Pupuh Cai, Seuneu, Angin Jeung Bumi


Pupuh Kinanti

CAI
Eta mah Cai ti gunung, asal ti Sa’ab jaladri,
peuting sumawonna beurang, estu henteu pisan cicing, 
gawena neangan jalan, perjalanan geusan balik.

Ngocor nyukcruk-nyukcruk gunung, nyusukan malipir pasir,
sakur lebak ka eusian, balong, sumur kitu deui,
tegal, kebon, pasawahan, mawatna pa tani mukti.

Nagara ge jadi subur, hurip abdi, waras nagri,
pangeusi alam sarehat, sato-hewan kitu deui,
kokotor ge dibersihan, lantaran jasa ki Cai.

Kitu kersaning Hyang Agung, jembarna Nu Maha Suci, 
Cai maju ka lautan, sa-jajalan jeung babagi, 
taya nu teu kabagian, jeung sesana teu sa-eutik.

Ari geus dekeut ka laut, matak ketir nu ninggali,
risi sieun ku gedena, aworna laut jeung Cai,
nya dingaranan sagara, Cai geus pulih ka jati.

Tapi dasar Cai hirup, sanajan geus di jaladri,
taya ereunna ngiriman, sa’abna nyaian deui,
samalah reujeung Nguyahan, ka sakabeh Abdina Gusti.

Sangkan maranut ka Rasul, baroga rasa sajati,
ngarasakeun ka sasama, daek silih beuli ati,
sangkan pada salametna, ulah pisan hiri dengki jail kaniyaya

Kapan manusa teh luhung, piraku eleh ku Cai,
 sanajan pinter carita, taya gunana sa-eutik,
lamun teu rejeung buktina, matak bosen anu nyaksi.

Abdi-Gusti ngucap : NuHUn, ka Cai nu mawa hurip,
ka Uyah nu mawa rasa, sanajan mawa birahi,
jeung mawa nafsu sawiah, ni’mat mun reujeung pamilih.

Disarengan ku panuhun, mugi-mugi Abdi-Gusti,
tiasa nyumponannana, sacara Kawulaning Gusti, 
nya manut ka Rosulullah, ngalakonan Nu Sa-Jati


SENEU
Ayeuna Seuneu nu hurung, asal ti Mata Poe pasti, 
ayana dimana-mana, sarta teu beda ti cai, 
pada nareangan jalan, balik ka geusanna jadi.

Boh di sawah boh di dapur, di jalam atawa kai,
di barang di sato-hewan, hawa Seuneu jadi bukti,
bisa ngasakkeun nu aya, ngarobah rasa jeung sari.

Sagala anu tumuwuh, pangeusina bumi-langit,
kaseneuan jeung panasna, 
hasilna henteu sa’eutik kokotor ge kabersihan, 
kahartina mun dipikir.

Dimana panas sumurup, lir Seuneu di kayu api,
sakotret oge katingal, seneu hurung jeung pinasti, 
hawana mamawa panas, gunana pada tinggali.

Panjang lamun dipicatur, lampah Seuneu ti nu leutik, 
nepi ka nu gede pisan, hawana nu perlu sidik, 
nyehatkeun sakur nu aya, nyampurnakeun karep Abdi.

Sampurnaning adeg tangtung, haneut ulah make teuing, 
nu lempeng adegananna, percaya ka eusi diri, 
kacukupan pangawasa, ti Gusti-Abdi sawiji.

Seuneu mah najan geus nyurup, ka srangenge enggeus balik, 
teu weleh sok kikiriman, mere penerangan sidik,
cahyana lamun ti beurang, hawana nya kitu deui.

Eusi jagat jadi subur, nu terang pada maruji,
nganuhunkeun ka jasana, lantaran pangasih Gusti,
pada narimakeun inya, Seuneu tunggal makhluk-Gusti.

Ka Seuneu ngucapkeun nuhun, nuhunna ku lampah pasti,
omongan mah teu berguna, pokona hate nu suci, 
nyaho, nyaksi, boga tekad, ngalakonan Panitah Gusti…


ANGIN
Hiliwir Angin ti Gunung, tunggal mawa rasa-sari,
bari mindah-mindah hawa, nu kotor jadi bersih, 
di Dunya katut di jalma, sato-hewan kitu deui.

Angin leutik manjing sum-sum, mawa sehat eusi diri, 
najan bawana LOAMAH, tapi lamun jeung pamilih, 
ka urang matak nyukupan, hirup rejeung suka ati.

Angin oge tunggal makhluk, boga asal cara Abdi, 
pada nareangan jalan, perjalanan geusan balik, 
maksudna mulang ka asal, mulih ka jatina deui.

Asal angina ti Loh Machfud, ngalipudan Abdi-Gusti, 
hawa nafsu jeung ambekan, tanda hirup jisim abdi, 
huripna di pawenangan, suka bungah geus pinasti.

Angin jadi kulit-bulu, estu teu pisah jeung diri,
ngalipudan jeung hawana, watekna resep ngaginding, 
gandang eusi pamidangan, nyukupan kahayang ati.

Lamun urang bias nyukup, ulah kurang ulah leuwih. 
Hartina reujeung panalar, 
LOAMAH kabeuli-beuli, tinangtu bakal nyukupan, 
sagalana moal Teuing...

Jadi manusa teh untung, dikersakeun ku Hyang Widi, 
di warugaan ku OPAT dulur sa-kulit sa-daging, 
balung-sumsum jeung sa-napas, KAMA-NUSA estu asli.

Kuring ti NU MAHA AGUNG, muji nuhun ka Hyang Widi, 
wireh di dunya ngumbara, dicukupan eusi diri,
ku sari-rasa nu tunggal, dulur opat jadi hiji.

Kitu kersaning Hyang Agung, sifatna nu Welas-Asih, 
ka abdi nu keur ngumbara, bekelna geusan pamilih, 
nya ELMU jeung PANGAWASA, nu nyampak di diri abdi.

Kudrat, Irodat Hyang Agung, Ilmu-Na pikeun pamilih, 
ngurus dulur anu opat, hawana nya kitu deui, 
ulah leuwih-kakurangan, sangkan salamet nya diri.

Silokana bisa nangtung, ruku, sujud, diuk misti,
kenca, katuhu ilikan, katukang nu geus kapanggih, 
urang pada salametna, hareupan GUSTI sa-wiji….


BUMI
Bumi teu beda ti indung, paribasa ibu Pertiwi,
ngawujudna sari-rasa, tunggalna kawula-Gusti,
Sidik rejeung kanyataan, bibiting pangeusi diri.

Oge kaperluan hirup, nya wadah katut pangeusi,
pepek taya kakurangan, naon nu dipelak jadi,
hasilna tanpa wilangan, kitu soteh mun kaharti.

MUTMAINAH ngaran nafsu, sabar jeung netepan janji, 
melak ngala nyaho mangsa, hade pamilih jeung binih,
teu ngala lain waktuna, kawitan bareng jeung pamit.

Tara sok ngajurung nafsu, sagalana jadi pikir,
pikiran jeung perhitungan, ngajauhan sirik-pidik,
komo jahil kaniaya, ka sepuh teu kumawani.

Sanajan runtah sagunung, kokotor sabudeur bumi,
rereged di unggal jalma, ku bumi tetep ditampi,
salawasna dibersihan, buahna garemah rapih.

Kokotor ngajadi gemuk, bibinihan jararadi,
sapelakna-sapelakna, anu melak pada metik,
hasil patekadananna, walatra kabeh kabagi.

Melak awi jadi iwung, nya iwung babakal awi,
anu melak sisikian, ngajadi tangkalna deui,
mawa buah nu mokaha, diareusi siki deui.

Ngan manusa nu linuhung, nu nyaho kalawan nyaksi,
make Ilmu-Na Pangeran, sakti ku Kawasa Gusti,
Saratna baroga rasa, rumasa rejeung narampi,

Hirupna pinuh ku NUHUN, nu aya kasari bukti, 
bungah taya papadana, sehat jauh ti kanyeuri,
genah, ni’mat rasa, sakaratna ge teu nyeuri.

Rukun rejeung dulur-dulur, 
seneu, cai, angin, bumi, amarah rejeung loamah, sawiah 
nya kitu deui, mutmainnah nu sabarna, pangasuh nafsu ning ati.

Nyukupan pangajak nafsu, henteu kurang henteu leuwih, 
manusa dunungannana, pancerna Kawula-Gusti,
anu mimpin perjalanan, ka PATHI dugi ka MATHI…

================ 
Pathi : Sari
Mathi: Nyari
SUMBER : PEPERENIAN SOENDA LOEHOENG

Baca Juga :

Tidak ada komentar