LAYANG CAANGNA HIRUP

Bab ieu pikeun sakabeh  manusa anu  butuh  kana  didikan jeung atikan hiji elmu pikeun nganyahokeun  makna-makna  jeung   omongan  anu  ngandung  hikmah. Sareng   panuntun  supados  eta  manusa  teh  bisa  paham  kana  kabeneran  jeung cerdas. Gunana oge pikeun nangtungkeun kaadilan jeung kajujuran kana dirina. Muka  kana  kacerdasan  diri  pikeun  manusa  nu  pinuh  ku  pangalaman  jeung panemu  jeung  ngajarkeun  kabijakan  pikeun  anu  ngarora.  Mudah-mudahan ngajadi hiji kahadean, dimana nu ara nom ge diajar kana bab kabijakan diri jeung meunang  bahan pertimbangan anu sae pikeun ngarti  jeung  ngahartikeun  bab perjalanan  hirup anu  pinuh  ku rupa-rupa  masalah.  Mudah-mudahan paribasa jeung siloka manusa  nu  bijak  bisa  nungtun  urang  balarea ka jalan anu dipika ridho kudirina jeung Gustina, sieun kana  salah jeung  hayang  manggih bener. Eta modal urang mimiti muka atawa nincak kana bab ieu. Manusa nu bodo bakal moal  beuki  kana  mikir  jeung  ngahinakeun  kana  jalan  nu  bener. Nyela  kana didikan diri. Sarua jeung mohokeun kana nu aya dina jero dirina nyaeta hiji rasa nu mulya. Pinuh ku lautan elmu jeung ma’rifatna diri nu hakiki.

saeutik kudu mahi
loba kudu nyesa
mun mahi pikeun diri
aya nyesa pikeun sasama
nyanggakeun sadayadaya
teu rek ngaku
teu rek ngaboga-boga
ngan mun dekil sing manggih cai
lapar sing manggih dahareun
galah cedek papas runcing
moal rek leuleuwiheun
mun ala kadar na
caang damar sing jadi panggeuing
kundangeun urang sarerea
ulah nafsu diakheratna
ulah nafsu di alam dunyana
salamet sakawasana
langgeung salalawasna
atining hurip



PAMUKA

Muji syukur urang sadaya ka diri urang pribadi. Nu masing-masing masih keneh tiasa ngarasakeun hirup waktu poe ayeuna.

Muji syukur khususna abdi narimakeun hirup ku hirup kiwari dina kaayaan sehat sentosa kucaang  hate, caang pikir, seger budi pakarti, herang manah,  ku ngayogana  hirup  nu  sajati.  Dina kandungan  tiap-tiap  manusa  nu  peryoga  kana dirina, munjung kana rasa  hirup nu asli nu parantos wawuh jeung nyaksian kana jero hirup nu haq.

cunduk kana waktu ninggang kana mangsa.
ka jurung ku jorojoyna hate.
medarna manah.
abdi niat mukasafah makna hirup.
nu ku abdi kahartos.
katingali.
kareungeu.
kaambeu.
jeung kabuktoskeun.

Hapunteun  sateuacana  bilih  tina  muka  bab ieu aya  keneh  atanapi  masih  seuer kakirangan tina bahan nu aya dina manah abdi. Jeung kirang imeut na akal abdi dina nampi rasa nuntun abdi.

Dugi  kana  rengsena  ieu  bahasan. Hapunteun sakali deui ti pribadi. Ka para sesepuh nu  langkung  seueur pangalaman dina muka atanapi  nyeratkeun sagala anu ka sirat dina jeroning ati. Medarkeun sagala lalakon kuluhungna elmu jeung jerona  pangarti. Hatur  nuhun ku sadaya-daya. Mugi naon anu bade ku abdi dibuka aya manfaat ka diri. Deungeun pikeun eunteung bae nu lian pikeun tauladan nyanggakeun.

ayeuna kantun badan sakujur
bade nyanggakeun ka gusti
rek dihideungkeun, abdi luas
rek dibereumkeun, abdi nampi
upami rek teras abdi hirup, neda hurip
sanaos satungtung buuk
neda sahurip sadami
caang padang narawang
hirup teu katungkul ku pati
tapi hirup
hurip tunggal
tunggalna abdi di gusti
ti luhur sahibas rambut
ti handap sahibas dampal
adeg-adeg abdi gusti
tangtung na gusti abdina
abdi tunggaling gusti
gusti nu di ahub tanjung
abdi nu wedi widi
widi napaan anjeunna
da ku dunya teu ka teupi
ku badagna sok bengbatan
sugan teupi lahir bathin
rep sirep sa kujur tangtung
rep sirep di sanubari
rep sirep sinuku tunggal
kabeh tunggaling pribadi
yaiku sang ngawe padang
teka maring sun sajati
laa ilaah ha illallahu
gusti kuring nu sajati
ora ana kang sinembah
anging ingsun kang dumadi
sira ingsun
ingsun sira
sapadamian ngajadi.
pangajen aji wiji
wiku wastu kancana



PANGULAS

Hirup
Naon eta hirup? Aya nu nyebatkeun yen hirup teh eusi. Hiji kanyataan yen hirup eusian sakabeh ruang tempat jeung waktu. Hirup ngeusi kana sakabeh kahirupan nu aya. Hirup teu aya rupana, teu aya bauna jeung teu aya warnana. Hirup ge teu aya sorana. Hirup eta mandiri  teu keuna kana ruksak, teu bisa dicabak, teu bisa digambarkeun. Eta gambaran  sajatina hirup. Aya anu nyilokakeun  yen hirup eta Hihiji rupa-rupa.  Jadi  dimaknakeun  yen  hirup  teh  hiji  ngan  nyurupna hirup  eta  kana  hiji  wadah  ngajadi  rupa-rupa,  jadi  tiasa  dihartikeun  yen  hirup boga kahayang pikeun nampilkeun atanapi ningali dirina maka hirup butuh ku wadah kasar ku lantaran hirup aslina mah halus atawa lemes pisan. Bener upami kitu mah, upami aya nu nyebatkeun yen hirup teh nyaksian dirina ku hakekat diri pribadina  sorangan supaya  tetep dina  hakikina  atanapi kalanggengan sajatina diri. Hirup oge dihartikeun teu keuna atanapi teu ka tungkul ku pati sabab lamun hirup keuna ku pati eta lain hirup. Di dieu makna hirup langgeng salalawasna teu kena  ku robah,  ku polah,  ku misal,  jadi hirup  teh  kudu  pasti.  Hirup  ge dimaknakeun boga rasa jadi aya harti yen wujud hirup nyaeta rasa atawa pancaran dina  hirup  teh nyaeta  rasa  hirup  ibarat rasa, gede  tapi  leutik,  leutik  tapi gede. Hirup, rasa, jeung wadah teu kahalangan ku waktu ngan supaya eusi jeung wadah alus  atawa   sampurna hirup bakal nga robah waktu, ngarobah cuaca, ngarobah kaayaan nu leuwih alus, leuwih sampurna.

rep sirep sakujur tangtung
rep sirep di sanubari
rep sirep sinuku tunggal
jeroning ati nu suci
jeroning ati nu mukaha
kumelip bintang di langit
mararay bulan opat welas
nyarorot cahaya panon poe
nyurup dina curugan
bray caang narawangan
katumbiri pinuh ku widadari
rupa-rupa cahaya rupa rupa warna
kabengbat ku welas asihna diri
diri manusa nu sajati
lat  hilang buana sajagat
dat.. ngancik jeroning cupu manik
les  sakabeh alam corengcang
bararay, buriyal,bunceulik nur sajati
sing ngait kana ati
gusti nu teu jauh jeung diri
sing kapi ati ku diri
emut teguh kana jangji
jadi saksi nu sajati
---------------------------
tunggal tan tinggal
lawan ing pasti
roro pan tan roro
lir jiwa tinon lawan ragane
katon tunggal ke tinggal ke kalih
mangke ana mami
lawan gusti ning sun
tan kena ning pisah
syang lan ratri
tan syah awor winor
angemban ingemban salawase
amuruki osik eneng mami
awisik awisik
akeh bekti lulut
adepna mukanira iku
marang ing sang katon
hiya iku kabeh rarahine
angalingi rahining dumadi
rarahi kang luwih
sang katon sa wegung
pengetining sun
ing sira ra wujil
den dat na
urip inaneng donya
jiwa sumambarange gawe
kaweruhna den estu
sari ranta pon dudu jati
sing sapa pun iku
weruh rekeh ing sarira
maka sangsat
weruh sira
maring hiyang widi
iku marga utama
serat centini
ra wujil

"rahasia diri manusa" samemeh  urang muka  kana hiji pangarti nu bakal nuduhkeun  kana  eusi  jerona  manusa  urang  mimitian  ku  unggelna siloka :

teangan  tapak  meri  ngojay  di cai, tapak  bango  di  awang-awang bebek ngeyepek, soang titeuleum bancet rarecet, bangkong ngaheumheum di jero liang masih  loba  siloka nu nuduhkeun  kana nu bener  ngan  hanjakal  manusa ayeuna leuwih resep  kana raramean samar ku dedengean samar ku tetempoan hal ieu teh kakara saeutik pituduh nu muka  kana jalan pikeun mukakeun rahasia diri  manusa.  Lain  saeutik  manusa  nu  teu  merhatikeun  kana  hal  ieu  sabab memang  geus  kitu  awalna,  moal  waka  beuki  lamun  can  ngasaan,  moal  waka hayang lamun  can  dituduhkeun, moal  waka  muka mun can  kapikir, hayam  jago kongkorongok dina jero endog.

Pileuleuyan, sapu nyere pegat simpay. Pileuleuyan, paturay patepang deui. Hayam hideung endogna  bodas,

cing naon tah  silokana  eta kalimah. Urang kudu mimiti diajar mikir kana pihartieun eta kalimah. Hudangkeun rasa kanyaah, rasa bogoh, rasa deudeuh, kana  diri urang pribadi. Euweuh nu nyaah ka diri urang salain diri urang. Euweuh  nu daek hook  ka  diri urang  salain diri urang pribadi. Pertahankeun eta sifat asih ka diri ku sakuat tenaga, sakuatna nyawa, sakuat jiwa supaya kaluar eta hiji rasa nu sajati nu asli dina jero diri manusa nu sebut Al Haq. 

Nyaeta benerna diri  manusa nu pasti atawa  disebutna sari sarining rasa nur sajati, maksud dina siloka nu dibabarkeun di payun tiasa digambarkeun ku mang rupa-rupa gambara n ngan urang hartikeun kana nu pang gampangna bae.

Tapak meri ngojay di cai, ari tapak teh lalakon, ari meri teh urang, ngojay the mentas. Cai teh asalna  manusa atawa cirina manusa. Jadi maksadna teh asal manusa teh ti mana? Ti saha? Ti mana kaluarna? Saha nu medalkeun? Ku Kersana saha eta manusa ngawujud? Saha kudratna manusa? Saha mawujudna manusa? Jeung sajabana, rupi-rupi pipikiran teh mimiti tatanya ka jero diri pribadi.

Tapak bango di awang-awang, maksadna nyaeta teangan asalna kecap, dongeng jeung carita. Supaya urang  ngelingan ka diri teh ulah saukur ceunah jeung saukur beja ti batur. Ti mana asalna  sora teh, naha bisa ditewak atawa dicekel eta sora teh? Cing saha nu bisa ngaluarkeun sora teh? Cing saha nu boga sora dina  jero diri manusa teh? aya  naon dina diri manusa teh mangkana bisa soraan bisa nyarita, bisa ngucap kitu, bisa ngucap kieu bijil sora teh ti saha?.

Bebek  ngeyepek, eta teh usik jeung malikna diri urang ku sifat badan.

Soang titileum, tah eta sifat jeroan urang nu mimiti ningalian ka jero dirina pikeun ngawawuhan jero dirina pribadi. Naha bet aya urang teh? Ayana diri urang teh ku ayana jasad atawa nyawa, atawa ku ayana jiwa, atawa ku hayangna zat atawa ku rasa, eta pertanyaan mulai minuhan alam pikiran manusa nu berpikir kana dirina, ngaragemkeun elmu jeung panemu dina dirina meunang tatanya meunang ngala ti dulur jeung   babaturan. Tah kitu geuningan asal muasalna urang ngamimiti diajar kana wawuh jeung dirina.

Bancet  rarecet
, maksudna carita jeung lalakon mah rame jeung deui panjang euweuh tungtungna.

Bangkong  ngaheumheum  di  jero  liang, maksudna sakabeh  asal  muasalna carita nyaeta  ti jero  diri manusa  keneh ngan  pastina  nu geus  warawuh  kana  dirina  ku  ragemna  akal  nu  pinuh  ku  pa ngarti  jembar  ku pangabisa mere maweh ku pituah atawa pituduh nu alus pikeun sakabeh manusa nu hayang wawuh soan kajero dirina supaya kapanggih jeung hiji kamulyaan diri.

Kapanggih jeung kamulyaan diri sa jati. Bab ieu bakal dibuka kapayunna supados langkung eces dina nerangkeun perihal bab manusana.

hayam jago kongkorongok dina jero endog.
Tatarucingan atawa siloka pikeun mukakeun diri :

heula mana hayam jeung endog
heula mana sirr atawa heula rasa
heula mana wadah atawa heula isina
heula mana wujud atawa heula maujudna
heula keris atawa heula sarangkana
heula batu atawa heula taneuh
heula cai atawa heula angin
heula koral atawa heula heula pasir
heula langit atawa heula bumi
heula nyawa atawa heula jasad
heula caang atawa heula poek
heula siki atawa heula buah
heula akar atawa heula tangkal
heula ruh atawa heula jiwa
heula nagara atawa heula rakyat

Cing pikiran sing bener eta tata rucingan! Ngahaja di kahareupkeun supaya urang bener, bener daek mikir ulah ceuk batur, ulah ceuk beja. Sok urang babarengan pedarkeun  sakabeh  nu  jadi  gerentes  dina  ha te  sanubari  ura ng,  regepkeun  tina manah jeung nurani nu jujur, apa bener urang teh geus pernah mikiran kana eta perkara nu ka cida enteng siga nu deet, siga nu heuheureuyan jeung sajabana.

Pileuleuyan pileuleuyan, sapu nyere pegat simpay, maksudna sabaraha lila urang teh geus mohokeun  diri, poho kana ngelingan ka  diri, mohokeun kana ngamumule ka diri, ibaratna geus teu wawuh ka diri, ngaraksa ngariksa ka diri jeung geus nepi urang kana ngalalakon kapanggih can jeung salsena? Geus beres acan urang teh ngabebenah, ngabebetah  diri?, cukup  can  pamanggih urang  teh pikeun ngabedah diri urang supaya diri urang kapanggih jeung eusina manusa?.

pileuleuyan pileuleuyan paturay patepang deui, mudah-mudahan sing aya dina waktuna urang bisa ngedalkeun sakabeh rasa nu geus jadi kapanasaran dina diri urang nu keur di bere hirup dibere nafas nu panjang pikeun maparkeun jalan anu yakin benerna.

hayam  hideung  endogna  bodas, maksadna urang teh kudu hideung  pikeun nganyahokeunnana,  supaya  manggih  buah nu jelas. Nyacas  eces  ngebreh dina pikiran nu bersih hate, nu caang diregepkeun ku rasa jeung sanubari anu suci. Nyacas dina nurani anu narimakeun kana sagala  kakurangan jeung kaleuwihan manusa. Lain luhung ku elmu lain luhur ku aji. Eta manusa wawuh kana  dirina maka  bakal manggih kana  benerna diri. Jeung lain  ku  leber  wawanen atawa ku jembar panga bisa, manusa  bakal bisa wawuh kana diri teh, tapi ku rasa rumasa nu  murni nu kaluar tina  ati  sanubari  nu  bersih, lain pinter  nu bakal  ngajamin urang wawuh  kana diri. Sakabeh manusa boga haq pikeun  wawuh kana  diri, mung ngan saeutik nu kapilih nyaeta nu daraek mikir, daraek tatanya. Tah ayeuna urang muka kana bab lanjutannana.

Sing kahade. Samemeh eunteup, kudu diintip heula sing taliti kadiri dina nalungtik ka na jeroannana diri supaya manggih pangarti nu bakal jadi mustika jeung jimatna hirup.

eling eling mangka eling
rumingkang di bumi alam
darma wawayangan bae
raga taya pangawasa
lamun kasasarna lampah
nafsu nu matak kaduhung
badan nu katempuhan

Jisim nu ngarasa nyeri. Hate nu ngarasa cape. Hareudang nyandang wiwirang. Purba perbawa hawa. Ujub suma’ah takabur. Rea ku panggoda setan. Ulah syirik ka pangampih. Ulah  nyacad kanu lian. Dengeun pikeun eunteung bae. Nu  lian pikeun tauladan. Hade goreng kasawang ukur ku ta ngtung sakujur. Sing tapis ngawisik diri. Awak ngaraksa salira. Totonden hade jeung goreng. Mun peryoga sok turutan. Anu nista disingkahan. Anu rukun kanu umum, nyorang lampah ka  lumrahan.  Anu  mangfaat  ka diri. Taya batan kahadean. Hade ucap, hade hate,  hate sabar tawakal, pinuji  kinasihan, teu nunjuk ka luhur adigung, nyaeta jalma budiman. Hirup hurip.
*Hanca*.


Pamuka

Samemeh aya itu jeung ieu. Eta teu aya na naon iwal ti ayana hirup. Hirup awalna lain wujud lain jasad.  Hirup mah hirup bae tanpa aya itu jeung ieu. Ayana hirup nyaeta ayana dina alam kalanggengan. Kulantaran makna  hirup teh  langgeng. Teu katungkul  ku pati, teu  kena ku ruksak. Teu keuna ku lapar,  teu keuna  ku dahaga. Teu boga kabutuh  atawa  pangabutuh. Teu kacampuran ku itu jeung ku ieu. Hirup teh manggih caang dina nu poek. Manggih poek di nu caang, maksud poek  di dieu,  nyaeta  nyumputkeun  sagala  kanyaho sagala  kahayang. Atawa nyumput buni di nu caang, ngubur sagala kahayang, nu lain bijil tina kahayang. Hirup  eta  sorangan. Hirup teh sifatna mandiri sifatna oge bisa disebut rahasia atawa ngarahasiakeun dirina, mangka disebutna hirup teh rahasia diri nu teu bisa dicaritakeun atawa didongeng keun ku salian kanu hirup deui. Hirup boga makna wujud jeung boga makna mawujud. Hirup boga makna syareat oge boga makna hakekat.

Hirup sorangan disebut Haq, nu saukur di kanyahokeun ku dirina nu boga hirup, hirup euweuh rupana, hal ieu jadi pandangan hakekatna, hirup teu boga bau, hirup oge teu boga warna. Hirup ge teu boga bentuk tapi hirup pribadi boga rasa nu ngawalian diri, hirup teh bisa nyaksian dirina, hirup ge saukur ngadenge naon kahayang dirina, hirup teu bisa diatur ku itu jeung ku ieu, hirup boga kabebasan nu penuh pikeun ngatur dirina, hirup euweuh ucap euweuh basa, hirup teh ngan saukur  rasa jeung caang. Saha nu wawuh jeung hirup maka bakal nyaho eta hirup.

Jeung bakal jadi bibit hirupeta sorangan, usik malik hirup saukur diwalian ku rasa  jeung dicaangan ku dirina,  ku cahaya sari dirina, nu sajati asal hirup ngawujud ku ayana opat perkara.

cai nu jadi ciri, silokana badan hirup, seuneu nu jadi ciri, silokana ruh atawa nyawana hirup, angin nu jadi ciri, silokana sifat hirup, taneuh nu jadi ciri, silokana rasa hirup.

Tapi sing kahade ulah salah  ngahartikeun hirup  lain cai, lain seuneu, lain angin, lain taneuh eta ngan  saukur  perangkat pikeun ngawujudkeun hirup. Hirup  ge bisa dihartikeun cicing, teu keuna ku owah makana  siloka nu nyebutkeun yen hirup teh ibarat cai, teu bisa dibeulah, hirup ibarat angin, teu bisa dipapas, hirup ibarat seuneu, teu bisal dibeslah.

Hirup teh rasa, teu bisa dihalangan ku naon bae, kakuatan  rasa  hirup  moal  bisa  diukur ku takeran,  leutik  tapi  gede, hurung moncorong dina tiap-tiap manusa nu hirup jeung dirina.

Sakali deui yen hirup teh dina poek tempat kaluarna caang. Jeung dina caang  nyumputkeun  diri  dina samarna caang.

Ieu bab hirup nu kudu  dihartikeun,  dilenyeupan supaya leuwih  kaharti yen hirup teh siga damar, hirup teh zat, teu bisa disaruakeun jeung ayana jasad, hirup teh haq kamulyaan pribadi dina kamandirian hirup. Hirup sarua jeung kasajatian nu rasa, sajatining hurip, dening  dzat, mangka  hirup ge sok disebut Robb anu nyekel tilu suluk hirup nyaeta : nur rasa, nur sari, nur  sajati pengaruhna kana, sirna rasa, sirna sari, sirna jati, hirup  hiji kanikmatan pribadi  anu lain datang dina nu di dahar jeung nu di inum, kadaharan hirup ngan dua perkara ku aya na caang jeung ku ayana rasa.

Hirupna  Robb atawa dzat saukur bisa ditarima ku rasa dirina, rasa eta bakal ngawujudkeun cahaya atawa caang kana jero dirina eta rasa pribadi. Katingali ti luarna bakal siga caha ya atawa  sinar anu ngabersit kaluarna tina dzat eta pribadi, siga  bentang  nu  ngan  saukur  boga  cahaya  nu  kaluar  tina  dirina  lain  caang ku lantaran ayana cahaya anu nyorot kana eta bentang, gugusan dzat atawa bentang nu pang gedena  saperti ayana panon poe. Ngan  kahade  eta hirupna dzat atawa Robb eta leuwih sampurna tibatan ayana  bentang  jeung  panon  poe, eta saukur jadi perlambang atawa gambaran silokana, sing waspaos tina ngartikeun jeung ngahartikeun ieu bab supaya ulah kajebak ku rupa-rupa perlambang anu  ditampilkeun ku lantaran sakabeh anu aya ngajadi lautan simbul pikeun muka kana hirup nu sajatina. Ulah samar jeung  kasamaran. Hirup teh ngeusi  kana  sakabeh ruang,tempat, jeung waktu. Sabab hirup teh hiji anu teu disababkeun ku itu jeung ku  ieu. Hirup oge bisa boga kahendak atawa kahayang.

Hirup  aya  tapi euweuh wujudna. Tapi hirup eta sorangan bisa ngawujudkeun dirina ku sabab haqna eta sorangan.  Eta disebatna kawenangan eta wujud.  Ngan  dina sagala perwujudannana hirup bakal nyamarkeun dirina ku lantaran hirup dzat  mah tersembunyi atawa ngarahasiakeun dirina, ngan maujudna mah pasti ayana tiasa ditingali sedengkeun wujud aslina mah tetep disamarkeun saukurtiasa ditingali disaksian ku dirina sorangan.

Maka jelas mun disebut dzat mah embung disaruakeun, jeung sakabeh nu ngawujud jeung keuna nu ruksak. Hirup bisa nampilkeun rupa-rupa warna dirina. Hirup bisa  nampilkeun mangrupa bentuk wujud, hirup bisa mintonkeun mangrupa rasa dina dirina, hirup bisa ngawujudkeun rupa-rupa babauan jeung wawangian serta rupa-rupa alam dirina. Hirup eta sorangan boga mangrupa rencana pikeun dirina kulantaran hirup ge kadang katingali ku dirina jeung nyaksian dirina serta  ngawalian dirina. Maka hirup kadang aya kadang euweuh kadang ngawujud kadang  maujud kadang bisa jadi syareat kadang saukur jadi hakekatna, maka  hirup  teh  teu kena ka wates ku rupa-rupa hal anu bakal ngabeuratkeun dirina. Hirup saukur wawuh jeung dirina atawa anu wawuh jeung dirina. Nyaeta cahaya jeung rasa. Hirupna  dzat  boga  sifat  hirup. Hirupna Robb boga ngaran, Hirup ge boga sir, boga af’al. Hirup teh boga bebener kana dirina serta jujur kana dirina,  hirup teh boga tekad jeung laku  lampah, hirup teh haq ngawawuhan dirina.

Ngan rumasa kana dirina jeung ngawalian rasa dirina, maka hirup teh bakal ngahiji jeung jatining hirup dirina, nunggalna tunggaling dirina, nyaksian sagala bener  dirina, nyaksian sagala  laku lampahna,  tekad  dirina,  rencana  dirina, nyaksian kana harkat darajat dirina, dina tangtungan dirina, anu tunggaling diri.

Maka bener mun disebut yen hirup teh ayana dina asma, sifat, dzat, sirr, af’al anu ngajadi  maujudna, laisa kamislihi syaiun walam yakun lahu kufuan ahad kun faya kun,  teu  aya  deui  hirup  salain hirupna  pribadi,  teu  aya  deui  anu  disaksian  salain  ti  nyaksian rasa tunggalna pribadi, mandiri  tina  sakabeh  tekadna,  ucap  dirina,  laku  lampah  dirina,  jujur jeung bener pikeun dirina, ngaraksa ngariksa dirina, dina kalanggengan dirina nu sajati,  sampurna  ku  sajatining  haq  na  maka  hirup  mun  geus  kapanggih  jeung hirup bakal manggih ka na saestuna diri.

Bab lain aya oge anu muka kana harti yen hirup teh nu sabenerna mah teu ngaboga  -boga, hirup teu boga ngaran da hirup mah tetep hirup teu butuh ku ngaran, ngan  hirup ge butuh ku salamet pikeunn yampurnakeun sakabeh rasa dirina ngawaluyakeun dirina, hirup oge ngawicaksanakeun kana dirina asih kana dirina, ngasuh kana wujud jeung  maujudna, ngasah sakabeh rasa dirina,  bisa ngamumule jeung ngabagjakeun kana dirina, hirup ge wawuh kana awalan jeung akhiran dirina, hirup ge wawuh jeung qodho jeung qodar dirina.

Dzat  hirup  ge boga  jinis,  boga  jisim,  jirim  dirina,  jinisna  robb,  jisimna  cahaya jirimna rasa. Sanajan  yen dirina  teh lebur dina  sakabehna.  Jadi hirup teh  tetep hirupna. Lebur dina sakabeh nu aya. Jeung lebur dina sakabeh nu teu ayana. Tapi hirup tea tadi tetep aya dina hirupna. Sajatina pribadi hirup dina poek tetep aya nu hirup. Dina caang  oge tetep aya nu hirup teu aya nu ngawatesan dirina salian ti karep dirina. Da sakabehna aya dina pikirannana hirup eta pribadi,  aya dina tanggung jawabna pribadi jeung sakabeh ijinna  pribadi. Lebur dirina   musnah dirina, dina alam hirup jeung kalanggeungannana pribadi.

Maka hirup teh disebut sang pribadi haq tina sakabeh sajatining haq, da  hirup teh bisa ngukur kana tungtung rasa dirina pribadi teu sieun ku itu jeung ku ieu da ka beh geus ka cekel jadi rahasia dirina pribadi sakabehna oge geus ka eunteung ku dirina.

Maka jusnurna  hirup  teh sampurna teu kena ku robah, maka hirup yakin kana wajibul wujudna diri  atawa  jasad, aenul yakin  kana wajibul  goibna. Manusa, nyawa, ruh haqul yakin kana ghoibun  ghoibna. Sajatina rasa atawa batin pikeun nyaksian  jeung  ngawalian  cahaya  rasana. Cahaya rasa ieu aya dina tempat  anu poek buta rajin, aya dina alam keueueng nu ngadangdeung, di dingding ku rupa-rupa kelir, nyacas di alam mokaha, nitis dina sari, nirca dina rasa, mancala pancasona sajati, nunggalna nafs dina nafas nu sajati, hirup langgeng salalawasna di  alam  rahasiana,  hirup sang  mukamil,  lebur  sakabeh kubur, lebur papan lan tulisna, bersih suci teu aya corat coret deui, musnah ilang tanpa karana, ka alam kanikmatan anu tanpa kira kira, ilang rasa, ilang cahaya, hirup dina kalanggengan jeung kanikmatan nu sajati.

hong munah
sing kari munah
munah lemah munah langit
bayu punah bayu kapunah
rahayu swasti astu
nirmala seda malilang
jisim lantif kang salamet
kubur kang allah
manusa ngandeg
alam padang poe panjang
nagara tunjung sampurna
sah jero sampurna jasad
sirr dzat les
kusuma jatining sampurna
suci dunya akherat
sirnaning jinagad gusti
menyang tujuh lapis bumi
tujuh lapis langit
les angles
panglimunan gusti
nurbuat dzatining hirup
hirup manusa sunda
Perbawa teu puguh dumuk
Tara tanjruh kunu bukti
Baluka rna hejo tiha ng
Mun pasilingsingan ati
Nyiar keneh susuganan
Nu enya di lain lain
Hiji ciri manusa ni wawuh kadiri
Bagja hurip bareng g usti
Sajeroning hirup iwal ti pasrah
Neda parentah gusti jeung rosulna
Hirup hurip manusa pasti
Lain hirup owah gingsir
Tapi teguh mawa bakti
Lampahna jadi tauladan
Budi panrangina siga nu elehan
Tapi hate cadu eleh
Kanu sala h
Kalawan patokan urang
Cicing dinu bener
Nangtung dina sahadat
Manusa nu pasti
Teu nyiar pribadi
Kaluar ti diri
Manggih pasti
Wates haq na diri
Gusti ngancik dina alam manusa nu tunggal
Ngajadi saksi dirina
Saksi Gusti nu hakiki
Rido tur ikhlas
Sumerah kana nafsiahna Gusti
Renghapna nafas eta manusa
Dihampura sadaya daya
Kusorotna nur cahaya rasa
Gustian nu sajati
Hurip tunggal

* Hanca*


PANGEUSI


Bagja manusa nu fakir dirina sabab bakal manggih kana rasana hirup.
Bagja manusa nu manggih sedih sabab bakal manggih kana nunggalna hirup.
Bagja manusa nu manggih kana halusna hirup sabab bakal manggih kana rasa sajatina hirup.
Bagja manusa nu lapar jeung haus kana bener sabab bakal manggih kana kapuasan rasa hirup.
Bagja manusa anu murah hate sabab bakal manggih kana sagala kamurahan hirup. Bagja manusa anu manggih kana kasucian dirina sabab bakal ningali atawa  nyaksian robbna nyaeta zat hirup nu sajati.
Bagja manusa anu ngadegkeun kadamaian jeung karahayuan sabab nyurup rasa hirup nu sajati.
Bagja manusa anu di aniaya ku sasamana sabab bakal hudang rasa nu sajati tina jero dirina, anu nantungkeun hak jeung bebener dina sakabeh rasa manusa nu pasti. Bagja manusa anu dicela ku sabab manggih hirup nu sajati sabab rasa moal bisa  dibobodo, moal bisa dibohongan, moal bisa diulinkeun mangka cahaya hirup bakal  nyorot ka dirina.
Caang  padang  narawangan,  poe  panjang  nagara tunjung sampurna  “dina sagala nu hirup eta, aya kami nu boga hirup, jeung kami keneh nu jadi rahasia hirupna”. “sakabeh rasa aya dina nu hirup jeung nungkulan kahayang  rasa  hirup  nu sajati.  Ngan manusa loba  ngarobah sagala kahayang KAMI, jadi kahayang dirina. Maka loba manusa anu ingkar dina jalan hirup KAMI. Maka  KAMI nyumputkeun diri KAMI dina poek dirina”.

“KAMI hirup. moal ngabohongan  kunu  can  warawuh  ka  KAMI. KAMI nyaksian hirupna manusa, sabab KAMI aya dina hirupna manusa, jeung rasa manusa. sabab kami hakekatna manusa”.

“Manusa teu boga haq pikeun dirina salian ti KAMI. Maka manusa wajib nyaksian kami supaya ulah ngalajur nafsu dina dirina”. “kami boga haq pikeun hirup kami kami anu boga haq ngatur diri kami. Sabab kami nu hirup jeung benerna KAMI”.

“Manusa nu teu nyaah kana hirupna, sarua jeung teu nyaah ka KAMI”
 
“Manusa anu teu mikir kana dirina, maka bakal jauh jeung KAMI”, “KAMI hirup, anu  diuk dina rasa manusa anu lantif dina dirina. KAMI hirup anu milih jeung kapilih tina sakabeh nu hirup”.

“KAMI hirup teu gedag ku ka anginan, teu tiris ku kahujanan, teu panas  kukapanasan, teu leungit ku diduruk, teu sirna ku singsieunan, teu hanjat ku  dicacag”. 
“KAMI hirup teu ngaboga-boga,  teu katundung  ku sedih,  karagragan  kusangsara, teu katajong ku cilaka, teu nincak awi regas, teu kahalangan  kupipinding”. 
“KAMI hirup teu butuh pamuja teu butuh pamuji, teu syirik ka pangampih, teu nyacad kanu lian”.  
“KAMI hirup anu teu boga  pamrih. teu  neang upah”. “Hirup  lain  nantung,  lain  diuk,  lain  sare,  tapi  hirup  teh  cicing   bari nantung”. “Gek bari diuk, rogojod bari sare bari indit, gap bari nyabak. set bari meta, bray bari beunta. nging bari ceurik, nyeh bari seuri”.  “Saha manusa anu wawuh  jeung  dirina,  maka  wawuh  jeung  hirupna  KAMI, jeung  benerna  KAMI. Maka  bakal  dijamin  hirupna ku hirup  KAMI,  diganti hirupna ku hirup  KAMI. Moronyoy rasana ku rasa KAMI. Caang dirina ku caangna diri KAMI, dina  jero jeung luar dirina”. 

“KAMI hirup anu nyaksian jeung disaksian ku aranjeun sabab KAMI teu butuh ku dunya aranjeun sakabeh geus kami pasrahkeun ka aranjeun”. “Sing saha jalma anu ngalaworakeun kana nyaksian ka KAMI, maka KAMI ge bakal nyabodokeun kana sagala nu dilakukeun ku dirina sabab KAMI moal ngahukuman ka maranehna salian kalakuan maranehna sorangan anu bakal ngahukuman kana dirina”.

 “KAMI  karunya  ka dirina  tapi  dirina  teu nyaah  jeung  karunya  ka dirina sorangan, sing saha jalma anu teu nyaksian ka KAMI maka aya dina hiji karugian nu gede”.

“Ya Muhammad apa anjeun jeung umat anjeun teh geus nyaho kana surga kami?”

“naha umat anjeun ngaharep kana surga KAMI  naha  bakal aya  surga  nu  bakal kami bangun di mana aranjeun geus ngalaman alam maut”. “Teu aya surga jeung naraka nu KAMI buat pikeun aranjeun. Salian aranjeun sorangan nu miharep kana eta  ayana  surga,  jeung  moal  kami  bangun  eta  surga  jeung  naraka   salian  keur aranjeun ngalaman keneh hirup gelar di alam dunya”.  Sabab  kami  teu ngarepkeun aranjeun manggihkana surga nu dibuat dina alam misal aranjeun tapi kami saukur miharep aranjeun nyaksian kana benerna jeung ayana kami.

“Mun manusa eta masih miharep kana surga kami sabenerna dirina can wawuh jeung kami. sabab kami saukur miharep ka aranjeun pikeun jadi saksi-saksi kami”. “Saha anu miharep upah ka kami, sabenerna manehna meunang upah tina naon anu diyakinkeun kudirina lain ti kami”, “Jeung saha jalma anu  miharep kana bebendon  ti  KAMI sabenerna eta datangna bebendon teh ti dirina, lain  ti KAMI”. “KAMI Dzat anu Maha Sampurna anu teu kitu teu kieu. Ngan KAMI aya dina sakabeh syak jeung wasangka aranjeun”.

“KAMI hirup, anu aya dina sakabeh hirup aranjeun. Ngan aranjeun teu wawuh jeung  kami.  Jeung  teu  nyaksian  ka  kami. Saukur lisan anjeun nyaksian KAMI ”.

“Hirup eta hiji kaadaan, hiji kanyataan, teu bisa dipungkirkeun deui” “Hirup hiji eusi pasti  butuh wadah, ngan moal cukup ku hiji. Tapi tiap wadah nu aya can tangtu cocok salilana. Hese neangan wadah nu pas jeung eusi”. “Eusi ge kadang nyaah  ka  dirina, maka pikeun ngeusina eta wadah, kadang nunggu hiji wadah anu pas  dipersiapkeun dina waktu nu lila, pikeun nyaimbangkeun pamor eusi jeung urat wadah”.

“Hirup eusi hirup wa dah ngahiji dina rasa. Rasa nya angan luar jeung jerona eusi. eusi  nampilkeun wadah. Wadah nampilkeun rasa, perbawa eusi” “Ibarat amis jeung giungna, pait jeung nyaketna, asin jeung ngelelna” “Ibarat  badag  jeung lemesna, leuleus jeung liat na, sari jeung rasana, cahya jeung caang na, moronyoy jeung sorotna”. “Maka lamun wadah jeung eusi geus ngahiji, jadi saru, kulantaran jadi sarupa. Sareunteut saigeul sapa temon sahiji atawa nunggal ”

“Eusi aya anu leuwih lemes ti wadah, atawa wadah leuwih hipu ti eusi. Aya oge eusi jeung wadah sarua lemesna atawa sarua heurasna” “Kadang aya wadah teu sarua  jeung gambaran eusi. Kurangna  wadah ditutupan ku eusi. Kurangna eusi ditutupan ku wadahna”. “Ngan emang pikeun ngudag anu pas atawa  punjul eta aya dina perhitungan jeung rencana hirup nu leuwih sampurna. Ngan biasana  bisa kaitung atawa saeutik nu kapilih, pas antara wadah eusi  jeung ngaran saimbang atawa  silih mawakeun. Saperti Koneng: ngaran, wadah, eusi sarua atawa ngahiji”.

“Kalanggengan hirup eusi teu katingali ku rupa, ku seungit, atawa bau. eusi pasti kasirep kaluarna atawa  wadahna.  Aya nu wadahna  leutik  tapi  eusina  bisa  jadi panyear alam ”

Hirup Ngan saukur ngaran. saukur kasebutna. Ari hirup teh nu kumaha rupana? Jelas hirup teh teu aya bentukna. kumaha ari warnana hirup, sugan aya jirimna? apa mereun hirup teh aya bau jeung seungitna? can aya anu eces nerangkeun kana hirup teh. Naha can nyarahokeun kana hirupna? ari sapopoe teh jeung saha atuh maranehna bisa usik jeung malik. Naha lain ku hirup meureun maranehna bisa ojah kokojayan dina alam ieu. Ari hirup teh cicingna dina naon? apa ari hirup teh boga tempat? apa hirup teh ngeusi kana sakabeh ruang? jeung aya dina sakabeh waktu? saha saksina hirup teh? jeung naon ari ngaran aslina hirup teh? cing saha anu geus wawuh jeung hirup? jeung saha a ri ngaran na anu bisa nyaksian hirup teh?

Sigana moal waka aya jalma anu beuki kana ieu carita. Komo bari daek mikiran kana naon anu jadi pertanyaan jeung tatarucingan eta hirup. Mimiti tah urang teh narawangan kana jero alam pikir urang pribadi. Anu sapopoe makean hirup bari jeung teu wawuh kana hirup sora ngan. Cing urang sieurkeun lalakon teh. Supaya bener-bener medarna. Kaharti katarima kunu daraek mikir, daraek ngajina, daraek maca hirupna supaya  manggih hirup nu sabenerna anu saja tina jeung nyaho kana haqna eta hirup pribadi, sing katimu sing ka harti, katimu ku akalna kaharti ku jeroning atina, acining elmu aya dina jero diri.

Breh buka bray caang sing lalaunan ulah hayang buru buru muka, bari jeung gura-giru tina muka bab ieu. Samemeh eunteup kudu diintip heula. Samemeh ditelen kudu dibeuwung heula. Samemeh dihuapkeun kudu dipilihan heula. Ulah samar ku beja, samar ku tetenjoan, samar ku ambek, kabawa sakaba-kaba, katelah bisa jeung  nyaho bisa maparkeun tapi bari can puguh nyaksianana. Kahade urang kudu  ati-ati  sing imeut ulah gampang kaolo, kapangaruhan kabawakeun kacampuran ku nu  teu  pararuguh, reugeupkeun dina hate, wadahan dina ati sanubari, siratkeun eta  nurani  nu bersih, bijil rasa sajati, kanyaah kadiri, ciri welas asihna, hirup kana wadah nu dicicingan nur sajati.

“sir wenda, dat nur wendah”

Hirup bareng jeung huripna, hirup teu kena ku sabab, tapi hurip ku sabab keun ku ayana hirup. Kumelipna bentang kulantaran aya nu hirupna atawa aya nu jadi hirup dina dirina. Hirupna ngahiji jeung caangna  diri, lain caang nu datang ti luar dirina “Ari Robb, can aya kalimah nu pas pikeun nerangkeun naon eta Robb. Tiasa  disebat dzat, kusabab Agung tur Sampurna. Endah kabina-bina teu tiasa dirupakeun atawa digambarkeun ku samanea, saukur nu geus nyaksian eta Robb tapi pa sti bingung mun dititah ngarupakeun eta rupana Robb”.

“Maka disimpulkeun ku ayana eta Robb sakabehna tehbisa hirup”. “tempat kaluarna eta Robb dina poek mongkleng buta rajin”. “Buburiakan ku hurungna, ngagebur cahayana nyorot caangna,  endah  rupana, endah  warnana  teu  bisa dikira-kira”. “Eta Robb oge nyumput buni dina caang, nyumputkeun sajatina dirina, ngarahasiakeun sahadirina  nu jadi misteri rahasia sakabeh alam hirup”.

Alam hirup sakabeh manusa, sakabeh alam, sasatoan, tatangkalan  jerona  langit, jerona  bumi,  jeung  jerona  lautan. Alam hirup Robb teu kahalangan  ku tempat waktu  rohangan,  jeung masa,  eta sakabehna  nu  ngajadi  alam  hirup. Alam  nu endah, alam ribuan cahaya, mangjuta rupa, mangjuta rahasia.

Pikeun manusa anu daek ngulik naluktik  kana  sakabeh  wacana alam Robb, kurangna urang bisa mesek kana ieu bab moal tangtu beak ku sataun atawa dua taun, ka saumur tangtungan urang kumalayang di alam dunya ieu moal waka kahontal, kaburu kapegat ku nyawa.

Maka peupeujeuh ti kami, teangan hiji  kolot atawa guru anu luhung ku elmu jeung pang artina anu bisa mukakeun ieu sakabeh rahasia alam ngan anu leuwih jentrena, teangan guru anu geus pertapa, nyaho jeung dikanyahokeun naon anu kudu ditapaanana jeung geus kapanggih jeung tatapaana, ngan sing kahade, eta ge kudu diuji heula, bisi manggih careuh buluna domba, mere elmu kudu aya jasa.

Keun ka ukur iyeuh ku rasa diri, lamun rasa merean, hartina aya saeutik benerna ngan lamun rasa teu panuju tong diteruskeun, pan moal aya lamun urang menta wajit diasongan gambang. Sing  tarapti, ulah kabawa sakaba-kaba kajurung  ku napsu, bisi hanjakal  jeung  kaduhung, mun nu bener mah eta  guru, moal  loba pamenta jeung sarat naon-naon, ku kapanggihna oge geus bungahna.

Sok teangan pigurueunana. Wawuh ka gusti, kudu di dunya, di akherat saukur siksana, Gusti moal rek ngadzoliman ka umatna, iwal ti umatna nu ngadzoliman dirina. Puguh kudu diwawuhan, memang wajib disaksian, mun  saukur ku lisan budak anyar borocot ka dunya ge bisaeun, mun bener urang boga tekad Gusti bakal muka jalanna, ulah gampang dibobodo, ulah gampang  dipinteran, mun bener kyai teh sakti, geus puguh can nyaksian? mun  bener eta ulama  teh bisa, kudu nyaho bari maksa eta elmu kudu bukti, ulah saukur neangan panglaris.

Salamet lain jang saukur di dunya tapi kudu nepi ka akherat. Ngudag dunya moal aya tungtung, akherat geus tepi dina tikoro,  sing  kahade, loba anu alim, alim pulasan, luar jeung jero teu sa rua. Ngaku ulama loba maksiat, kitu deui haji-haji.

Kudu nyaho kana  hakekatna ulama, komo deui  hakekatna  HAJI.  Mun  bener papanggih jeung nu kitu, tanyakeun heula ku anjeun, naon anu  leuwih  luhur batan langit, naon anu leuwih beurat batan bumi,  naon anu leuwih cepet batan angin, naon anu leuwih loba batan jukut.

Mun can nyaho jawabna, eta kitab geus di gelar  di sakabeh alam. Jadi panyear jagad, lain saukur  dibaca  dibolak-balik.  Panon bolotot mata peda,  hirup teh wasiat diri, hiji amanat pikeun wawuh jeung dirina. Ayeuna tah naon anu leuwih jero batan leuwi, batan laut, batan bumi? naon eta tunggul karang tumaritis? mun urang  bener geus nyaho jeung hirup moal aya deui eta rahasia, lamun gajah nyaho iraha   eta manehna kudu balik mulangkeun hirup kanu hirupna  maka sakabeh sasatoan  bakal ti hareula balik ka Rohmat  suci, naha  bet manusa  nu dimuliakeun, boro boro nyaho, komo kudu dikanyahokeun ku dirina mah, jeung nu bogana hirup can tangtu geus nyaksian komo wawuh kana kubur nu hirup, eta ciri pinterna manusa, bodona jalma.

Tiwu hideung, catang kangkung, ari ti luarna mah  hareuras jerona mah kosong, awi andong, wesi bolong kuat katingalina mah, da  geus  di yakinkeun benerna ngan kamana neangan eusina.

Aya guru, mun ditanya, nagara alaihim susulumpatanna dimana? deuh ceunah eta mah tatarucingan budak, tapi ngajawabna teu beluleun.

Lamun aya nu kajepit jadi ucing, nu nyumput kudu dihongkeun, sakabeh siloka  jeung tatarucingan ulah dianggep enteng mun teu kapanggih, kaduhung sagede gunung, hanjakal kabina bina.

Indung keur lenjang, Bapa keur bujang dimana urang ayana?

mun langit tacan aya, dunya tacan dibuat dimana urang cicingna?

Bral kaditu tareangan, naon maknana naon eusina kaharti jadi pangarti, katimu jadi panemu, jadi jampi pikeun diri, elmu lain kaluar dina bincurang jeung siku hirup manusa, disamakan ku raga, dianggelan ku nyawa, dielingan ku guguling, diharudung ku salimut, dimana ngancikna hirup teh?

Moal rek neangan domba nu loba, ngangona oge sakitu beuratna, ngan saukur neangkeun domba  anu  leungit  tina  sakitu  lobana  domba. Sugan ku manggih hijina. Oge leuwih bungah tibatan ngangon anu ngaratus jeung ngarebu. Lain rek ngajual, lain rek meuli saukur nganteurkeun kanu bogana da lain haq kaula. Eta domba teh aya nu bogana aya nu leuwih haq,  kaula  saukur  tatamba  sugan  ka anteur, bisi eta domba teh keueungeun rek balik  ka  kandang,  bisi  poekeun  di jalan, sugan kaoboran. Bisi lapareun teu manggih dahar, bisi susaheun teu manggih jalan balik, da ngarana oge domba, kiwari sok disebut embe sok saukur tuturut munding, kumaha wae nu hareupeun kabawa ku itu, kitu. Kabawa ku ieu, kieu.  Sugan  ari  geus  dianter  mah,  bisa  balik  sorangan  ka  kandangna  da  geus nyaho jalan iyeuh. Iraha waktuna nyiar dunya, iraha  waktuna  kudu bebenah, iraha waktuna  kudu beberesih. Jadi teu kapoosan dina waktu nu munggaran,  nyaho iraha waktuna kudu mulang kandang. Supaya tartib, rapih, beres sagala urusan, ku ningalina ge geus bungah, ku ngadengena ge geus senang. Moal rek sirik, komo ngalelewa mah justru rek nurutan supaya sakabeh embe jeung domba teh nyarahoeun balik ka kandangna sorangan. Sugan kawaris sakabeh.


PANUTUP/PANGJEUJEUH
Sakitu heula  eta pedaran  jeung lalakon, moal waka rek jentre ngabuka kana  ieu lalakon nu jadi konci. Sakabeh manusa nu gelar di alam dunya ngan saukur rek mancing dina cai nu herang sugan laukna beunang, lamun bener beunangna, rek dipais tapi samemehna rek dipais dibumbuan  heula, jeung  diuyahan heula supaya  ngeunah rasana, mun embung saukur beja, saukur cenah wayahna kududaek neangananna dimana eta ngancikna jimat hirup jeung naon eta mustikana hirup. Jauh dijug-jug, anggang diteang ari nu dekeut diliwatan, ber ka ditu, ber ka dieu. Jarah, ka kaler, ka wetan, ka kulon, jeung ka kidul meunang naon?, awak leuleus, sirah lieur, beak itu, beak ieu. Hayang menang tapi bebeakan, karunya teuing.

Tong siga batur, tong siga nu lian, tong kabawa angin, kajuru ku seuneu, tong nuturkeun teuing indung suku, tong samar kunu ka tenjo bisi kasebut hejo keneh tihang. Teang jalan jeung lampah nu pasti.

Panutup, neda bagja ti sadaya, neda caang ti papada, neda hirup hurip sadami, sapadamian ngajadi, rukun kanu  umum, runtut  raut  jeung balarea,  leukeun neangan  panuntun, peso raut  bakal seukeut. Alus ku  niat, bisi  goreng  ku  tekad, alus ku ucap, bisi goreng ku basa, manusa kudu silih hampura pikeun ngawangun nagara dina hakekat, waruga dirina supaya sampurna  jeung  sejahtera hirupna jeung dipika asihku sasama kupapada jalma, damar ngajadi darma, darma ngahiji jeung damar, manusa teu daya upaya, anging masrahkeun sadaya daya ka jinisna, nu  kagungan jisim jasmani  panganika  nu  kagungan  pangawasa.  Isuk  jaganing pageto, sing kapanggih jeung  eusina, sing gede hate, ulah pondok pangharepan. Titis  tulis moal pahili. Neang bagja, teu manggih pahala. Pahili moal kapanggih. Pahala moal katarima.

Saukur bagja nu kabina bina, swarga tanpa kira-kira.

Muji abdi, muji gusti.
Abdi nu muji gusti.
Gusti muji ka abdina.
Muja muji tunggaling pribadi
...cag. tabe pun

kengeng nyutat ti rerencangan, mugia aya mangpaatna ==========================================
Bogor Pancasona : Abah Raita, dr. Nursidik. ditik ulang ku santanu muliawidi.

Baca Juga :

Tidak ada komentar