Silsilah Luluhur Tanah Sunda

Nalika baheula saur sepuh sateuacanna aya banjir gede, tanah Sunda (Indonesia) baheulana masih ngahiji keneh sareng tanah Asia di sebatna Tanah Sunda (Sundaland).

Urang sunda teh ngabogaan :
1.  Tanah nyaeta Tanah Sunda.
2. Ngabogaan  bangsa nyaeta bangsa sunda
3. Ngabogaan basa nyaeta Bangsa Sunda
4. Ngabogaan aksara nyaeta Aksara Sunda.
5. Ngabogaan kalimah sahadat nyaeta kalimah sahadat Sunda.
6. Ngabogaan Agama nyaeta agama ti Allah nu Maha Kuasa.

Kangjeng Nabi Adam a.s puputra opat puluh pasangan, salah sahijina Nabi Sis a.s. Nabi Sis a.s puputra nyaeta ;

1. Sayyidina Anwar (Sanghyang Nurcahya) anu nurunkeun katurunan bangsa/Raja di Asia. Sayyidina Anwar puputra Sanghyang Wenang, Sanghyang Wenang puputra Sanghyang Tunggal teras ngarundaykeun kadewaan ~ Kabataraan ~ Para hyang.

2. Sayyidina Anwas anu nurunkeun katurunan bangsa arab sareng barat (anu nurunkeun katurunan Para Nabi).

1. Sanghyang Wenang (Ki Cakra) sumare di puncak gunung Cakrabuana.
2. Sanghyang Angarawati sumare di puncak gunung Balukbuk.
3. Sanghyang Aji Subrata sumare di puncak gunung Cakrabuana.
4. Sanghyang Prabu Wirakancana sumare di puncak Gunung Kancana Cakrabuana.
5. Sunan Tjakrabuana anu sumare di Cakrabuana.
6. Sunan Batara Linglang anu sumare di Gunung Cikada.
7. Sunan Sanghalu/Dahyang Sanghalu/Sunan Guriang anu sumare di Gedong Maneuh Gunung Masigit.
8. Sang Ratu Ayu Pawenang di Gunung Niskala Cigangsa.
9. Sunan Batara Seda atawa sang sela wenang sumare di Sirah Cikareo Cakra Buana.
10. Sunan Sang Darmatadji sumare di Gunung Caramang.
11. Sunan Sang Malangkarang sumare di Gunung sirah cibabo Cakrabuana.
12. Sang Ratu Sri Lembuk Hejo sumare di Gunung sirah Cialing Cakrabuana.
13. Sunan Munding Darak Sangkana Carana sumare di Gunung Sirah Cacaban Cakrabuana.
14. Sunan Batara Kalamta sumare di Gunung Sirah Cihikeu Gede Cakrabuana.
15. Sunan Gagak Carambang sumare di Gunung Sirah Cikabut Cakrabuana.
16. Sunan Sang Mura Darek sumare di Gunung Tegal Jugul Cimungkal.
17. Sang Ratu Demok anu sumare di Gunung Salebu atawa Gunung Jagat Ciranggem.
18. Sunan Sang Prebu Jaya Sima sumare di Gunung Kutajagat Parugpug
19. Sang wiku Djayaindra Putih atawa Sang Ratu Dewi Tandana sumare di lamping Gunung Magana Genjartemu.
20. Sang Ratu Sri Ratna Dewi Kasih Kancana purun sumare di Gunung Majeti Lakbok Banjar Ciamis.
21. Sang Prabu Sunan Kudratullah sumare di Gunung Gahgar kasungka Pangantingan Wado.
22. Sang Ratu Asih Rancang Omas atawa Ratna Dewi Bangur Sari sumare di Gunung Sirah Cipawenang di Pawenang.
23. Sang Batara Ciptalarang Sirnalarang anu sumare di Cigeuneng Pawenang.
24. Sang Batara Anggalarang anu sumare di sirah Cijati Elos Cikareo.
25. Sang Prabu Tisna Putih Tisna Karang anu sumare di Gunung Penuh, Bojong Salam Wado.
26. Sanghyang Raja Haji Kang Alam anu sumare di Gunung Puseur Sukanyiru.
27. Sanghyang Balungbang Sagara sumare di Gunung Jatiga Cirunyuk Sukapadi.
28. Sanghyang Kidang Karancang anu sumare di Gunung Patramuka Gunung Sangiang Cakrabuana.
29. Sanghyang Prabu Gagakdjalu nu sumare di Gunung Geger Hanjuang Cilandak Cikarek.
30. Sanghyang Lembu Malang sumare di Gunung Sangiang Sampih Cimungkal.
31. Sunan Prabu Darmadjati sumare di makam djati Cikareo.
32. Sunan Pamancaran sumare di leuweung Gonggong Pamancaran Ciroyum.
33. Sunan Salaganlis atawa sunan Manjingkeb sumare di Gunung Geulis Pasirpedang Tarikolot.
34. Sunan Djatiga sumare di Cimuncang Cakrabuana Sukaherang Cilengkrang.
35. Sang Ratu Ayu Mamuncang Ario Kembang anu sumare di Gunung Peksi Tegalpakan Cadasri Ciranyeum.
36. Sang Ratu Ayu Kembang Buana atawa Ratu Gedeng Waru anu sumare di Kebon Cau Gunung Geulis Baginda Sumedang.

Kacarioskeun  Sang Ratu Ayu Mamuncang Ario Kembang (no.35). Ratu Nagara Sumedang Purwacarita ditikah ku Eyang Prabu Siliwangi gelar jenengan Pangeran Kawangi Panji Asmarabangun, bertahta Sanghyang Prabu Surya Amisesa kagungan putra 12, nyaeta :

1. Pangeran Sunan Arya Pada neraskeun karajaan di Sumedang Purwacarita.
2. Pangeran Djayakarta, ngadeg nagara di Sundakalapa Jakarta
3. Pangeran Garantrang Sastra tetep di Nagara ngajaga Ibuna.
4. Pangeran Santang Pertala dudukuh di Tanjung Kuning.
5. Pangeran Sunan Gumuruh ngadeg Raja di Babad Banten.
6. Pangeran Tunjung Buana ngadeg Nagara di Ujung Kulon Pandeglang.
7. Pangeran Anom Sang Raja Putra ngadeg Raja di Banten Girang Serang.
8. Ratu Ayu Gedong djuri tatapa di basisir laut Kidul.
9. Ratu Ayu Kawali ngadeg nagara di Kawali Ciamis.
10. Ratu Ayu Sekar Bang dudukuh di karang,
11. Pangeran Walangsungsang (Pangeran Cakrabuana) anu masantren ka mekah anu ngawitan leubeut Islam, saparantos kenging gelar wali jujulukna di gentos deui nami Wali Kuwu Sangkan karatonna di Cirebon.
12. Ratu Ayu Rara Santang nuturkeun rakana ka Mekah teras guguru ajaran agama islam ka Syekh Dul Kahfi, Syekh Nurjati ditikah ku Maharaja Mesir, Syekh Maulana sayyidina Arifin, kagungan dua putra pameget mungkul nyaeta :

1. Syekh Maulana Syarif Hidayat (Sunan Gunung Djati)
2. Syekh Maulana Syarif Arifin ngagentos Ramana/Ibuna di Mesir. Ibuna mulih ka tanah Sunda nuturkeun putrana syekh Syarif Hidayat, sareng rakana wali cakrabuana atanapi anu katelah Bapa Kuwu Sangkan ka Cirebon pupusna di Cirebon.

Baca Juga :

Tidak ada komentar