Sumedanglarang Mangsa Pangeran Geusan Ulun (Bagean ka 1)

Bubuka kalawan dibuka ku aosan :

Bissmillah...
Pun sapun ka binayum ka Alloh ka Gusti ka Hyang Agung
Kanu Maha Kuasa sareng Maha Agung
Paralun Neda Jembar Tobat Pangampura
Ti luhur seujung rambut ti handap sausap dampal
Atep ati bodas lahir lan batin dunia lan akherat
Neda Hurung Neda Hibar
Neda Jembar Neda Berkah
Salemat Dunia Lan Akherat

Allohumma Ya HU, Dzat Alloh ~ Syahadat


Sim kuring bade medarkeun caritaan kolot anu aya dina buk layang Kadarmarajaan.

Sabada pangeran Santri wafat andjeuna digentos ku putrana nyaeta Pangeran Geusan Ulun anu jumeneng Nalendra di Sumedanglarang

Dina waktos harita Nagara Padjadjaran runtag. Nanging kumargi anjeuna masih katurunan prabu Siliwangi ti Pangeran Santri, rayat ngangken andjeuna sarta masrahkeun karadjaan Padjadjaran ku anjeuna. Dupi watesanana nyaeta ti palih kulon tjisadane, sareng ti palih wetan kali Pamali.

Pangeran Geusan Ulun diaping ku opat kapetengan atanapi senapati nyaeta :

1. Embah Sayang Hawu (Jaya Perkosa)
2. Embah Nengganan
3. Embah Kondang Hapa
4. Embah Terongpeot

Kota Sumedang Jaman Harita aya kasebat seueur oge tjatjah jiwana sarta seueur anu parantos Islam. Waktos di Demak, agama Islam nudju sesedengna Madju, katjarioskeun Pangeran Geusan Ulun, kantos masantren ka Demak.

Tjeuk sakaol lamina 5 taun, tjeuk sakaol deui lamina 2 taun langkung.

Samemehna angkat ti Demak andjeuna kantos nepangan heula pasaderekanana wargi masih sakaturunan ti Sunan Gunung Djati, njaeta Panembahan Giri Laya Sulton Tjirebon.

Samulihna ti Demak, antawis Sumedang sareng Tjirebon gujrud dugi ka ngayakeun peperangan, Dupi anu jadi sabab, nyaeta tjindekna mah Ratu Harisbaya, garwana Panembahan Giri laya, kapintjut ku pangeran Geusan Ulun dugi ka keukeuhna hoyong di tjandak ka Sumedang, upami heunteu langkung sae, bade nelasan dirina, kumargi bingung mana anu langkung sae.

Pangeran Geusan Ulun nyerahkeun nyerahkeun nasib andjeunna ka 4 kapetengan tea.

Walon Embah sayang Hawu:"Heunteu bade ngalalangkung kagungan kahoyong Gusti, kumargi upami heunteu di tjandak tos tangtos riweuhna nyaeta dina parantos kapendakna Ratu Harisbaya nemahan pati kuanjeun. Nya kitu deui upami engke parantos katangen, urang Sumedang parantos ngiwat garwana Sultan Tjirebon bakal ngagudjrudkeun Sa Nagara. Nanging ku emutan mah, langkung sae ditjandak bae. Keun kumaha engke upami aya anu nyusul mah sanaos dugi ka aya peperangan antawis Sumedang sareng Tjirebon djisim abdi opatan, sanggem ngayonan bala ti tjirebon sakumaha ageungna oge.

Ti waktos hari, kota Sumedang ti Kutamaya dialihkeun ka Dayeuhluhur anu tebihna ti Sumedang ayeuna kirang langkung 7 km palih wetan kidul.

cag...heula aya waktos dilajengken deui...

Baca Juga :

Tidak ada komentar