident Nagara Pasundan di Talaga di usir ka Bandung, Sadaya Kuwu anu pro BFO/NICA dieureunkeun digentos ku pejuang pro Republik, diantawisna Raden Acap Kartadilaga (Kuwu Talaga Kulon) digentos ku Radenmas Djunaedi, Raden Yakub Bratakusumah (Kuwu Talaga Wetan) digentos ku Moh. Sulaeman.

45. Dina taun 1956 ku alpukahna Bapa Wedana Moh.Halil sareng sokongan Raden Sanusi Hardjadinata/ Gubernur DjaBar Pendopo Hoof Asistent Residen Talaga anu dibumi hanguskeun nalika huru hara Pacinan diwangun deui ku pemborong PT. Kayu Awet wawangunan anggeus didamel dina taun 1957; Ngan pa Wadana Halil henteu kersaeun ngeusian Bumi Dines anu teu kinten sigrong na (nurutkeun ukuran zaman harita) dugikeun mantena ngalih janten Patih Kabupaten Majalengka dina taun 1960.

46. Dina taun 1958 tugu peringatan Nagara Pasundan dibongkar fondasina diwangsulkeun deui kana fungsi asalna Fountein, Tugu Republik Indonesia diwangun payuneun Bumi Dines Wadana Talaga.diresmikeun dina dinten kamerdikaan 17 Agustus taun 1958 nganggo diiring ku ditabeuhna Pusaka Goong Renteng (salajengna ieu gamelan Silokananta sareng Goong Renteng na di musiumkeun di Bumi Alit / Kebon Kagok Talaga; Water Fountaina mung hirup dugi ka taun 1960.)
47. Dina taun 1959 Gorombolan DI/TII Divisi Begejil Kuning pimpinan Dhanu Mohamad Hasan turun gunung Ciremay nyerah ka Pamarentah Republik Indonesia.Dina rombongan aya saurang budak orok anu kacida dipupujuhkeun pisan ku sadaya ibu ibu anu aya dina rombongan, cenah mah putrana imam agung rayina Dodo Muhamad Darda, duka saha namina.
48. Dina taun 1962 di Talaga dilaksanakeun Operasi Bakti ABRI nu mangrupa, ngalereskeun sasak jeung jalan anu ngahubungkeun Desa Talaga Kulon jeung Champaga, Ngageungan jalan lingkar luar kota Talaga ti Cipeucang landeuh ka Cipeucang Tonggoh teras ka Pajawan teras ka Kadawung teras ka Calincing teras ka Astana teras ka Burujul teras ka Ciroyom bras ka Pasapen teras ka Kaum Kidul nyambung ka jalan Provinsi.Panjang jalan lingkar luar kota Talaga sapanjang 5 Kilometer dibeureum keun deui, sabagian taptapan batuna dilereskeun (harita mah aspal ngarupikeun barang langka). Operasi Bakti ABRI di Talaga dilaksanakeun ku Divisi Siliwangi Batalion 317/ Mahesabarwang sasarengan Gotong Royong Masyarakat salami hampir sataun. Kagiatan nu sanesna usaha ngocorkeun deui cai beresih tina saluran irigasi desa Ganeas ka Masjid desa Talagawetan hasilna heunteu tiasa teras langgeng margi ayana kaperyogian aliran cai jang nyaian sawah tehnis di pasawahan Gada gada sareng desa Genteng.
Sumberna carios : Dongeng turunan, Ibid

E. STAMBOOM INDUK TURUNAN MANUSA DI TALAGA

FASAL KAPING SETUNGGAL : BABAR BUANA MAYAPADA WIWITAN
I. Kanjeng nabi Adam sareng Babu Hawa puputra 20 pasang ditambih anu bungsu Kanjeng Nabi Sits.
II. Kanjeng Nabi Sits puputra Anwar jeung Anwas.
FASAL KAPING KALIH : BABAR BUANA MAYAPADA MADIYA
III. Anwas(Sanghiyang Nur Rasha) puputra Sanghiyang Tunggal.puputra Sanghiyang Wenang.
IV. Sanghiyang Wenang, puputra Betara Guru /Sanghiyang Manikmaya.
V. Betara Guru /Sanghiyang Manikmaya puputra Betara Indra lan Wisnu.
VI. Betara Indra lan Wisnu.anurunkeun putra Begawan Manumayasa , nurunkeun putra Bagawan Viyasa (Krisnadwipayana.
VII. Begawan Viyasa (Krisnadwipayana) puputra Drestarata,Pandudewanata lan Widura.
VIII. Pandudewanata puputra Puntadewa,Abilawa,Arjuna, Nakula lan Sadewa. Arjuna puputra Parikesit,ngincu ka Parikenan,ngabuyut ka Gendrayana ngumpi ka Udrayana nerahake sang Dapuntadewa.
FASAL KAPING TELU: TUMUWUHNA RAJA RAJA GUNUNG DI DJAWADWIPA
IX. Dapuntadewa cikal bakal Maharadja Syailendra (Raja Raja Gunung) hing Sriwidjaya lan Salaka Nagari Medang Kamulyan hing tlatah dandaka gunung Merbabu.
X. Dapuntadewa puputra Sanaa, puputra Sanjaya tumeka marang Tulodong, ngincubuyut ka Prabu Dhaksajaya lan Wawamahadewa.
XI. Prabu Dhaksajaya puputra Ki Cudamanik/Sanhamaya Puruhita(Sanghiyang Rongkob), sinatriya kang due pancen ngabedah alas Talaga hing tlatah Daksina Cereme tekan Djaladara Madiya Buwana” hag sira mitembeyan tetanen Djewawut hing sabudere Djaladara mau, bakal pepangan cacah tekan sampurna ning Galuh”.
Wawamahadewa puputra Maharadja Shakti Adhimuya / Ajar Sukaresi ; kang amurwadharma Tlatah Galuh Purwa anderek hingkang uwa Sanghiyang Rongkob ingkang sampun paripurna ing nagari Padabeunghar .
XII. Maharadja Shakti Adhimuya / Sang Permanadikusumah (825 tug dugi 977) due trah kalih :
1. Saking Garwa Padmi anami Ningrumkusumah puputra Sang Manarah / Ciung Wanara/Ki Banyakwide.
2. Saking Garwa Selir anami Pangrenyep puputra Hariang Bangah / Bango Samparan.
XIII. Bango Samparan (Prabu Kamandaka) 977 tug dugi 987 puputra papat:
- Maharadja Shakti Pajawan. Hing Salaka Nagari.
- Ratu Pagedangan hing Medang Kamulyan
- Ratu Permanadewa hing Galuh Purba (Sunda Nagari). Carem dirurug Pabu Airlangga (1042)
- Bleg Tambleg Radja Kuningan hing Klungkung lan Tabanan
XIII. Manarah Adjie Sang Banyakwide (Prabu Ciung Wanara) 987 tug dugi 1053), peputri pitu :
XIV.6. Ratu Purbasari hanggarbeni maring Raden Guruminda / Sanghiyang
Panggungkancana Sunu puputra :
- Prabu Darmarehe / Sang Linggahiyang / Haur Koneng / Sang Ciptapermana I hing Sunda Galuh (1053 tug dugi 1073).
- Betara Gunung Picung /Sang Ciptapermana II hing Sunda Galuh lan Alas Talaga (1053 tug dugi 1073).

PASAL KAPING PAPAT : ALAS TALAGA DADI NAGARI SUNDA GALUH/BABAD TALAGA MANGGUNG
SILSILAH TRAH TALAGA : MITURUT UNGELING BABON BABAD TALAGA.
XV. Betara Gunung Picung /Sang Ciptapermana II . hing Sunda Galuh lan Alas Talaga (1053 tug dugi 1073) puputra nem:
- Rahiyang Cungkilak hing Alas Talaga.
- Rahiyang Benda . hing Sunda Galuh .
- Rahiyang Gombang hing Panjalu.
- Sang Romahiyang Ratu Ponggang hing Gunung Padang/G.Bitung.
- Sang Watugunung /Prabu Dharmasuci /Sanghiyang Talagamanggung ing Alas Talaga.
- Sang Romahiyang Mayang Karuna. Hing Curug Dadap G. Bitung.


PASAL KAPING LIMA: ALAS TALAGA DADI KAHIYANGAN MANDIRI LEPAS SAKING KARAJAAN SUNDA
XVI. Sang Watugunung / Prabu Dharmasuci I (1073 tug dugi 1136) diistrenan dados Radja nalika sampun tengah tuwuh gelar nira Sanghiyang Talaga Manggung, tekan yuswa sepah durung dileler putra kandung , puputra kalih:

Putra angkat anami Abiseka Guru Gantangan (1136 tug dugi 1146) putra Begawan Bagaswara saking Kahiyangan Mahameru,.saparantos lengser kaprabon ngajalankeun Tapa Wadat Brahma Caria katelah Begawan Garasiyang.

Sang Katong Dharmasuci Abirawa /Prabu Talagamangagung ing Alas Talaga.
Analika sang Abirawa medal ing mayapada buwana gonjang ganjing kedadeyan prahara lindu, lan Djaladara Madiya Buana bengkah ngewangun Cilutung lan tegalan amba Talagasaat perenahe ing Daksina Alas Talaga, Jaganing pageto sawise tetanen Pa( Ketan) dumugi digawa Panglima Tan Bong Siu (dina 1209) ka Talaga, Tegalan amba dijantenaken Huma (Sawah Darat) nya nepikeun ka ayeuna disebatna Sawah Tegal . Sang Prabu Dharmasuci moskha nalika sang Abirawa Guruputih durung sawawa milane sang Adjar Garasiyang diistrenan dados Narpati.


PASAL KAPING NEM: CAREMNIPUN KAPRABON ALAS TALAGA
XVII. Sang Katong Prabu Dharmasuci Abirawa (1146 tug dugi 1219) puputra kalih:
- Purwayana Kancanadewa/Raden Panglurah. 
Saparantos ngagem Budhamahayana nami nira katelah Kang sarwatiwasda Dharmasakiya Dang Purwayana; sadurungna maguron hing Nalanda Sriwijaya hanggarbeni marang Ratu Mayangsari saking Kaputren Baruhjaksi wanoja Cantrika ti Adjar Garasiyang nurunakeun putri nami Mayangkaruna nulad nami pernah uyut; dirorok ti sabarang brol ku Bagawan Garasiyang. Nalika nuju maguron hing Nalanda Sriwijaya hanggarbeni malih marang putri Champa nagari anami Ratu Kaniya.Nalika di Nalanda nalikeun sosobatan jeung saurang Bhiksu tengah tuwuh jujuluk Dharmasakiya Wira Nalanda Bhiksutama Dang Sambhara Bhumi, sinatria pinandita terah Isyana Syailendra sering diajak ka Talaga sareng dikenalkeun marang hingkang rama Prabu Dharmasuci. Sang Prabu ketaji marang kapinteran sang Bhiksu pamustungana diangkat janten pangageng karaton lan dipasihan darjah pepangkatan Patih kang ngurusi Kawah Candradimuka tempat Olah Krida Calon Tamtama Karadjaan hing Walangsudji.
- Ratu Simbarkancana.


PASAL KAPING PITU : NGADEGNIPUN KERATON WALANGSUDJI ING ALAS TALAGA
XVIII. Ratu Simbarkancana hing Walangsuji Alas Talaga(1295 tug dugi 1305, tahta kadua ti 1338 tug dugi 1379) 
a). Hanggarbeni marang Patih Palembang Gunung saurang bhikshu Budha Mahayana anama Dang Sakiyawira Nalanda Bhikshutama Sambhara Bhumi. Saparantos ngalakukeun karaman rajapati ka Prabu Talagamanggung diangkat janten Pangawasa Nagari Walangsuji (1267 tug dugi 1295) namanira digentos jadi Rakeyan Sambhara Amurwa Bhumi Andana Warih atawa Sang Wurah Warih. Heunteu nurunkeun terah. Kacatet jeung dulur misana karaman Djayakatwang milu nyarem keun Kalageme / Prabu Kartanagara sakulawarga hing Nagari Singosari.

Pa Lemban Gunung teh hartosna nebarkeun bibit Pa di Gunung. Kuyasana Patih Palembang Gunung Alas Talaga kenal jeung tatanen anyar nyaeta Pa (Ketan) ngaganti tangkal Djawawut (Kunyit) titinggal Sanghiyang Rongkob,Tatanen Pa dipelak ngarupakeun Huma (sawah darat), barang garabah ngaran Pariuk jang ngasakan Pa, tangkal Kalapa = KalaiPa (sangu ketan teu amburatel) oge dibudidayakeun, Usaha ngamumule pepelkan Pare dilaksanakeun ku ki Patih di hiji tempat anu disebut Dharmalarang dipingpin ku saurang ahli tatanen bangsa cina ti nagari Sriwijaya anu dipasihan gelar Raden Panji. Perenahna di setu Ci Pamintar ayeuna lahan pasawahan antara desa Sangiyang jeung desa Darmalarang.

Bareng jeung kakawasaan anu dicepeng ku sang Andanawarih ,anjeuna ngalakukeun pulitik buka panto,nu utamana ditujukeun jang para padagang Pa ti Chunghua (Nagri Atas Angin) anu dikokojoan ku Tan Bong Siu tilas Panglima Perang Karajaan Beng, manehna kabur nyampe Talaga alatan eleh perang ku karajaan Chin. Ti wates harita di Talaga pinuh ku urang China; pangaruh agama Budha Mahayana - Konghucu jeung Kabudayaan China kacida kuatna.

PASAL KAPING WOLU : TERAH SUNDA GALUH HING NAGARI WALANGSUDJI
Kanggo ngaleungitkeun kekeling manah saparantos rarabi Ratu Simbarkancana sareng Raden Kusumahlaya henteu lumebet deui ka Karaton Walangsuji tapi ngalih bumen bumen dipuri Buni Asih perenahna di hiji Lamping kalereun desa Cimeong (ayeuna lembur Wates) panyawangan kalebah kulon breh atra tlatah Parakan muncang, gunung Cakrabuana jeung gunung Tampomas di Sumedanglarang..Ari anu ngajalankeun roda paparentahan di Dayeuh Talaga dicepeng ku hingkang garwa Raden Kusumahlaya wungsal wangsul ngerbayaksa di Pasanggrahan Agung. Nya di Pasanggrahan Agung didieu pisan dua pasang panganten ngalaksanakeun upacara dedahup ; kahiji Pasangan Ratu Mayang Karuna putrana Raden Purwayana Kancana Dewa ngadahup ka Raden Mundingsari Ageng putrana Pangeran Menak Kancana putuna Prabu Niskala Dewa saking nagari Padjadjaran (salajengna dicandak ngalih bumen bumen di suku gunung Sanggabuana lamping kidul (Lembur Talaga Kacamatan Tanjungsari Bogor). Sapasang deui nyaeta Ratu Simbarkancana sareng Raden Kusumahlaya. Dina pasamoan Agung ieu Ratu Simbar ngaluarkeun sandi prabawa: Yen isuk Jaganing Geto “Talaga Ngadaun Ngora”.
Ratu Simbarkancana sareng Raden Kusumahlaya puputra wolu :
XIX. 1. Betara Sokawayana / Sunan Parung
2. Mangkurat Mangkureja / Sunan Cihaur 
3. Mangkurat Mangunnagara (Sunan Bungbulang)
4. Sang Kerok Batok (Sunan Cengal)
5. Sang Suryakusumah (Sunan Jerokaso)
6. Raden Kuntul Putih (Sunan Santoan Luar)
7. Dalem Ciburang (Ratu Kamana)
8. Dalem Tegal Cau (Sunan Corenda Sumedang Larang)
XX. Betara Sokawayana/Sunan Parung (1440 tug dugi ka 1490) puputri amung siji
1. Ratu Suniya Larang/Ratu Subanglarang/Ratu Parung, Hanggarbeni marang Raden Ranggamantri putrana Raden Pamanahrasa putuna Raden Mundingsari Ageng, buyutna Menak Kancana trah Prabu Niskaladewa saking Karajaaan Pajajaran.Diistrenan jadi Narpati di Talaga nganggo gelar radja Pajajaran”Prabu Pucuk Umun” (1490 – 1550), dina taun1529 Prabu Pucuk Umun di Islamkeun kuingkang uwa Pangeran Cakrabuana/ Pangeran Walangsungsang sareng Sunan Gunung Jati sang narpati katelah Sunan Pucuk Umum(Pangawasa Balarea Anyar) . - bhs Arab al Umah.


PASAL KAPING SANGA : TERAH PAKUAN PADJADJARAN HING NAGARI WALANGSUDJI
XXI. Ratu Suniya Larang/Ratu Subanglarang saking Kraton Parung Champaga, Hanggarbeni marang RadenRanggamantri putrane Raden Pamanahrasa puputra nem:
Prabu Haurkoneng kaping telu (Ratu Galuh Panyocok kuayana Galugu Citanduy karajaan kerem robih jadi Rawa Lakbok ),(1550-tug dugi 1560).Nalika anjeuna jadi Narpati di Talaga, karajaan Talaga jadi Vazal Kasultanan Demak kaereh ku Dipati Carbon nurutkeun eusi babadamian Karaton Ciburang (1557)
Ariya Kikis / Sunan Wanaperih (1560 tug dugi ka 1565)
Ariya Tjutjuk / Dalem Lumaju Agung (Bupati Majaagung)
Pangeran Singalodra / Dalem Santoan Luar Singandaru (Sunan Umbul Luar)
Dalem Panungtung / Santoan Patra Djenar.(Girilawungan)
Dalem Panaekan /Siriwati.
Miturut ujar Ratu Sabda Radja Kandjeng Sunan Ariya Kikis tumitah dina gempungan Pasanggrahan Ageng Karadjaan Talaga (1561), yen sekabeh Dalem ditetepkeun mandiri dina tatanan ngerbayaksa ngolah nagara telatah masing masing kalebet urusan bala kapradjuritan. Kapindo tiap taun dina bulan Syafar Para Dalem dibarengan Lurah Pradjurit Utama kudu Caos hadir dina gempungan Ageng taunan.Ieu kawicaksanaan diterapkeun jang lengkah taki taki nyanghareupan gonjang ganjingna rebut kawasa antara Sultan Demak, Padjang lan Pamanahan anu mangaruhan katentreman rahayat.
XXII.(I). Prabu Haurkoneng kaping telu puputra telu:
XXII.(I). I. Maradja Cipta/ Sanghiyang di Galuh.>>>:
XXIII.(I). I.A. Cipta Permana (1).>>>:
XXIV.(I). I.A.1. Sanghiyang Permana >>> :
XXV.(I). I.A.1.1. Rd. Tjaweri >>>:
XXVI.(I). I.A.1.1.1. Ny. Gdeng Kalimanggis
XXVI.(I). I.A.1.1.2. Rd. Amongraga >>>:
XXVII.(I). I.A.1.1.2.1. Rd. Amongraga II. >>>:
XXVIII.(I). I.A.1.1.2.1.1. Tumenggung Sutanagara I >>>:
XXIX.(I). I.A.1.1.2.1.1. Tumenggung Sutanagara II >>>:
XXX.(I). I.A.1.1.2.1.1. Tumenggung Djayengpati >>>>:
XXXI.(I). I.A.1.1.2.1.1.1. Tumenggung Wira Utama I  >>>:
XXXII.(I). I.A.1.1.2.1.1.1. Tumenggung Wira Utama II >>>:
XXXIII.(I). I.A.1.1.2.1.1.1.1. Tumenggung Wira Utama III >>>:
XXXIV.(I). I.A.1.1.2.1.1.1.1. Tmg. Wira Mantri Utama
XXXIV.(I). I.A.1.1.2.1.1.1.2. Rd. Wiratmaka / Patih Ciamis.
XXX.(I). I.A.1.1.2.1.2. Nyaimas Bawat.
XXV.(I). I.A.1.2. Rd. Wiranagara
XXIV.(I). I.A.2. Dewi Tanduran Ageung nkk. Prabu Dimuntur.>>>:
XXV.(I). I.A.2.1. Prabu Maradja Cipta >>>:
XXVI.(I). I.A.2.1.1. Singaperbangsa I. >>>:
XXVII.(I). I.A.2.1.1.1. Singaperbangsa II. >>>:
XXVIII.(I). I.A.2.1.1.1.1. Singaperbangsa III. >>>:
XXIX.(I). I.A.2.1.1.1.1.1. Wirasuta/ Panatayuda I.
XXV.(I). I.A.2.2. Ratu Kertabumi(Natabumi).
XXIII.(I).I.B. Cipta Permana (2) >>>:
XXIV.(I).I.B.1. Ratu Kamana >>>:
XXV.(I).I.B.1.1. Dipati Panaekan >>>:
XXVI.(I).I.B.1.1.1. Dipati Imbanagara >>>:
XXVII.(I).I.B.1.1.1.1. Panji Jayanagara >>> :
XXVIII.(I).I.B.1.1.1.1.1. R.Ariya Angganaya. >>>:
XXIX.(I).I.B.1.1.1.1.1.1. R.Ariya Sutadinata >>> :
XXX.(I).I.B.1.1.1.1.1.1.1. Rd. Wargakusumah >>> :
XXXI.(I).I.B.1.1.1.1.1.1.1.1. Kiyai Nurwahid.
Ti Ny.Ratu Kertabumi bt. Prabu Cita/Dp Kertabumi XXV.(I).I.B.1.1. Dipati Panaekan >>>:
XXVI.(I).I.B.1.1.2. Bupati Laksana.
XXVI.(I).I.B.1.1.3. Nyimas Tanduran Sindangheula.
XXVI.(I).I.B.1.1.4. Nyimas Maradja Junten.
XXVI.(I).I.B.1.1.5. Dalem Cageur / Ciamis.
Ti Nyimas Tanduran Kuning bt. Kiyai Gde Utama XXV.(I).I.B.1.1. Dipati Panaekan >>>:
XXVI.(I).I.B.1.1.6. Kiyai Mudji.
XXVI.(I).I.B.1.1.7. Ki Mas Imbanagara.
XXVI.(I).I.B.1.1.8. Nyimas Nengah.
Ti Nyimas Larahideung bt.Ratu Gayam Tjanggong XXV.(I).I.B.1.1. Dipati Panaekan >>>:
XXVI.(I).I.B.1.1.9. Nyimas Nalari.
XXVI.(I).I.B.1.1.10. Nyimas Sahat.
XXVI.(I).I.B.1.1.11. Nyimas Tanduran Anom.
XXVI.(I).I.B.1.1.8. Nyimas Cilayung.
XXII.(I). II. Sareupun Agung.
XXII.(I). III. Prabu Upama >>>:
XXIII.(I). III.1. Kiyai Gde Utama >>>:
XXIV.(I). III.1.1. Ny. Mas Tanduran Kuning nkk. XXIII.(I).I.B.1.1. Dipati Panaekan

PASAL KAPING SADASA : NGALIHE PAPARENTAHAN WALANGSUDJI ING PASANGRAHAN DAYEUH TALAGA
XXII.(II). Ariya Kikis (Sunan Wanaperih).(1560 tug dugi ka 1565) puputrara nem:
- Dalem Kulanata (Maja)
- Dalem Cageur (Darma)
- Pangeran Apun Surawijaya (Sunan Lemah Abang)
- Ratu Aradeya hanggarbeni marang Ariya Saringsingan(Lurah Prajurit Pilih tanding incuna Mantri Citrasingha maot di Banjaran Girang)
- Ratu Putri Cipager hanggarbeni marang Sayed Ibrahim bin Syech Muchyi Pamijahan.
- Dalem Wangsa Gofarana Padaherang/Cianjur.nurunkeun para Bupati Cianjur lan Wanayasa.
XXII.(III). Ariya Tjutjuk (Dalem Lumaju Agung)/ Bupati Madjaagung .(1565 tug dugi ka 1595) puputra:
XXII.(III).A‘. Ny.Putri Madjaagung nikah ka Dalem Lumadju Cucuk >>>
XXIII.(III).A‘.a. Ny. Mas Maliyah,
XXIII.(III).A‘.b. Ny.Mas Sigrawana >>> XXII.(III).A‘.b.1. Mas Wangsatjandra,
XXIII.(III).A‘.c. Mas Pranadipa >>>
XXIV.(III).A‘.c.1. Ny.Mas Asmararengga >>>
XXV.(III).A‘.c.1. Kiyai Ketib Gede.
XXII.(III).B’. Ny.Mas Panglayangan nikah ka Dalem Kulanata >>> (Lebet kana stampboom Pangeran Kulanata.( XXII.(II).A.)
XXII.(IV) Pang.Singalodra/Dalem Santoan Luar Singandaru (Sunan Umbul Luar) nikah ka Ratu Tjitrawati bin Tjitrasingha puputra:
XXII.(IV) .A”. Ariya Saringsingan nikah ka Ratu Aradeya bin Ariya Kikis
XXII.(IV) ,B”.Ny. Ratu Sangadeya nikah ka Dalem Djayuda /Bandjaran.
XXII.(V) Dalem Panungtung / Santoan Patradjenar (Girilawungan). puputra: (teu aya catetan).
XXII.(VI).. Dalem Panaekan. Puputra : Sunan Riung Gunung Siriwati >>>
XXII.(VI).A’’’. Ngabehi Satjadipati >>>
XXIII.(VI).A’’’.a. Ngabehi Anom,>>>
XXIV.(VI).A’’’.a.1. Raden Satjamanggala,
XXIV.(VI).A’’’.a.2. Rd.Wirananggala,
XXIII.(VI).A’’’.b.Ngabehi Satjadimarta( >>>
XXIV.(VI).A’’’.b.1. Rd.Wiralaksana,
XXIV.(VI).A’’’.b.2. Rd. Sutasantana,
XXIV.(VI).A’’’.b.3. Rd. Raksagaraha,
XXIV.(VI).A’’’.b.4. Rd. Saleh.
XXII.(VI).B’’’. Nyai Rambut Kasih /Angkeub Sukamenak.
XXII.(VI).C’’’. Ariya Depok/ Cibodas Kulur.
XXIII.(II).A. Pangeran Kulanata./Madja nikah ka Nyimas Panglayangan, >>>
XXIII.(II).A.1. Dalem Satjaparana >>>
XXIV.(II).A.1.1. Dalem Udrasinga >>>
XXV.(II).A.1.1.1.Dalem Yudakarti >>>
XXVI.(II).A.1.1.1, Dalem Satjanata >>>
XXVII.(II).A.1.1.1.1. Tumenggung Mangunnagara >>>:
XXVIII.(II).A.1.1.1.1.1. Demang Mangunpradja (1840 Kabupatian Madja Agung dialihkeun ka Sindangkasih Kulon) >>>
XXIX.(II).A.1.1.1.1.1.1. Dalem Mangunnagara >>>
XXX.(II).A.1.1.1.1.1.1.1.Demang Ardjapradja >>>
XXXI.(II).A.1.1.1.1.1.1.1.1. Demang Djayalaga (Regenschaft panyocok saterasna janten Kacamatan Maja Kabupaten Majalengka).
XXIII.(II).B. Pangeran Cageur / Darma (di Talaga teu aya catetan trahna,ayana dina babad Wangsakerta dina silsilah para Bupati Kasultanan Cirebon)

PASAL KAPING GANGSALAS : DUTA TUGUR ARYA SARINGSINGAN DAMEL ONAR ING ISTANA MATARAM
XXIII.(II).C. Pangeran Apun Surawijaya .(1605 tug dugi ka 1635) puputra papat:
XXIV.(II).C.1. Dalem Selawangi (Pangeran Cakrakusumah).
XXIV.(II).C.2. Pangeran Ariya Tanudatar (Dalem Cibalagung Cianjur
XXIV.(II).C.3. Pangeran Ariya Surawijaya (Sunan Ciburuy)
XXIV.(II).C.4. Pangeran Mangunjaya (Dalem Tuhu Ciparanje Subang).
XXIII.(II).D. Ratu Aradeya nikah ka XIX.(IV).A”. Ariya Saringsingan bin Singalodra puputra :
XXIV.(II). D.1. Ariya Wangsaredja/Cidulang >>>
XXV.(II).D.1.1.Dalem Udrasingha >>>
XXVI.(II).D.1.1.a.Ny.Rd. Siyem,
XXVI.(II).D.1.1.b.Mas Wangsataruna.
XXIV.(II).D.1.2. Dalem Yudawangsa/Sumedang >>>
XXV.(II).D.1.2.1.Mas Djani >>>
XXVI.(II).D.1.2.1.1.Ny. Masrodiyah
XXIV.(II).D.1.3.Dalem Udrasana >>>
XXV.(II).D.1.3.1.Dalem Udranata >>>
XXVI.(II).D.1.3.1.1. Mas Raksa
==============
Sumber : https://sunantalagamanggung.wordpress.com/silsilah

Baca Juga :

Tidak ada komentar