Carita Ti Limbangan: Prabu Mundingwangi

Prabu Mundingwangi

Carita ti Limbangan Ku : Aan Merdeka Permana

Prabu Munding Wangi Raja Pamungkas Galih Pakuan Karajaan Galih Pakuan anu perenahna di wewengkon Kacamatan Limbangan Kabupatén Garut, sanajan leutik tapi boga umur anu panjang. Geus aya ti abad 5 kénéh, diadegkeun ku Prabu Srimatikan Wrédikandar atawa Prabu Rumpah, turunan Tarumanagara. Ari rajana anu pamungkas, katelahna Prabu Munding Wangi, makamna aya di ponclot Gunung Pabéasan, wewengkon Selaawi, Kabupatén Garut.

Pabeasan téh hiji ngaran gunung di wewengkon tonggoheun Kacamatan Selaawi, Kabupatén Garut. Kaasup gunung anu luhur da lamun urang aya di ponclotna, padataran handap Limbangan kaawaskeun kalawan écés. Di ponclotna aya makam kuna. Henteu kaurus da arang aya jalma anu ngalanto ka lebah dinya ari teu penting-penting teuing mah. Mun ku anu saliwat, moal kabireungeuh makam, sabab ukur gundukan batu, kitu gé geus marisah. Kaayaanana kacida barala ku rungkun, alimusa jeung tangkal cucuk. Tapi da loba urang Selaawi jeung Limbangan anu ngarasa yakin yén éta téh makamna Prabu Munding Wangi.


Ari Prabu Munding Wangi téh, taya lian iwal ti raja pamungkas Karajaan Galih Pakuan (1690-1695 Maséhi). Ngaran aslina mah inyana téh Sriyadipasti. Sriyadipati atawa Prabu Munding Wangi téh putrana Sunan Rumenggong ti geureuha nu namina Walanis Wangi atawa Wahli Sartiningsi.

Walanis Wangi téh ogé mangrupa raina Prabu Adipatékan Jayakencana, nyaéta raja Karajaan Galih Pakuan saméméh Prabu Munding Wangi. Ku sabab Prabu Adipatékan teu boga turunan lalaki, singgasana karajaan téh ahirna dipasrahkeun ka alona atawa putrana pasangan Sunan Rumenggong jeung Walanis Wangi.

Karajaan Galih Pakuan téh bisa jadi karajaan nu umurna kawilang kolot di tatar Sunda. Ngadegna abad 5 atawa taun opat ratusan, eureun-eureun taun 1695 sabab dina taun éta pangaruh Mataram asup, jeung nagara dirobah jadi kabupatian.

“Karajaan mah terus hirup ngan teu kaambeu ku umum,” ceuk Sunan Rumenggong tina catetan-catetan tradisional. Teu kaambeu ku umum, atawa kurang katalingakeun ku balaréa, sabab sanajan umurna kawilang panjang tapi Galih Pakuan lain karajaan badag jeung salila ngadeg, sasat teu ngalaman kajadian-kajadian badag.

Sanajan umurna jauh leuwih kolot batan Pajajaran tapi basa Pajajaran ngadeg mah, Galih Pakuan téh ka éréh ka Pajajaran. Galih Pakuan boga kawajiban nganteurkeun séba ka Pakuan dina saban aya acara Kuwérabakti. Sanggeus Islam sumebar ka mana-mana, Galih Pakuan tetep hormat ka Pajajaran, ku jalan teu ngeureunkeun séba.

Padahal ti jaman Prabu Handé Liman Sanjaya, (putra Sri Baduga Maharaja), sacara pamaréntahan, Galih Pakuan geus leuwih déngdék ka Cirebon, batan milih biluk ka Pajajaran, sanajan ari amba-rahayatna mah kabagi dua. Hartina, aya anu mémang milu déngdék ka Cirebon tapi ogé aya anu tetep satia-satuhu ka Pajajaran. Ti antara maranéhna, kungsi aya patelak urusan ieu, ngan henteu ari jadi patelak badag mah. Ongkoh sanajan milih biluk ka Cirebon, pamaréntahan Galih Pakuan henteu ngamusuhan Pajajaran.

Sunan Rumenggong, datang ti wewengkon Banten, milu nyebarkeun Islam di wewengkon Galih Pakuan. Loba urang Galih Pakuan anu pindah agama, tapi aya anu keukeuh satia-satuhu kana agama karuhun. Tapi ku Sunan Rumenggong teu dikukmaha, teu dipaséaan.

“Da ari enas-enasna mah kabéh ogé tunggal sadulur, jadi tong alatan béda kayakinan jadi pacogrégan,” saur Sunan Rumenggong harita. Tapi kilangh kitu cenah, kungsi ari aya papaséaan tepikeun ka timbul galungan mah. Ngan mimitina tina urusan dadagangan.

Sawaktu aya sabubuhan padagang muslim ti Banten ka Galih Pakuan, timbul patelak urusan nangtukeun tata-cara dagang. Ceuk ieu kudu ku cara tradisi karuhun tapi ceuk itu kudu ku tata-cara Islam, atuh sasama padagang béda paham agama téh paraséa, tilu bulan lilana aya riweuh-riweuh di Galih Pakuan sabab padagang urang Banten, ngeprak balad ti Banten. Eureun-reun sotéh ku kasadaran masing-masing pihak wé. Jiga ceuk ucapan Sunan Rumenggong téa, yén dina enas-enasna mah kabéh gé tunggal sadulur sanajan béda paham kayakinan ogé.

Sunan Rumenggong ogé datangna ti Banten ka Galih Pakuan téh, niatna mah jual-beuli, ngan selang-selang ti éta sok nyebarkeun agama. Malah ku sabab ari di kalangan pamaréntahan mah, pangagung téh loba anu geus muslim, atuh Sunan Rumenggong ogé loba hubungan jeung pangagung, tepikeun ka ahirna nikah ka raina Prabu Adipatékan, nyatana Nyi Walanis Wangi.

Malah ahirna, nya putra ti ieu pasangan anu ka hareupna ngagantikeun raja, Prabu Munding Wangi, atawa Sriyadipati téa. Hanjakal, karajaan sanggeus dirajaan ku Prabu Munding Wangi, ukur nyésakeun umur salila lima taun (1690-1695). Nu jadi masalah, robahna pajamanan karasa pisan héabna. Mataram ajeg-pengkuh di wilayah Priangan, nancebkeun adeg-adeg pamaréntahan anyar.

Tina karajaan, Galih Pakuan robah jadi kabupatian. Kitu gé ngaran Galih Pakuanana mah leungit, nya robah jadi Kabupatian Limbangan. 
================
Dicutat tina Majalah Ujung Galuh No. 13

Keterangan : 
- Siitus Di Gunung Pabeasan Selaawi :
1. Makam Prabu Munding Wangi / Sunan Cisorok Pelitaasih Gunung Pabeasan Selaawi.
2. Makam Manggun Rebang / Mangun Dipa Cihaseum Pabeasan Selaawi.
3. Makam Kesrek Pangangonan Gunung Pabeasan Selaawi. 
4. Makam Bang Suwita / Antiyeum Puncak Gunung Pabeasan. 
Aos salajengna hasil penelusuran dina Blog Limbangan The Returns

- Prabu Handé Liman Sanjaya, (putra Sri Baduga Maharaja ti Ratu Raja Mantri ti Sumedang Larang).

Alus eusina ieu wawacan teh kacutat tahunna deui, ampir sami sareng Babad Karta Rahayu Limbangan dina masa Sunan Rumenggong, ngan aya hiji patarosan, nyaeta : "Na enya Sunan Rumenggong teh datang ti Banten atawa ti Mandala Puntang (Timbanganten; asalna mah Nagara Panembong)?" Numutkeun babad Sajarah Silsilah Asal Usul Limbangan, yen Sunan Rumenggong teh masih katurunan Prabu Jaya Dewata (Prabu Siliwangi) ti Nay Putri Inten Dewata (putra Dalem Pasehan Timbanganten) kitu deu masih dulurna Sunan Ranggalawe (Ratu Timbanganten). Aos salejengan dina BABAD LIMBANGAN GARUT.

Kitu deui kasebut 7 wilayah Karajaan di Garut dina masa abad 14 - 16 Masehi, nyaeta :

- Galih Pakuan (Balubur Limbangan)
1. Prabu Layaran Wangi / Sunan Rumenggong
2. Nalendra Prabu Liman Senjaya 
3. Prabu Wijayakusumah (Sunan Cipancar).

- Sudalarang (Sukawening)
1. Prabu Wastu Dewa
2. Sangga Adipati Liman Senjaya (ti Galih Pakuan) jeung Wastu Dewa (ti Sudalarang) teh adi lanceuk putrana Prabu Layakusumah. 
Indung Liman Senjaya jeung Wastu Dewa teh nyaeta Nyi Rambut Kasih (anak Raja Sekean Layaran Wangi ti mumunggang gunung Haruman)

- Cangkuang (Leles)
1. Prabu Layakusumah
2. Prabu Perhancilan
3. Prabu Pangadegan (Sunan di Kandanghaur)

- Mandala Puntang (Timbanganten; asalna mah Nagara Panembong)
1.  Dalem Pasehan
2. Nalendra Ratu Maraja Inten Dewata (putri Dalem Pasehan anu ditikah ku Prabu Siliwangi)
3. Prabu Permana (di Puntang)
4. Prabu Panten Rama Dewa
5. Prabu Derma Kingking
Keterangan : Kerajaan ini memang kurang begitu populer di kalangan masyarakat Jawa Barat, karena kerajaan ini memang tergolong kecil. Kerajaan Timbanganten merupakan Kerajaan yang berada dibawah dominasi Kerajaan Pajajaran. Kerajaan ini memiliki cakupan wilayah yang cukup luas, terdiri atas sembilan daerah yang disebut "Ukur Sasanga", yang salah satu wilayahnya adalah wilayah Tatar Ukur (sekarang Bandung) dengan ibukotanya yaitu Tegalluar. Namun setelah Kerajaan Pajajaran runtuh di tahun 1579, Tatar Ukur menjadi wilayah kekuasaan Kerajaan Sumedanglarang (penerus Kerajaan Pajajaran).

- Batuwangi (Singajaya)
1. Prabu Terus Bawa (Penj. Prabu Terus Bawa di dieu sanes Prabu Tarusbawa Raja Sunda ka 1 masa pamarentah karatuan 591 – 645 Caka (695 – 748 Masehi)
2. Prabu Wirawangsa
3. Batara Tawalang Tedeba

- Kandangwesi (Bungbulang)
1. Prabu Surata (Sri Maharaja)
2. Adipati Jeping

- Nagara Sancang (Pameungpeuk)
1. Prabu Brajadilewa (jeung patih Parenggong Jayakaraton,).

Baca Juga :

Tidak ada komentar