Kasumedangan

Kasumedangan Prabu Tajimalela

Diaping kunu suci diraksa kunu kawasa Dedeg landjer jaya perang dibuana panca tengah
Ulun santri demang braja prabu tajimalela nu murba di darmaraja
Laailla haaillaallah muhammadurrasullaallah
Rir…ringkang mawa sawangan, hate ringkang Hate jaya sembada,
sang toap lenggang,
Sang toap karang Sang muncul putih bumi larang buah kampong
Nu herang taya lencana mustika larang mustika herang Terah saha iku,
terah saha saha teuing Ka aing acining lalaki mustika ning jelema
Waluya jeneng manusa Aji putih, Purba wisesa, awit asihan aing sae sagalana



Hanteu Hindu lain Buda
jeung hanteu saukur Sunda susundaan
Nyaring pikir hudang rasa
ngaping kahayang kaéling
dihibaran ku kasadaran
amparna sabar dharana jembar permana

Lain munjung muja ka batu
muji mupusti nu lain misti
tapi Munjung kanu Maha Agung
Muji kanu Maha Suci
Muja kanu Maha Kawasa
dibarengan Pancer tunggal kayakinan
"Karuhun marengan ~ Gusti nangtayungan"

Lain Yahudi - Karésten
jeung hanteu saukur Islam-islaman
tapi Budi daya ning nastiti
Tunggal Si Ijuna Jati Nistemen
Selam : Salamet
teuleum neuleuman sagara ning kahirupan
manggihan manik mutiara ning Hurip
pakeun ngahurip diri ngalokat waruga jagat
ku Ra-Hayu rahmating Gusti
Rahmat keur sakabéh Alam...

"Insun medal ~ Insun madangan"

Sumedang ceuk réya para pakar disebut sebut ngasalkeun tina Sabda Prabu Taji Maléla "Insun medal Insun madangan", aya ogé anu nyebutkeun tina kecap "Su jeung Medang" (Ki Wangsa), hiji sepuh séjénna nyebutkeun singgetan tina kecap "Sumber padang" (R. Gumilar Prawiranegara), anu kabéhanna pada pada ngaruju kana harti CAHAYA anu Hibar ngahibaran alam kahirupan kahuripan. malah dina ulikan nu leuwih jero, upama dirucat tina hurup jeung hirupna dumasar kana HAKSARA GUNA AJI, kecap SUMEDANG ngasalkeun tina Haksara: SA-MA-HA-DA-HA-YA-NA-GA.... SU/SI SA éséna 8 (Angka Wijaya), payus upama Naléndra Sumedang nu kakoncara anu dibenum jadi Raja Sumedang sanggeus kapasrahan Makuta ti Pajajaran téh jenenganna Pangéran Angka Wijaya anu diwastu kalayan Gelar PRABU GEUSAN ULUN.

SU ngabogaan harti Alus atawa Agung, jadi Tilam (pangalem) anu larapna kana tempat, ari SA ngabogaan harti : nu dipihurmat/anu mulya, saperti kecap : Pu'n SA Pu'n, PU'N = nu dipihurmat (di Baduy jadi PU-UN/PUHUN), kecap SAPU'N méré harti anu leuwih luhur deui ajénna jadi hartina : Anu Mulya/Anu Agung, dina kecap Tilam (pangalem) séjénna kecap SA jadi SANG anu hartina sarua jeung SAPU'N nyaéta Nu Mulya anu larapna kanu dianggap Mulya tur Agung, saperti Sang Ratu, Sang Prabu...jsb. Kitu deui kecap SI sabenerna kaasup kecap Tilam (pangalem) anu larapna keur sasama, SI ngabogaan harti : anu diajén, ilahar dipaké keur tilam ngaran atawa sesebutan, saperti: Si éta, Si Jaka, Si Geulis...jsb.

Ku silihna jaman turta tata kahirupan manusa nu ngajamanan kadang kecap SU-SI-SA nu tadina boga ajén luhur téh kadang jadi robah harti anu bisa jadi ku kurang pamahaman kana Basa jeung Parama Sastra atawa aya alesan séjén, tepi ka kadang aya anu ngahartian SU téh Asu (anjing) ari SI (panggebah anjing), kanjat aya jelema anu embung disebut ngaranna maké tilam SI, "teu sopan SA SA SI SI" pokna, anu padahal nurutkeun Parama Sastra Sunda mah tatéh kacida sopanna, upamana waé Karuhun baheula nyaluk ka Batara Jati Niskala (Gusti Nu Maha Gaib) téh ku istilah SI IJUNA JATINISTEMEN, piraku ka Gusti maké tilam SI upama téa mah enya kecap SI téh teu sopan, sidik aya anu marieuskeun harti jeung larapanna tina mulya jadi hina, teu béda anu nyieun carita yén Dorna téh jahat, padahal dina carita Asli Mahabharata Drona Carya téh saurang Resi Utama, salah sahiji intrik politik keur ngalemahkeun pangaruh Hindu, bisa jadi SI SU (mulya) robah jadi SI, SU/ASU (anjing) gé keur ngalemahkeun pangaruh SU'NDA, saperti carita wali ka-10 anu dihukum pati laju layonna diganti ku bangké anjing supagi ajaranna anu dianggap sesat téh teu terus diarulik deui ku murid tur jelema séjénna.

Cag ah...

Baca Juga :

Tidak ada komentar