MESAT GOBANG KABUYUTAN

Mémang diantawisna sok rajeun aya nu ngahartian "MESAT GOBANG KABUYUTAN" téh ngalugas KUJANG, nyata anu ngahartian GOBANG KABUYUTAN = KUJANG. Kaduana aya deui pamanggih mun Gobang mah nya Gobang lain Kujang, Gobang téh bedog panjang rada rubak paragi nyahcar daging atawa kayu nu garedé, ku alatan panjang jeung rubak atuh ampeg teteg dina ngagaplok sasaran teu matak sémpér cekelan.

Tapi kaseuseueuranna sok karooh kadéoh, katalimbeng ku cangkemna katambias di basana. Anu sok padahal kapan kecap kecapan MESAT GOBANG KABUYUTAN téh UGA nu dirucat tina unggel hiji guritan rumpaka kawih "TRANG TRANG KOLÉNTRANG", kapan sidik saméméh kalimah MESAT GOBANG KABUYUTAN téh aya dua ungkara basa nu gelar ti payun mangrupi pra kata / muqadimah nu janten asbabun nujul gelarna éta kecap MESAT GOBANG, kalimah ka-1: TRANG TRANG KOLÉNTRANG, Naon atuh éta téh??? Oh tangara sada Bendé Kabuyutan, ari tangarana naha enya mangrupa sora Bendé (goong leutik)??? Kapan henteu, bisa jadi ku "BELEDUG 7 GUNUNG BITU, ANGIN PUYUH LILINDUAN, HUJAN CAAH BABANJIRAN, SAGARA MOTAH LÉLÉBÉRAN"

Ka-2: SI LONDOK PAÉH NUNDUTAN, naha nu dimaksud ku kecap SI LONDOK téh sato anu siga kadal ??? Atawa naon ??? Naha ieu tuduh sajalantrahna atawa silib ??? Pikeun nu nguteukna teu sautek mah tinangtu bisa ngajudi yén ieu téh silib, da piraku teuing aya Londok paéh nundutan tigebrus kana durukan...

Jadi nu dimaksud ku kalimah "MESAT GOBANG KABUYUTAN" gé tétéla lain teureuyeun buleud buleud dilarapkeun kana pakarang congkrang, tapi kana ajén wewesén Karuhun pikeun ngagebug / ngagaplok / ngagampleng rupa hal pasu'alan anu geus nya badag nya kandel dina ngantégan léngkah kahirupan Manusa Sunda dina kiprahna "JAYA DI BUANA"
=============================
Aria Bayu Kusumah Adinata·28 Mei 2016

Baca Juga :

1 komentar:

  1. pami naskas asli kawih trang trang kolentrang nu lengkepna kumaha...

    BalasHapus