Hartina Kecap Ahung

"Hyang Tunggal katua kana jali nganawi-nawi jalan kabeh alam dia disanes kara hung kadia AHung" (Sunda Wiwitan Sunda Baduy)

Anu hartina : "Gusti Allah miboga sakabeh alam, anjeunna teu boga anak jeung mianakeun, Hung kanu Maha Agung"

Atawa :
 
"Hyang tunggal tatwa panganjali; ngawandawa di jagat kabéh alam sakabéh; halanggiya di saniskara; hung tatiya ahung".


(Hyang tunggal anu Maha Luhung; satemenna tujuan utama manusa sembah Hyang; henteu boga anak henteu boga dulur; boga baraya jeung batur ogé henteu di jagat jeung ieu alam; anu pang-unggulna dina sagala rupa hal; hung, tah éta téh nu ngagem bebeneran sajati, ahung).
Eta teh sarua jeung eusina surat al Ikhlas, nyaeta : "Qul huwaal Alloohu somad, lam yalid walam yu lad kufuwan Ahad"

Ari nu teu ngartos eta kecap Ahung sok diheureuykeun...eta sabenerna kalimat anu sakral, pikeun ngahormat, ku urang sunda pituin baheula mah dianggap sakral.

Wilujeng enjing, wilujeng sae manah

Aria Bayu Kusumah Adinata : AHUNG teh minangka punika basa anu di khususkeun ka "Anu Maha Ngersakeun" nyuhunkeun kasalametan, nyuhunkeun pangaping, pangjaring, pangraksa, pangriksana, nu matak ku juru pantun mah sok dipapatkeun ahung ti kaler, ahung ti kidul, ahung ti kulon, ahung ti wetan 40 X Ahung...mangka bakal salamet kabeh da MUNTANG ka Manten-NA.

Dedie Kusmayadi Sumamiharja : Nu mawi anu teu ngartos mah sok diheureuykeun ayi Aria Bayu Kusumah Adinata...hatur nuhun insun medal insun madanganana.

Aria Bayu Kusumah Adinata : pami ka karuhun punika bubuka ngangge Pun sa'pun bari panangan sidakep dina dada teras ditarik kana tarang (pas halis), saupami Ahung cara ngahurmatna dua dampal panangan dina dada teras ditarik kana ubun-ubun (Kangge ka Gusti eta mah).

Dedie Kusmayadi Sumamiharja : Leres Cong na oge Ahung mah diluhur mastaka.

Aria Bayu Kusumah Adinata : Ieu cong na ka Karuhun-Rumuhun 


Aria Bayu Kusumah Adinata : Ieu cong na ka HYANG AGUNG


Aria Bayu Kusumah Adinata : Ieu Cong na ka Alam boh alam/lahir/nyata/sakala, boh alam gaib/bathin Niskala

 

Baca Juga :

Tidak ada komentar