HANDEULEUM SIEUM HANJUANG SANG MUSTIKA CAHYA MANUNGGAL LIMA (2)


Amparan  Kasajatian :

1. “Rahayu Kinasihan“ Nami Alloh, dzat  lalo, cat  lalo, los lalo Leumpang tiheula, ceurik nuturkeun pandeuri, Antosan di bumi weuteuh Batara payung cahaya - Rancamaya payung buana.
2. “Isim Rosul“ : Nu tapané sajatining hurip.  Enggon gumilang  sang lénggang larang, Bul  putih  cahaya  rosul,  nu  ngalangkang  hérang  cahaya  Alloh. Alloh … Alloh … Alloh.
3. “Amparan Wangunan Kasajatian Syaré’at Maha Sajati“ : “Syahadat, Tasbih, Tahmid, Tahlil, Takbir, Basmalah Hauqalalah”. Asyhadu allâ Illâha  ilallâh, Wa asyhadu anna Muhammadar rasûlullôh, Subhânallôh, walhamdulillâh, walâ  Ilâha  Illallôh, Allôhu Akbar. Bismillahi tawakaltu álallôh, lâ haula walâ quwwata illâ billâhil ‘áliyyil ázhîm.

Tapak Laku Lampah Darma Nu ngagusti, nganyawa sareng musaka. Tapak raga tilas  jiwa, tapak jiwa tilas sukma, tapak sukma tilas akma,  tapak akma tilas nyawa, Ngagusti kusabab hirup, nganyawa kusabab hurip, musaka kusabab nitis,  nyukma tur ngusumah numutkeun  adab lampah kasajatianana.


MILAMPAH KABUYUTAN DARMA NGIANGKEUN PARAHU WEUTEUH 
(Jaman bumi weuteuh - Alif ngadeg disatengahing jagat)

Wujud Sisimbulanana : Tembong Agung, nyaéta tapak raga mangsa nitis (dipindo sukma) lampah ngagunung halimun dayeuh lebak cawéné, laku nyawa lampah darma ngadegkeun tangtungan jatidiri - ku para pancuran lima sumur tujuh talaga kamanunggalan.

Gagak ngelak na tutunggul, nyaéta tapak raga lampah darma ngagunung siluman alas banawasa ngadayeuh lebak cawéné, laku nyawa lampah darma ngawurkeun amparan wangi, ngawangun kasajatian, ngadegkeun para tangtungan jatidiri :

1. Padépokan Wangi, nyaéta tapak lampah ngagunung gedé, laku nyawa lampah darma ngawangun wangunan kasajatian

2. Gempar Batuwangi, nyaéta tapak laku lampah nu nganyawa - darma ngadegkeun para tangtungan jatidiri

3. Gempar Miang Wangi, nyaéta tapak laku lampah nu nganyawa - darma miangkeun para tangtungan jatidiri

4. Gempar Pusaka wangi, nyaéta tapak laku lampah nganyawa – darma ngawangun  pusaka – pusaka kasajatian

5. Gempar Siliwangi, nyaéta tapak laku lampah nu nga akma - ngarancamaya payung cahaya ngajagat raya - darma ngawurkeun wawangi sajati

6. Gempar Garuda, nyaéta tapak laku nu nyukma, lampah ngarancamaya payung buana ngajagat alam buana, darma nangkarakkeun deui  tangkuban pa-ra-huhyang nu nganyawana Sunda, nga akma Dwipantara, nyukma Nusantara, ngajiwa Galuh Nusantara, ngaraga Sunda Nusantara, sareng  perang menggalan dajal.

7. Gempar Nusantara, tapak laku  lampah nu ngajiwa – lampah ngarancamaya payung darma ngajagat Dwipantara, darma ngawurkeun cahaya kamulyaan tangtungan para sajati makom (nagara) karomah.

8. Gempar Munding Wangi, nyaéta tapak laku nu ngaraga, lampah ngarancamaya payung nagara ngajagat nusantara, laku tauhid lampah juhud darma guyang bumi – tapané sajatining hurip kamanunggalan Padépokan sareng Gempar Batuwangi – Siliwangi – Garuda sareng Nusantara Digali  ku lampah  kasajatian : Sajatining cahaya, ngahirupkeun jiwa, Neuleuman rasa, mibanda rusiah Maha kawasa, Metikan karikil-karikil Mustika Permata Cahaya.

Bébér Kembang Wangi Arum, Mapag Jaman Bumi Weuteuh, Alif  Ngadeg  di Satengahing Jagat. Lampah Darma Kado Muhammad Kadua.

Lalampahan Guriang wangi, dina  wujud : Nitih lari mapay  lacak, nyusur galur purwadaksi, Nyukcruk galur tatapakan, néangan  rusiah  pusaka  diri, Nyukcruk galur kabuyutan, néangan  sarsilah kasajatian diri, Nyukcruk galur kabuyutan, néangan  sarsilah  kasajatian diri, Nyukcruk  galur  kasajatian, néangan  karusiahan diri  jeung Gusti.

Cimanuk leuwi pangéndongan - Ngaji diri neuleuman kasajatian, Tatapakan  jalan  kasajatian - Langlang  pusaka  lalana cahaya, Tatapakan  jalan tincakan - Langlang sabda  lalana carita, Tatapakan jalan tincakan - Langlang jiwa lalana raga.

Tapak laku lampah darma dina wujud : Padepokan sareng  Gempar, Gerakan Muda Pajajaran, Batuwangi - Siliwangi – Garuda, Nusantara - Munding Wangi. Sabda Rasa Surat Jiwa Catur Sukma, Sirung Tutunggul Tutunggulan Gunung Halimun Lébak Cawéné. Sajatining cahaya, ngahirupkeun jiwa, Neuleuman rasa, mibada rusiah Maha Kawasa, Metikan karikil-karikil Mustika Permata Cahaya.

Nyukang mangsa, nyorang lampah, nyindang rusiah Sirung Tunggul Tutunggulan Gunung Halimun Lebak Caw̩n̩ TAPAK РPATILASAN РKAMUNGGALAN - KAHURIPAN РKASAMPURNAAN.

Tapak  aksara  tilas  basa, tapak  basa  tilas sabda, tapak  sabda tilas carita, tapak carita tilas pusaka, Sajatining tampian sampurnaning kokocoran. Manunggalning   pancuran  kokocoran  kasajatian, Tapak  raga  tilas  jiwa, tapak  jiwa  tilas sukma, tapak  sukma tilas ruh, tapak  ruh tilas nyawa, Sajatining  abdi  kaula  sampurnaning manusa. Manunggal  sajatining abdi  kaula  lima, Tapak hirup  tilas  hurip, tapak  hurip  tilas pusaka, tapak  pusaka tilas cahaya, Sajatining permata cahaya sampurnaning mustika. Manunggal pusaka lima Tapak uteuk tilas pikir,  tapak pikir tilas akal,  tapak akal tilas cahaya, Sajatining akal sampurnaning élmu.  Manunggal  abdi  kaula  cahaya.

Sekar darma lingga Ra-Hyang, Buka lawang gapura pusaka  Ra-Buyut

Asyhadu allâ ilâha illallâh, wa asyhadu anna Muhammadarrasûlullôh, Subhânallôh,  walhamdulillâh, walâ ilâha illallôh, Allôhu Akbar. Bismillahi tawakkaltu álallôh, lâhaula walâquwwata illâ billâhil ‘áliyyil ázhîm.
Ya Alloh ... Ya  Rosululloh ... Ya  Muhammad ... Ya  Imam Mahdi … Ya  Alloh..ya Rosululloh ... Ya Muhammad ... Ya Imam Mahdi.

Ya Alloh ... Ya  Muhammad Rosululloh,  Imam Mahdi …Ya Alloh ... Ya  Muhammad  Rosululloh , Imam Mahdi.

Ya Alloh … Ya Muhammad Rosululloh … Ya  Alloh …Ya Muhammad Rosululloh ... Ya  Alloh.

Ya Alloh ... Ya Muhammad Imam Mahdi …Ya Alloh ... Ya Muhammad Imam Mahdi ... Ya  Alloh ... Ya Alloh ...Ya Rosululloh … Ya Alloh ... Ya Rosululloh …Ya Alloh ...Ya Rosululloh.

Ya Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh … Alloh ... Alloh… Alloh ... Alloh …Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh … Alloh ... Alloh… Alloh ... Alloh … Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh … Alloh ... Alloh… Alloh ... Alloh … Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh … Alloh ... Alloh… Alloh ... Alloh …Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh … Alloh ... Alloh… Alloh ... Alloh …Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh … Alloh ... Alloh… Alloh ... Alloh …Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh … Alloh ... Alloh… Alloh ... Alloh …Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh … Alloh ... Alloh… Alloh ... Alloh …Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh … Alloh ... Alloh… Alloh ... Alloh …Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh … Alloh ... Alloh… Alloh ... Alloh …Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh … Alloh ... Alloh… Alloh ... Alloh …Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh … Alloh ... Alloh… Alloh ... Alloh …Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh … Alloh ... Alloh… Alloh ... Alloh …Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh … Alloh ... Alloh… Alloh ... Alloh …Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh … Alloh ... Alloh… Alloh ... Alloh ... Alloh … Alloh ...  Alloh … Alloh ... Alloh... Alloh … Alloh... Alloh …Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh … Alloh ... Alloh… Alloh ... Alloh …Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh … Alloh ... Alloh… Alloh ... Alloh …Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh … Alloh ... Alloh… Alloh ... Alloh …Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh … Alloh ... Alloh… Alloh ... Alloh …Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh … Alloh ... Alloh… Alloh ... Alloh …Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh … Alloh ... Alloh… Alloh ... Alloh …Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh … Alloh ... Alloh… Alloh ... Alloh ... Alloh … Alloh ...  Alloh … Alloh ... Alloh. .. Alloh … Alloh.


“HANDEULEUM GEGER HANJUANG “
Tutunggul sirung tunggul tutunggulan  gunung halimun dayeuh lebak cawéné, Saukur adab/tatali paranti kasajatian pikeun laku nyawa lampah darma sisimbulan lain angkeuhan, hayang diulu - ulukeun, dipeupeujeuhkeun  sareng  hayang dijenengkeun.

Nyiwit waktu raraméan nyocéng lampah kamonésan, tina lampah darma raga nu nyaré’at, Wadah nyawa  nu masih bersih tacan ancrub kana guyang cimata ceurik sareng seurina.

Nambut  lakuna  para  diri, sirung  nu  kakara  lilir pikirna, hudang  haténa,  katoél rasana, Ku rasa rumasa sareng karumasaan dina wanci cahaya kabuyutan  nu  geus manjing pareum, Nambut  lampah  para sirung - jiwa  anak  bangsa  nu keur ngamparkeun  niat suci patékadan mulya ngahudangkeun galuh sunda, ngagali wawangi, ngahuripkeun silihwangi pusaka Rahayu Kinasiahan, Meungkeutkeun tali nangtungkeun tihang Nusantara - kasajatian lima  nu  jadi  pusaka kaluhungan Sang Saka : Garuda - Pancasila  - Mérah  Putih -  Tongkat  Komando - Bhinéka  Tunggal Ika.

Nunggangan sisimbulan nu teu jauh tina tangtungan sareng lambang nu teu jauh tina dandanan kasajatian nunggangan basta “Gerakan Muda Pajajaran (Gempar) Batuwangi – Gempar  Siliwangi - Gempar Garuda - Gempar Nusantara – Gempar Munding Wangi  darma  Guyang Wangi ” nu jadi akuan sareng angkeuhan diri, Kabeungkeut ku adab-adaban kasajatian pikeun  jadi tutunggangan sim kuring dina laku tapak nu ngadarma, cukang  nyawa lampah darma  nu ngajiwa  ku milaku sisimbulan,  pikeun  para jiwa  anak bangsa nusantara. Mugia janten tapak laku pangawuran tapak lampah panyawéran dina milampah lalampahan kasajatian jisim.

Handeuleum Sieum Hanjuang  (amanat Mahasajati - wasiat para sajati-Na) nu jadi  lampahna Deugdeug Jaya dina darma Pancanaga, laku garuda (Galuh Sunda), lampah kujang, réngkak Guntur Geni, amparan Batuwangi,  wangunan  kasajatian  Silih wangi. darma waruga guyang wangi nu  teu matak  jadi angkeuhan,  nu bisa ngiruhan  kaweningan   sareng  ngaruksak  kasucian  lampah  kasajatian.

Mangka Kiwari  Sim Abdi  kaula waruga, ngawiwitan bébér darma pusaka Rahyang ngawiwitan muka deui  lampah  Rabuyut  : Budak Angon - Satria Piningit Sang  Mustika  Cahaya   Pusaka  Manunggal  Lima Sirung tunggul - Gunung gedé  -  Amparan tujuh gunung “Sri  Baduga  Maharaja  Perbu  Batara  Deugdeug Jaya Sang  Waruga Jagat Raya” sawates   bébér  laku  ku  réngkah  paripolah,    nepikeun  béja  paréntah  rasa,  paménta  para  hamba  jiwa  mulia, sawates bébér laku guar polah, milaku sisimbulan, nepikeun lampah tuntutan rasa pangjurung Sang Maha Kawasa, ngeunaan lampah  sang sukma salaku hamba-Na, nu jadi pangeusi  jiwa raga  abdi  kaula  nu  medal  ka bumi, Janji  Mahasajati jadi pusaka pakaya alam buana, hiasan hirup dandanan hurip mahluk alam jagat raya, Tutunggul   ngadeg  dina  batu  nunggal,  amparan  batu  karikil  wangi  kurungan kasajatian  lima, Sang saka  beureum  sareng  bodas,  ngélébét  dina  tangtungan  kasajatian  tihang  karusiahan, Hirup kasajatian hurip kahirupan, nanjer kasaimbangan, ma’mur alam, jaya pangeusi alam, Bumi weuteuh jaman kajayaan - mangsana sétan sial - dajal tepung  kana kabinasaan, Umat manusa mulang deui  ka asal - jatidiri adam  mulang  deui  kana  kasajatian, Para waruga (jiwa-raga)  sareng  lelembutan (akma-sukma),  nangtung dina tangtungan batu satangtung, Adegan khalifah bumi amparan cahaya, tihang batuwangi galuh  pakuwon wangunan silihwangi pajajaran.


TAPAK RAGA GEMPAR BATUWANGI – SILIWANGI – GARUDA-NUSANTARA - MUNDING WANGI DARMA GUYANG WANGI

Dina Gupay Rahayu Kinasihan Susuhunan Batuwangi “Sabda  Mustika  Siliwangi - Sowara Rabuyut“ Sabda Rasa Surat Jiwa Catur Sukma – Amanat Diri Wasiat Kasajatian, Sirung Tunggul Gunung Halimun Dayeuh Lebak Cawéné.

SANG MUSTIKA CAHYA PUSAKA MANUNGGAL LIMA, Sri Baduga Maharaja Perbu Batara Deugdeug Jaya Sang Waruga Jagat Raya.

Kasanggakeun  ka  para  pangandika, Bobot sapanon carang sampakan sing hampuntenna anu kasuhun hampura nu kateda, Bilih kirang titi ku ati jeung pangarti, kirang tata ku adab warugana sukma, Sim kuring medal kaluar,  kusabab pangeusi jaman.

Kuring hudang, kusabab jaman, Kuring kaluar, kusabab pangupay, Kuring indit, kusabab tutulisan, Kuring miang, kusabab katangtuan, Kuring milampah, kusabab pangharepan, Kuring mulang, kusabab adab kasajatian, Kuring mingit, kusabab tatali kasajatian, Kuring minggat, kusabab kasulayaan, Kuring sawates  amanat saukur wasiat. Nindak moal ngalieuk katukang, Sumujud mo sila béngkok.

Nyanggakeun : Kembang Asih Wangi Arum, Galunggung Gunung Lumbung, Amanat Garuda – Wasiat Nusantara, Galuh Hyang Agung - Sunda Nusantara, Harta pusaka Ki Sunda - harta karun pajajaran - harta  dwipantara – pakaya nusantara.

Warisan kasajatian Galuh Ratu Sunda (Garuda) nu ngalaku nyawa Silihwangi darma lampah Pajajaran, Nu medal ti  puseur pangiangan para sajati - tanah  pusaka Mandalawangi -  wewengkon semar/karusiahan, Nusa antara dua beubeulahan nyawa kasajatian – beureum - bodas – Satria Panengah – amparan akal - nafsu, Nu ngadarma nyawa Sunda – ngaakma Dwipantara, nyukma Nusaantara, ngajiwa Galuh Nusantara, ngadarma raga Sunda Nusantara,  Nusa Khatulistiwa  tengah  alam  buana  nu teu kahilir kagirang  teu déngdék  topi.

Puseur tangtunganana :  Hulu  Ci-Singa - Gunung Agréng- Cibuni. Puseur wangunan kasajatianana, Hulu Cidangiang (tempat pangiangan pa-ra-hyang ). Panetepanana birit leuwi Pangéndongan walungan Ci-kaahaéng-an,  talaga  kahuripan  sagara kinasihan dayeuh lebak cawéné.

Puseur Sisimbulan  ragana, Batuwangi - Singajaya - Garut pakidulan lebak, Sancang Pajajaran - Garut  pakidulan  laut kidul, Dina lampah  kabuyutan - Gupay  Rahayu  Kinasihan, Kasajatian  Deugdeug  Jaya - Batuwangi - Silihwangi, panataan kasajatian Pajajaran - pamageuh  paseuk Galuh Pakuwan.

Ngusumah  di Jaman  Bumi  Weuteuh - Alif Ngadeg di Satengahing Jagat, dina kurungan cahaya  kasajatian  asah, asih,  asuh  sareng  papada kaula diri, papada kaula hamba,  papada kaula kaum, papada kaula anak bangsa, papada kaula jalma (umat  manusa), papada  kaula  makhluk sareng  papada kaula pangeusi alam buana  jagat  raya.

 
D i n a
Amparan Kasajatian :
(1) “Rahayu Kinasihan” : Nama Alloh, dzat  lalo, cat  lalo, los lalo Leumpang tiheula, ceurik nuturkeun pandeuri, Antosan di bumi weuteuh Batara payung cahaya, Rancamaya payung buana.

(2) “ Isim Rosul” : Nu tapané sajatining hurip.  Enggon gumilang  sang lénggang larang. Bul putih cahaya rosul, nu ngalangkang  hérang  cahaya Alloh. Alloh, Alloh, Alloh.

(3) “Amparan  Wangunan  Kasajatian   Syaré’at  Mahasajati” : “Syahadat, Tasbih, Tahmid, Tahlil, Takbir, Basmalah Hauqalalah”,  Asyhadu allâ ilâha  illallâh, wa asyhadu anna Muhammadar rasûlullôh, Subhânallôh, walhamdulillâh, walâ  ilâha  illallôh,  Allôhu Akbar.
Bismillâhi tawakkaltu álallôh, lâ haula walâ quwwata illâ billâhil ‘áliyyil ázhîm.


MILAMPAH KABUYUTAN LAKU NANGKARAKKEUN TANGKUBAN PARAHU LAMPAH  DARMA  NGIANGKEUN  PA-RAHU-HYANG
(Jaman Bumi Weuteuh - Alif Ngadeg di Satengahing Jagat)

Digali kulampah kasajatian : Sajatining  cahaya, ngahirupkeun jiwa, Neuleuman rasa, mibanda rusiah Maha kawasa, Metikan karikil-karikil Mustika Permata Cahaya.

Nyukcruk galur tatapakan néangan rusiah diri sajati, Tatapakan jalan tincakan  langlang jiwa lalana raga, Tapak raga tilas jiwa, tapak jiwa tilas sukma, tapak  sukma  tilas  akma,  tapak  akma  tilas nyawa.

Sajatining abdi kaula sampurnaning manusa. Manunggal  sajatining abdi kaula tangtungan lima, Tapak aksara tilas basa, tapak basa tilas sabda, tapak sabda tilas carita, tapak carita tilas pusaka. Sajatining tampian sampurnaning kokocoran. Manunggalna pancuran kokocoran kasajatian, Tapak hirup tilas hurip, tapak hurip tilas pusaka, tapak pusaka tilas nyawa cahaya.  Sajatining permata  cahaya  sampurnaning  mustika.  Manunggal pusaka lima, Tapak uteuk tilas  pikir, tapak  pikir  tilas akal, tapak akal tilas cahaya. Sajatining élmu sampurnaning akal. Manunggal sajatining abdi kaula cahaya.

Asyhadu allâ ilâha illallâh, wa asyhadu anna Muhammadarrasûlullôh, Subhânallôh,  walhamdulillâh, walâ ilâha illallôh, Allôhu Akbar. Bismillahi tawakkaltu álallôh, lâhaula walâquwwata illâ billâhil ‘áliyyil ázhîm.

Ya Alloh ... Ya  Rosululloh ... Ya  Muhammad ... Ya  Imam Mahdi … Ya  Alloh..ya Rosululloh ... Ya Muhammad ... Ya Imam Mahdi.

Ya Alloh ... Ya  Muhammad Rosululloh,  Imam Mahdi …Ya Alloh ... Ya  Muhammad  Rosululloh , Imam Mahdi.

Ya Alloh … Ya Muhammad Rosululloh … Ya  Alloh …Ya Muhammad Rosululloh ... Ya  Alloh.

Ya Alloh ... Ya Muhammad Imam Mahdi …Ya Alloh ... Ya Muhammad Imam Mahdi ... Ya  Alloh ... Ya Alloh ...Ya Rosululloh … Ya Alloh ... Ya Rosululloh …Ya Alloh ...Ya Rosululloh.

Ya Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh … Alloh ... Alloh… Alloh ... Alloh …Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh … Alloh ... Alloh… Alloh ... Alloh … Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh … Alloh ... Alloh… Alloh ... Alloh … Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh … Alloh ... Alloh… Alloh ... Alloh …Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh … Alloh ... Alloh… Alloh ... Alloh …Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh … Alloh ... Alloh… Alloh ... Alloh …Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh … Alloh ... Alloh… Alloh ... Alloh …Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh … Alloh ... Alloh… Alloh ... Alloh …Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh … Alloh ... Alloh… Alloh ... Alloh …Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh … Alloh ... Alloh… Alloh ... Alloh …Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh … Alloh ... Alloh… Alloh ... Alloh …Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh … Alloh ... Alloh… Alloh ... Alloh …Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh … Alloh ... Alloh… Alloh ... Alloh …Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh … Alloh ... Alloh… Alloh ... Alloh …Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh … Alloh ... Alloh… Alloh ... Alloh ... Alloh … Alloh ...  Alloh … Alloh ... Alloh... Alloh … Alloh... Alloh …Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh … Alloh ... Alloh… Alloh ... Alloh …Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh … Alloh ... Alloh… Alloh ... Alloh …Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh … Alloh ... Alloh… Alloh ... Alloh …Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh … Alloh ... Alloh… Alloh ... Alloh …Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh … Alloh ... Alloh… Alloh ... Alloh …Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh … Alloh ... Alloh… Alloh ... Alloh …Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh … Alloh ... Alloh… Alloh ... Alloh ... Alloh … Alloh ...  Alloh … Alloh ... Alloh. .. Alloh … Alloh.



AMANAT SILIWANGI WASIAT GARUDA DARMA GUPAY RAHAYU KINASIHAN

Hiyap Kabuyutan Gupay Karahayuan - Satria Kinasihan Adab Pingitan. “Sri Baduga Maharajá Perbu Batara Deugdeug Jaya Sang Waruga Jagat Raya” (Pikeun ngeusian Jaman Bumi Weuteuh - Alif  Ngadeg di Satengahing Jagat).

Kasanggakeun : Para babalad cahaya Sang Waruga Jagat Raya, Para  mustika cahaya  papayung  agung  sareng  para calonna, Para mualaf sajati,  santri sajati,   musafir langlang  jiwa  lalana cahaya, lalanang jagat raya, budak angon, satria amparan kawalian tangtungan batara, sareng  mahabatara (satria cahaya,  satria bumi,  satria jagat,  satria  jagat raya).

Kasanggakeun : Para  sajati   papayung  cahaya,  papayung  agama,  papayung darma,  papayung  warga, papayung bangsa  sareng nagara, papayung mahkluk  papada kaula  pangeusi alam buana.

Kasanggakeun : Para nyawa nu ngangon jiwa sareng raga  -  ngangon  kamonésan dunya sareng akhérat, Para nyawa papada kaula hamba, papada kaula anak bangsa, papada kaula jalma tur papada  kaula   mahkluk    pangeusi  buana   sareng   alam  semésta  jagat   raya. Para makhluk tutunggangan jiwa, sukma, nyawa Sang Waruga Jagat Raya.

Kasanggakeun : Para tatapakan lampah sisimbulan warugana Deugdeug Jaya weuteuh, Mangsa  nitis  dipindo sukma  wujud  sisimbulan  Padépokan sareng Gagak Ngelak Na Tutunggul wujud Gerakan Muda Pajajaran (Gempar).

Kum : Ka para nyawa, Dulur  salembur   sareng   baraya  sauyunan, Di panitisan, panyukmaan sareng  di pangusumahan, (Tegal baladaheun karahayuan, ladang pangangonan kahuripan, tempat pangguyangan kahirupan).

(1) Hiyap ngabagéakeun  gupay kasajatian - mapag Jaman Alif Ngadeg di Satengahing Jagat
(2) Hiyap ngaweningkeun gupay kajuhudan - adus kahuripan, tobat lampah kahirupan
(3) Hiyap ngadegkeun gupay mageuhan - wangunan kasajatian Alloh “Muhammad“
(4) Hiyap  rempug  jukung  gupay  kamanunggalan - para tangtungan kasajatian
(5) Hiyap nangtungkeun  gupay  nanjerkeun - harga  diri  kahormatan  bangsa
(6) Hiyap pajajaran gupay panataan - ngajajarkeun tangtungan nata kanagaraan
(7) Hiyap ngangon  gupay wuluku  - ngangon  kasajatian beureum  ngawuluku bodas
(8) Hiyap ngangon  tangtungan  jatidiri - gupay ngawuluku  wangunan  kasajatian diri
Ngangon silihwangi, ngawuluku batuwangi, mageuhan pakuwan, ngolah cahaya Mahasajati, Ngangon parahyang ngawuluku kabuyutan, ngolah rahayu kinasihan ngalampahkeun Isim Rosul.

Panggeuing  Éling Ngaji  Diri Neuleuman  Kasajatian : Nafsu, nyaéta cahaya beureum tangtungan seuneu kasajatian juhud, nu hirup rumingkang di sakur alam nu jadi tangtungan jatidiri sareng wangunan kasajatian adam (akma – sukma). Jadi amparan lampah ngupama nu ngabuahkeun tanaga ngalahirkeun kakuatan, numutkeun adab lampah kasajatian dina kajuhudan.

Akal, nyaéta cahaya bodas  tangtungan cai  kasajatian tuhu,  nu hirup rumingkang  di sakur alam nu jadi tangtungan jatidiri sareng wangunan kasajatian adam ( akma, sukma, ). Jadi amparan lampah ngupama nu ngabuahkeun kabersihan ngalahirkeun kasucian numutkeun adab lampah kasajatian dina katuhuan.

Waruga, nyaéta cahaya hideung tangtungan bumi kasajatian rusiah. nu hirup rumingkang dina jatidiri sarengwangunan kasajatian adam (salaku manusa/jalma), jadi tutunggangan lampah ngupama nu ngabuahkeun darma ibadah  ngalahirkeun amalan lampah karusiahan.

Kinasihan, nyaéta cahaya kalangkang hérang tangtungan wening kasajatian Alloh, nu hirup rumingkang dina jatidiri sareng wangunan kasajatian diri adam (kalbu). Jadi amparan lampah ngupama nu ngabuahkeun kadeuheusan ngalahirkeun kacintaan, num adab  lampah nyawa dina kasanggupan élmu sajatina.

Karahayuan, nyaéta cahaya ngeplak tangtungan bodas kasajatian Rosul, nu hirup rumingkang dina jatidiri sareng wangunan kasajatian diri adam (kalbu). Jadi amparan lampah ngupama nu ngabuahkeun darma agung ngalahirkeun asah, asih asuh simbul wawangi sajati basta silihwangi, numutkeun adab lampah mimpin (ngakhalifah) dina kasanggupan élmu kasajatianana.

Khalifah, nyaéta enggon gumilang, tangtungan nabi kasajatian mimpin, lampah tapané sajatining hurip, Jadi amparan lampah ngupama nu ngabuah lampah ngangon diri ngawuluku sakur kasajatian. Jadi amparan lampah ngangon diri nu ngabuah laku ngatik ngadidik, ngasuh ngabimbing, ngabina. Jadi amparan laku ngawuluku kasajatian diri, ngabuah lampah ngaji diri neuleuman kasajatian ngolah diri ngalampahkeun kasajatian.

Ibadah, Nyaéta darma nu hirup rumingkang dina hirup sareng kahirupan adam (salaku manusa/jalma), jadi dandanan kasajatian khalifah  nu ngabuahkeun darma ngalahirkeun amalan, numutkeun adab  lampah kasanggupan dina ngawurkeun wawangi sajatina.

Kautamaan adam kasampurnaan manusa, Kautamaan khalifah kasampurnaan ibadah, Adam khalifah bumi - jadi manusa pikeun ibadah ka Gusti, Adam turun ngaraga dibumi-ngajelma jadi makhluk nu sampurna “manusa/jalma”.

Khalifah, nyaéta kasajatian mimpin, réngkah ngangon laku ngolah lampah ngawuluku.
Khalifah, nyaéta kasajatian cahaya, tangtungan babu kasajatian puah (Puah Rababu).
Khalifah, nyaéta kasajatian élmu sajati,  tangtungan ngabdi,  wangunan  titah (Prabu).
Khalifah, nyaéta Kang/Jeng Rama, wangunan resi, tangtungan ratu, wasta Sang Prabu.
Khalifah, nyaéta Sang Prabu, tangtungan Sri Baduga kasajatian Maharaja (rahaja diraja–raja saba raja) sisimbulan raja leuweung, bastana pikeun Ki Sunda “Maung Lodaya.”

Kautamaan adam salaku khalifah bumi : Lain sawates kajuhudan kasajatian nafsu tangtungan iblis, lain saukur katuhuan kasajatian akal tangtungan malaikat, tapi aya dina kasanggupan mimpin,  kasingeran ngangon sakur kasajatian nu aya dina diri (bumi) sareng kasurtian, katalitian sareng ngarti kana wawangi sajati dina wujud adab–adaban sareng panarat nu jadi tatali paranti kasajatian Gusti Mahasajati, para sajati,diri sajati jeung makhluk sajati.

Kautamaan manusa dina lampah ibadah ka Gusti : Lain dina kajuhudan kasajatian nafsu tangtungan iblis, lain dina katuhuan kasajatian akal tangtungan  malaikat,  tapi  aya  dina  kaweningan - kasajatian  élmu  sajati. Nu  ngalahirkeun kadeuheusan ka Gustina (manunggal sajatining abdi kaula Gusti) sareng kacintaan ka makhluk-Na (manunggal sajatining abdi kaula makhluk), Nu ngabuah  laku  lampah  cageur,  bageur,  bener,  pinter  sareng  singer. (jembar manah - asak hampura,  handap haté - syukur nikmat, pasrah sumerah - luhur tarékah).

Kasampurnaan Darma Adam salaku khalifah bumi sareng adam salaku manusa ibadah ka Gusti Nyaéta :
Dijero Maha Sajatina (Alloh), ditengah kasajatiana-Na (Muhammad), diluar makhluk. Dijero Kitab Suci Mahasajati, di tengah Kitab Diri Mahasajati, diluar Kitab diri sajati. Dijero nitis ngama’rifat, ditengah nyukma ngahakékat, diluar ngusumah nyaré’at, Dijero ruh/nyawa, ditengah akma  sareng  sukma,  diluar jiwa sareng raraga, Dijero kalbu-akal-nafsu,  ditengah hate-pikir,  diluar indra-pangawakan, Dijero élmu sajati, di tengah élmu kasajatian, di luar pangarti sajati.

Ditukang kalbu, ditengah akal, di hareup haté, Ditukang akal,  ditengah pikir, di hareup dama, Dijero haté,  ditengah pikir,  di luar pangawakan-indra,  Dijero ngaji diri,  ditengah ngagali diri,  di luar guyang diri,  Dijero ngadorong, ditengah nyampur, diluar ngaluluguan, Dijero dzikir,  ditengah  mikir, diluar singkil, Dijero asah, di tengah asih, diluar asuh, Dijero kajuhudan, di tengah katuhuan, diluar kacintaan, Kajuhudan ka sajati-Na,  katuhuan kana kasajatiana-Na, kacintaan ka makhluk ciptaan-Na. Manunggal sajatining abdi kaula, sampurnaning adam  numutkeun adab kasajatian salaku manusa.

Dina Kasajatian Pajajaran (Panataan)  Lampah Deugdeug Jaya na :

- Kasajatian wawangi sajatina : Di jero kasajatian Rama, di tengah Resi, di luar Ratu, Di jero batu-wangi, di tengah silih- wangi, di luar  munding wangi, Di jero  tangtungan wangi,  di tengah wangunan wangi,  di luar  guyang wangi.

- Kasajatian bangsa nagarana : Di jero Sunda – di tengah Dwipantara – di luar Garuda (Galuh ratu Sunda) Nusantara,  Di jero darma tauhid - di tengah darma juhud – di luar meta agama sareng nagara,  Di jero  kaweningan -  di tengah  Hideung  -  di luar Beureum Bodas, Di jero ngama’rifat  – di tengah ngahakékat – di luar nyaré’at,  Di jero nyawa – di tengah akma sukma – di luar jiwa raga

- Kasajatian  tapak darmana : Tapak raga tilas jiwa, tapak jiwa tilas sukma, tapak sukma tilas akma, tapak akma tilas nyawa, Manunggal sajatining abdi kaula,  sampurnaning  darma.  Manunggal  sajatining  abdi  kaula  lima.

- Wujud  sisimbulanana : Padépokan sareng Gerakan Muda Pajajaran (Gempar) : Padépokan Batuwangi, Padépokan Wangi, Gempar Batuwangi, Gempar Siliwangi, Gempar Garuda, Gempar Nusantara, Gempar Munding Wangi  darma Guyang wangi.

- Kasajatian  tapak wangina : Sajatining  cahaya,  ngahirupkeun jiwa, Neuleuman rasa, mibanda rusiah Mahakawasa, Metikan Karikil -karikil Mustika Permata Cahaya.

 
Panggeuing  Éling Waspada Tingal  Permana :

- Iblis, nyaéta cahaya beureum kasajatian seuneu nu nganyawa nitis di alam ma’rifat tangtungan jatidiri nyawa adam nu ngabuahkeun kakuatan nafsu, jadi amparan lampah upaya dina kabéngkokan dina wangunan kahirupan nyawa adam.

- S̩tan, nya̩ta kasajatian nafsu nu nyukma di alam hak̩kat lahir sareng hak̩kat batin tangtungan jatidiri akma sareng sukma adam, ngabuah kadoliman, jadi amparan lampah upaya karuksakan dina wangunan kahirupan akma Рsukma adam.

- Dajal, nyaéta kasajatian karuksakan nu ngusumah (ngawaruga) di alam syaré’at batin tangtungan jatidiri jiwa adam salaku jalma/manusa makhluk bumi (golongan sato/homo sapiéns nu jadi tutunggangan adam)  khalifah bumi (Ki Angon) ngabuah karongkahan nu jadi amparan lampah kanistaan dina wangunan kahirupan jiwana.

Kanistaan, nyaéta kasajatian dajal nu ngusumah (ngawaruga) di alam syaré’at lahir tangtungan jatidiri raga adam salaku jalma (manusa) makhluk bumi (golongan sato/homosapiéns) tutunggangan adam khalifah bumi (Ki Angon). Ngabuah kacida nu jadi amparan lampah kiamah.

Kiamah, nyaéta ancur- ancuran (karuksakan) nu lahir tina lampah kacida wangunan karongkahan amparan kadoliman, diadegkeun ku kabéngkokan wangunan nafsu angkara - tangtungan seuneu kasajatian iblis nu hirup dina diri, hurip rumingkang dina nyawa urang, ngabuah naraka pikeun hirup hurip urang.  Hirup ngaraga jeung hurip ngajiwa rumingkang dina wujud kasajatian nanajis jeung kakiruhan, babau jeung kakotoran, acak-acakan jeung paburantak, aing-aingan jeung pakia–kia, nu ngalahirkeun keclakna cimata raga saripari hirup acining hurip lampah naraka, medalkeun kanyeri, kapeurih, tunggara, sangsara jeung katalangsara ka diri jeung balaréa.

Nu jadi cukang lantaranna, ku ilangna amparan kasajatian, runtuhna tangtungan jatidiri, abrukna wangunan kasajatian urang. Mangka sirna kahormatan  ilang harga diri urang salaku diri jeung abdi kaula adamna, salaku hamba jeung agamana, salaku kaum jeung kasukuanana, salaku anak bangsa jeung nagarana, salaku umat manusa jeung bumi nu jadi ladang pangangonan tempat pangguyangan lampahna anak incu adam.

 
Panggeuing  Lilir

Caringcing  Pageuh Kancing  Saringset Pageuh Iket  :
Caringcing pageuh kancing saringset pageuh iket, pikeun ngajaga kasurtian, miara katalitian sareng ngusumahkeun pangarti sajati urang, sangkan urang tiasa ngadegkeun kasajatian.

Pajajaran, leutikna dina wangunan nagara tangtungan jatidiri pangawakan urang, gedéna di para dulur salembur nagara urang, langkung ageungna di baraya papada kaula jalma umat manusa di buana alam, kalayan nu langkung lega, luhur tur ahéngna, dipapada kaula makhluk  alam jagat raya.

Saéstuna dina tangtungan jatidiri urang téh loba makhluk tur dina adegan wangunan kasajatian urang téh ngaruntuy gereyekna nyawa, nu ngamanunggal ngajadikeun bangsa urang janten bangsanyawa, adegan jalma, tangtungan manusa nu sampurna.

Tiap-tiap tangtungan makhluk nu aya dina jatidiri sareng para nyawa nu aya dina wangunan diri urang, nyandang wujud, sifat, laku jeung lampah s̩wang Рs̩wanganana.

- Naon anu janten laku jeung lampahna waruga tangtungan raraga wujud panon, ceuli, irung, létah, kulit, otak, ati, jantung, paru, ginjal, suku, leungeun jeung sakur nu aya dina tangtungan raragana, béda laku lampah darmana, béda tugas, sifat jeung tabé’atna,

- Naon anu janten laku jeung lampahna waruga tangtungan jiwa wujud paningali, pangreungeu, pangangseu, pangrasa, pamikir (rasio), haté sareng sakur nu aya dina tangtungan jiwa, béda laku lampah darmana, béda tugas, sifat sareng tabé’atna.

- Naon anu janten laku jeung lampahna lelembutan tangtungan akma sareng sukma wujud pangrasa, akal, kalbu sareng sakur nu aya dina tangtungan sukma, tinangtu béda laku lampah darmana tur béda tugas, sifat jeung tabé’atna. Nya kitu deui pikeun anu janten laku lampahna lelembutan tangtungan ruh kasajatian nyawana.

- Naon anu tiasa ditangkep jeung dipilampah ku akal nu nyukma di alam hakékat, tacan tangtu tiasa ditangkep tur dipilampah ku pikiran (rasio) nu ngajiwa ngusumah di alam syaré’at batin sareng  ku otak nu ngaraga dina syaré’at lahir.

Nya kitu deui pikeun makhluk anu sami pada ngajiwa ngusumah di alam syaré’at,  naon anu tiasa ditangkep tur dipilampah ku pikiran (rasio), tacan tangtu tiasa ditangkep jeung dipilampah ku haté tur samulihna.

Di Jaman Uga Sunda Sawawa, jaman ngadegna deui Pajajaran, atanapi di Jaman Bumi Weuteuh Alif Ngadeg di Satengahing Jagat, urang salaku anak bangsa Nusantara tos samistina kudu tiasa ngajajar-jajar laku darma lampah nyawa, nu langkung sampurna ti para tutunggul gunung halimun nu janten karuhun urang baheula.

Mana laku pikir mana karya akal, mana laku haté mana karya kalbu, mana darma nyawa mana lampah cahaya. Mana pangarti sajati, mana élmu sajati, mana rasio, mana yakin, mana ainal yakin jeung mana hakkul yakin jeung dimana nu janten tempat kasajatian séwang-séwanganana.

Sangkan lakuning hirup teu pajeujeut, adab-adaban teu pakusut, panarat teu pabeulit dina cacadan, kalayan urang tiasa ngabédakeun mana lampah nu sajati, mana lampah kasajatian, mana nu pura-pura jeung mana nu jijieunan, mana landak jeung mana nu sok lalandakan.

Mana nu sajati, mana kasajatianana. Mana harti sajati, mana ma’na saéstu, mana sisimbulanana dina lampah adab darma karusiahana-Na. Mana nu hak mana nu batil, mana wajib, mana sunah, mana bid’ah, mana tahayul, mana kufur, mana musyrik, mana migusti jeung mana mumusti.

Langkung tebihna, urang tiasa uninga sareng ngabéntenkeun : Mana sajatina tur mana kasajatianana Sang Hyang Maha Tunggal nu murbeng sadayana alam; Naon simbul basta “Alloh“ sareng simbul basta “Muhammad;”. Di saha kasajatiana-Na (Muhammad) ngaraga di alam syaré’atna, nyukma di alam hakékatna sareng nitis di alam ma’rifatna di bumi alam; Saha satria agung papayung agung tangtungan batu satangtung Akmadi/Ahmad bin Abdullah, Imam Mahdi/Sang Waruga Jagat Raya sareng Insan Sang Agung; Kalayan urang tiasa ngabédakeun mana amparan wangunan kasajatiana-Na, wangunan kasajatian syare’at-Na, wangunan kasajatian hakékat-Na sareng mana wangunan kasajatian ma’rifat-Na di bumi.

Sangkan uninga ka diri, nu mawa hikmah urang bisa bungah kana kasajatian diri jeung bisa nyukuran diri, ngadeg jatidiri nangtung wangunan kasajatian diri. Lain ngabanggakeun jeung ngulu ngulukeun batur tur kufur kana kasajatian diri, nu ngajadikeun jatidiri jeung kasajatian diri tangtungan jeung wangunan kasajatian batur, nu lain tempatna.

Dongéngna Imam Mahdi jeung Dajal lir ibarat carita nu ngalagénda ngeunaan tangkuban parahu di lembur urang. Nu teu jauh ti laku ajianeun lampah teuleumaneun, laku koréhaneun lampah pesékaneun tur teu jauh ti laku galianeun lampah larapkeuneun jeung piceuneun.

Dajal téh makhluk sato nu kaluar ti jero bumi, nu sok ngahakanan bangsa urang, motongan beuheung urang, meulahan sirah urang, ngarojokan haté urang, manggang pangawakan urang, nguyup getih ngisep nyawa raga urang, pikeun nu teu nurut ka dirina. Datangna dina mangsa tengah peuting manjing mangsa jaman kiamah.

Teu asup pikir (irasional) ceuk pikiran, tahayul ceuk haté, mun seug diteureuy buleud, sabab tos kaluar tina  adab–adaban kasajatian syaré’at-Na. Tapi teu tiasa dipungkir ku urang mémang kitu ayana tur kabuktian nyatana.

Dina kaayaan urang keur nyaritakeun kiamah sareng sieun ku datangna kiamah, pikiran jeung hat̩ ngalangit tapi akal jeung kalbu ngadasar bumi. Pangarti ngawang Рngawang tapi ̩lmu sajati melempem, budi pekerti mipir gawir nu ngalungkawing. Tangtungan waruga (sang kurung) ngajungkiring tapi lelembutan (sang kuring/adam/sukma) m̩otan. Sakur kamon̩san keur caang ngagemray m̩ncrang, tapi kahirupan medem, kahuripan pareum, po̩k mongkl̩ng buta rajin.

Dina kaayaan urang keur nyaritakeun bakal kaluarna dajal jeung sieun kadatangan dajal, sakur kahirupan geus dirajah dajal sareng kahuripan tos dikawasa dajal. Kalayan teu sadar dina kaayaan urang keur dirundung kasieun ku datangna jaman kaluarna dajal, kadang urang keur ngadajal sareng milaku polahna dajal.

Dina kaayaan ngarep–ngarep datangna Satria Piningit, Imam Mahdi, Sunda Nusantara, sareng Nabi Rosululloh. Wangunan pangarti jeung pamahaman tacan ngadeg, tangtungan élmu sajati kosong molongpong. Kakosongan dieusian akuan tangtungan kabohongan, kalayan geus dimanfa’atkeun angkeuhan nu jadi tihang wangunan kabodoan. Mangka ngadeg sagalaning akuan nu diwangun ku karaguan lampah nu dipaksakeun. 


Panggeuing Nyawa Sangkan Uninga sareng Dikanyahokeun
Nuturkeun jaman nu ditoongan ngudag mangsa nu diintipan, maca tapak nu dikoréhan ngaji kasajatian nu digalian. Nyukcruk galur panétéan lacak tapak panincakan lampah di tiap panyindangan. Milaku sareng milampah nu teu ngahiding ku panglarang dina kurungan adab pingitan iketan tatali paranti kasajatian. Pikeun ngahontalan pangalaman metikan élmu rusiah nu dikoréhan, ngarawuan hikmah nu jadi dandanan kamonésan.

Talaga bedah geus kaliwatan, jaman sato geus karandapan, jaman édan ngawasaan, jaman édan muru arédan keur ngamangsa jeung ngajamanan dina puncakna kajayaan, nu ngabuah kajayaan dina karuksakan, nu ngadeg diunggal patempatan lampah kasajatian hirup hurip urang.

Babau tingpelenghir disakuriling bungking kahuripan. Nutuh pikir ngaruntuhkeun pangarti nu jadi harepan kaluhuran, ngawangun kaputus-asaan nu jadi aib ka diri urang.

Rurujit jeung nanajis nalemrak disakuriling bungking kahirupan urang. Ngarompag haté ngaruntuhkeun pamahaman nu jadi amparan kayakinan harepan kamulyaan, ngawangun kamurtadan nyuburkeun kakufuran, nangtungkeun berhala ngamakmurkeun kamusyrikan diri urang.

Ngiruhan kaweningan cahaya nyawa urang nu jadi wadah cahaya sajati-Na, ngageuleuhan kasucian haté nu jadi tempat lalampahan kajatiana-Na, ngotoran kabersihan darma urang nu jadi tatapakan kaluhuran, kamulyaan, kaagungan lampah kasajatiana-Na.

Babangké pasoléngkrah saincak–incak lampah kahirupan, ngarompag adab–adaban nutuh panarat nu jadi tutunggangan lampah harepan kaagungan. Kahirupan geus dijarah nafsu nu teu kawuluku, mareuman kahuripan wangunan kasajatian urang. Kajayaan dijarah angkara nu teu kabadanan, meruhkeun nyawa ngaruntuhkeun tangtungan jatidiri urang.

Wangunan hirup nu hurip ngan kari tapakna, tangtungan jatidiri nu jaya jeung digjaya ngan kari basana, nu aya ngan sakadar jadi buah carita kabuyutan tatapakan kasajatian bangsa urang. Nu kari ngan  kalakay nu jadi runtah kasajatian, pasoléngkrah diunggal kahirupan, geus diporag ku karongkahan dina kanistaan pangeusi jaman nu ngalaju di tiap mangsa jeung jaman nu dirandapan.

Cimata seuri gogolontoran teu kawadahan mingkin teu kaangon, cimata ceurik uprat aprét mingkin teu kawuluku, nu garélo tambah ngajadi, nu arédan tambah rosa, nu rosa tambah rongkah, mingkin teu kabadanan ku kaimanan nu diamparan ku pangarti jeung pamahaman dina haté jeung pikiran nu jadi wadahna kasajatian waruga urang.

Panarat nu jadi tatali paranti kasajatian geus pabeulit dina cacadan, darma nu jadi adab–adaban kasajatian geus pajeujeut dina karuksakan, kahirupan geus pakusut dina panataan kahuripan.

Syaré’at nu ngaraga jeung ngajiwa geus loba ngajarah hakékat nu nga akma jeung nyukma sareng kaayaan nu samulihna. Adab sareng tatali paranti kasajatian syaréat geus acak–acakan dijarahan nafsu kamonésan pikiran nu jadi angkeuhan mareuman kahuripan. Hakékat nu tacan tepung sareng hakna pada ngajarahan, matak ngabingungkeun para musafir lampah kasajatian. Bangsa nyawa pangeusi alam jagat raya umumna geus teu nempat dina adab kasajatiana-Na.

Dajal keur ngamangsa ngawasaan jaman dina puncak kajayaan. Para hyang jadi harepan kahuripan pikeun tutunggangan lampah kasajatiana-Na, dina milampah lalampahan kasajatian weuteuh di jaman bumi weuteuh disagalaning kahirupan, nu digupay ku kanyataan nu geus teu bisa dipungkir ku balaréa papada kaula jalma bangsa nyawa.

Cunduk waktu nu mustari ninggang mangsa nu sampurna, titis tulis bagja diri. Takdir teu bisa dipungkir kadar teu bisa dipungpang, tiap alam sareng makhluk pangeusina geus kaiket ku tutulisan kabeungkeut katangtuan, sakumaha nu geus jadi janji Mahasajati tur kasanggupan para diri nu sajati, nu teu bisa dipungkir ku waruga nu jadi tutunggangan para akma jeung sukma diri urang salaku bangsa nyawa nu nyandang babastaan manusa.

Halimun geus teu ngahimengan, handeuleum geus teu ngarimbunan, hanjuang geus ngagupayan, kaayaan pangeusi jaman nu jadi tutulisan jeung katangtuana-Na nu geus ngagiring Ki Satria adab pingitan pikeun turun ka alam ramé, milampah lalampahan kasajatian di Jaman Bumi Weuteuh - Alif. Ngadeg di Satengahing Jagat, ngawangun wangunan kasajatian hakékat-Na (Hakékat Muhammad) di bumi, dina amparan tujuh gunung halimun nu kiwari keur dibitukeun ku lampah kasajatian adab karusiahan.

Ki Satria ngadunungan ngan sawates ka Sang Hyang Maha Agung Gusti nu Mahasajati, ngajuragan ngan saukur ka waruga nu jadi kurungan kasajatianana. Midulur ka para cahaya ngabaraya ka para nyawa. Ngomando ka para lelembutan tangtungan jatidiri akma sareng sukma. Ngatik para mualaf, ngadidik para santri, ngasuh para musafir lalana jiwa, ngabimbing para budak angon, ngabina para batara cahaya. Ngalampahkeun para satria cahaya, satria bumi, satria jagat raya nu baris jadi tutunggangan lampah kasajatianana. Pikeun ngajeujeuhkeun niat jeung patékadan dina amparan kaweningan, kasucian sareng kahandapanana, dina icikibungna laku ngaheuyeuk nyawa ulubiungna lampah ngolah cahaya  ngadegkeun tangtungan ngawangun adegan kasajatian hakékat-Na di bumi.

Mangka : Deugdeug Jaya nu geus ampir ilang tapakna, ilang wastana, leungit caritana dina kahirupan anak incu urang lembur (Singajaya) - Batuwangi Garut pakidulan Lebak, panungtungan ku sora tutunggulan gunung halimun mangsa kawin di lebak caw̩n̩ (ngamurid) nu dibag̩akeun ku sowara Guru Nu Agung Galuh Hyang Agung (Gunung Galunggung bitu) РRatu Galuh Raja Pusaka, kiwari geus kaluar mucunghul hudang deui, digeuing kinasihan digupay karahayuan, dihudangkeun ku obahna jaman.

Nyaéta jaman nu geus ampir tumpur tangtungan jatidiri sirna wangunan kasajatian pangeusina, ku dicarabutan akarna (iman) ditutuhan puhuna (budi perkerti), diporag dahanna (jatidiri), dipuruculkeun daunna (wangunan kasajatian diri), dipurudulkeun kembangna (kamonésan hirup/kahirupan), dileungitkeun wawangi sajatina (kahuripan/amalan), diancurkeun buahna (kaluhuran, kamulyaan sareng kaagungan), ditumpurkeun tutunggulna (purwadaksi) dicarabutan sirungna (generasi kasajatianana) ku dajal nu ngawaruga dina pangawakan bangsa urang papada kaula jalma pangeusi buana, nu teu adab pikeun nuding ka saha-sahana.

Ngadeg dina tangtungan jatidiri sareng wangunan kasajatian nu weuteuh, kamanunggalan kasajatian Deugdeug Jaya - Batuwangi/Galuh Pakuwon - Silihwangi Pajajaran. Dangdan rahayu kinasihan - isim  rosul,  amparan tujuh tangtungan nu diwangun ku 7 (tujuh) gunung halimun kasajatian parahyangan (tujuh guru sisimbulan para hyang) sareng kamanunggalan para mustika cahaya tutunggul gunung halimun (kamanunggalan para sajati/parahyang) dina tangtungan Gunung Gedé.
 
Disérénan kasajatiana-Na (Muhammad), diistrénan kasajatian Imam Mahdi ku Sang Hyang Maha Agung Puseur Curug Kasajatian (Gusti Alloh) salaku Sang Saka Mustika Cahaya Manunggal Lima - Waragad Jagat Raya. Pikeun nyingraykeun handeuleum nu ngarimbunan, milampah geger hanjuang nu ngarindangan, dina lampah kasajatian pancanaga (tugas kasajatian lima), ngawurkeun amanah Mahasajati nyawérkeun wasiat para sajati-Na sakum kaum kasajatian, ngagémbol aisan nu jadi pangharepan, pamundut jeung pangawegah tungtutan kasajatian. Milampah pikeun ngadegkeun tangtungan jatidiri, nangtungkeun wangunan kasajatiana-Na, nutuh tatapakan angkara murka meruhkeun kasajatian dajal, nganteur kana kajayaan kasajatian adam khalifah bumi salaku manusa dina 2 (dua) wangunan kasajatiana-Na, nyaéta “wangunan kasajatian hakékat-Na sareng wangunan kasajatian syaré’at-Na salaku amparanna.”

Deugdeug Jaya baris milampah darma ngawurkeun rahayu kinasihan, dina lampah kasajatian nu ngagusti, nganyawa sareng musaka ka sakumna papada kaula anak bangsa sareng papada kaula jalma pangeusi alam buana

Dina 5 (lima) tugas nu jadi amanat wasiat kasajatianana, nyaéta :
• Tugas pikeun adegan wangunan kasajatian hakékat-Na di bumi.
• Tugas pikeun tangtungan jatidiri papada kaula jalma di bumi.
• Tugas pikeun tangtungan jatidiri papada kaula anak bangsa.
• Tugas pikeun adegan wangunan kasajatian nagara.
• Tugas pikeun tangtungan jatidiri salaku budak angon kadua.

Dina 3 ( tilu) lalampahan numutkeun adab kasajatianana, nyaéta  :
• Adab ma’rifat, pikeun para tangtungan nyawa/ruh, dina lampah mangsa nitis élmu sajatina.
• Adab hakékat, pikeun para tangtungan akma-sukma, dina lampah mangsa nyukma élmu sajatina.
• Adab syaré’at, pikeun para tangtungan jiwa–raga, dina lampah mangsa ngusumah élmu sajatina. 

Dina 5 (lima) laku 33 (tilu puluh tilu) lampah numutkeun tangtungan jatidiri sareng wangunan kasajatianana, nyaéta  :
• Tangtungan Deugdeug Jaya salaku satria amparan, dina 5 (lima) lampah amparan wangunan kasajatian.
• Tangtungan Satria Batuwangi (Galuh Pakuwon) salaku Perbu Batara Deugdeug Jaya - Batara Manunggal Cahaya/Batara Payung Cahaya - Batara Payung Buana- Batara  Langlang Jiwa - Batara Langlang Buana - Batara Payung Darma - Batara Payung  Nagara, dina 12 (dua welas) lampah kasajatian.
• Tangtungan Satria Pajajaran salaku Sri Baduga Maharaja Perbu Batara Deugdeug Jaya Sang Waruga Jagat, (Mahabatara  Jaya  -  Mahabatara  Jiwa  -  Mahabatara  Cahaya  -  Mahabatara Raja - dina 12 (dua welas) lampah kasajatian Mahabatara  Buana).
• Tangtungan Nabi Muhammad Rosululloh, salaku Sri Baduga Nabi Perbu Batara Deugdeug Jaya Muhammad Rosululloh, dina 3 (tilu) lampah kasajatian.
• Tangtungan Imam Mahdi salaku Sri Baduga Maharaja Perbu Batara Deugdeug Jaya Sang Waruga Jagat Raya, dina salalampahan kasajatian.

Baca Juga :

Tidak ada komentar