Mihartikeun Haksara Kamanusaan

Ieu Haksara Kamanusaan anu kenging ti Paniisan Darmaraja Kabupaten Sumedang ; 

I EU U GA
SA CA KA LA
GUNA RA JA
THA CAKRA
PRA HYANG NGA E NYA E TA
TRI YA NA BA O A DA MA
PA DHA SRI HA WA
 
Sapertosna eta haksara kamanusaan teh saupamina dibalikeun mangrupikeun kontjina Ngahyang - mulih ka Jati mulang Ka Asalna :

WA HA SRI DHA

(Hei Istri/lalaki)
PA-MA-DA

[Padma: Dalima, Dat Sunda Dalima; Sun (Cahaya), da (dangiang) nu Lima]
O A-BA-NA 

(dinu Badanna)
YA TRI TAE 

(nya Tri-sula tea, Naga-Ra-na ~ aya di Na-RaGa-na)
NYA E NGA HYANG 

(nya Ngahyang ~ Mulih Ka Jatina, Mulang KaAsalna/Wiwitna)
PRA CAKRA THA JARA GUNA 

(Pra cakra cara guna, Aji sumber Padangna, Aji sumber cakrana, Aji Wijaya Kusumahna)
LA KA CA 

(lakukeun/jalankeun)
SA GA U EU I 

(sagaleuhn/sagalihn/saasalna, nu digaleuh ku ragana/jirima jeung jisim/ruhna dinu kamunggalan gumulung ngajadi hiji )

Kitu deui ari hartosna MAUNG teh, mibanda manusa unggul nu teu poho purwadaksina pasimaan jati dirina, ti jatina bakal mulang deui ka sajatiannana (pancer) (mulang ka Jati Mulang Ka Asalna tinu opat warna cahaya (Johar Awal), nya e ta : Mang = bodas, Ung = Hideung, Ah = Koneng, Ang = Beureum.

Tabe Pun _/||\_
Sampura suhun....

Ki Sunda Kawangi...
Rahayu.
Rahayu.
Rahayu.
===============

Rajah Sunda Pamuka Nuhsantara

Pun Sapun
Pun amit pun
Pun tabe pun, amit Sampurasun.
Neda agung nya paralun
neda jembar nya haksami
ka sang hyang Rumuhun
ka luluhung agung pamunjung,
nu diluhur nu mayungan bapa kaula agung, nu lingggih di 7 lapis langit legana.
ka indung kaula agung, nu linggih di 7 lapis bhumi sapta pertala legana,
ka bapa kaula peuting nu moekna salebah dieu,
ka indung kaula beurang nu nyaangan salebah dieu,
ka indung kaula agung nu ngandung
ka Bapa kaula agung ingkang kamajaya
nu jadi catangna darajat,
ka saderek papat kalimah pancer,
nu marengan tatapakan nunggal sajati.

Sang Wadi wetan bathara wiwitan
Sang Mani kulon bathara wekasan
Sang Maningkem kaler bathara aji suci
Sang Pituah kidul bathara hing medal,
muga pangbukakeun ka Ra-hayuan, kasalametan nagara.
pun kanu nununggal di birit leuwi
ya ingsun tangkaling hirup nu medal di alam hirup,
muga ngadeg titis, tulis, wawaris ti alam suci nu kawasa,
nu dikawasa, nu ngawasa, diwasana muga ngadeg sasakana,
aki sakti nini sakti, buyut lembur mangun sari
ya ingsun manungsa jati, eusina manusa pasti.

sahadu-sahadat tunggal, kudrat pasti jati suci,
sahadu sahadat badan, tunggal sari,
sampurna nyahaya Raga, jirim raga nu salira,
gumulung tunggal wujud suci hing sampurna.

Pun kanu ngusik sajeroning cicing
kanu ngobah sajeroning rasa
Rahyang murbha hing WISESA
nu miboga pangawasa
ya ingsun banda nu wasa,
pun kanu nguliwed tatapakan
kanu ngilu dina tikoro
kanu ngancik dina diri
kanu masket dina hate
nu mareng-maring sumanding
Ahuuung...
Ahuuung...
Ahuuung...

muga seja ning pangdunga ka tampa
muga seja ning pangaji katampi
dihin pasti ka Hyang widhi
mugya sadaya mulus rahayu
berkah salamet
waluya bangsana
walagri nagara na,

Nuh-santara...baheula ragana cageur, ayeuna menta cageur.
Nuh-santara...baheula nagarana bageur, ayeuna menta bageur.
Nuh-santara...baheula nagarana bener, ayeuna menta bener.
geura bukti jangji gusti ngadeg nagara tunjung sampurna.
teuneung ludeung reug-reug pageuh konci gedong kabagjaan.

HURIP GUSTI~WARAS ABDI, HURIP ABDI~WARAS NAGRI

Cag...Rampes.

Baca Juga :

Tidak ada komentar