Tampomas Buka Kembem
Upami nguping gelar nami Maha patih gajah man lodra anu tujuh ti karajaan jukut ngeuluk sampih marilit, nagara kajar kajar pati lontra, nu aya di pancer gunung tampomas, teu kacutat teu kasabit dina carita jieunan urang Walanda, mungguhing tapak ratusan taun kapungkur, aya nu kabuka, aya nu buni, aya nu murah meriah, aya nu mahal, Aya nu lazim,aya nu teu lazim. Kumaha kasedep sewang-sewangan, nu penting tong pasea mun panggih jeung nu beda, malahan kudu bungah saupami nguping nu beda, totonden can ka suaykeun.
Pusakana kaleresan ku pribados di titipkeun di dua padepokan, di antawisna iteuk Jaya Sakti Cahya Buana (ki medang jati), kursi pangcalikan korsi jondra, keris jalaprang, mahkutana di titipkeun di puun jandol rayina puun jambrong nu nyepi di leuweung larangan kanekes, tongkatna di titipkeun di puun jangkung nu nuju nyepi di papua. Rahasiah gunung tampomas BUKna dicangking ku Hyang hantu Brahma nu linggih di alam samar, tonggoheun padayungan. Tabepun ampun paralun nu kasabit wastana, mugya pada jembar pangampura.
Di guar tanpa bukti hambar kacida, upami hoyong nyaksi kedah di kawitan mipit di gunung tampomas, teras ka gunung sawal, ibakna di situ panjalu, kumargi di situ panjalu aya mustika sumedang anu ngahaja di titipkeun waktu jangji pasini ki halimun putih ngeunaan rundayan tampomas,ti situ panjalu laju ka sancang tepungan ki panca gilang kusumah cokot karembong cinde wulung,saupama hasil geuwat ka gunung padang ci widey tepungan ki tegug jaya jeung ki tikus jaya kancana penta sureuh hideung nu di jerona mangrupakeun layang tampomas, ti leuit salawe jajar ngidul saeutik kira2 500 meter tepungan ki odeng putih, mun bisa bahasa sato tangtu jeung panggihna, saupama hasil geuwat indit ka kanekes tepungan puun jandol nu linggih di luhureun tangkal sabudeureun leuweung larangan. Mun panggih tanyakeun tutunggul maha patih gajah man lodra anu tujuhan, gunakeun bahasa nagara kajar kajar pati lontra "E U NAHA BAHA BATIN ANGKUNI INA HAQI"
Saupama panggih sareng puun jandol pasti di saksikan Ka rundayan tampomas, puun jandol pasti mere titipan keur Mbah cebek NU linggih di gunung Suryakencana, ti kanekes geuwat KA gunung Suryakencana tepungan sepuh NU gaduh Nami Mbah cebek, ngucapna gunakan bahasa Nagara kajar2 Pati lontra " PANGKU NIA ANA E U DATIN" ku mantena pasti di tingalikeun iteukna raja sampih marilit, tidinya suhungkeun karembong Cinde Maya, pikeun layang kepungan Ki Jambrong NU linggih di gunung puseur buana sutra lakakon... Sementawis mah sakitu Heula aneun...
Upami hoyong paos kanu cahaya exlusive pengorbanan Oge keudah satimpal sareng Nu di tapak.
Mukakeun rundayan Gunung Tampomas kedah nyangking pusaka ti Karang Kamulyan, Nami pusakana "PASO PATI YA PASO PATI KERIS KUJANG PANCA ROBAHU", Nu kadua nyandak daun hanjuang damar pikeun perbakti KA alam awang2 jabal kup anu linggih di juru Kaler langit lapis KA lima wastana aki inten sareng Nini inten, nu katilu nyandak mustika GERBANG PUCUK UMUN (keris Emas Naga Sastra) tawis kenging Widi ti gunung lingga,KA opat banyu suci ti walungan ci manuk nyandak banyuna di warung peti (tawis Widi zaman Tirta)... Jumlah tangtungan wujud NU Kedah Aya 14 urang, 12 jalmi kalahiran Sumedang, sajalmi kalahiran Cirebon,sajalmi kalahiran Kuningan.. nu ti ci rebon sareng NU ti Kuningan mah pasti tos nyampak Aya ditempat, upami Aya widina pasti mancur cahayana, BUK gunung tampomas nembe tiasa di kanyahokeun..
Sanaos sapuratina mugya tiasa ngahartoskeuna.
Tampomas nuju bubuka kembemna...aya opat Gunung nu teu euleub dinu waktos Jaman Tirta (banjir Nuh) nyaeta Gunung Ciremai (Cirebon), Gunung Syawal (Ciamis), Gunung Galunggung (Tasikmakaya) Sareng Gunung Tampomas (kapungkur namina Gunung Gede).
Gunung Galunggung mah center na (rekening) tempat gumulung jeung pamedalan para papayung agung, nu disebut gunung OM, nu ngawalan tapi lain awal, nu ngawiwitan tapi lain wetan, di bukana ku karembong larang, pujina "BUMI SINYAK BUMI MINYAK, BUMI UJUDNING DZATULLOH, BUMI SANTANA SABANGSA, SABANGSA TUNGGAL NU KAWASA". di dinya pisan tempat panyipuhan keur para Maharaja diluhureun watu gigilang nu jadi guguling Hurip sabumi, di luhureun watu gigilang pasti Aya cahaya katumbiri 7 warni, nya didinya pisan di jadikeun tempat nyebakeun jasad kanu Maha Kawasa, numbalkeun wujud kanu maha agung, mastikeun diri keur NU maha suci, NU lulus lungsur ti Galunggung baroga gelar BRAMA KUMBARA.
Tabe pun ampun paralun kanu kasebut, mugya jembar pangampura.
Aheng-Ahing-Ahung.
Rahayu...

Post a Comment