HANDEULEUM SIEUM HANJUANG SANG MUSTIKA CAHYA MANUNGGAL LIMA (1)

Sungkem Amitan Miang Garapan,
Puji sareng syukur ngahaturkeun sembah sujud tandaning sumembah diri abdi kaula waruga. Kasanggakeun ka dampal Gusti  Dzat Nu Maha Sajati, Maha Guru sakumna maha guru, Maha Ratu sadayana para ratu, Maha Raja pikeun sakumna maharaja, Maha Batara sadayana mahabatara, Maha Cahaya diluhureun sakumna para mahabahaya, Maha Papayung Agung para pangagung papayung agung, nu logor diliang jarum, nu sereg dibuana, nu tos ngalungsurkeun rokhmat kaagungan, kaluhuran  sinareng kamuliaana-Na, “Gusti Alloh Ta’ala Dzat Nu Mahatunggal, Mahawening kalangkang hérang, nu murbeng kasadayana alam“

Jisim kurung abdi kaula waruga salaku pangiring, panyaksi, tutunggangan tur kurungan adab lampah Dharmaraja dina raga. Ngahaturkeun  sembah sungkem tandaning  bakti,  hormat  sareng  sumujud  : Kasanggakeun ka dampal sampéan abdi kaula sukma, Sim Kuring (Sirung  Tunggul  Gunung Penuh Dayeuh  Lebak  Cawéné). Ratu Galuh Purwa, Prabu Purbawisesa, Prabu Terah Wisesa, Prabu Komara, Prabu Aji Putih, Prabu Tadjimalela, Prebu Gajah  Agung, Prebu Lembu Agung, Prabu Geusan Ulun. Sri Baduga Maharaja,  Sang  Waruga  Jagat  Raya Perbu  Batara Deugdeug Jaya, Satria Batuwangi (Galuh Pakuwon),  Satria Pajajaran (Batara  Manunggal Rasa, Batara  Manunggal  Cahaya, Batara Payung Buana,  Batara Langlang Jiwa, Batara Langlang Buana,  Batara Payung Darma,  Batara Payung  Nagara,  Mahabatara Jaya,  Mahabatara Jiwa, Mahabatara Cahaya, Mahabatara Raja  Mahabatara Buana),  Nabi  Muhammad  Rosululloh,  Imam  Mahdi.

Nyanggakeun bobo sapanon carang  sapakan, batan sakieu darma jisim nu  kadada kaduga, dina laku Rahyang darma Rabuyut. lampahna  Kujang réngkah Pancanaga polah Guntur Geni laku ngarancamaya buana di jaman bumi weuteuh,  alif ngadeg disatengahing  jagat, nu jadi ladang pangangonan  tempat pangguyangan ngusumah  kadua.

Pikeun nangtungkeun tihang Dwi Pantara, ngélebétkeun bandéra Dwi Warna, ngamparkeun “Beureum Bodas”, nangkarakkeun deui Galuh Sunda, ngiangkeun Para-hu Nusantara, mangkatkeun darma Sang Saka Mustika Cahaya Manunggal Lima, dina tapak akma Silihwangi, lampah akma ngadarma cahaya ngamanca buana, ku tapak Gerakan Muda Pajajaran, Ngahaturkeun rébu nuhun laksa keti kabingahan, Disarengan ku sembah sungkem tandaning bakti hormat sumujudna abdi  kaula  waruga.

Kasanggakeun :  ka Kanjeng Indung biang nu ngandung tunggul rahayu, Kanjeng Rama bapa  anu  ngayuga tangkal darajat,  nu janten sisimbulan Gusti, cukang sareng lawang panto pangbuka  ngadegna tangtungan  jatidiri wangunan  jiwa  sareng  raraga.

Kasanggakeun : Ka sakumna para tutunggul gunung halimun pancuran kokocoran, nu diwakilkeun ka Kanjeng Kasepuhan nu linggih di Hulu Cidangiang, Batuwangi, Singajaya 

Garut Pakidulan Lebak : “Sang Lenyep Gumilang, Sang Lenyep Larang, Sang Lenyep Jati, Sang Lenyep Ning, Sang Lenyep Rasa, Sang Banyu Wisésa, Sang Banyu Sakti, Sang Banyu Putih Perbu Kertawangsa Sang Buyuttikur Perbu Ditawangsa, Batara Tulus Bawa, Sang Kuta Karang, Ratu Dimayak, Santoan Larang Tandebanjati, Guntur Geni, Wijaya Wijayaningkusumah ” salaku tutunggul Dwi Pantara kasajatian Sunda Nusantara.

Ka para tutunggul  gunung  halimun sajagat, nu diwakilkeun ka Kanjeng Kasepuhan nu janten ramana Kanjeng Nabi Khidir a.s, nu linggih di Jungjungan Langit Kanjeng Gusti Mulkan a.s.

Ka para tutunggul gunung halimun pancuran pusaka mustika permata cahaya, nu diwakilkeun ka Kasepuhan ti Pajajaran, wujud misil siloka waruga leuweung karomah Sancang Garut pakidulan laut kidul, sareng “Sri Baduga Maharaja Perbu Siliwangi Sang Waruga Jagat“ nu linggih di Galuh katelahna sarébu tempat sarébu jenengan, wasta “Ratu Galuh Raja Pusaka,” Ngahaturkeun rébu nuhun laksa keti kabingahan, disarengan ku sembah sungkem tandaning bakti,  hormat,  sumujudna  abdi  kaula  warugana  Sirung tutunggul gunung halimun.

Kasanggakeun ka para mustika cahaya - tutunggul  gunung halimun dayeuh lebak  cawéné : Guru Pancanaga/Curug Lima - Sumur Tujuh - Manunggal Pancuran Kokocoran Kasajatian, Para Sumur Mustika Cahaya Curug  Pancuran  Kokocoran  Kasajatian, para guru  nu ngatik ngadidik  élmu kasajatian, ngaping ngabimbing lalampahan kasajatian diri, nu  ngasuh ngabina nangtungan tangtungan jatidiri, ngadegna wangunan kasajatian sareng nu ngararangkénanana, laju lampah salaku batur pangiring/panyaksi lampah geger laku hanjuang Sang Saka Pusaka Manunggal Lima: Nuturkeun sakumaha runtuyan lampah kasajatianana :

(1) Kanjeng Guru, Munggaran Guru tunggal utami amparan kasajatian karomah nu linggih di lembur Singajaya wewengkon Batuwangi Garut pakidulan lebak, nu tos ngamparkeun kasajatian syaré’at, ngatik ngadidik, ngasuh, ngabimbing sareng ngabina lalampahan kasajatian diri salaku mualaf sajati, Santri Sajati, Musafir Lalana Jiwa sareng Budak Angon, kalayan nu ngawaris élmu, gelar kasajatian Batara Deugdeug Jaya sareng pusaka Pancanaga, dina wasta Ki Arab “Kanjeng Syéikh Haji Maulana Muhammad Sharif”

(2) Kanjeng Guru Kadua, Guru amparan tangtungan jatidiri “Satria Wangi” (Batuwangi – Silihwangi). Karuhun terah diri, nu linggih di Batuwangi - Singajaya Garut pakidulan lebak, nu ngawaris Rahayu Kinasihan, élmu hakékat ma’rifat Batuwangi dina 7 ( tujuh)  kabataraan, Isim Rosul, gelar Satria  Batuwangi sareng pusaka Wastanipun Guntur Geni  : “Kanjeng Susuhunan Batuwangi - Prabu Pramungu Sang Adipati Marjahiyang Banyu (bin) Guru Gantangan Rahayu Kinasihan waliyulloh”

(3) Kanjeng  Guru Katilu, Guru Utami Amparan Kanabian sareng karosulan, guruna para wali-saksina  para nabi, Nabi Khidir Ibnu Balyan (bin) Mulkan a.s.

(4) Kanjeng Guru Kaopat, Guru amparan tangtungan jatidiri Waruga Jagat Raya, Karuhun nu linggih di leuweung karomah Sancang-Garut pakidulan  laut  kidul, nu ngawaris élmu hakékat ma’rifat Siliwangi - Pajajaran, 5 (lima) élmu sareng gelar kasajatian kamahabataraan, kasajatian Keris Pusaka Kujang Pajajaran, kasajatian Waruga Jagat, gelar kasajatian Sri Baduga  Maharaja sareng gelar Satria Pajajaran “Sri Baduga Maharaja Perbu Siliwangi Sang Waragad Jagat”

(5) Kanjeng Guru Kasepuhan Barisan Roh Suci (para sajati) Kasepuhan nu ngawaris (mulangkeun) “Kasajatian katatanagaraan sareng Tongkat Komando” sareng kamuridna “Kanjeng Saéhuna Brawijaya - Radén Bondoroso Wijayakusumah”,  Soékarno.

(6) Dulur Sajati “Ratu Qodam - Syéikh Abi Yusuf”,  Kasepuhan para dulur sajati  papada kaula makhluk Gusti, nu nyérénkeun karatuqodaman. Guru Kamanunggalan Para sajati satria cahaya nu ngamanunggalkeun cahaya kasajatianana, nyaéta : Para guru genep, para Khulafaurrasyidin Kanjeng Gusti Sayidina Abu Bakar Siddiq, (Sayidina Umar bin Khotob, Sayidina Utsman bin Affan, Sayidina Ali bin Abi Tholib r.a.) , para wali tepung ka generasi salapan (Walisanga) nu diwakilan ku para wali nu salapan, Syéikh Abdul Qodir Jaélani r.a. sareng Kanjeng Sulton Aulia para kasepuhan nu ngawakilan (Ki Santang Sang Pangéran Gagak Lumayung Sunan Rohmat Suci Godog, Syeikh Haji Muhyi Pamijahan, Batara Idar Buana sareng  Éyang Pager Jaya Sakti).

(7) Kanjeng  Guru  Kalima, Guru Tunggal Utami Wangunan Kasajatian Syaré’at Mahasajati, nu ngawaris “Kasajatian  Kitabulloh“ sareng gelar kasajatian Alloh “Muhammad  Rosululloh,”
nu linggih di Jungjungan Langit katujuh - siloka waruga di tanah Mekah karomatulloh, Kanjeng  Gusti  Pangéran  Ahmadbi/Ahmadi - Nabi Ahmad (bin) Abdullah – Sri Baduga  Nabi  Muhammad  Rosululloh s.a.w. Mahaguru sadayana para mahaguru, Maharatu sadayana para ratu, Maharaja  sadayana  para maharaja, Mahabatara ti sadayana  para mahabatara,  Mahacahaya  di luhureun sadayana cahaya, Maha Papayung Agung sadayana para pangagung papayung  agung, anu logor di liang jarum nu sereg  di alam buana, Sang Hyang Kalangkang  Hérang Nu Mahawening Ngagenclang MéncrangSumur Tunggal Puseur Curug Pancuran Kokocoran Kasajatian, nu ngalungsurkeun kaluhuran, kamuliaan sareng rohmat kaagungana-Na, mangrupi gelar kasajatian Imam  Mahdi.

“GUSTI ALLOH TA’ALA DZAT NU MAHA SAJATI”

Ngahaturkeun rébu nuhun laksa keti kabingahan, Disarengan sungkem tandaning cinta, asih, nyaah, deudeuh, suka bungah bagja abdi kaula, kasanggakeun kanu janten ahli waris lungsuran diri ( sapala putra ) sareng nu janten beubeulahan nyawa-garwa  satia nu jadi  batur pangiring, panyaksi sajati, batur panganteur lampah hirup dina milampah kasajatian, nu geus kaciwit kulit kabawa daging  katalangsara waruga kababawa tunggara dina kurungan bagja mulia. Salam sareng du’a réstu nu sajati tina  dadasar ati sanubari abdi kaula diri. Disapa sing jadi jalma sampurna salaku abdi kaula sajati Gusti Alloh Mahasajati Ka para babalad cahaya Sang Waruga Jagat Raya.

Para mustika cahaya  papayung  agung  sareng  para calonna Para mualaf sajati, santri sajati, musafir langlang jiwa lalana cahaya lalanang jagat raya, budak angon, satria amparan kawalian tangtungan batara sareng  mahabatara (satria cahaya, satria bumi, satria jagat - satria  jagat raya).

Ka para sajati papayung cahaya, papayung  agama, papayung darma, papayung warga, papayung bangsa sareng nagara, papayung mahkluk  papada kaula pangeusi alam buana. Ka para nyawa nu ngangon jiwa sareng raga - ngangon kamonésan dunya sareng akhérat. Para nyawa papada kaula hamba, papada kaula anak bangsa, papada kaula jalma tur papada kaula mahkluk pangeusi buana sinareng alam semésta jagat raya. Para makhluk tutunggangan jiwa, sukma, nyawa Sang Waruga Jagat Raya. Ka para tatapakan lalampahan  warugana Deugdeug Jaya weuteuh. Mangsa di panitisan, di panyukmaan sareng di pangusumahan

Kum : Ka para nyawa dulur salembur - baraya sauyunan Di Panitisan, Panyukmaan sareng di Pangusumahan (Ladang  Pangangonan Kahuripan - Tempat  Pangguyangan  Kahirupan). Salam sareng  du’a réstuna, sing meunang babalesna ti Gusti Alloh Nu Mahasajati. Sing aya dina ginanjar kawilujengan, dibeungkeut ku tali pangiket cahaya kaagungana-Na, aya dina pangraksa tur kurungan cahaya-Na, dipageur ku cahaya-Na, diamparan ku cahaya-Na, ditiungan ku cahaya-Na,  dilampahkeun dina cahaya-Na, digolontoran rohmat  sinareng  karidloanGusti Alloh Ta’ala.   

Aamiin, aamiin, aamin  ya  Robbal  ‘alamin.



PATURAY MIANG GARAPAN MULANG PANGANGONAN
Haréwos  Qolbu  Sowara Panggupay Sukma 
(Mapag Mangsa Jaman Bumi Weuteuh - Alif Ngadeg di Satengahing Jagat)

PATURAY MIANG  GARAPAN MULANG PANGANGONAN
Paturay Banjar Karang Pamindangan, Paturay Cimanuk Leuwi Pangéndongan, Paturay  Lembur Kuring Dayeuh  Lebak Cawéné.

Para Tutunggul  7 Gunung  Alas Banawasa, Para Sumur Tujuh Talaga Warna Sagara  Cikahuripan, Para Pancuran Kokocoran Kasajatian Walungan Cimanuk, Para Mustika Cahaya  Pakaya  Pusaka  Kamonésan Jagat Raya, Para Béntang Ngagenclang Purnama Perhiasan Alam Semésta, Para Papayung  Batara Agung Tatapakan Mahabatara Agung.

Pileuleuyan mangsa, pileuleuyan  jaman, pileuleuyan  kahirupan, Pileuleuyan para pancuran, pileuleuyan para tutunggul, pileuleuyan para mustika, Pileuleuyan  dayeuh  lebak  cawéné,  pileuleuyan  alas  banawasa - leuweung  geledegan.

Sapunyéré pegat simpay … paturay patepang  deui!!!
Anjeun nu geus jadi  cukang  lalampahan jeung jalan nu jadi cukang lantaran, Anjeun nu geus jadi cukang  panyindangan jeung jalan nu jadi cukang paneuleuman, Anjeun nu geus jadi cukang  panetepan jeung  jalan nu  jadi  cukang  pangéndongan, Anjeun nu geus jadi  cukang  lantaran! Deuheusna kuring  jeung  diri  kuring, wanohna kuring jeung dulur kuring, Dalitna kuring  jeung  tatangga  kuring, nyahona kuring  jeung baraya kuring, Wawuhna kuring  jeung  batur kuring, nyahona kuring  jeung  musuh kuring, Anjeun nu geus jadi panganteur lalampahan! Tepungna kuring  jeung  nu  ka tukang, jeung  nu  sok jadi harepan. Tepungna kuring jeung nu tacan kasorang, jeung nu  jarang  karandapan. Tepungna kuring jeung nu jadi kapanasaranan jeung nu sok jadi omongan. Anjeun nu geus jadi tempat panyindangan! nyukang  waktu, nyindang  mangsa, nyorang jaman, nu jadi karusiahan kamonésan kaagungan, inceran kamonésan ajian, nu jadi udagan kamonésan paneuleuman, panyindangan kamonésan lalampahan, nu jadi pangéndongan kamonésan kamulyaan, panetepan kamonésan kayakinan.

Pileuleuyan jaman …. pileuleuyan kahirupan ….sapunyéré pegat simpay!!!
Anjeun leuweung  geledegan nu teu kasaba kajalajah papada kaula, Anjeun dayeuh lebak cawéné nu teu kagiridig bangsa nyawa, Anjeun nu jadi panetepan para tutunggul gunung halimun, Anjeun nu jadi tempat lalampahan para papayung agung, Anjeun nu jadi dayeuh kahuripan kasajatian, Anjeun pikaseurieun, tapi bebeneran, Anjeun pikakeuheuleun, tapi pikameumeuteun, Anjeun pikasebeleun, tapi pikanineungeun, Anjeun léléwéaneun, tapi éstu kasajatian, Anjeun pikahoréameun, tapi  pipanasaraneun, Anjeun pikaseunggaheun, tapi  éstu  pikabitaeun, Anjeun nu sok jadi tudingan jalma nu sok nyanyahoanan, Anjeun nu sok jadi paneumleuhan dulur nu pinter kabalinger, Anjeun nu sok jadi inceran jalma nu loba angkeuhan ginding kahayang.

Pileuleuyan kahirupan …. sapunyéré pegat simpay!!!
Kuring miang ninggalkeun mangsa, Mangsa nu pinuh ku kasuka jeung duka, Suka ku anjeun nu geus ngarasa sajiwa, Duka ku lalampahan nu sawates sawatara, Anjeun nu geus jadi tempat panyinggahan, ngampihan raga ngabagéakeun jiwa ngamumulé sukma.  Anjeun nu geus jadi tempat lalampahan ngatik raga, ngadidik jiwa, miroséa sukma ku sagala rasa.  Anjeun nu geus jadi ladang kahirupan, ngabimbing raga, ngahirupkeun jiwa, ngahuripkeun sukma. Anjeun nu geus jadi tempat  wakcabalaka,  ngabudalkeun rasa, ngabéjakeun rusiah milampah misil siloka.  Anjeun nu geus jadi tempat tangtungan, tangtungan Budak Angon – Ki Satria. Anjeun nu geus jadi tempat pangwangunan, ngamparkeun amparan Tembong Agung baheula, nangtungkeun tihang Silihwangi.  Anjeun nu geus jadi tempat panataan-pangjajaran, ngajajar-jajar adab kasajatian tatali paranti karuhun kasajatian. Anjeun nu geus jadi tempat  adegan, adegan jatidiri Sang Mustika Cahaya Pusaka Manunggal Lima. Anjeun nu sok  jadi tempat  paneumleuhan, kanyeri para diri, kapeurih para jiwa, katunggara para lelembutan, kasangsara para waruga. Anjeun nu geus jadi tempat panganténan rébo babawaan, ginding ku tutunggangan kasajatian, gaya ku pakéan lalampahan, dandan perhiasan kasajatian. Anjeun nu geus jadi tempat sésérahan rébo panyéréna,  amanat  Maha sajati, wasiat  para sajati, tugas-tugas lalampahan kasajatian.

Kalayan nya ti diri anjeun, ngadeg amparan diri sareng tangtungan diri, wangunan diri sareng adab kasajatian diri, kalayan nya ti diri anjeun kuring ngadeg salaku jatidiri. Kuring  minggat  lain  ku  kasulayaan, tapi amanat nu jadi kapercayaan, wasiat nu jadi harepan. Kuring miang lain geus teu suka, tapi  kusabab mangsa nu jadi tutulisan,  jaman nu jadi katangtuan.  Kuring miang ninggalkeun suka, suka ku anjeun nu geus miroséa ku sagala rasa. Kuring miang ninggalkeun suka, suka ku anjeun nu geus wakcabalaka loba cumarita, Kuring miang ninggalkeun suka, suka ku anjeun nu geus  sajiwa  sanyawa.
Pileuleuyan jaman ... pileuleuyan kahirupan ... sapunyéré pegat simpay!!!
Pikeun sawatara kuring rék ngarénghap jero ngaragap dada,  Seunggah ku rasa  nu kudu mulang deui ka mangsa baheula. Ngumbara nyindang sawatara dina kahirupan nyata ngawaruga,  Nu mayakpak pinuh ku perdaya, angkara nu ngajiwa, nafsu nu nganyawa, rongkahna nafsu kamonésan dunya. Ngangon nu pagedrug,  ngawuluku nu pasalia, ngolah nu pasalia, menerkeun nu pajeujeut, ngajajarkeun nu pakusut, nata nu pasoléngkrah. Dina  kaayaan  diri nu teu mibanda  diri, diri teu miboga diri, Dina kaayaan diri sawates ajian, saukur paneuleuman sareng paneumleuhan diri.

Pileuleuyan jaman … pileuleuyan kahirupan … sapunyéré pegat simpay!!!
Pikeun sawatara kuring rék ngeclakkeun cimata medalkeun rasa Cimata raga saripati rasa acining jiwa hirup diri. Teu bisa dipungkir ku rasa. Kuring ngarasa tunggara kaleungitan nu jadi kasuka, kasuka nu geus jadi buah carita udagan balaréa harepan saréréa, kasuka nu geus nyata jadi kahirupan nu sajiwa-ngawaruga kanu jadi buah carita tapi dipungkir balaréa, dianggap fatamorgana. Kuring ngarasa suka geus kaleungitan nu sok jadi lahan tunggara, tunggara dina panyirikan nu sok jadi angkeuhan balaréa, tunggara dina kaputus-asaan nu jadi harepan saréréa. Ka nu sok dipiharep tapi ditampik balaréa, dianggap musuh kamonésan dunya.

Pileuleuyan jaman … pileuleuyan kahirupan … sapunyéré pegat simpay!!! 
Pikeun sawatara kuring rék wakcabalaka, mudalkeun rasa nu ngabagel dina jiwa. Yén kuring ngarasa leuwih tunggara  ku  pasalia, dina panyangka balaréa, yén kuring ngarasa leuwih bagja ku pasalia, dina  tudingan  balaréa, yén kuring leuwih ngarasa kasiksa ku pasalia, dina angkeuhan balaréa, yén kuring leuwih ngarasa tunggara ku pasalia, dina harepan balaréa, yén kuring leuwih ngarasa suka ku pasalia, dina anggapan balaréa. Kasiksa ku  ninggalkeun pindah rasa, tunggara papisah jeung mangsa, bagja  ku jaman nu geus sajiwa, suka  ku boga carita nu geus nganyawa.

Pileuleuyan jaman …. pileuleuyan kahirupan …. sapunyéré pegat simpay!!!
Isuk  jaganing  géto, Mun geus réngsé dina lakuna, tepung jeung katangtuanana, Mun geus réngsé dina lampahna, tepung jeung tutulisanana-Na, Mun geus réngsé dina lakuna, tepung jeung janji-Na, Mun geus réngsé dina lakuna, tepung jeung buah harepannana. Pusaka diri  baris hurip dina kahirupan diri  jeung balaréa, Amanat-wasiat baris ngadeg dina kasajatianana, Sagalana geus teu bisa dipungkir deui ku balaréa.
Isuk jaganing géto, Kuring  baris mulang deui ka tempat padumukan, Kuring baris miang ninggalkeun deui sakabéh nu aya, Riung mungpulung bongkok ngaronyok deui, ngamanunggal ngahiji deui, Ngahiji sajiwa,  ngalanggeng  dina  Cahaya, ngadayeuh  lebak  cawéné alas banawasa. Dina kurungan ridho, widi, kersa, pangersa tur kawasanuing Gusti Pangéran Dzat nu Mahasajati, Gusti Alloh Sang Hiyang Widi nu murbeng sadayana alam, Gusti Alloh Dzat nu Maha Sagala-galana.

Pileuleuyan jaman …. pileuleuyan kahirupan ….sapunyéré pegat simpay…. !
Kiwari kuring paham, kusabab ngarasa geus di lampahkeun dina seuri, Kiwari kuring ngarti, kusabab geus ngarasa diteuleumkeun dina cisoca, Kiwari kuring surti, kusabab ngarasa geus dikunclungkeun dina kasuka, Kiwari kuring taliti, kusabab ngarasa geus dilelepkeun dina kanyeri, Kana kasajatian, adab–adaban jeung tatali paranti kasajatian, Diri sajati, para sajati sareng Gusti Alloh Nu Maha sajati.
Pileuleuyan lampah, nu pinuh ku kadeuheusan jeung katuhuan, Pileuleuyan mangsa, nu pinuh ku kamonésan jeung adab-adaban, Pileuleuyan jaman, nu pinuh ku kaahéngan jeung karusiahan, Pileuleuyan hirup, nu pinuh ku kahusuan jeung kajuhudan.

Bagéa diri,nu pinuh ku kaisinan jeung karumasaan. Bagéa  lampah, nu pinuh karisi  karingrang, Bagéa  mangsa, nu pinuh ku hariwang honcéwang. Bagéa jaman, nu pinuh ku tangtangan dina kurungan karusiahan, Bagéa hirup, nu pinuh ku karongkahan dina beungkeutan adab kasajatian, Bagéa diri!!! nu rongkah ku cobaan, godaan, ujian sareng ajian dina iketan tatali paranti kasajatian.

Singhampuntenna  nu  kasuhun  : ka indung tunggul rahayu nu ngandung sinareng  ka bapa tangkal darajat nu ngayuga, ka para guru nu ngatik, ngadidik, ngasuh, ngabimbing, ngabina nu kaamanatan ku kaagungan, ka garwa, anak turunan, nu kaciwit kulit kabawa daging kaseundeuhan tunggara rasa nu ngaraga, ka para  kasepuhan  (karuhun) kokocoran diri, nu  katunggangan ku kamulyaan, ka para sajati tutunggul gunung halimun, nu kagupay ku kahormatan, ka para pangiring/panyaksi, para sirung tutunggul gunung halimun nu kagupay kabuyutan, ka para batur, nu kagupay ku kajéngkélan, kahéséan sareng  kariweuhan, ka para nyawa/para kodam, nu kagupay ku adab tatali kasajatian.

Hampura : Ka jaman nu jadi tempat panyindangan, ka mangsa  nu  jadi  tempat  pangumbaraan, ka beurang jeung  peuting nu  jadi sisimpangan, ka bumi jeung langit nu jadi amparan tempat lalampahan, ka alam tempat-tempat kasajatian, ka angin, ka cai, ka seuneu, ka batu, ka taneuh, ka sakur tatangkalan, ka sakur sasatoan, nu sok jadi tutunggangan lalampahan kasajatian.



Hampura ka Ki Sunda, sing jembar miang ka Gusti  mulang  ka Sang Hyang Maha Agung dipundut katangtuan nu jadi tutulisan pikeun ngalaku Ra-Hyang, ngaréngkak Ra-Buyut, ngarancamaya Buana, dina ngahuripkeun Dwipantara ngélebétkeun kasajatian Beureum sareng Bodas, nangkarakkeun deui Galuh Purwa - Sunda Dharma Pajajaran, ngiangkeun Para-hu nangtungkeun tihang lima Nusantara, mangkatkeun lampah Sang Saka Mustika Cahaya Manunggal Lima, ngalampahkeun Pancanaga, ngahiberkeukeun Garuda, ngalaku Kujang ngaréngkak Guntu Geni, ngadarma guyang wangi, ngawurkeun wawangi sajati di buana alam, dina kasajatian Tembong Agung nu Agung – Silihwangi kasajatian asah, asih asuh.

Pikeun nitis di para diri, nyukma di para jiwa, ngusumah di para waruga, ngahiyang ngabatara ngamparkeun amparan, nangtungkeun tihang, ngadegkeun kasajatian, ngawangun kahirupan, ngahuripkeun kaayaan, ngawuluku nafsu, miara kamonésan dunya nu jadi pakaya balaréa dandanan  kamonésan sakabéhna, papada kaula hamba, papada  kaula  anak bangsa papada  kaula  jalma sareng papada kaula makhluk  pangeusi  alam semésta jagat raya.

Kudu suka miindung Galuh mibapa Sunda, jembar dipigarwa arab dipidulur buana, kudu suka milaku garuda milampah Nusantara, pikeun papada kaula anak bangsa, kudu  bungah  urang  ngalampah  buana, pikeun  papada   kaula   jalma, kudu syukur ngalaku ngajagat raya, pikeun papada kaula makhluk.

Kuring  moal bisa dihalangan, tapi moal  poho kana purwadaksi. Kuring tetep rék miang, tapi moal rék mungkir kana jujutan. Sim Kuring mung sawates tiasa ninggalkeun tapak, tapak laku lampah nyawa darmana  ki sukma, tapak raga sisimbulan darmana ki sukma.

Kuring ngan sawates amanat wasiat, Tembong Agung – Silihwangi – Pajajaran, Dwipantara – Nusantara – Galuh Sunda.

Tapak tuturkeuneun, laku lampahkeuneun, darma garapeun diri petakeuneun, dulur jeujeuhkeuneun, baraya jajarkeuneun Wawangi sajati Rahayu kinasihan lampah awurkeuneun Garuda, Pancasila, Beureum Bodas Tongkat Komando Bhinéka Tunggal Ika Laku garapeun lampah eusianeun, Amparan wangunan kasajatiana-Na-piaraeun, Wangunan kasajatian syaré’at-Na–pageuhaneun, Wangunan kasajatian hakékat-Na – lampahkeuneun, Wangunan kasajatian ma’rifat-Na – lampah dagoaneun.

Ku darma guyub rempug jukung, lampah sabilulungan sapapait samamanis, sabobot sapihanéan.

Hampura….hampura….hampura. Hampura …. hampura, ka  sakumna!

Sangkuring Galuh Sunda, Mataram, Majapahit, Pajajaran Hulu Cisinga, Hulu Cidangiang, Walungan Cikaéngan, Leuwi Pangéndongan, Singajaya Batuwangi Sancang, Sirung tunggul Gunung Halimun Lebak Cawéné, Katelah terah Ki Santang, terah Wangi, terah Pajajaran.

Lawang pusaka, lebak  cawéné simbul warugana lembur Singajaya, Simbul nu jadi lawang sareng tempat padumukan pusaka kabuyutanana Singajaya Batuwangi, Garut pakidulan lebak - Sancang Pajajaran Garut pakidulan laut kidul Ratu Galuh Raja Pusaka. Pancuran kokocoran puseur lalampahan  kasajatianana :

- Amparan  kasajatianana : Amparan Kasajatian “Bumi sareng langit “, Keclak cimata raga  saripati hirup  sareng  gebur cahaya sukma saripati hurip, Kalimasada “Syahadat ” sareng  Langlayang Salaka Domas Isim Rosul,  Tangtungan “Batara Deugdeug Jaya”, wangunan “Pusaka Pancanaga”.

- Pancuranana kokocoran puseur amparan kasajatianana : (Kasajatian Sayidina Hasan putra Ali – lalampahan di Mataram). Tangtungan jatidirina katelah ku wasta “Batara Deugdeug Jaya”,  Jatidirina nyandang wasta Ki Arab Syéikh Haji Maulana Muhammad Syarif, Syéikh Haji Maulana Muhammad Ibrahim, Syéikh Haji Maulana Muhammad Yusuf.  (Tutunggul Dwipantara - Galuh Nusantara - Kasajatan Beureum - Darma Tauhid – Nga-agama).

- Pancuran kokocoran puseur tangtungan jatidirina : (Kasajatianana Sayidina Huséin putra Ali - lalampahan di Majapahit) “Sang Lenyep Gumilang - Sang Lenyep Larang - Sang Lenyep Jati - Sang Lenyep Ning - Sang Lenyep Rasa –  Sang Banyu Wisésa - Sang Banyu Sakti - Sang Banyu Putih Perbu Kertawangsa - Sang Buyuttikur  Perbu Ditawangsa - Batara Tulus Bawa - Sang Kuta Karang - Ratu Dimayak - Santoan  Larang - Tandeban  Jati – Sang Guntur Geni -   Wijaya Wijayaningkusumah” (Tutunggul Dwipantara  -  Sunda Nusantara  -  Kasajatian Bodas  -  Darma Juhud - Nganagara).

- Pancuran kokocoran puseur wangunan kasajatianana : Susuhunan Batuwangi “Prabu Sang Adipati Marjahyang Banyu bin Guru Gantangan Rahayu Kinasihan Waliyulloh”  sareng  “Sri Baduga Maharaja Prabu Siliwangi Sang waragad Jagat”. Nu  saéstuna : Jadi lawang pusaka sirung tunggul  Gunung Halimun “Batara Deugdeug Jaya weuteuh” (Kamanunggalan Deugdeug Jaya – Batuwangi Galuh Pakuwon – Silihwangi Pajajaran). Jadi lawang pusaka, dina tangtungan jatidiri Satria Piningit - Sang Waruga Jagat Raya, Nu nyandang wasta kancana “Sang Saka Mustika Cahaya  Pusaka Manunggal Lima”. Jadi  lalampahan  pusaka,  dina wujud : Nu  tapané  sajatining  hurip, enggon gumilang sang lénggang larang, Rancamaya Payung  Buana sinareng  Batara Payung Cahaya  (Batara Deugdeug Jaya – Pusaka Pancanaga).

Sim Kuring ... abdi kaula diri, Diri teu mibanda diri, diri teu ngawasa diri, diri sawates ajian diri, diri sakadar paneuleuman diri, diri saukur ajian paneuleuman balaréa, Diri lain milik diri, Diri geus lain bobogaan diri, diri saukur akuan angkeuhan diri, diri sawates ajian diri paneuleuman balaréa, diri saukur pikiraneun diri  sareng tafakuraneun balaréa.

Kuring datang sok jadi léléwéan, kuring nyindang jadi geuhgeuyan, kuring milampah sok jadi kaanéhan, kuring miang mulang diceungceurikan, kuring sawates lalampahan karusiahan, kuring  saukur ajian paneuleuman kasajatian, kuring  saukur cukang kaahéngan nu ngagaduhan, Kuring  sawates lawang  kamonésan nu ngagaduhan kasajatian.

Abdi kaula diri nu saéstuna, sawates wujud tatapakan, raga sawates tatapakan  jiwa, jiwa sawates  tatapakan sukma, sukma sawates tatapakan akma, akma sawates tatapakan nyawa, nyawa sawates tatapakan Muhammad, Muhammad sawates tatapakan Alloh.

Manunggal sajatining sato, adam, cahaya, manunggal sajatining syaré’at, hakékat, ma’rifat. Manunggal sajatining  abdi  kaula  mustika  permata  cahaya, manunggal sajatining  abdi   kaula   manusa   sampurnaning  hamba, manunggal sajatining  abdi  kaula  hamba  Gusti - pagersaning Sang Hyang Maha Widhi, kuring lain sasaha.

Tapi ngan sawates katitipan amanat Mahasajati wasiat para sajati (Para curug  pancuran  kokocoran kasajatian gunung Nurmala dayeuh lebak cawéné alas banawasa), nu dijeujeuhkeun ku para tutunggul gunung Nurmala lebak cawéné sisimbulan Dwipantara Nusantara, Kasajatian Galuh  Ratu Sunda (Garuda) - juhud darma tauhid (agama-nagara) - Beureum sareng Bodas, nu disebut ku babasaan sim kuring salaku “sumur/curug tujuh, pancuran lima kokocoran kasajatian“.

Nindak moal ngalieuk ka tukang sumujud moal sila béngkok, rék miang ngulampreng sumolono ka tiap tempat tatapakan kasajatian Mahasajati di bumi,  cukang lantaran  ka tempat  nu geus digarap ku para satria cahaya - satria bumi nu jadi para sajati-Na tepung ka mangsa di jaman kiwari.

Kuring lain sasaha…tapi, saukur  wawatesan, sawates  kamanunggalan  lima, sawates lampah, milampah, dilampahkeun, gupay lampah sareng ngalampahkeun, sawates  raraga,  sawates  jiwa, sawates  sukma, sawates  akma  sareng  sawates  nyawa, Sawates  ajian, sawates paneuleuman,  sawates lalampahan,  sawates kahirupan sareng kahuripan. Sawates harti sajati,  sawates ma’na saéstu,  sawates  mimisilan, sawates sisimbulan sareng karusiahan. Sawates Deugdeug Jaya, sawates Tembong Agung - Silihwangi,  sawates Pajajaran - Galuh Pakuwon, sawates Muhammad Rosululloh (kadua), sawates Imam Mahdi,  numutkeun  adab  sareng  tatali paranti kasajatian.

Lain sawates kaahlian, ilmuwan, rohaniawan, kamonésan atanapi karongkahan dina ririweuhan, Lain  sawates keur kaum, kasukuan,  golongan, aliran atanapi paham, Lain sawates  nafsu, akuan, angkeuhan atanapi  kahayang,  tapi,  sawates kamanunggalan lima : Sawates Ki Sunda – Ki Angon – Ki Piningit, sawates  nu tapané  sajatining hurip, sawates enggon gumilang, sawates sang lénggang larang, sawates bul putih tur sawates ngalangkang hérang, Sawates Dzat lalo cat lalo los lalo, sawates  leumpang ti heula  ceurik  nuturkeun  pandeuri, Sawates antosaneun di bumi weuteuh, sawates rancamaya payung buana tur batara payung cahaya, sawates réréboan, sawates tanggungan, sawates pipikulan, sawates aisan sareng  sawates timbangan, sawates amanat, sawates wasiat,  sawates tugas, sawates kawajiban sareng sawates lalampahan, sawates ajianeun, sawates teuleumaneun, sawates du’a, sawates pangharepan  sareng  sawates kayakinan, sawates sora tutunggulan  sareng  sirung  tutunggulan, sawates tampian  pancuran kokocoran kasajatian, sawates  walungan cimanuk leuwi pangéndongan,  sawates  pancuran  kasajatian cikajayaan, talaga kahyangan sagara kahuripan rahayu kinasihan, sawates gunung halimun, gunung gedé tujuh gunungSawates pusaka pancanaga,  garuda,  beureum  bodas, tongkat  komando sareng sawates kamanunggalan jisim, jatidiri nu saukur wawatesan. sawates panetepan, sawates ditetepkeun,  sawates netepkeun, lain tihilir  lain tigirang  teu kahilir teu kagirang, Sawawes museur ditengah sisimbulan, milaku tutunggulan, milampah diantara dua, mipolah dina dua nyawa, Padumukan : Punta ratu kinasihan dayeuh lebak cawéné - Galuh Ratu Titisan - wewengkon Mandala wangi – antara Cimanuk Citarum (Cimatarum/Mataram heubeul)  -  tanah pusaka Mandala Semar (samar/rusiah).

Wujud sisimbulan : Hulu Cidangiang - lembur Singajaya - wewengkon Batuwangi Garut pakidulan lebak,  tanah  pusaka  pasundan  parahyangan  -  nagri  garuda  sang  mérah putih  nusa  khatulistiwa. Nusa antara dua nyawa, tengah beubeulahan alam buana, nu teu ka hilir teu ka girang.

Tempat panetepan kasajatian :  Di birit leuwi pangéndongan walungan 7, tempat  pangulinan kasajatian : Jero tegal pangangonan, sagara kahyangan. Tempat pangojayan kasajatian : Walungan Cikaahéngan talaga Kahuripan.

Tempat  pangangonan :  Kahirupan  nu  jadi  tegal  baladaheun, Nu jadi  angonanana : Kalakay  sareng  tutunggul, Nu diangonna : Para jatidiri nu aya dina diri.

Amparan Jatidiri sareng Kasajatian Diri : Bumi sinareng Langit, nyaéta Nu jadi dadasar lautan sareng jungjungan langit, Gurilap cimata marakbak rasa Ki Waruga nu jadi saripati kahirupan diri, salaku amparan bumi dasar lautan Gurilap cahaya marakbak wasta Ki Sukma nu jadi saripati dzikir sareng du’a,  salaku amparan  langitna, nu ngamanunggal dina wujud sisimbulan kalimasada “syahadat “, rarangkénna tasbih, tahmid, takbir sareng tahlil. Kalayan ngawujud  jadi tangtungan jatidiri“ Deugdeug Jaya“ wangunan kasajatian “Pancanaga“ kamanunggalan Budak Angon – Tembong Agung - Galuh Pakuwon – Silihwangi Pajajaran, salaku amparan kasajatian Satria Piningit.

Abdi  kaula diri waruga …. rumasa ….lain jujur teu pernah jalir jeung adil teu pernah dolim, lain bener teu pernah salah jeung bageur teu pernah dholim, lain juhud teu pernah kufur jeung ngarasa tuhu teu pernah sulaya, lain geus béla teu pernah ngantep jeung buméla teu pernah  hianat, lain ngarasa sakti  dandan kakuatan  jeung   jaya  teu inggis  ku karingrang, Lain ngarasa kuat dandan wawanén jeung jaya teu melang kuhariwang honcéwang.

Tapi, nu dipibanda ngan sawates  hirup  numutkeun  galur  tutulisan  jeung  kahirupan  numutkeun  katangtuan, ngan saukur  mersihan  niat,  ngajaga  patékadan,  ngawuluku  akal nafsu, ngangon lalampahan, ngan saukur ngupama numutkeun adab-adaban kasajatian tur milampah numutkeun kasanggupan, ngan sawates kabeungkeut adab - adaban, kaiket tatali paranti kasajatian dina kurungan karusiahan.

Karusiahan nu jadi kamonésan kahuripan : tunggara sangsara jeung katalangsarana dina panyirikan batur. suka, bungah, bagja tur mulyana dina panudingan  batur, apesna, dina kaahéngan angkeuhan dulur akuan batur. jayana, dina panghinaan, kuat dina pangakaya panganiaya batur.

Nyeri jeung peurihna  matak pikatajieun batur. suka, bungah, bagja jeung bahagiana, matak  pikaseunggaheun batur. lara wirang jeung kahinaanana, matak pikaresepeun batur. kaluhuran jeung kamuyaanana, matak pikaijideun batur.

Sang  Kuriang... kuring ngadarma, tapi lain kaahlian, kuring ngaagama, tapi lain golongan, kuring Ki Sunda, lain ahli  kasukuan, kuring lain faham, aliran, kamonésan, kuring  lain  karongkahan  ririweuhan, kuring sawates tutunggangan kasajatian, kuring sawates lawang, cukang jeung jalan, kuring  sawates  lakon, darma  wawayangan, kuring sawates lampah, nyindang tur ngumbara, kuring sawates carita, nyarita sareng nyaritakeun, kuring sawates lampah, milampah  tur dilampahkeun, kuring Ki Sunda, kusabab tangtungan nu jadi katangtuan.

Kuring  milaku ki Sunda kusabab dandanan  pakéan kasajatian, kuring  ngagunakeun ki Sunda, kusabab tutunggangan kasajatian, kuring nyarita ku basa sunda,  kusabab adab nu jadi tatali kasajatian, kuring  nunggangan ki sunda, kusabab katalian  ku panggupay kasajatian, kuring  maké  ka ki sunda, kusabab hak numutkeun adab kasajatian.

Lain kasombongan nu diamparan ku kaheureutan haté jeung pikiran, Galuh Sunda, lain sawates ukuran kaum jeung golongan kasukuan, Pajajaran lain sawates ukuran nagari jeung dayeuh kasukuan, Silihwangi lain sawates tangtungan jatidiri kaum kasukuan, Galuh - Pakuwon, lain sawates  ukuran tempat kasajatian, Naga, garuda, beureum sareng bodas lain sawates akuan, Ku ja hyang dina sagalaning tangtungan tur wangunan, kasajatian nu jadi  kamonésan lampah karusiahanana, lain saukur angkeuhan luhurna haté heureut fikiran.

Tapi Sawates basa, basta sareng babasaan kasajatian, Sawates ajian sareng paneuleuman kasajatian, Sawates teuleumaneun sareng ancrubaneun, Sawates koréhaneun, galieun sareng petikeun, Sawates pesékkaneun  sareng  larapkeuneun.

Tina sagalaning kamonésan tapak darmaNa, Tina sagalaning kaluhuran, kamulyaan sareng kaagungan lampah kasajatian-Na.

Di nagri Nusaantara dua nyawa kasajatian,  Asyhadu allâ ilâha illallâh, wa asyhadu anna Muhammadarrasûlullôh,

Subhânallôh,  walhamdulillâh, walâ ilâha illallôh, Allôhu Akbar. Bismillahi tawakkaltu álallôh, lâhaula walâquwwata illâ billâhil ‘áliyyil ázhîm.

Ya Alloh ... Ya  Rosululloh ... Ya  Muhammad ... Ya  Imam Mahdi … Ya  Alloh..ya Rosululloh ... Ya Muhammad ... Ya Imam Mahdi.

Ya Alloh ... Ya  Muhammad Rosululloh,  Imam Mahdi …Ya Alloh ... Ya  Muhammad  Rosululloh , Imam Mahdi.

Ya Alloh … Ya Muhammad Rosululloh … Ya  Alloh …Ya Muhammad Rosululloh ... Ya  Alloh.

Ya Alloh ... Ya Muhammad Imam Mahdi …Ya Alloh ... Ya Muhammad Imam Mahdi ... Ya  Alloh ... Ya Alloh ...Ya Rosululloh … Ya Alloh ... Ya Rosululloh …Ya Alloh ...Ya Rosululloh.

Ya Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh … Alloh ... Alloh… Alloh ... Alloh …Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh … Alloh ... Alloh… Alloh ... Alloh … Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh … Alloh ... Alloh… Alloh ... Alloh … Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh … Alloh ... Alloh… Alloh ... Alloh …Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh … Alloh ... Alloh… Alloh ... Alloh …Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh … Alloh ... Alloh… Alloh ... Alloh …Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh … Alloh ... Alloh… Alloh ... Alloh …Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh … Alloh ... Alloh… Alloh ... Alloh …Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh … Alloh ... Alloh… Alloh ... Alloh …Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh … Alloh ... Alloh… Alloh ... Alloh …Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh … Alloh ... Alloh… Alloh ... Alloh …Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh … Alloh ... Alloh… Alloh ... Alloh …Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh … Alloh ... Alloh… Alloh ... Alloh …Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh … Alloh ... Alloh… Alloh ... Alloh …Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh … Alloh ... Alloh… Alloh ... Alloh ... Alloh … Alloh ...  Alloh … Alloh ... Alloh... Alloh … Alloh... Alloh …Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh … Alloh ... Alloh… Alloh ... Alloh …Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh … Alloh ... Alloh… Alloh ... Alloh …Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh … Alloh ... Alloh… Alloh ... Alloh …Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh … Alloh ... Alloh… Alloh ... Alloh …Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh … Alloh ... Alloh… Alloh ... Alloh …Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh … Alloh ... Alloh… Alloh ... Alloh …Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh ... Alloh … Alloh ... Alloh… Alloh ... Alloh ... Alloh … Alloh ...  Alloh … Alloh ... Alloh. .. Alloh … Alloh.

Baca Juga :

Tidak ada komentar