Saha Anu Sumare Di Punclak Damar Darmaraja Teh Saeunyana?

”Titinggal jaman baheula ku rupa-rupa barang, rek ngaran candi, prasasti, naskah, makam eta teh patilasan sajarah anu kacida gede hargana keur urang. Kaca keur ningali budaya rakyat mana anu nyieunna. Jalma jaman ayeuna bisa neangan asal-usulna, ti mana urang datang, nyaeta ku cara ningali ka sajarah titinggal kabuyutan urang.Titinggal di Jawa Barat, anu mangrupa barang nu disebut prasasti atawa candi, dibanding jeung Jawa Tengah, leuwih saeutik.

Conto, dina waktu 15 abad, urang teh ngan ngabogaan 30 prasasti. Sarua jeung candi, da urang sunda mah teu boga candi anu rada gede ku lantaran pangaruh lingkungan anu beda dibanding Jawa Tengah. Tah lamun kitu, nu saeutik ieu teh nu kudu di jaga ku urang sunda, nyaeta kaasup makam raja-raja baheula.

Dimana memang makam-makam raja baheula eta di Jawa Barat teh? Nyaeta salah sahijina di Kabupaten Sumedang. Di Kabupaten Sumedang, khususna di daerah nu geus dibangun Waduk Jatigede, sing horeng loba pisan titinggal sajarah anu umurna geus ratusan tahun. Titinggalna teh makam kabuyutan, anu sababaraha hiji diantaran sok loba nu ziarah ti daerah sejen. Keur urang, makam teh lain ngan saukur makam anu kudu dipikasieun, tapi kudu ditingali tina segi hasil ngawaris budaya urang jaman baheula. Memang eta makam bisa dipindahkeun, jawaban gampangna jiga kitulah kurang leuwih. 


Tapi ulah poho, da lamun dipindahkeun oge, ku hal anu sifatna teknis mah moal jadi masalah, tapi nilai titinggal eta teh lainditingali kana rupa atawa bandana, tapi kana sajarah tempatna. Da soalna barang atawa banda anu berharga jiga kitu mah pakuat-pakait jeung tempat. Ari jelma jaman baheula mun milih tempat keur ngamakamkeun, lain asal-asalan atawa jore-jore dina itung-itunganana, tapi didasaran ku  pamikiran khusus. Jadi lamun makam eta dipindahkeun asa ngurangan kana nilai sajarahna.

Wisata ka Jatigede barudak ayeuna tangtuna moal aya nu apal ngeunaan sajarahna situs-situs anu aya di Punclak Damar Jatigede Darmaraja. Seseurna mung wisata ninggal kaendahan panorama waduk Jatigede atawa sakadar berselfi ria di Punclak Damar, atanapi mancing sareng paparahuan.

Kukituna saha wae anu sumare di Gunung Punclak Damar teh, numutkeun cutatan "Galur Turun Tumurun Karuhun", aya opat situs anu ka telah nyaeta :

1. Prabu Gajah Agung
2. Eyang Entol Praja
3. Eyang Suta
4. Eyang Maja

Tapi numutkeun buk nu sejen Prabu Gajah Agung makomna di Cicanting Desa Sukamenak Kecamatan Sumedang Selatan. Kitu deui dinu buk layang darmaraja makamna Prabu Gajah Agung di Desa Cicanting Desa Sukamenak kecamatan Darmaraja.  Janten dimana tempat makamna prabu Gajah Agung teh saleresna??? Kitu deui manawi aya nu medar Eyang Entol Praja?, Eyang Suta?, Eyang Maja? Lalakonna.

Away Nurkurnia : Numawi di pengkereun Punclak Damar aya Pasir Gajah, pami saur sepuh mah leres kitu Eyang Prabu Gajah Agung di punclak Damar, pami Eyang Suta di Cisema landeuh tapi tos dialihkeun ka tonggoh.

Away Nurkurnia : Eyang Entol Agung.

Dedie Kusmayadi : Muhun anu luhureun Sisi basisir teh Away Nurkurnia situsna anu enggal.

Away Nurkurnia : Leres

Aji Guna : numutkeun carios Sepuh mah Eyang Ntol teh Eyang Permana Dikusumah (ramana Prabu Ciung Wanara), disebat Eyang Entol margi kacatur Eyang Permana Dikusumah teh Raja Galuh anu getol tatapa (jaman Jajahan Sanjaya) mana kitu ge pantes da ngarajaan oge sasat diatur ku curuk batur, antukna sering nyingkur nyirnakeun pikir, tatapa di Gunung Padang, tatapa di Punclak Damar, sahingga garwana nu Anom anu saur pantun katelah Dewi Pangrenyep kagoda ku Tamperan Barma Kusumah (putra Sanjaya) nu ditugaskeun ngawas kakawasaan Permana Dikusumah di Galuh, mun cara ibu ibu pejabat kiwari mah meureun "Kesepian", sahingga kagoda ku Tamperan Barma Kusumah nu ngalahirkeun Hariyang Banga. Pami Eyang Maja singketan tina Mandaleswara Jayaperkasa (gelar Prabu Ciung Wanara).

Aji Guna : Eyang Suta Direpa katurunan Eyang Lembu Agung.

Aji Guna : Saur sakaol carios sepuh mah sanes Prabu Gajah Agung nu di Punclak Damar mah nanging Eyang Patangjala Seda, kacarios saparantos nyukcruk walungan Cimanuk sakumaha impenan, nya mendak lele bodas palebah Muhara, nya laju bae diala diasakan, teras dituang ku mantenna kalih garwa, kersaning Hyang Dumampara, sakumaha dawuh wangsit nu katampi teu lami garwana ngandeg, pas babar dinamian eta Jabang Bayi teh MANISRI anu salajengna katelah Prabu Lutung Kasarung.

Aji Guna : nu mawi di wewengkon Cisema/Cipaku/Muhara aya pacaduan teu kenging ngala Lele Bodas.


Mang Kaby : Leres Gajah Agung di Punclak Damar

Koko Baranyai Baranyai : Duh mani akur pisan atuh ... Pami Gajah Agung dipalih dinya aya sakaol na sami sareung di Cicanting kang dedie.



Koko Baranyai Baranyai : aya deui di sebatna eyang Rukmana Bimantara anu di Puncak Damar palih tonggoh, nanging teu acan ka ungkap ku jisim abdi naha eta geular teh kanggo nu mana Lembu Agung, atanapi Buyut Etol atanapi buyut Maja. Margi Sakaol mah anjeunna anu  nguasanana Di Ciseuma Puncak/Punclak Damar.

Koko Baranyai Baranyai : Ieu gelar di luar buk sajajar na karuhun anu tiluan...da anjeunna mah nu hiji tinu tilu mah ngalalakon na ka palih wetan ka mataram awal.

Wisahya Drs : Tah nu ti wetan leres kantos ngadangu hal eta, kacarios nyebarkeun ajaran Islam.



Cag caritaan dicekapkeun sakieu wae heula : "Hana nguni hana mangke, Tan hana nguni tan hana mangke - Aya baheula, aya ayeuna Moal aya ayeuna mun euweuh baheula".


Mugia ieu anu jadi ugeuran tur udagan para Ki Sunda pribadi

Baca Juga :

Tidak ada komentar