Korelasi Kaislaman Prabu Aji Putih & Rakryan Santjang

Upami ngaos tulisan kang Agus, mangga di download filena => https://sukapura.files.wordpress.com/2017/10/prabu-siliwangi-dan-prabu-kisantang2.pdf   

Di Sumedang aya nami daerah Baginda di kecamatam Sumedang Selatan, di Desa Baginda  aya batu pandiukan sayyidina Ali RA, diluhur pabukitan desa Bagimda sanes di makam Desa Baginda. Desa baginda ceuk sabagean penduduk dicandakna tina nami Bagenda Ali.

Kumaha nimukeun korelasina antara tulisan dinu pdf kang Agus Wirabudiman jeung kisah Bagenda Ali di Sumedang teh??? 

Tulisan kang Agus yen bagenda Ali Ra kungsi datang ka pulo jawa lewat pelabuhan aya kamungkin ti Pelabuhan Cirebon, sabab palabuhan Cirebon ngarupakeun palabuhan laut kolot pisan di tatar pa-Sunda-an. 

Pangandika kanjeng Rosulullah SAW dinu Hadits : “Uthlubul ilmi walaw bi al shind” / “uthlub al-'ilm wa law bi al-sÄ«n  / Tuntutlah ilmu meskipun dengan SHIND”

SHIND dina basa Sansekerta kuno hartina Nagara berperadaban nu maju. Kecap al-sÄ«n sanes di China tapi Hindia Timur (Nusantara). 

Ieu pangandika/Kasauran Kanjeng Rosul SAW kanggo saha jaman harita??? piraku kanggo jaman kiwari mah...makana aya nu pro sareng kontra dinu hal hadits ieu...

- Dari Ali ra. Telah berkata : “Bumi yang paling wangi adalah tanah al-sÄ«n, di sanalah Nabi Adam as. Diturunkan dan pohonnya tercipta dari wangi surga”. (Kanzul Ummal).

- Dari Ibnu Abbas r.anhum telah berkata bahwa Jarak antara Nabi Nuh as dengan hancurnya kaumnya adalah 300 tahun. Dari tungku api (tannur / Gunung Berapi) di al-sÄ«n telah keluar air dan kapalnya Nabi Nuh as. berminggu-minggu mengelilingi Ka’bah. (HR. Hakim). 

Amun maos hadits ieu tetela yen banjir di masa kangjeng Nabi Enoh A,s teh sanes Banjir scope skala lokal tapi skala nu leuwih gede (dunya). ku sabab es nu mencair, da kajadianana teu tiba-tiba...tiasa heula ngadamel parahu nu badag nu anu ngamuat sagala eusi binatang dina eta parahu Nuh / Noah / Henokh, tangtuna moal gancang-gancang nyieunna perlu waktu nu lila,  ti mimiti, ngapolakeun kapalna, nuaran kai Jati, melah kai, nepi nyieun Kapal nu badag, kabayang dinu jaman harita paralatan pikeun nyieun eta kapal ku paralan saayanana can aya paralatan modern jiga kiwari, ka tohyan dinu hal ieu Nabi Enoh a.s ahli dinu teknik pembuatan kapal jeung elmu palintangan (elmu perbintagan), salian Anjeunna janten kakasih Allah SWT, anu dibantosan ku putra sareng katurunanna, da teu mungkin mun nyalira mah nyieun eta kapal anu sakitu badagna.

- Dari Abu Sa’id Al Khudri ra. mengatakan bahwa seorang raja dari al-sÄ«n  telah mengirimkan kepada Nabi saw. sebuah tembikar yang berisi JAHE. Lalu Nabi SAW, memberi makan kepada sahabat-sahabatnya sepotong demi sepotong dan Nabi SAW pun memberikan saya sepotong makanan dari dalam tembikar itu. (HR. Hakim).

Sejarah sareng Frolklore Cipaku Darmaraja Sumedang nuliskeun yen Prabu Aji Putih bin Arya Bimaraksa bin Jantaka bin Wretikendayun  lebet Islam sareng Guguru ka Sayyidina Ali RA. 

- Sateuacan ngalih ka Darmaraja patempatan Desa Cipancar Kecamatan Sumedang selatan kantos janten PANYIPUHAN CIPANCAR HILIR anu dipimpin ku Ratu Komara (Dewi Komalasari) binti Purbasora ibuna Prabu Aji Putih sareng rakana Wira dikusuma bin Purbasora, teras ngalih ka CITEMBONG GIRANG, nembe Ka CIPAKU.

- Di Limbangan PANYIPUHAN CIPANCAR GIRANG, dipimpin ku rakana pangageungna nyaeta Wijaya Kusumah bin Purbasora.

Kadieunakeun di Limbangan diteraskeun ku Mariana Jaya / Sunan Ulun / Sunan Geusan Ulun / Batara Dikusumah putrana Prabu Tajimalela daerah kakawawaanana mangsa harita dugi ka pameungpeuk Garut.

- PANYIPUHAN GALUNGGUNG KAMULYAAN dipimpin ku Batara Sempak Waja sareng Jantaka.

Kamari basa muharram di Cipaku diterangkeun anu disakseni ku para sesepuh, yen nami "TEMBONG AGUNG" nyalira, kunaon margina 14 Muharram di Cipaku diayakeun dina tanggal 14 Muharram, teu tanggal 9-10 Muharraman, hal ieu dumasar ngadegna Bagala Panyipuhan "TEMBONG AGUNG", diadegkeun tanggal 14 Muharram, satutasna prabu Aji Putih  mulang ti Mekah diajar elmu syareat, tarekah, hakekat sareng marifat ka Sayyidina Ali RA, kitu deui ngalaksanakeun ibadah Hajji dinu abad ka 6 - 7 M (...671 M), nu harita masih dina kaayaan peperangan majukeun paradaban Islam, kukituna Prabu Aji Putih micarek angkat ka Mekah cekap diwakilan ku Anjeunna.  Malih Rakryan Sancang ngabantosan dinu nanjeurkeun ka Islaman jaman harita di Jazirah Arab. Mangga tinggal deui serat kang Agus Ieu : https://sukapura.files.wordpress.com/2017/10/prabu-siliwangi-dan-prabu-kisantang2.pdf  

"Pami ninggal pedang Ki Mastak gagaman Prabu Tajimalela, putrana prabu Aji Putih, eta pedang logamna gagamanna teu aya di pulo Jawa, mirip dasar logam ti Timur Tengah," saur kang Lucky Djohari Soemawilaga sareng Kang Asep Sulaiman Fadil.

Baca Juga :

Tidak ada komentar