Mukakeun Harti Pupuh Atawa Papatet Sakawayana

Mukakeun harti Pupuh atawa Papatet, nu sok dipantunkeun / dihaleuangkeun nu ku barudak ayeuna mah teu kahontal kamana loyogna eta paparikan silib jeung silokana.

Da penyanyi Sunda oge can puguh ngartian dina Silib jeung Siloka eta paparikan atawa papatet.

Contohna dina lagu bubuka Darso "MARIPI", dihandap ieu :
Gunung Tanpa Tutugan
Gunung Galunggung kapungkur 
Gunung Sumedang katunjang 
Talaga Sokawayana 
Rangkecik di tengah leuweung 
Ulah pundung ku disungkun 
Ulah melang teu diteang 
Tarima raga wayahna 
Ngancik di nagara deungeun

Gunung Gede siga nu nande 
Nandean ka badan kuring 
Gunung Pangrango ngajogo 
Ngadagoan kuring wangsul 
Wangsul ti pangumbaraan 
Kebo mulih pakandangan 
Nya muncang labuh ka puhu 
Pulangkeun ka Pajajaran


Sabenerna eta paparikan papantun siloka - sindir kanggo Rd. Aji Mantri Sokawayana putrana Prabu Nusiya Mulya (Prabu Seda / Prabu Raga Mulya Surya Kancana) raja Pajajaran Panungtung nu burak dirurug ku wadya balad Cirebon - Banten, sanes kanggo Prabu Walangsungsang Sultan Cirebon kahiji putrana Prabu Jaya Dewaya Siliwangi ti Nay Subanglarang, "GUNUNG GEDE" dina papantun siloka eta maksadna GUNUNG TAMPOMAS / TAMPORASIH, sanes Gunung Gede Bogor. Gunung Tampomas atawa Tamporasih beuheula diaranan Gunung Agung atawa Gunung Gede.


Malah nepi ka kiwari sabagian masyarakat Conggeang, Tanjungkerta jeung Buah Dua, tara nyebut Gunung Tampomas tapi nyarebutna Gunung Agung atawa Gunung Gede.

Katalungtik tina wawacan, sajarah jeung Catur Rangga, ayana dinamian Gunung Agung (Gede), dina hubunganna jeung kayakinan ALAM KOSMOLOGI KAMANDALAAN - BUAHNA DALIMA - Sunda nu Lima, nyaeta : KALER, WETAN, KIDUL, KULON jeung PUSEURna yaeta Gunung Tampomas atawa Wilayah Sumedang, sarta dina kakaitanna jeung philosofi Trilogi "TRI TANGGTU DI BHUANA' antara wilayah Kamandalan / Kabuyutan Sumedanglarang, Kamandalan / Kabuyutan Cirebon Larang, Wilayah Kamandalaan / KabataRAan Galunggung jeung Wilayah Kamandalaan / Kabuyutan / KabataRAan Denuh, Kamandalaan / Kabuyutan Subanglarang dina jaman beh dituna nyaeta jaman Taruma NagaRA (Matarum), Puseur Panca Wilayah eta ayana di Sumedanglatang.


Pan geuning aya pupuh atawa papantun "NATAAN GUNUNG", nu eusina kieu :
Gunung Tanpa Tutugan
GUNUNG GALUNGGUNG kapungkur
GUNUNG SUMEDANG katunjang
lain SUMEDANG di WETAN
Baheula SUMEDANG LARANG
SUMEDANG SASAKA DOMAS 
Lain GUNUNG TAMPA OMAS

Itu gunung naon...
nu ngayapak tebeh WETAN
ari GUNUNG CIREMAI teh
tetengger nagara mana?
Lain CIREBON di wetan
CIREBON baheula LARANG
CIREBON SASAKA DOMAS

Itu Gunung naon...raden?
"GUNUNG CUPU' Mandaluyu
layu soteh hayu mulang
wangsul ti pangumbaraan

Ari "GUNUNG CUPU", teh raden
Tetengger NAGARA mana?
itu gunung naon...jst.


Dina Jaman Tarumanagara Kamandalaan / Kabuyutan Mandala Mandala herang, Kamandalaan / Kabuyutan Gunung Cupu Manik jeung Kamandalaan / kabuyutan Gunung Cupu, Wilayah Puseur Kosmologi Medang (Sumedang), ka lebet wilayah vazal (bawahan) Tarumanagara anu dpimpinna ku Prabu Daniswara (Somadira) turunanan Karajaan Salakanagara => SUMEDANG SASAKA DOMAS, kitu deui jaman Tembong Agung kungsi Sakawayana (Mbah Jalul) anu atsarna di Cipaku Astana Gede Darmaraja, kungsi mimpin Mandala eta.

Dumasar eta babad aya dua nami sokawayana, ngan papatet nu diluhur mah nyaritakeun Jaman Resi Sokawayana Rd. Aji Mantri ti Pajajaran putrana Prabu Haris Maung (Prabu Seda atawa Prabu Nusiya Mulya) anu bubuara ka Sumedang masrahkeun Makuta Binokasih piwarangan Prabu Seda (Nusiya Mulya).

Kakuatanna Mahkuta dipasrahkeun ka Sumedang, ku sabab ti Ratu Raja Mantri anu dipigarwa ku Prabu Jaya Dewata ngalahirkeun treuh-treuh Pajajaran nu aya di wilayah Sumedang di antara Rd. Memeut anu tumetep di Sumedang anu puputra Sunan Arya Pada, ramana Ratu Cukang Gede Waru.

Ratu Ratnasih / Nyi Rajamatri (Ratu Istri Rajamantri) dipigarwa ku Prabu Sri Baduga Maharaja Ratu Haji (Prabu Jayadewata), puputra :
1. Balik Layaran / Sunan Kebo Warna 
2. R. Ceumeut / Rd. Memeut => ramana Sunan Pada => ramana Ratu Cukang Waru garwana Prabu Geusan nu kahiji, nu ngarundaykeun Para Bupati Salajengna ti ngawitan Rangga Gede puputra Rangga Gempol II, puputra Ranggal Gempol (Rd. Bagus Weruh/Panembahan)...jst.
3. R. Ne-Eukeun
4. Munding Kelemu Wilamantri atanapi Munding Keulepeung
5. R. Sake atawa Prabu Wastu Dewa => Kaprabonan Sudalarang (Sukawening) Garut.
6. Mundingsari II / Mundingsari Ageung => Atsarna aya di Heubeul Isuk Nanggerang caket Prabu Tirta Kusumah (Sunan Tuakan), tapi aya oge di Limbangan Garut (Cipancar Girang) nu aslina.
7. Dalem Manggu Larang.
8. Munding Dalem. 
9. Prabu Liman Sanjaya => Kaprabonan Galih Pakuan Limbangan(Cipancar Girang) 
10. Jaka Puspa Alias Guru Gantangan ...abdi gaduh sangkian Sutra Ngumbar anu di Cipancar teh Rd, Meumeut / Rd. Cameut ramana Sunan Pada

Janten pantes mun di mana papantun eta disebutna Kebo Mulih Pakandangan. Di tinggal jaman ka tukangna deui sadayana katurunanan Raja-raja Sunda Pajajaran katurunan ti Ciung Wanara / Buyud Maja anu di urus ku Ki Balangantrang (Aria Bimarkasa) putrana Rsi Jantaka ti Kamandalaan Denuh Tasikmalaya, patih di Galuh dina mangsa Prabu Purbasora sareng ku Dewi Komala Sari (Sunan Baeti) putrana Prabu Purbasora,anu harita ngadegekeun kamandalaan Cipancar Hilir di Sumedang.

Keun wae ah mohal waka dibahas "Babad Sagara Noh", na mah da eta mah jaman dapora, beh dituna pisan. Da geuning baheula sok kapanggih artefak keong laut atawa kerang Laut anu geus ngawatu di Gunung Karang Tampomas - Tampomas buka kembem.

Talaga Sokawayana rangkecik ditengah leuweung, baheula daerah eta masih pinuh ku tangkalan baheula aya tanah Ene H. Katidjah binti Entjoh (alm) ti karuhun Sumedang, nu ayeuna jadi tempat pamacingan lauk pagigir jeung Restoranna Kang Adung. 

Tanjakan Serang Cimalaka Jaman Baheula

Kiwari di SERANG CIMALAKA aya PDAM, aya POM Bensin, aya Kantor Kehakimann, aya tempat Jualan Lauk emas, aya Kolam renang Gajah Depa, aya Pesona Sumedang Karaoke Resto & Cape, bade aya RS Swasta wangunanna mah tereh rengse, ayana daerah di Serang - Cimalaka anu aya makam Rd. Aji Mantri tukangeun PDAM, kapungkurna aya balong dipalih dinya ayeuna mah sawah, Namina balong leutak Sakawayana sibalagama.

Silsilah Rd. Aji Mantri kirang langkung kieu : http://sr.rodovid.org/wk/Особа:855277

Rd. Aji Mantri puputra SANTOWAN JAGABAYA, anu makamna di Nangtung Sumedang, ngarundaykeun KIAYAI TANUJIWA anu janten Bupati Pertama Bogor anu milarian tilasna Karaton Pajajaran di Bogor.

Pupuh Kiayai Tanu Jiwa aya dina sindiran :
Ayang-ayang gung 
Menak ki Mas Tanu,.nu jadi Wadana 
Naha maneh kitu ruket jeung kumpeni...jst

Anu sok dilagukeun mangsa budak baheula amun  arulin diburuan. Padahal pupuh eta kontradiksi anu ditujukeun ka kiayai Tanu Jiwa, ku sabab janten tantara walanda, nu muka ngawitan Kampung Bogor teras anjeunna dibuang ku Walanda.

Kacida ageung jasa eta Rd. Aji Mantri pikeun Sumedanglarang mah da upami sacara garis katurunan mah Karaton Pajajaran lungsurna ka Raden Aji Mantri, nalika Pajajaran burak dina jaman Prabu Seda (Nusiya Mulya / Prabu Haris Maung) malih anjeunna nu dipiwarang masrahkeun Mahkuta Bino Kasih ka Sumedanglarang, ku Prabu Nusiya Mulya, jalan malibir laut kidul ti Kadu Hejo Pandeglang - Kiraras - Palabuhan Ratu (Sukabumi) - Sancang tuluy ka Pangeureunan Garut, nu maksad para kandaga-kandaga lente rombongan para patinggi pajajaran Gotra Sawala heula di Kaprabonan Galeuh Pakuan Limbangan anu Prabuna harita Rakryan Layaran Wangi / Bujangga Manik (Sunan Rumenggong) hiji sesepuh treuh Pajajaran anu dianggap dipikolot, nembe ka Sumedang.


Teu dipiwarang ka Cirebon atanapi Banten pasukan anu ngarurug ramana. Prabu Nusiya Mulya di Kadu Hejo Pandeglang.

Engklak-klakan MAS RIPI, lucu pisan...nya mohal bisaeun atuh Mas Ripi mah ngahartikeun silib jeung siliokana oge.

Cag ah.. hapunten bilih kirang tata, titi jeung prayuga.

Baca Juga :

Tidak ada komentar