Mangsa Orok atawa Budak Ciung Wanara teh di Sumedang atawa di Ciamis?

Sabenerna Mangsa Orok atawa Budakna Ciung Wanara teh, di Sumedang atanapi di Ciamis??? atawa memang ditimukeun di Ciamis di walungan Citandui, tuluy dirorok dibawa ka Sumedang dididik Bagala Asih Panyipuhan ku Arya Bimaraksa? 


Ciung Wanara
Ciung Wanara merupakan nama untuk Sang Manarah, penguasa Galuh dari tahun 739-783 M. Sang Manarah atau Prabu  Suratama atau Prabu Jaya Perkosa Mandaleswara Salakabuwana, dan dalam cerita rakyat pasundan disebut dengan nama Ciung Wanara. Ia memerintah Galuh selama 44 tahun (dari tahun 739 - 783 M),  dengan wilayah antara Banyumas (Sungai Cipamali) di Timur hingga Sungai Citarum di sebelah barat.

Sang Manarah adalah putra Prabu Adimulya Permanadikusuma, raja Galuh yang terbunuh oleh utusan Temperan, yang waktu itu menjadi patih Galuh. Ibunya Dewi Pohaci Naganingrum, merupakan cucu dari Ki Balangantrang (Arya Bimaraksa). Dan setelah  Permana meninggal ia menjadi istri kedua temperan.
    
Setelah menginjak remaja, ia kemudian melakukan kudeta terhadap keturunan Sanjaya (tamperan), dengan dukungan penuh kakeknya, Bimaraksa atau kemudian terkenal dengan nama Aki balangantrang.

Tinu Buk Galur Karuhun Galuh Pakuan kacaritakeun kieu : Waktos janteun orok di Cisema jenenganana si Pulungtimu/Ciung Wanara.


Dina sumber nu sejen anu kabaca nyaritakeun/mertelakeun yen prabu Tajimalela sareng Raja Galuh karangkamulyaan, umurna sawawa jeung kungsi babarengan waktu Ciungwanara diasuh ku Arya Bimaraksa waktu netep di Bagala Asih Panyipuhan. Samemeh Ciungwanara jeneng nata nyekel tampuh karajaan Karangkamulyaan ngagulingkeun kakawasaan Prabu Tamperan Brawijaya, didukung ku ku pasukan Prabu Tajimalela jeung Pasukan Limbangan. (Buku Rucatan Budaya Sunda Kadarmarajaan ~ Ki Wangsa). 

 
Upami nitenan diluhur taun nalendrana Prabu Aji Putih nyaeta antara taun 721–778 M, sareng Prabu Ciung Wanara taun 739-783 M, teu benten teubih teuing.

Dina caritaan Ciung Wanara kapangih/kasebut oge Walungan Cigagak Jalu, ari walungan Cigagak Jalu mah kapan di Darmaraja Sumedang.

Ari disalusur/dicukruk aya katerangan Situs Ciung Wanara teh aya di Darmaraja Sumedang pernahna deukeut Gunung Padang Darmaraja Sumedang. Walloohu a'lam Biroomudih...

Ieu ngajelaskeun mangsa keur leutikna Ciung Wanara pamanggih jeung anu aya dina caritaan tina Obrolan dinu Facebook sareng para inohong ti Darmaraja katut Nonoman Sumedang.

Engkun Kunandar ti Ciamis : di Ciamis aya Karangkamulyan kalangkungan ku Walungan Sipatahunan, ceuk urang dinya mah didinya tempat panimuan Ciung Wanara. Wallohu..

AT Dendusri Putra : Saur sakaol, Raden suradiwangsa teh Prabu Ciung Wanara, gaduh Putra Prabu tajimalela. Teras aya deui Prabu Aji putih Gaduh putra Prabu Tajimalela, teras aya deui caritaan Prabu Wijaya Kusumah (Pandita Ajar Padang) gaduh putra Prabu Tajimalela. Boa-boa..mung ieu mah mung Dongéng, neundeun beja keur bejakeuneun.

Supian Apandi (Nonoman yayasan Musium Pangeran Geusan Ulun Sumedang) :  Di walungan cimanuk handap / cigagak jalu aya patisalan Ciung Wanara, malihan batu pangcalikana oge di simpen di Ma Kuncena. Kapungkur satuecan kalebuh ku Jatigede, eta sisi walungan aya guha na. Malihan aya tapak suku anjeuna sareng suku hayamna... natrat dina sisi guha. Wallahu alam.


Wisahya Drs : Ngistrenan jenengan
ngaranna Ciung Wanara di Gunung Surian.

Wisahya Drs : Cisema cisusu ema indung kukut nu nyusuan orok nu dipalidkeun (Ciung Wanara)

Dedie Kusmayadi (penulis) :  HaNuPis kang Wisahya Drs, kabuka langkung jero pisan..


Cag ah

Baca Juga :