Kronologis Detik-detik Karajaan Pajajaran Burak 8 Mei 1579

Kronologis perseteruan Karajaan Pajajaran jeung Cirebon urang pesek bareng-bareng ki dulur sunda :

1. Awal na ti Cirebon nalika Syarif Hidayatullah (putra nyi mas rarasantang) nu linggih di cirebon diangkat janten Dewan Ulama Tertinggi pulau jawa ngagentos Syekh Datuk Kahfi nu tos pupus ku Pangeran Walangsungsang (uwa na). Pangeran Walangsungsang nyalira direstui ku nu janten Rama na nyaeta Sri Baduga Maharaja jadi Panguasa Cirebon. Ngan lantaran nyaah ka nu jadi adina (nyimas Rarasantang) tahta na dibikeun ka Syarif Hidayatullah, ari anjenna mah cekap jadi Dewan Penasehat sakaligus pelindung Raja. 

2. Atas dukungan deung persetujuan para wali taun 1482 Masehi, Cirebon ngaproklamirken diri jadi karajaan berdaulat nu asal na mangrupakeun vazaal bawahan Karajaan Galuh 

3. Berita ieu nepi ka Sang Nalendra Pajajaran salaku panguasa SUNDA tuluy ngurus DUTA BESAR na pikeun musyawarah nyelesaiken pasualanana ngan teu balik deui ka Pakuan sabab di cegat di sergap di Gunung Sembung ku pasukan Cirebon deung Demak.

4. Sang Raja ngadat teu kabendung nitah nyerang pasukana ka cirebon ngan di caram ku nu jadi penasehat Tertinggi na (Resi Karajaan) wasta Ki Buyut Purwagalih kusabab pertimbangan Syarif Hidayatullah incuna nu diangkat ku Pangeran Walangsungsang putra kakasihna Sri Baduga Maharaja. Nu ahirna sang raja ngaredam amarah na deung sabalikna Cirebon embung nyerang Pakuan kusabab masih leluhur karuhuna. 

5. Nalika Sri Baduga pupus, rasa hormat cirebon ka Pajajaran mulai luntur deung leungit kusabab persaingan ekspansi dagang harita nu paktana pelabuhan pelabuhan pajajaran dikuasai cirebon deung Demak. 

6. Mulai cirebon ngayakeun serangan ka karajaan pajajaran waktu zamanna Prabu Surawisesa dulur sabada Pangeran Walangsungsang ti Nay kentring manik mayang sunda. (Sakaol butuh jang nyerang teh 5 taun)

7. Elehna karajaan pajajaran nu paling patal nyaeta Cirebon di luar dugaan mampu ngaburak nyerang Galuh ti arah wetan di Bukit Gundul Palimanan nu kejadian taun 1528 - 1530 Masehi

8. Ningali Galuh diserang eleh ku Cirebon prabu Surawisesa langsung nyien perundingan jeng cirebon ngutus Menteri na ka Pakungwati sangkan perjanjian damai ngawujud. Isi perjanjianana nyaeta : "kadua belah pihak kudu pada nahan diri, kudu saling mengakui kedaulatan nagara sabab sarua sadarajat sadulur ahli waris na Sang Sri Baduga Maharaja

9. Taun 1535 Masehi, sang prabu surawisesa pupus diganti ku putrana nyaeta Sang Ratu Dewata. Ngan anjenna mah langkung milih jadi Resi tibatan ngurus pulitik alabatan weurueu ku perang bae. Nu ahirna nagara deung rahayat na kurang kaperhatikeun. 

10. Disisi pihak lain, Banten ku pangawasana Panembahan Hasanudin kurang panji ku ayana perjanjian pajajaran jeung cirebon nu geus ngawujud sabab dianggap ancaman pikeun Banten tapi orokaya anjenna oge kudu taat ka nu jadi pertimbangan bapak na. 

11. Timbul paniatan sultan Banten pikeun NGAWASAAN pajajaran, enya anjenna nyien pasukan husus tanpa identitas terselubung. (panembahan Hasanudin mangrupakeun buyut na Sri Baduga maharaja garis getih kawunganten /geutihna Sang Sinuhun Sunan Gunung Jati nu mungkin ngarasa berhak oge kana warisan tahtana. 

12. Dina pangawasa sang ratu dewata, Banten NYIEUN serangan ka Pakuan tapi bisa kahadang di alun alun pakuan nepi ka gugurna TOHAAN RATU SERENDET deung TOHAAN RATU SANGHYANG (saha eta teh baraya..? ke eta mah versi lain..) 

13. sang ratu dewata pupus ragrag pangawasana ka putrana nyaeta Ratu Sakti taun 1543 Masehi, ngan watak karakternya sang putra nu hiji ieu mah kejam biadab pisan nepi rahayat sorangan diperangan, hirup na teu tentrem deung nepi ka ngalakukeun kawin ka HULU LANJAR ngawin gadis nu geus tunangan

13. Ratu Dewata Raja Pajajaran wafat pangawasana diganti ku putrana wasta Ratu Sakti nu ngalakukeun kawin ka RARA HULANJAR (...nepi ka nu jadi indung kawalon dikawin oge), lantaran pasipatan watak na nu tojaiah deung ajaran harita enya anjenna turun tahta taun 1551 Masehi. 

14. Sanajan harita kaayaan pakuan pajajaran lumpuh kasempatan ieu teu di manpaatken ku Hasanudin kusabab ker ngeurahkeun pasukana ka Pasuruan ngabantu Sultan Trenggono.

15. Geus mulai na mangsa KALIYUGA harita pakuan Pajajaran zamanna Sang Prabu Nilakendra di kepung diserang pasukan teu dikenal nepi ka petinggi bangsawan sarta rahayat na TIWAS banjir geutih di bumi pakuan. Ningali kaayaan nu teu kondusif, sang prabu Nilakendra lumpat ngalolosken diri pindah pindah ka leuweung geledeugan sangkan teu kanyahoken pasukan teu dikenal nu nepi kiwari teu apal Dimana pupusna? iraha pupusna? 

16. Pajajaran lumpuh, pasca penyerangan Pasukan Banten nu ka 2 kali na tokoh-tokoh penandatanganan perjanjian damai Pajajaran + Cirebon hiji hiji dipunut yuswana. SANGHYANG Surawisesa pupus taun 1535 M, sang sunan gunung jati pupus ping 19 September 1568 M, Panembahan Hasanudin pupus taun 1570 M. 

17. sanggeus para pentolan kadua belah pihak tilar dunya Panembahan Yusup nu ngaganti Panembahan Hasanudin (9 taun marentah) anjenna ngalakukeun serangan gede-gedean ka Pakuan nu harita diparentah ku Prabu Ragamulya Suryakancana ping 8 Mei 1579 Masehi. 

18. Sang Prebu Ragamulya gancang pindah jeung sesa pasukan pasukana katut kulawarga na sawareh harita ka Gn. Pulosari Kaduhejo Pandeglang. (Naha bet indit pindah ka Pandeglang nu deket jeung Surosowan Banten ?), malah anjenna sempet nuluyken pamarentahana sok sanajan Raja tanpa mahkota. 

19. Di Pandeglang Sang Prabu marentahken Senopatina (4 kandaga lante) sang prebu Ragamulya Suryakancana gancang marentahken ka opat senopatina (4 kandaga lante) nu disepuhan ku Ki Buyut Eyang Jayaperkasa pikeun indit nyalametken putrana Raden Ajimantri jeung kulawargina dibarengan ku bangsawan Petinggi petinggina (sakaol mah jumlahna 44) pikeun nepungan Nalendra Sumedanglarang nyaeta Raden Sholih atanapi Pangeran Kusumadinata bari nepikeun deung masrahkeun Makuta Sang Hyang Pake Binokasih ka anjenna. 

20. Dina sajarah nu teu kacatat, samemeh Mahapatih katut rombongan hijrah ka Sumedanglarang, aranjenna teu langsung nepangan Pangeran Santri tapi nepungan heula ka putra prabu Siliwangi ti istri nu sanes na nyaeta Sutra Simbar Bendera (Sutra Ngumbar/Prabu Madu Ucing) deung Sutra Simbar Kencana (Sutra Bandera) di Cipancar Sumedang tapi orokaya aranjena oge sami geus teu boga deui kakuatan pikeun nuluyken trah pajajaran enya ahir na nepungan Kasepuhan Raja Kertarahayu di Gn. Poronggol Limbangan Sang Sunan Rumenggong Sang Rakean Karanten Prabu Layaran Wangi. enya satutas pituduh anjenna perjalanan diterasken ka Karaton Sumedanglarang kanggo nepikeun amanah PULUNG AGUNG sangkan Mahkota dituluyken ku Putra Mahkota Karaton Sumedanglarang Prabu Angkawidjaya nu disaksian ku 40 raja bawahan sumedanglarang deung disahken ku 4 kandaga lante.

Nu ahirna karajaan sumedanglarang sah salaku panerus karajaan pajajaran.

Hapunten bisi aya kasalahan mah nyungken direvisi bae atuh mun kurangna tambahan bae pados nambih pangaweruh ka sadaya wargi ki sunda. 

Hatur nuhun.

Sumber notuen :

Baca Juga :

Tidak ada komentar