Sunda-Medang Mekar

Cacandran Para luluhur
Ciri Bumi Dayeuh Panca Tengah
Ciri Dayeuh Panca Tengah
Lemah duwurna, lebak lengkobna
Lemah padataranana

Nagara Mukti Wibawa 
Perlambangna Congkrang Kujang Papasangan

Yasana para Dewata
teu sulaya dinyatana

Seuweu-siwi Siliwangi
Teureuh terah pencar Pajajaran
Terah pencar Pajajaran
Mangka waspada Sunda Sawawa
Sing priyatna ngariksana

Ngaraksa lemah caina
Tetep aman Pasundan jaya santosa
Mekar Kabudayaanana
Sunda-Medang Jatnika Waluya.



================
◙ SUnda MEDANG (Galuh) ~ SUMEDANG



◙ Pajajaran (Parahyangan) ~ Paku Ngajajar ~ Loba Tangkal Paku Baheulana ~ Chi-Paku Da Lima hyang di Tatar Sunda (5 Mandala Sunda)

Ayeuna Jatigede Darmaraja janten Puseur Ciri Bumi Dayeuh Panca Tengah, Ciri Dayeuh Panca Tengah sareng Lemah duwurna  ku sabab lebak lengkobna, tinggalna Gambar dihandap ieu :


Dayeuh Buana Panca Tengah oge baheula mibanda, Tata Buana Da-Lima (Sunda nu Lima)/Panca Kucika/Pancaniti dinu pajamanan Dinasti Sunda Medang Taruma hyang Pangeran Wisnugopa sareng Galuh Kandiawati Dewi Mayang Sunda. Medang aya dina kadudukan "Perwalian" atawa di-Kawali-keun (Panguasa Nagara atawa Wali Nagara) ti Sunda di Jawa Dwipa/Nusalarang.

Sala-ka-nagarana sahiji penerus dinasti karajaan Panca Kucika/Da-lima (Sunda nu Lima) nyaeta Sumedanglarang nu berkedudukan di Darmaraja, nu tokoh sentralna:

1. Raden Brata Kusamah/Sang Naraya Sang Rama Wijaya/Prabu Tajimalela/Batara Tuntang Buana.
2. Maharaja Puruhita/Prabu Guru Pangadiparamarta Jayadewabrata/Hyang Bunisora.

pikeun neruskeun ajaran Trisula Nagara Sunda Medang (Galuh).

Dinu blog ceuk beja, mangsa keur orok/leutikna Prabu Tadjimalela sareng Prabu Bunisora kungsi diistrenan di Situs Batu Kujang pikeun neruskeun dinasti Trisula Nagara Karajaan Sunda - Medang (Galuh).


Cag ah 
Tabe pun,

_/|\_


Rahayu Warga Sumedang

Baca Juga :

Tidak ada komentar