Pedaran Suluk Raga - Suluk Diri - Suluk Manusa

Inggis teu katepi ku Bisi, kadongkang ku basa, Basa aya di Kaula, ieu saeutik tutungkusan beunang nukil tina SULUK MARGA MULYA ~ KASUMEDANGAN, pedaran Suluk Raga - Suluk Diri - Suluk Manusa yasana Sepuh keresa Bp. R. Gumilar Prawiranegara anu digurit deui ku kaula kalayan maké jabaran, pamuga jadi hibaran keur hidep, bisi kaula kaburu tepi ka pasti najan ari kahayang mah tetep langgeng silih wawangian ati ku dangiang Campaka Warna tur silih caangan nya rasa ku sumirat Jati Sunda, nu ngahibaran jero dada tapi sagala gé aya waktuna jeung aya wates wangenannana. Hampura

Lamun cacap opat olahan sakabéhna, tegesna tinemu jeung tungtung Pasulukan anu tilu : Suluk Raga - Suluk Diri - Suluk Manusa, mangka jakti bakal pinanggih jeung Lingga anu satuhu, nastiti diri anu sajati kasaksén ku jatining syahadat pasti anu disebut laku TAJALLI, anu baris dipedar pandeuri manjing wanci nu mustari. Naon anu kasaksén dina sajeroning tajalli téh sajatina Alif Tunggal, mangka jejeg, ajeg, panceg, nya pangadeg anu laju disebut ku istilah : WALI SALAPAN KA-SAPULUH TUNGGAL, tunggal saadeging diri, tunggaling Kaula Gusti, itungan balik ka Enol, diri balik kana suci, laju kitu jeung kitu baé, nga-BAJU ti waktu ka waktu deui, unggal jagat NYABDA HÉDAP, nyilih wanci mindah jaman, langgeng nitis manitisan, teu suda mi alam Sunda, nyakala saban mandala, nyorang lalakon lalakon sukma ngusumah nga-angga seumah, nitis sukma dipinda sukma, nyukma mulya langgeng hurip, Nyunda abadan abada.

Kitu mungguhing ceuk rumusna, balik ka Enol (Nir) tegesna balik kana kasucian téh lain harti kudu leumpang mundur, ti 9 undur ka-8 laju undur deui kana tujuh jeung satuluyna, lain! lain kitu. Istan palias jadi siluman Aul, ari awak jalma ari sirah hulu anjing, bongan ngaji heunteu manjing, balik ka Enol nya kudu pinanggih jeung Alif Tunggal/Wali Tunggal nyatana Wali nu ka-10, tapi lain aulia cenah, murtad kusabab ngaku dirina Gusti Hyang Murba Jati. 

Nu dimaksud Wali ka-10 di dieu mah nyatana diri anu geus bisa balik ka kasucian (Nir) tur nyakséni ku Jatining syahadat pasti ka Tangtungan Alif Tunggal anu disebut Tadjalli téa, jadi basana : "Salapan medal Sapuluh tunggal" nyaéta tunggaling Kawula Gusti, nya atuh payus upama bisa Hurip Waras Waluya jati, da HIRUP NU KARASA nyata HIRUP-NA NU KAWASA ~ HURIP GUSTI WARAS ABDI, mangka SUKMA MULYA WALUYA BADAN SAMPURNA sabab Kawula geus paripurna HURIP TUNGGAL JEUNG GUSTI-NA.
==========================
(Suluk MARGA MULYA, Kaca ka-11)


Cag !

Baca Juga :

Tidak ada komentar