Mustika Pusaka Manunggal Lima


SUNGKEM
AMITAN MIANG GARAPAN

Puji sareng syukur ngahaturkeun sembah sujud tandaning sumembah diri abdi kaula waruga. Kasanggakeun ka dampal Gusti Dzat Nu Maha sajati, Maha guru sakumna mahaguru, Maha ratu sadayana para ratu, Maharaja pikeun sakumna maha raja, Maha batara sadayana maha batara, Maha cahaya diluhureun sakumna para maha cahaya, Maha Papayung Agung para pangagung papayung agung, nu logor di liang jarum, nu sereg di buana, nu tos ngalungsurkeun rokhmat kaagungan, kaluhuran sinareng kamuliaana-Na, “Gusti Alloh Ta’ala Dzat Nu Mahatunggal – Mahawening kalangkang hérang - nu murbeng kasadayana alam“.  Jisim kurung abdi kaula waruga “Ki Angon” salaku pangiring, panyaksi, tutunggangan tur kurungan adab lampah darma raga. Ngahaturkeun sembah sungkem tandaning bakti, hormat sareng sumujud : Kasanggakeun ka “Sim Kuring” dampal sampéan abdi kaula sukma (Sirung tunggul gunung halimun dayeuh lebak cawéné)

Sri Baduga Maharaja - Sang Waruga Jagat Raya - Perbu Batara Deugdeug Jaya - Satria Batuwangi (Galuh Pakuwon) – Satria Pajajaran (Batara Manunggal Rasa - Batara Manunggal Cahaya - Batara Payung Buana - Batara Langlang Jiwa - Batara Langlang Buana - Batara Payung Darma - Batara Payung Nagara – Mahabatara Jaya - Mahabatara Jiwa - Mahabatara Cahaya - Mahabatara Raja -Mahabatara Buana) - Nabi Muhammad Rosululloh - Imam Mahdi.

Nyanggakeun bobo sapanon carang sapakan, batan sakieu darma jisim nu kadada kaduga, dina laku Rahyang darma Rabuyut. lampahna Kujang réngkah Pancanaga polah Guntur Geni laku ngarancamaya buana di jaman bumi weuteuh - alif ngadeg disatengahing jagat, nu jadi ladang pangangonan tempat pangguyangan ngusumah kadua.

Pikeun nangtungkeun tihang “Dwi Pantara”, ngélebétkeun bandéra “Dwi Warna”, ngamparkeun “Beureum Bodas”, nangkarakkeun deui “Galuh Sunda”, ngiangkeun parahu “Nusantara”, mangkatkeun darma Sang Saka Mustika Cahaya Manunggal Lima, dina tapak akma Silihwangi,lampah akma ngadarma cahaya ngamanca buana, ku tapak  Gerakan Muda Pajajaran, wasta  “Gempar - Garuda“

Ngahaturkeun rébu nuhun laksa kabingahan. Disarengan ku sembah sungkem tandaning bakti hormat sumujudna abdi kaula waruga.

Kasanggakeun. ka Kanjeng Indung biang nu ngandung tunggul rahayu, Kanjeng Rama bapa anu ngayuga tangkal darajat, nu janten sisimbulan Gusti – cukang sareng lawang panto pangbuka ngadegna tangtungan jatidiri wangunan jiwa sareng raraga.

Kasanggakeun :
Ka sakumna para tutunggul gunung halimun pancuran kokocoran, nu diwakilkeun ka Kanjeng Kasepuhan nu linggih di Hulu Cidangiang - Batuwangi - Singajaya Garut Pakidulan Lebak :

“Sang Lenyep Gumilang - Sang Lenyep Larang - Sang Lenyep Jati - Sang Lenyep Ning – Sang Lenyep Rasa - Sang Banyu Wisésa - Sang Banyu Sakti - Sang Banyu Putih Perbu Kertawangsa Sang Buyuttikur Perbu Ditawangsa - Batara Tulus Bawa - Sang Kuta Karang - Ratu Dimayak - Santoan Larang Tandebanjati - Guntur Geni - Wijaya Wijayaningkusumah” salaku tutunggul Dwi Pantara - kasajatian Sunda Nusantara.

Ka para tutunggul gunung halimun sajagat, nu diwakilkeun ka Kanjeng Kasepuhan nu janten ramana Kanjeng Nabi Khidir a.s nu linggih di Jungjungan Langit Kanjeng Gusti Mulkan a.s”

Ka para tutunggul gunung halimun pancuran pusaka mustika permata cahaya, nu diwakilkeun ka Kasepuhan ti Pajajaran, wujud misil siloka waruga leuweung karomah Sancang Garut.

pakidulan laut kidul, “Sri Baduga Maharaja Perbu Siliwangi Sang Waruga Jagat“ sareng nu linggih di Galuh katelahna sarébu tempat sarébu jenengan, wasta “Ratu Galuh Raja Pusaka,”
Ngahaturkeun r̩bu nuhun laksa keti kabingahan, disarengan ku sembah sungkem tandaning bakti, hormat, sumujudna abdi kaula warugana Sirung tutunggul gunung halimun Kasanggakeun ka para mustika cahaya - tutunggul gunung halimun dayeuh lebak caw̩n̩ : Guru Pancanaga/Curug Lima - Sumur Tujuh РManunggal Pancuran Kokocoran Kasajatian Para Sumur Mustika Cahaya Curug Pancuran Kokocoran Kasajatian, para guru nu ngatik ngadidik ̩lmu kasajatian, ngaping ngabimbing lalampahan kasajatian diri, nu ngasuh ngabina nangtungan tangtungan jatidiri, ngadegna wangunan kasajatian sareng nu ngararangk̩nanana, laju lampah salaku batur pangiring/panyaksi lampah geger laku hanjuang Sang Saka Pusaka Manunggal Lima.:

Nuturkeun sakumaha runtuyan lampah kasajatianana :

1. Kanjeng Guru Munggaran
Guru tunggal utami amparan kasajatian karomah nu linggih di lembur Singajaya wewengkon Batuwangi Garut pakidulan lebak, nu tos ngamparkeun kasajatian syaré’at, ngatik ngadidik, ngasuh, ngabimbing sareng ngabina lalampahan kasajatian diri salaku mualaf sajati, Santri Sajati, Musafir Lalana Jiwa sareng Budak Angon, kalayan nu ngawaris élmu, gelar kasajatian Batara Deugdeug Jaya sareng pusaka Pancanaga, dina wasta Ki Arab “Kanjeng Syéikh Haji Maulana Muhammad Sharif”

2. Kanjeng Guru Kadua
Guru amparan tangtungan jatidiri “Satria Wangi” (Batuwangi – Silihwangi) Karuhun terah diri, nu linggih di Batuwangi - Singajaya Garut pakidulan lebak, nu ngawaris Rahayu Kinasihan, élmu hakékat ma’rifat Batuwangi dina 7 ( tujuh) kabataraan, Isim Rosul, gelar Satria Batuwangi sareng pusaka Wastanipun Guntur Geni : “Kanjeng Susuhunan Batuwangi - Prabu Pramungu Sang Adipati Marjahiyang Banyu (bin) Guru Gantangan Rahayu Kinasihan waliyulloh ”

3. Kanjeng Guru Katilu
Guru Utami Amparan Kanabian sareng karosulan, guruna para wali-saksina para nabi, “Sri Baduga Nabi Khidir Ibnu Balyan ( bin ) Mulkan a.s. - Hasan Ihsan Burhanudin”

4. Kanjeng Guru Kaopat,
Guru amparan tangtungan jatidiri Waruga Jagat Raya, Karuhun nu linggih di leuweung karomah Sancang-Garut  pakidulan laut kidul, nu ngawaris élmu hakékat ma’rifat Siliwangi - Pajajaran, 5 (lima) élmu sareng gelar kasajatian kamahabataraan, kasajatian Keris Pusaka Kujang Pajajaran, kasajatian Waruga Jagat, gelar kasajatian Sri Baduga Maharaja  sareng  gelar Satria Pajajaran “Sri Baduga Maharaja Perbu Siliwangi Sang Waragad Jagat”

5. Kanjeng Guru Kasepuhan Barisan Roh Suci (para sajati)
Kasepuhan nu ngawaris (mulangkeun) “Kasajatian katatanagaraan sareng Tongkat Komando”, Kanjeng Saéhuna Brawijaya-Radén Bondoroso Wijayakusumah, sareng kamuridna Soékarno.

6. Dulur Sajati
“Ratu Qodam-Syéikh Abi Yusuf”. Kasepuhan para dulur sajati papada kaula makhluk Gusti, nu nyérénkeun karatuqodaman

Guru Kamanunggalan
Para sajati satria cahaya nu ngamanunggalkeun cahaya kasajatianana, nyaéta : Para guru genep, para Khulafaurrasyidin  (Kanjeng Gusti Sayidina Abu Bakar Siddiq, Sayidina Umar bin Khotob, Sayidina Utsman bin Affan, Sayidina Ali bin Abi Tholib r.a.), para wali tepung ka generasi salapan ( Walisanga ) nu diwakilan ku para wali nu salapan,

Kanjeng Sulton Aulia Syéikh Abdul Qodir Jaélani r.a. sareng para kasepuhan nu ngawakilan (Ki Santang Sang Pangéran Gagak Lumayung Sunan Rohmat Suci Godog, Syeikh Haji Muhyi Pamijahan, Batara Idar Buana sareng Éyang Pager Jaya Sakti)

7. Kanjeng Guru Kalima

Guru Tunggal Utami Wangunan Kasajatian Syaré’at Mahasajati, nu ngawaris “ Kasajatian Kitabulloh “ sareng gelar kasajatian Alloh “Muhammad Rosululloh,” nu linggih di Jungjungan Langit katujuh-siloka waruga di tanah Mekah karomatulloh “Kanjeng Gusti Pangéran Ahmad/Ahmadi - Nabi Ahmad (bin) Abdullah – Sri Baduga Nabi Muhammad Rosululloh s.a.w.”

Maha guru sadayana para maha guru, Maha ratu sadayana para ratu, Maha raja sadayana para maha raja, Maha batara ti sadayana para maha batara, Maha cahaya diluhureun sadayana cahaya, Maha Papayung Agung sadayana para pangagung papayung agung, anu logor di liang jarum nu sereg di alam buana, Sang Hyang Kalangkang Hérang Nu Maha wening Ngagenclang Méncrang Sumur Tunggal Puseur Curug Pancuran Kokocoran Kasajatian, nu ngalungsurkeun kaluhuran, kamuliaan sareng rohmat kaagungana-Na, mangrupi gelar kasajatian Imam Mahdi.

“GUSTI ALLOH TA’ALA DZAT NU MAHA SAJATI”



Baca Juga :

Tidak ada komentar