Saha Anu Disumarekeun di Gunung Godog Teh?


Ieu medar heula sejarah makam nu teu kaguar, nu aya di Gunung Godog Garut dumasar hasil sejarah, panaluntikan, sareng katerangan, supados terang kana sajarah nu saleresna, anu nepi ka kiwari makam Sunan Godog teh disangkina makamna Rd. Sangara putrana Prabu Siliwangi Rd. Pamanah Rasa ti garwana Ratu Subanglarang.

Seur nu nyangki yen Gunung Godog teh patempatan makamna Ki Santang putrana Rd. Pamanah Rasa Prabu Siliwangi.  Godog teh saleresna makamna Rakryan Santjang/Kean Santang, sanes Rd. Sangara, da makamna Ki Santang (Rd. Sangara) mah di Cibaliung, Pandeglang Banten. Mangga aos potongan Wangsit Siliwangi ieu, Saur Prabu Siliwangi  :

......Dia nu di beulah kulon! Papay ku dia lacak Ki Santang! Sabab engkéna, turunan dia jadi panggeuing ka dulur jeung ka batur. Ka batur urut salembur, ka dulur anu nyorang saayunan ka sakabéh nu rancagé di haténa....

Rakryan Santjang atanapi Brajagiri putrana Kretawarman Raja Tarumanagara ka IV, anu nikah ka Nyai Arum Hondje ti Pameungpeuk Garut waktos nuju berburu ka Santjang, sanes katurunan Ratu (Raja) tapi ti kalangan rama (ra-hayat) atanapi kaum Sudra mun dina ageman Hindu mah. (Tri Tangtu : Ratu - Rama - Resi)

Sunan Godog atanapi Rakryan Santjang anu mantuan Sayyidina Ali a.s meruhkeun nagri-nagri sakitar jazirah arab dinu abad ka 7-an Masehi

Kang DR. Dedy Syeh kantos maluruh makamna Ki Santang / Raden Sangara putra Prabu Siliwangi ti Subanglarang mah ayana di di Cibaliung, Pandeglang - Banten. Patilasan Ki Santang / Rd. Sangara putra Prabu Siliwangi ti Subanglarang mung Mesjid nu aya di Gunung Godog mah.

"Anu Di Gunung Godog Garut mah Rakryan Santjang...upami Sunan Rohmat Ki Santang atanapi Rd. Sangara putrana Prabu Siliwangi ayana di Cibaliung, Pandeglang Banten. Makamna anu di Godog mah mung patilasan Masjid Rd. Sangara mah mung mesjid mungkul," Saur sejarawan DR. Dedy Syah alumnus UI. anu kantos nyuckruk makamna Raden Sangara (Sunan Rohmat) nu aya di Cibaliung Pandeglang Banten.

Keterangan nu sejen ngeunaan makam di Godog waktos simkuring ziarah ka makam Sunan Prabu Liman Senjaya Wijaya Kusumah kenging katerangan ti Pak Kuncen : "Hanjakalna eta makam di Godog tos di robih,  eta makam di Godog tadina tutunggulna ku Batu Nunggal (Hiji). Sajarah di Godog ngarujug kana versi Walanda anu sumebar nepi ka kiwari".

Ustad-ustad oge jarang nu apaleun sajarah saleresna mah ditambah salembaran carita ti Godog atuh nyarangkana Sunan Godog teh Putra Prabu Siliwangi wae, nya ari tawassulnya nepi meureun ngan salah alamat ka Makamna.

Perjalanan panjang hidup Kian Santang yang berkelana antara wilayah tatar Sunda dan Cirebon, hal ini lah menjadikan makam beliau ada dimana-mana yaitu diantaranya di komplek pemakamam Gunung Jati – Cirebon, di daerah Godog – Garut – Jawa Barat, di daerah hutan Sancang – Garut – Jawa Barat, dan dibeberapa tempat lainnya. Dan untuk makam asli beliau tidak ada yang tau pasti, tapi jika mengikuti perjalanan sejarah, makam yang berada di komplek pemakaman kesultanan Cirebon yang ada di wilayah Gunung Jati, yang lebih mendekati kebenaranan.





Makam yang berada ditempat lain hanya merupakan suatu simbol yang dibuat oleh masyarakat diwilayah tersebut yang menunjukan bahwa beliau pernah ke wilayah tersebut (patilasan [sunda: bekas singgah]). Hal ini sama seperti makam-makam seorang nabi yang berada di beberapa tempat.

Makana mung ka Godog tawwasulna ditujukeun utamina mah kanggo Rakryan Santjang, nembe ka Prabu Siliwangi,  Rd. Sangara bin Rd. Pamanah Rasa jsb.

Urutan kirang langkung kieu Tsuma ila ruhi khususom Rakryan Santjang / Rakean Santjang, Rd. Pamanah Rasa, Ibu Ratu Subanglarang, Prabu Walang Sungsang (Sunan Cakrabuana), Nimas Lara Santang, Rd. Sangara (Ki Santang)...kum karuhun sabubeur handap, sareng nu goibna nu aya di gunung Godog lahumul - al Fatihah.

Mangga dua tawassul na mah bade nu biasa dianggo atanapi nu pangdua anu biasa dianggo ku Akang.

Waallahu Alam Biroomudih.

Baca Juga :