Ajaran Sunda Buhun (Wiwitan) Dina Jaman Prabu Siliwangi

Tangtos balarea seueur nun hoyong uninga, Agama naonnu dipuhit ku Prabu Siliwangi. Kayakinan anu kumaha nu dianut sakur Rahayat Pajajaran dina waktos harita. Hayu sasarengan urang tingal ku ati wening; rampa ku manah ngagenclang, kalayan mihatur kameumeut ka Sri Baduga Maha Raja, dirojong kasono nu teu aya papadana.

Ageman Buhun
Ageman Buhun janten kayakinan dasar sakur Rahayat Tatar Sunda. Akaran sawirahma sareng waktos rebu taun, beutina janten “Peradaban” nu tambih lami tambih asak. Tangtos kayakinan ieu aya wiwit-na. Aya purwa daksina anu baris mangrupi bahan dasar ageman. Hasil panalungtikan sinareng panglenyepan para karuhun nu luhung, dina raraga milari jawaban kahirupan; ngabentenkeun lepat leresna; sae awona; utamina hoyong uninga sinareng wanoh ka Maha Ngayuga.

Ageman Buhun ieu tiasa disebat: Wiwitan Sunda, margi ti awalna kacida kiatna diagem janten kayakinan nu teu nyesakeun ku rahayat Sunda. nga-bumi dina ati; nyaangan akal; marenah dina rasa. Nganteur jatidiri Kasundaan (sanes sunda nu hartosna suku bangsa). Sunda nu hartosna tingkah-polah salaras sareng ucap-ragap, Sunda nu hartosna kaweningan manah sauyunan sareng pasrah darana, Sunda nu talajakna ngahormat ka sasama sangkan ngahargaan ku sukalilah, sapagodos jeung alam salaras Restu-Na Gusti Allah.

Saripati Ciri-Ciri Ageman Buhun :
- Nyembah, Mihatur, sumerah, mung ka Sanghiyang Wening.

- Jalma mah teu miboga; sakadar kapihapean ti Hing Murbeng Alam.

- Saawak rengkah, sabulunyun daging, dina ngojai kahirupanukur nyumponan darma wawayangan.

- Kawenangan mung gagaduh Sang Hyang Wenang. Urang mah teu wasa.

- Sang Hyang Tungggal Ngayuga dimana-mana, aya dimana-mana, nunggalkeun diri jeung sagala anu aya, nunggalkeun napas jeung sagala Ciptaan-NA, nunggalkeun diri jeung ati.

- Wening jalma. Tadina jelema jalmaan napsu, mulang kana Purwana, balik kana wiwit-na. balik ka uga-na jadi jalmi.

- Naon wae nu di bumi, laut walungan gunung tatangkalan; oge sasatoan jeung emas inten sarwa rukmi, aya nu ngageugeuh, nyaeta para dangiang nu dipercanten ku Maha Welas Asih.

- Para dangiang ieu wajib dipihormat jeung dipusti, tapi lain disembah.

- Pameuli sumamprak ka Sang Hyang Tunggal, kudu hormat ka sasaha, sanaos beda kahayang jeung pikiran.

- Neang diri sajati, ku wawuh ka sukma diri nu sajati. Margi sukmaning jati bagian sifat ti Sang Hyang Tunggal Cahya.

- Di Jagat Bumi jalma mah ngan ukur ngalempengkeun tuur, Alam ngan sakeudueng. Tangtu balik ka Jagat Purwa nu abadi, ngariung mungpulung deui jeung Maha Asih. Mulih ka jatina mulang ka asalna.

- Sagala nu rumingkan di bumi alam, tatangkalan giri dugi ka Sagara, reang gundem-catur. Ngagungkeun, muji jeung nyucikeun ka anu Nyiptakeunana. Usaha dina nyalaraskeun gun dem-catur ieu (kidung alam), nyaeta tararapa di gunung-gunung, di guha-guha, ngahiji jeung alam sabari ngalenyepan.

Tinu naskah Carita Parahyangan Kropak 630, tingkat batin manusia dina agemaan (sunda) nyaeta ;
1. Acara
2. Adigama
3. Gurugama
4. Tuhagama
5. Satmata
6. Suraloka
7. Nirawerah.
Satmata nyaeta tingkatan ke-5, ngarupakeun tingkatan nu luhur, jang jalma anu masih dinu kandunyaan. Tingkat ka-6 (Suraloka), nyaeta jalma nu geus ninggalkeun/sinis ka kehirupan nu umum. Tingkatan ka-7 (Nirawerah) sakabeh hirupnya pasrah ka Hyang Maha Tunggal/Sang Matongton/Hyang Widhi Wisesa/Nu Maha Murbeng Alam.

- Lamun geus salaras jeung alam dina neuteup Maha Agung, tangtu kahoyong Maha Ngayuga, ngawahyukeun nu diwakilan ku bahasa alam (totonden). Janten awas paningal, moal dibobodo tenjo, ditipu pangdenge (waskita pramana tingal).

Jentre pisan yen Ageman Buhun teu tiasa disamikeun sareng Animismime atawa Dinamisme. Ngandung ajen inajen kacida luhungna, ngajak kabagjaan anu jucrung, sangkan nentremkeun ka balarea. Ageman Buhun atanapi Wiwitan Sunda ieu masih dipuhit ku Urang Baduy Cikeusik Banten. Oge ku masyarakat kampung adat Sunda sapertos Ciptarasa/Ciptagelar Palabuanratu, nu digeugeuh kasepuhan Abah Anom. Sareng seueur keneh nu teu disebatkeun dina tulisan ieu.

Sairing waktos ti jaman ka jaman, Ageman Buhun nambih sampurna. Dukungan para raja; panalungtikan para resi anu laluhung elmu katut kasolehanana; ditambih para Rumuhun anu calakan nareuleuman deui, ngajantenkeun Wiwitan Sunda ieu langkung jero, kahartos ku akal Kaudag ku jatining rasa, kaguar ku jiwa, neang deui purbadiri dina uga. Ngajantenkeun filsafat hirup anu ngangkat harkat balarea. Dugi ka jaman Karajaan Sumedanglarang nu dirajaan ku Prabu Linggawisesa (1333-1340 M – Udeg-udegna Prabu Siliwangi), Ageman nu kawit dinamian Wiwitan Sunda robih janten : SUNDA WIWITAN.

Pangaruh Ageman Sunda Wiwitan lebet kana kabijakan Undang-undang Pamarentahan. Nagara ngaligar langkung majeng sinareng langkung moderen. Salajengna Sunda Wiwitan janten roh kakiatan Karajaan; Nagara; Pamarentahan katut Rahayat. Karajaan Sumedanglarang ngawit beukah kamakmuranana; majeng dina sagala widang. Rahayat sanes waebuncir leuit seubeuh dahar, tapi oge beunghar manah reugreug hate, kujalaran ngaraos aman.

(Peryogi diuninga : Prabu Linggawisesa puputra Prabu Ragamulya, Puputra Prabu Linggabuana Wisesa/anu gugur peupeus pati waktos perang Bubat, puputra Ratu Diah Pitaloka sareng Prabu Rahiyang Wastu Kancana, puputra Prabu Dewa Niskala, puputra Prabu Siliwangi). Ku Prabu Rahiyang Wastu Kancana, ajaran Sunda Wiwitan pupuhupuh-na dikempelkeun. Salah sahiji Pangeran Wargi Agung Karaton Surawisesa nu namina Pangeran Wisnu Brata, ageman ieu dibukukeun nu katelah Purbatisi Purbajati, eusina 4444 pupuh. Pangeran Wisnu Brata sanes wae ngempelkeuen tulisan ajaran anu aya, langkung ti kitu kenging Wahyu-wahyu luhung tur suci. Mu’jizat Purbatisi Purbajati enggal nyebar ka puseur-puseur dayeuh, padesaan, kasabudeureun tatar Parahiangan, oge ka Mancanagara.


Dirorok ku Hingkang Aki
Prabu Siliwangi ti alit dirorok ku Hingkan Aki Prabu Rahiyang Wastu Kancana. Hujan kaasih dipukprukeun ka Incu nu deudeuh-na teu nyesakeun, dugi dinamian Raden Pamanah Rasa. Patali batinna langkung maheut sinareng Akina tibatan sareng Ramana.

Didikan langsung ti Aki, nyuburkeun calakan nu dasarna pinter kabina-bina. Yuswa belasan taun tos diajarkeun Purbatisi Purbajati, ditambih didikan langsung ti Pangeran Wisnu Brata, murak rusiah mu’jizat-mu’jizatna. Diteuleuman langkung jero ti dasar sagara, langkung tebih ti dasarna bumi, langkung luhur ti patala langit, langkung endah ti sagala kaendahan. Yuswa 27 taun tos tiasa ngadamel kitab nu dinukil ti Purbatisi Purbajati, nu dinamian “Sanghiyang Siksakanda’Ng Karesian”.

Ka Hingkang Aki sinareng guru Pangeran Wisnu Brata, langkung nurut, manut, tumut nu teu nyesakeun. Kabeungharan elmu sareng kaagungan akhlak dua kasepuhan ieu ngaguyur batin meh meh teu kawadahan. Janten bekel kakiatan dina neuleuman Agama Hindu, Budha, Islam sareng sajabana. Puseur saripati Agama Agama kabuka rusiahna, kateang kaluhunganana. Anu mireueus, dipuncak saripati jatining Agama-Agama, Anjeuna dijemput ku Maha Cahyaning Sunda Wiwitan. Kujalaran kitu Raden Pamanah Rasa teu ngangken muhit Agama anu aya, namun sagala Ageman dihormat sangkan dilenyepan, diteuleuman, diteundeun di birit leuwi ati pangjerona, pantona Batu Satangtung nu moal peunggas ku bobodo tenjo. sabari cicing-cicing diamalkeun dina rengkah-polah anu nyata, jentre sareng nantrat ngukir kahuripan. Upami ditaros, mung ngangken muhit Ageman Sunda Wiwitan.


Sasabaraha ciri acining Sunda Wiwitan :
Mung nyembah; mihatur; pasrah, ka Sang Hyang Batara Seda (Allah Subhana Wattaala).
Nyembah kedah langsung, teu aya wawakil (wasilah). Sing para Dewata kabeh pada bakti ka Batara Seda Niskala. Pahi manggihkeun si tuhu lawan pretiyaksa (wirehing para dewa sadaya pada sadrah pangbakti ka Sang Hyang Batara Seda Niskala. (Sadayana tarepang sinareng hak-hak-na anu Wujud). Dikutip tina kropak 630 kitab Sanghiyang Siksakanda'Ng Karesian. Jentre pisan, yen Agama di papajajaran teu kapangaruhan ku Hinduisme, para Dewa oge, nyembah ka Maha Hyang Batara Seda Niskala.

Kayakinan urang Sunda teu kaluar ti puseurna Sunda Wiwitan, tos maheut sareng maneuh dibumi raga jeung jiwa. Puncak tujuan Sunda Wiwitan sadaya Rahayat Pajajaran oge Nusantara dina waktos eta, nyaeta : “Manggihkeun Hyang Tapa balik Dewa (Kapendak Hyang, sanes Dewa).

Sanaos teu nyembah para dewa, namung tumut sareng manut ka para karuhun sareng Rumuhun, nu tos seueur jasanakana kahirupan (hana nguni hana mangke, tan hana ngunitan hana mangke = moal aya ayeuna mun teu aya baheula). Ku ngayakeun sadrah pangbakti. Sang Hyang Batara Seda Niskala moal narima bakti, mun teu hormat sareng ngahargaan ka Karuhun.

Sadaya Jalma gagaduhan anugrah Kamulyaan, mangrupi Kapercayaan ti Maha Agung. Harkat kamulyaan (Hak Azazi) ieu wajib dihormat, dirawat sareng dimumule. Harkat kamanusaan pangluhur-luhurna ti sagala harkat, Maha Suci Nyalira kacida ngahormatna. margi jalmi mah urang sawarga, sumping ti Kahiyangan. Kantos ngalaman tepang, caket sinareng Anu Maha Ngayuga (rekaman/memori aya nyumput dina sanubari nu pangjerona).

Harkat manusia anu kacida luhungna (hak azazi), wajib ngahargaan anu beda (teu sapagodos), wajib ngahormat ka anu Beda kahayang jeung pamikiran. Balaka saaya-aya; henteu sieun disalahkakeun; teu wirang dipojokeun. Gotra sawala ku silih asih; silih asah; silih asuh. Hiji pangajaran Demokrasi ka rahayat, nu kiwari diagung-agungkeun bari jeung salah.

Sungkem ka Indung Bapa. Indung tunggul rahayu, Bapa tangkal raharja. Bakti ka lemahcai, salaku Ibu Pertiwi. Tumut sinareng manut ka Raja sareng para pamingpin anu adil. Kumargi jalma mah urang Kahiyangan, disilibkeun heula ka Alam dunya, margi tragedi khuldi.

Bumi mah hak sasatoan Jeung tatangkalan, jalma mah ukur numpang. Wirehing kitu Salaku anu numpang, kedah ngahargaan ka hukum alam; sasatoan; jeung tatangkalan. Teu kenging sambarangan metik daun jeung ngajul buah, aya carana dina ngamumule. Kacida buyut-na (dosa) mun sambarangan. Daek ngala embung melak; puncat peuncit sangeuk miara.

Dina ngarawat jeung ngalastarikeun alam, ayana “Leuweung Larangan”, sinareng acara ritual “Guru Bumi”, nganuhunkeun ka bumi; nyukuran ka Gusti Allah jatining kala, atanapi waktos anu tos dipercanten nyarengan Jalmi, leres leres dianggo ku kasaean. Teu kasiksik wanci; teu Katutu waktu; teu kapetos waktos. Nyukuranana ku ngayakeun “Seren taun”.

Hubungan jalma sareng Sanghiyang Tunggal, panto sareng jalana aya dina “menekung”. Hiji cara ngosongkeun diri, neuleuman jempling; ngalenyepan rasa dina ngudag jagat maha lega nu teu aya sisina, nu lawangna nyumput dina ati nu wening, kalayan pasrah sukalilah, maheutkeun deui diri nu leungit, digandong deui sono ka Gusti Allah. Mitineung sinareng Sujud ka Allah, tebih teuing upami kaluar, meulah bumi maratan langit, moal kaudag ngapung ka awang-awang ngaluncatan patala alam, da teu gaduh jang-jang. Namun ngudagna kana ati sanubari, da Gusti Allah mah caket pisan, bumina aya dina kaweningan manah (neang deui rekaman/memori tepang sinareng Allah). Seueur keneh Ajen Inajen Sunda Wiwitan anu sanesna, tulisan ieu mung ngagambarkeun saheab supados kauninga.


Kabebasan milih Agama
Kasumpingan Agama Agama Ageung dunia di tatar Sunda, sapertos Hindu; Budha; Islam, ditampi kalayan karamahan sinareng rengkuh kahormatan nu pinuh kanyaah. Prabu Siliwangi nyalira masihan kabebasan ka Rahayat-na pikeun Muhit ka Agama anu mana wae. Margi uninga pisan yen Rahayat moal nilarkeun kayakinan Sunda Wiwitan nu tos nyanggreut dina uga, janten engapan hirup, janten getih daging jeung tulang. Kawaskitaan pramana tingal Prabu Siliwangi janten kanyataan. Rahayat anu muhit Hindu, langkung munjul ti batan Umat Hindu ti Nagri asalna, India. Oge anu muhit Budha sareng Agama Islam. Aya carios sepuh, ku ngaos Bismillah wae oge tos tariasa ngapung. Langsung jaranten Aulia Allah. Para Brahmana Hindu; para Pandita Budha, ngaraos bingah nu teu aya papadana. Kakaguman hing kahormatan ka Raja Pajajaran teu tiasa dibendung, marantena sararujud.

Seueur jujuluk disanggakeun ka Prabu, diantawisna : Prabu Langlang Buana. Agama Hindu yakin pisan, kasampurnaan elmu sareng kasakatian Prabu Siliwangi sanes saukur guguru, namung hasil pangalaman ngalanglang buana. Ragana ras clok aya di mana-mana, Sukmaning suci-na ngumbara ka sagala jagat. Murak rusiah alam, ngabukbak Niskala (ghaib).

Para Panditha Budha masihan jujuluk : Prabu Jagat Raksa Gentar. Margi aranjeuna yakin yen Prabu Siliwangi teh Titisan Sang Budha Sidharta Gautama. Prabu dipercanten kenging Kawenangan ngangajagi bumi, sakumaha kawenangan Sang Budha.


Nikah ku Cara
Garwa munggaran Prabu Siliwangi (masih anom teu acan janten Raja) nyaeta Ratu Ambetkasih, putri ti Ki Gedeng Sindangkasih, Raja Alit Karajaan Sindangkasih (Cibeber Cirebon), mamangna pituin. Teu Gaduh katurunan.  Garwa kadua putri mamangna pituin Ki Gedeng Tapa, ngarajaan Nagara Singapura (Muarajati, Cirebon), namina Ratu Subanglarang. Janten Muslimah, guguru ka Syekh Quro, Pasantren Pura Dalem Karawang. Pasantren anu munggaran di tatar sunda, ngadeg kenging restu ti Prabu Rahiyang Wastu Kancana. Syekh Qura nami aslina Syekh Hasanudin, ulama ti Campa (1416 M). Sakumaha Aqidah Islamiah, Muslimah teu kenging nikah ka sanes Muslim, sabalikna pihak pameget anu muhit Islam diwenangkeun Nikah ka sanes Islam.

Pernikahan Agung ieu tangtos calon panganten pameget kedah lebet Islam heula, komo ajaran Islamna Majhab Hanapi nu Fanatik kana Hukum Syareat. Prabu Siliwangi lebet Islam, dinamian Syekh Rohimul Qoyyim, kawenangan kadeudeuh anu weuteuh salaras sareng hartos Siliwangi. Gaduh putra Raden Walangsungsang (Prabu Kiang Santang), kadua Ratu Larasantang (Syarifah Mudaim). Putra katilu Raja Sangara. Sadayana muhit Agama Islam. Garwa kaopat oge ka saderek misan, putrina Prabu Susuktunggal, Hingkang Ua Prabu Siliwangi. Sareng Ratu Kentring Mayang Sunda, puputra Prabu Surawisesa, garwa sareng putra masih kiat muhit Sunda Wiwitan.

Marangga atuh nonoman,
Rampesan

Rahayu.....
Tabe Pun,

_/|\_

Baca Juga :

Tidak ada komentar