RAJAH PAMUNAH PAMANAH RASA


Pun Sapun ka Mahaagung
Ka Gusti Nu welas asih
ka Gusti pamuntangan beurang
ka gusti pamuntangan peuting
sajatining pati hurip
sajatining kasucian

Pun sapun awignam Astu
Paralun ka budeur awun
ka Rumuhun ka karuhun
Sunda sembawa wiwitan
sunda salaka munggaran
Sunda pakuan angkeuhan

Pun sapun ngala deuk menta
seja amit kami mipit
ka sakumna lelembutan
nu narindak teu narapak
nu nyowara tan rupana
Muga hurip napsi napsi

Pun sapun munday laratan
seja nyungsi mangsa lawas
haleuang jentreng ki pantun
Handeuleum sieum udeureun
Hanjuang siang petikeun
Nu ngahudang panasaran

Pun sapun ngungkab mandepun
saksi tulis daun nipah
carita parahiangan
Batu tulis patilasan
Gurit tamaga lalayang
Tamparkeun saripatina

Pun sapun nyarungsum galur
Siksakanda karesian
kacaangan kahibaran
Ku pustaka wangsakerta
Muga jembar nya panalar
Balungbang baranangsiang

Pun sapun....Paralun...

"Rahiyang Dewa Niskala manak ta Sri Baduga Maharaja Pajajaran kang amituhu wwang sunda sinebut Prabhu Siliwangi ya ta Raden Pamanahrasa ngaran nira waneh...."


===================================
Sumber : Pustaka nagara kretabhumi parwa sarga 4 kaca 47

Baca Juga :

1 komentar:

  1. Sampurasun...ijin Copas kanggo di amalkeun...mugia rahayu...

    BalasHapus