Sumedanglarang Mangsa Pangeran Geusan Ulun (Bagean ka 2)

Pangeran Geusan Ulun/Pangeran Angka Wijaya/Kusumah dinata II kagungan putra ti Garwa anu sepuh, nyaeta : Nyi Ratu Cukang Gedeng Waru,  putrana Sunan Pada diantawisna :
1. Pangeran Rangga Gede/Kusumahdinata III, anu nurunkeun para Bupati Sumedanglarang.
2. Dalem Aria Wiraraja 1, anu nurunkeun ka Lemah Beureum  Darmawangi (Tomo Sumedang)  sareng ka Serpong Lengkong (Tanggerang).
3. Kiai Aria Ranggapati anu nurunkeun ka Haur Kuning.
4. Nyi Mas Ngabehi Martayuda anu nurunkeun ka Ciawi Tasikmalaya.
5. Raden Rangga Nitinagara/Dalem Rangga Nitinagara anu nurunkeun ka Pagaden Pamanukan Subang.
6. Nyimas Dipati Ukur Bandung.
7. Nyi Mas Rangga Wiratama.
8. Kyai Rangga Patra Kelana.                 
9. Kyai Ngabehi Watang.                   
10. Nyi Mas Rangga Pamade.

~ Ti Garwa anu anom (Ka 2) Ratu Harisbaya kagungan putra nyaeta :
11. Pangeran Bembem (Rangga Gempol 1/Kusumahdinata IV) anu wafatna di Mataram (Lempuyang Wangi - Mataram)  waktos anjeuna mantuan kasultanan Mataram meruhkeun Pulau Madura.
12. Pangeran Tumenggung Tegalkalong.

~ Ti garwa (ka 3) Nyimas Pasarean, putri Sunan Munding Saringsingan kagungan Putra 1 nyaeta :
13. Kiayi Demang Tjipaku, anu dikurebkeun di Dajeuh Luhur sagedengeun Pangeran Geusan Ulun.


Sumedanglarang Mangsa Pangeran Rangga Gede sareng  Pangeran Kusamah Dinata IV
Sawafatna Pangeran Geusan Ulun kira-kira taun 1601 M, Nagara Sumedang dibagi 2, nyaeta :
1. Sumedang anu bupatina linggih di Tjanukur nyaeta Pangeran Rangga Gede/Kusumahdinata III.
2. Sumedang anu bupatina linggih di Tegal kalong nyaeta Pangeran Kusumah Dinata IV (pangeram Bembem), anu dipundutan tulung ku Sultan Mataram, nalukeun Sampang Madura. Sarengsena heunteu mulih deui ka Sumedang, tetep linggih di Mataram didamel sesepuh (Panglima dugi ka wafatna tahun 1625 M).

Anu neraskeun nyepeng Kabupaten Sumedang sagembelengna nyaeta pangeran Rangga Gede/Kusumahdinata III.

Kota Sumedang ti Tjanukur dialihkeun ka Paramasan Desa Paseh Kacamatan Conggeang. Kira-kira tahun 1633 Pangeran Rangga Gede pupus di djalan di Cileunyi, waktos andjeunan bade nangkep Dipati Ukur, utusan Sultan Mataram makamna di Panday.

Pangeran Rangga Gede puputra, anu kotjapna aya 9 nyaeta :

1. Dalem Aria Bandjuda anu ngarundaykeun putra-putri Dalam Satjapati I dugi ka Satjapati IV.

2. Dalem Djajuda anu ngarundaykeun putra-putu di umbul serang, nyalindung sareng tjipameungpeuk.

3. Dalem Wangsa Subaya anu nurunkeun di Cisalak cimalaka, regol.

4. Dalem Wargaita.

5. Dalem Pangeran Rangga Gempol ka II anu nurunkeun para Bupati Sumedang.

6. Raden Singgamanggala, anu ngarundaykeun di Kaum Cikoneng.

7. Raden Wangsasalaira anu sumare di Pangrumasan.

8. Raden Anggadasia anu ngarundaykeun Cibeureum, Cangkudu Kaum sareng Tomo.

9. Nyi Raden Bajun anu nurunkeun di Hariang Buah Dua sareng Bojongjati.

Mangga engke  dilajengkeun Sumedanglarang kamangsa Bupatina Raden Bagus Weruh.


Baca Juga :

Tidak ada komentar