Carita Ngahiyangna Pajajaran - 21

Lajeung batur!

Tah ieu nu disebut Wangsit Siliwangi nu saéstu na, Wangsit Siliwangi nu lengkep! Urang kocapkeun deui Raja.

Ceuk Inyana : "Batur batur, dulur dulur! Kabéh sanak jeung sakabéh kadang. Daréngékeun! Seja ngaing téh eudeuk nyabrang, mawa dia kabéhan ka Nusa Larang. Deuk ngadeukkeun deui dayeuh tengah sagara. Tapi éta laut ngadak ngadak caah motah kabina-bina. Léngsér! Naeun éta téh kila-kilana? Boa-boa urang téh dicaram nyabrang, mudu marulang deui meureun pieun nantang musuh makalangan deui. Kitu tah Léngsér?"

Ceuk Si Léngsér : "Gusti! Geuning heueuh, Ayeuna mah tétéla jasa! Itu geuning natrat dina urat ombak dituliskeun dina buih. Lalakon urang téh  ngan datang ka lebah dieu. Urang kabéh dicaram, hanteu meunang nyabrang ka Nusa Larang. Lain nyabrang urang anu dilarang, tapi urang cicing di Nusa Larang. Sabab, Tah déngékeun tah! Ceuk gaur ombak neumbragan karang. Ceuk guruh angin di téngah laut. Baruk engké jaga éta Nusa téh bakal dibogaan deungeun jadi pieun nu perang".

Ceuk Raja :" Léngsér kumaha atuh?"

Ceuk Si Léngsér : "Teu kumaha!!! Geus kieu mérén muduna! Saaaaha anu bisa mumpang papastén? Sabab papastén téh nya éta wates. Wates jaya wates apes. Wates hirup di alam hirup. Wates paéh di alam paéh. Wates paéh di alam hirup. Wates hirup di alam paéh".

Ceuk Raja : "Aduh Léngsér!!!"

Ceuk kabéhan urang Pajajaran, sakabéh dibaréngkeun : "Aduuh...... Huhuh....! Gauk".

Kabéhan pada ceurik sakarep séwang sakarép séwang. Sakabisa inyana sakabisa séwang-séwangan. Da puguh jaman harita mah euweuh aturan ti Nagara anu mudukeun kumaha muduna ceurik. Tapi sanajan aturan kitu euweuh aturan ti Nagara aya ceurik. Anu hanteu meunang diantép baé.

Nyaéta : Kahiji ceurik sabari malédogan kenténg tatangga. Kaduwa ceurik ménta dibalikan deui ku popotongan.

Laju ceuk Raja ka sakabéh anu ceurik : "Lalakon urang, ngan datang ka powé ieu. Najan dia kabéhan ka ngaing pada satiya tapi ngaing teu meunang mawa dia kabéhan, kabawa bawa ngilu hirup jadi balangsak ngarilu rudin bari lalapar. Dia ayeuna mudu marilih anu hadé pieun dia séwang-séwang hirup kahareupna abéh bisa deui harirup bari jembar senang sugih mukti. Abéh bisa deui ngadeugkeun deui Pajajaran anu hudang ku panasaran. Tapi napak deui uga. Lain Pajajaran cara kiwari, tapi Pajajaran Téngah anu anyar nu ngadégna digeuingkeun ku obahna jaman. Ayeuna dia mudu marilih, ngaing nu nitah. Sabab pieun ngaing hanteu pantes jadi Raja ari somah sakabéh lapar baé jeung balangsak, Sagala hésé sagala euweuh.

Daréngékeun! Pilih! Ngaing moal ngahalang sabab ngaing anu nitah milih! Anu eudeuk ngilu baé ka ngaing geura misah ka beulah Kidul. Anu hayang mulang deui ka dayeuh panineungan geura misah ka beulah Kalér. Ayeuna daréngékeun! Sakur anu seja eudeuk kumawula ka nu keur jaya geura misah ka beulah Wétan.

Ngaing hanteu nyaram! Anu moal ngilu kasaha-kasaha geura misah ka beulah Kulon. Laju pada marisah! Marisah sabari ceurik. Malah aya anu ceurik  Sabari atoh. Tapi panglobana mah anu ceurik sabari sedih nu enya-enyé.

Da enya sedih, sedih di haté tembus disukma, sabab kapeurih sesedih arinyana. Ngan nyeuri nyeunyeuri sukma, tapi raga teu walakaya hayang bébéla. Mélaan Raja jeung Nagara. Mélaan Pajajaran jeung Bangsana Nu runtang ku Ganti jaman. Pabaliyutna mararisah. Nu marisah ka beulah kalér. Nu marisah ka beulah kulon. Nu marisah ka beulah kidul. Heung nu marisah ka beulah wétan. Anu pangkedikna anu marisah ka beulah kalér. Anu panglobana anu marisah ka beulah kidul. Anu pangaratohna? Anu marisah ka beulah wétan! Aratohna? Sabab dijaman anu ngaliwat basa arinyana jaradi pangkat. Ku Raja hanteu kapaké, ku somah teu dipikaresep. Ari gawé diurut musuh mah, sugan baé? Da musuh géh musuh Raja, musuh somah Pajajaran anu sapikiran eujeung Raja. Apan ari arinyana mah jaradi musuh téh ngan sakur pipilueun. Sugan baé ari kumawula ka urut musuh mah boga deui pangkat anu leuwih ruhur, leuwih kawasa leuwih seneng. Leuwih babari niyar kabeunghar. Loba anu aratoh ngabadéga ka urut musuh? Hanteu loba, kedik! Tapi mahi pikeun engké jaga nyunyusah Bangsa Sunda. Jaradi gara gara sina Sunda pagirang-girang tampian.

Kumaha Si Léngsér? Inyana hanteu misah tapi ngajentul tengah tegalan.

Ceuk Raja : "Léngsér! Ka mana dia eudeuk misah?"

Ceuk Si Léngsér : "Kaula mah euweuh piliheun".

Ceuk Raja : "Anu anggeus mararisah séwang-séwang ngaradégkeun tilu kolot. Laju marilih kolot, saban rombongan tilu kolot".

Ceuk Raja, ka tilu kolot nu beulah wétan : "Dia heula ka dieu! Sing parék. Daréngékeun!
Masing nyaraho : Kajayaan milu jeung dia. Rawayan jeung dia engkéna bakal maréntah jaradi pangkat di tanah Sunda. Arinyana baris kamalinaan. Di buritna baris keuna babales. Jig geura narindak! Nu di tegalan di beulah wétan laju narindak, narindak ka beulah wétan dina seja rék kamawula. Tapi karep eudeuk maréntah, deuk maréntah pada Sunda. Tapi paroho baris dibales ku urang Sunda.

Ceuk Raja ka tilu kokolot ti beulah kulon : Papay ku dia lacak Ki Santang. Sabab engké jaga Rawayan dia mudu jaradi panggeuing, Ka batur batur urut salembur, ka dulur-dulur anu baheula, nyorang saayunan eujeung dia jeung ka sakabéh Bangsa Sunda rancagé haté.

Engké jaga amun tengah peuting ti gunung halimun ku arinyana kadéngé sora nu tutulungan, tah éta tanda nu teu sulaya, Gunung Sunda baris dicengkal deui.

Tapi Gunung Kuta sapaliheun jeung Gunung Kuta ku jelema ngaku-ngaku urang Sunda anu kamalinaan dina keur sasar mamaksa sina Uga Ngawaruga saméméh wayah. Ulah rawayan dia beunang disambat. Tapi mémang arinyana baris ka padaya heula. Lantaran leungiteun haneuleum.

Hanteu aringét deui : Wayah saenyana lebak cawéné. Jadi enggon pindah pangawinan dibalabarkeun heula ku di wayah janari gedé. Ramé sora tutulungan ti gunung lampung, laju ti gunung halimun, kadéngé sora gogoongan.

Daréngékeun!
Amun engké ti ki hara papak datang béja Budak angon geus sisingkil, Rawayan dia geus mudu sasaji pieun nindak! Ulah sina talangké! Sabab talaga bakal baredah, lantaran monyét-monyét émbung parindah. Jig geura narindak! Anu sasadiya ti tegalan beulah kulon laju narindak, narindak maju ka kulon.

Daréngékeun!
Masing nyaraho Ku dia, moal kasampak dayeuh anu diseja. Rawayan dia lobana bakal hirup jaradi somah! Amun aya anu jeneng jadi pangkat, bakal luhur pangkat inyana. Tapi hanteu boga kakawasaan. Arinyana bakal diaradukeun. Diaradukeun ku urang wétan sina maséaan urang wétan. Sina maséaan urang kulon. Dipaséaan ku urang kalér, dipaséaan Sunda ti kalér, dipaséaan Sunda ti wétan.

Lawan... sina ngaralawan! Sabab Pajajaran Téngah baris mudu ngajajar deui diténgah-téngah. Sakabéh teureuh dayeuh rawayan dia moal aya anu beunghar lantaran bener. Moal aya anu jembar lantaran hadé. Najan leuwih loba pangabisa, najan unggul pangawéruh, hanteu arinyana diajénan ku Sunda séjén. Sabab anu ngahaharuwan pada sirik lantaran bodo sarieun kaéléhkeun dina pangaruh.

Keun baé! Engké ogé datang wayah Rawayan dia baris jaradi lulugu ngaharudangkeun Bangsa Sunda. Anu haréés baé kahéésan, Bari diyuk kangeunahan! Sakabéh rawayan dia ku kaula bakal dihalang! Tapi ngan anu haradé dilampah, jeung haradé dina sinembah!

Sinembah arinyana mah deuk kumaha deuk saha ogéh ari sinembah nyumerep sukma mah moal jadi bahan kaula milih asih. Sabab ceuk sakabéh anu sinembah, sinembah anu kumaha ogéh, anu ku arinyana disembah dipunjung-punjung téh apanan Anu ngan saHIJI. Anu dina basa urang disébut Anu Nunggal. Nyaéta, anu ngan saHIJI dina wujud anu nunggal dina wujud. Tapi, dibédakeun ku sebutan! Dina basa nu béda-béda.

Kaula bakal datang ngalanglang, pieun nulungan nu barutuh. Pikeun mantuwan anu sarusah. Tapi ngan sakur anu Sunda di Pajajaran. Bari Pajajaran anu Sunda, jeung narunda dina sukma.

Di waktu kaula datang ngalanglang, kaula datang hanteu kadeuleu! Amun kaula nyarita sakur anu ngaku-ngaku kadatangan kaula jeung majarkeun nyana neuleu kaula atawa ngadéngé kaula nyarita, masing dia nyaraho, jelema kitu téh jelema sasar maju ka édan! Bisa ogé inyana téh kadatangan, tapi ku sukma anu ngaku ngaku ceunah kaula. Masing dia nyaraho! Jelema kitu téh kasandingan nu nyiriwuri!

Kaula datang teu ngarupa teu nyawara, tapi méré cirri Ku wawangi. Kitu ogé ngan ka arinyana anu geus rancagé dina hate, eujeung weruh dina semu anu saéstu bari ngarti dina wangi nu sajati, eujeung pikir surti lantip dina lampah anu hadé.

Régépkeun!
Mimiti ti powé ieu, powé katujuh bulan katujuh dina tahun ka 57 kaula jadi Raja di Pajajaran, mimiti ti powé ieu! Pajajaran pindah jagat pindah alam, pindah ka jagat papantunan pieun langgéng hirup jero alam panineungan.

Pajajaran leungit ti jagat kajayaan, leungit dayeuhna, leungit ngaran Nagarana, leungit ka basa-basana leungit basana, mawa leungit ka bangsa-bangsana. Pajajaran undur tina panggung Ka Agungan nalasan alas panghiyaman, tapi dina nindak pindah jaman Pajajaran moal ninggalkeun lacak séjén ti ngaran pieun nu mapay, sabab bukti-bukti nu kari ogé bakal dipararungkir dimarusnakeun.

Tapi éngké jaga bakal aya nu nyariar nyaroba nyoba sugan kaguwar, harayang nimu anu geus leungit, nya hanteu loba anu kapanggih jeung ti loba anu kapanggih, loba jasa anu teu kaharti. Sabab dihartieun ku arinyanan anu teu ngarti, tapi harayang disarebut loba pangarti. Tapi arinyana mah teu dipercaya, sabab ku nu arieu ngaing pinter tapi barodo carita arinyana anu bener dipajarkeun mangmeunangkeun Pajajaran.

Loba anu nyararoba harayang muka rahasiahna Pajajaran, tapi moal eudeuk kabaruka sabab tulakna pageuh dikeukeuweuk "Budak Angon" anu imah inyana di birit leuwi, dipantowan batu satangtung, kasiyeuman ku haneuleum kakalangkangan ku hanjuang. Sabab acan wayah pieun ngalalakonkeun Pajajaran ngamuk ngarakrak panggung!

Beuki loba anu maruruh, tambah loba anu katimu, tapi sabagian-sabagian anu beuki baé hanteu kaharti da salalah nyabung nyabungkeun. Acak-acakan mangajamkeunnana.

Jeung dina maruruh harayang marapay bari diharuwapan. Mapay lacak Pajajaran mah kudu bari rubak amparan. Jeung kudu ararédan heula ngarilu édan-édanan dina jaman sagala édan. Da ngan ti nu keur édan.

Témbong nétrat ka hanteu bener téh. Anu dina nyarukcuk bari nyaksrak hanteu pipilueun éédanan. Ngan arinyana anu diluluguwan Budak Angon, sabab ngan inyana anu weruh disemuna bari nyaho di jogona, da inyana mah lain ngangon kebo disampalan, lain ngangon badak di alas tangtu, tapi kalakay nu babalatak hanteu dirawat di patilasan-patilasan teu puguh ngaran.

Loba anu katimu ku arinyana, tapi loba anu ku arinyana disumputkeun heula, sabab acan wayah kudu dicaritakeun najan geus raraog mararénta dilalakonkeun. Sabab budak angon mah nyaho dina mangsa anu baris datang baris ti jelema-jelema caropot kedok. Rahasiah mararuka sorangan da ngan inyana anu nyaho lalakon na bari tenget ka sakur nu di jaman édan ararédan, pada pada keur ngalalakon dina panggung sarwa sulaya.

Tah éta budak angon nu éta anu engké jaga baris murwa lalakon anu saéstuna bari ngajajarkeun deui Pajajaran téngan-téngah jaman Bangsa Sunda ngalaleungitkeun Jiwa Sunda, tapi kudu ngalaman heula loba lalakon anggeus nyorang undur jaman-datang jaman, saban jaman mawa lalakon, kebelna saban jaman anu datang piligantian saruwa jeung wayahna giliran daratang sukma anu mudu nyukma, ngusumah eujeung nitis eujeung wayahan Raga Dipindah Sukma.

Daréngékeun!
Nu kiwari ngamarusuhan urang jaradina Raja téh ngan baris datang ka wayah tanah bugeul sisi ci Banten dijieun kandang kébo dongkol. Tah mimitian ti lebah dinya sakabéh Nagara nu araya baris jadi sampalan-sampalan kébo anu barulé nu diangon ku jéléma jangkung nu tutunjuk di alun alun. Ti harita sakabéh Raja dibeléng, ditaliyan ku kembang cengkéh, dibeungkeut ku buah pedes. Aya Raja-raja anu katalian ku jangji sorangan, aya Raja-raja anu kabalenggu sabab katipu, aya Raja-raja anu katalikung sabab ngilu-ngilu ulubiung!

Geus kitu laju kebo bulé nyekel bubuntut bangsa urang narik wuluku, ngan hanteu karasa marudu narik, sabab murah jamang seubeuh hakan. Geus kitu incu-incu kebo bulé anu hararideung bari peta eujeung rupa teu béda kunyuk-kunyuk di gunung nyungcung, rasa arinyana leuwih munding ti kebo bulé, laju ngaragolan bangsa urang narumpakan wuluku dina pasangan.

Bangsa urang laju lilir, bari eungeuh jaradi badéga dijieun kebo, tapi hanteu kaburu marudah sabab ti kalér eujeung ti kulon datang mantera monyét-monyét pararéngkéh ngabuburak kebo bulé ti sampalan. Bangsa urang ngeunah seuri, tapi seuri urang Sunda teu kaburu anggeus sabab alun-alun pada suwung!

Sampalan diranjah monyét, warung-warung diranjah monyét, sawah-sawah diranjah monyét, huma-huma diacak acak monyét, cawéné-cawéné rareuneuh ku monyét. Sagala-gala diawut awut ku monyét! Jéléma siyeun ku monyét. Sarariyeun ku jéléma nu jiga monyét, sarariyeun ku jéléma nu momonyéteun, sarariyeun ku jéléma nu momonyétan, sarariyeun ku jéléma nariru-niru monyét, tapi masih baé hanteu kedik anu maruja engkéna jaradi monyét. Laju panarat dicekel ku monyét bari diuk tina cacadan, wulukuna mah ditarik mudu ku urang ku urang kénéh baé!

Tah di jaman éta, bangsa urang saeutik hakaneun jeung pakeueun, loba jelema paéh kalati, loba lalaki paéh teu bukti, loba cawéné dijijieun pangrépéh. Lain hanteu warani tapi acan wayah pikeun nyekék monyét-monyét. Sanagara ngarep-ngarep pelak jagong geura saumur, ngarep-ngarep bari hanteu arareungeuh jaman téh geus ganti lalakon. Sabab hawar-hawar di tungtung sagara kalér pang kalérna, ngagulugur ngaguruh harus. Garuda megarkeun endog di kandang monyét génjlong saamparan jagat.

Ari di urang? Ramé ku nu ngarora eukeur marangpring, prang pring sabuluh-buluh gading dina perang maju ka suda. monyét monyét ngararumpul pating rumpuyuk

Tunda batur!

Baca Juga :

Tidak ada komentar