Usulan Patok Domas Cipaku Darmaraja

Sanggeusna Lingga Alpha (Gunung Lingga) ku Eyang Prabhu Tadjimaléla jeung Lingga Oméga anu di Alun-alun Kota Sumedang, ku Eyang Pangéran Suria Atmadja (Pangéran Mekah).

Rerengan Tangtungan Insun Medal  (TIM) gaduh gagasan supagi sacara simbul Sumedang kedah ngadamel "Tugu Lingga Purusa Paku Ning Alam" salaku karya generasi kiwari, nu lokasina di wewengkon CiPaku Darmaraja anu wangunna "Segitiga Sama Sisi" nu ngalambangkeun Buana Nyungcung, ditengah Buleudan nu ngalambangkeun Jagat Lemah Sagandu.

Mun téa mah enya dana keur Musium monuméntal Jati Gedé téh aya, sok geura wangun ! Ngan sagédéngeun éta nu leuwih penting, sejahterakeun heula masarakat OTD anu nepi ka kiwari réya nu nasibna masih kénéh katalangsara.

Kasumedangan ngétang ti Zaman : 
~ Pawitra salaku Titik Nol Peradaban 
~ teras ka Jaman Setra (Jaman Adam) 
~ Tirta (Jaman Nabi Nuh / Babad Sagara versi Babon babon Tapel Adam & Hawa)  
~ Dupara 
~ Kadi 
~ Sanga-Ra, 
~ teras balik deui ka Nir / Pawitra (Suci). 
Numutkeun Sumedang Poe aya 9, sadinten sawengi sanés 24 Jam tapi 18 Jam, 9 Jam siang 9 Jam wengi.

Tos waktos Sumedang ngabedah Peradaban Dunia, ieu nu dimaksad TALA-GA bedah ku Wayah. Ga = 9 (Salapan). TALA (Lapisan), mangga urang buktoskeun Sumedang HIBAR BUANA (Mercusuar Peradaban Dunia) sacara ilmiah.

Kecap PADOMAN téh kapan tina PA (tempat) nu baheula sok dicirian ku Tugu Lingga, ciri Lembur ku Lingga Sagi, ari Kabuyutan ku Sawén tengahna Undak Mandala, puseurna Lingga Tunggal, ari Do tina Dua Omas (800), MAN = Mandala Kamanusaan (Dimensi Sosial) jeung Mandala Kamanunggalan (Dimensi Spiritual) nu sacara simbul dipuseurkeun di Ci Paku PAKU NING ALAM anu disebut PATOK DOMAS.

Jaman Robah Lalakon Ganti ku Tata Anyar, Luyu Kana Wayah Manjing Kana Wanci.

Momentum Sakabeh ngawangun jeung galestarikeun kakayaan Intelektual Budaya Sumedang.

Rahayu Hurip Waras Sumedang!!!

Panambih keterangan Patok Domas Cipaku dumasar Pola rasio Fibonnaci Situs-situs nu aya di Jawa Barat.

Gambar 1. Pola Penggambaran Rasio Alam Fibonassi Situs Cipaku Jatigede

Bandingkeun sareng Rasio Fibonacina upami dipetakeun pola Rasio Fibonassi aya di situs Gunung Padang Cianjur, katinggal polana teu nyekrup atanapi teu saimbang. palih kiwa posisina lingkaran Fibbonacina ka laut, kumargi ka janten banjir sagara tos kalangkungan dina jaman Nabi Nuh atanapi Jaman Tirta dina jaman Sundaland. Kitu deui ku ayana bendungan Jatigede, pinasti bakal jagat ngarieg kumargi gaya fisik sentripetal eta cai Talaga, sareng bakal bedah ku wayah (waktu), da teu aya nu abadi di alam dunya mah. 


Gambar 2. Pola Penggambaran Rasio Alam Fibonassi Situs Gunung Padang Cianjur

Baca Juga :

Tidak ada komentar