Carita Ngahiyangna Pajajaran - 11


Lajeung batur ti nu ka 10

Teu kacatur di jalanna, ngan dicaritakeun. Si Léngsér leumpang di heula. Sabab inyana mudu nyacar nyieun jalan pileumpangeun.

Si Léngsér nyacar, Nyacar, nyacar...Panjang jalan nu dicacar, panjang pijalaneun nu mudu dicacar. Leuwih panjang manan carita, amun kabéh dicaritakeun mantak panjang teuin picaritaeun, mantak bray kaboro beurang...

Pamali! Bisi kapiteuheulaan mantaré ku nini nini kiih di pipir, urang kocapkeun baé, Turun gunung, ka ruar leuweung, asup leuweung, unggah gunung. Laju datang ka hiji leuweung deui, nyao teuin di lébah maaana. Leuweung gérotan!!!

Cep tiis! Jep jémpling, Geueuman mantak keueung, mantak sieun. Nyuruncul inyana asup, laju nyacar, inyana nyacar ku dua leungeun. Mani but bét, sabab nyacar téh  kénca katuhu sabeulah deui gobang. Mani but bét, leungeun inyana badis kolécér, bari suku téténjrag baé, ténjrag ajrét-ajrétan. Da ngarana géh nyacar jalan jéro leuweung. Loba langgir jeung bajongbong, sireum beureum tingkarayap, ngarégélan keuna kanjut. Nyacar Si Léngsér gancang jasa, da nyacar téh, Lain sa nyacar nyacarna, tapi nyacar maké parancah.

Ceuk Si Léngsér : "Arasup batur! Arasup!" 

Urang Pajajaran laju arasup, keuna galur ngabulumbung, jiga gonggo nu golowong, beunang ngacar diparangjahan. Sup ararasup! Beuki jero beuki jero, tapi hanteu beuki ngeunah karasana. Sabab beuki jero beuki tiis, beuki keueung beuki sieun! Beuki jero beuki powék, beuki powék remeng-remeng, jeung caang téh samar-samar.

Laju baé! Keueung téh beuki tambah, bulu punduk pating purinding. Beuki tambah baé sieunna, beuki pasesedek anu leumpang, pada pada arembung pandeuri, nu pandeuri harayang dihareup, nu dihareup harayang ti heula, nu diais areubung digilir, nu digaréndong arembung ditukang. Da sarieun aya nu nyewol, sieun aya nu nyungkur keuna bujur, arieun aya nu narik sabari nyiwit, ka nu nyempil disela pimping. Nya lajuna mah sawaréh mah laleumpang téh sabari mundur ngarah kadeuleu, mun ti tukang aya nu eundeuk jail.

Kabéh pada keueung, sakabéh pada sarieun. Keueung na? Ku lantaran rarasaan bét jati béda. Sarieunna? Da bongan batur batur pada sieun, jadi bé kabawa sieun! Ngan Si Léngsér baé anu ludeung, Inyana mah hanteu sieun hanteu keueung.

Ceuk Si Léngsér : "Ari sieun ari keueung amun leumpang téh ulah nuking. Mudu sabari nyangigir, batur! Nyangigir!"

Laju kabéhan leumpang nyangigir, cara kapiting malipid gawit sisi basisir. Ngan Raja, ngan Ki Santang Parabu Anom jeung Si Léngsér nu laleumpang biasa baé. Da laludeung! Beuki laju beuki powék, beuki jero beuki powék ngan tiluwan anu tadi, arinyana mah hanteu parowék. Sabab arinyana mah laleumpang téh jaradi panjang jalan nu baris karosong, jaradi panuduh jalan sapanjang jaman.

Jaman Sunda leungiteun jalan! Beuki laju beuki keueung, Beuki baé sarieunna, lajuna mah, reg baé pada ngarandég. Séjén ti anu tiluwan mah urang Pajajaran sakabéhna Pada ngarandeg, hanteu warani lalaju deui, ngan tiliwan anu warani baé, Raja urang, Aria Santang jeung Si Léngsér. Si Léngsér mah lain wani lantaran ludeung, tapi ludeung sabab teu haliwu, jadi boro boro engeuh lebah nu keueung. Pacét geus sagedé kohkol géh nangkol di punduk inyana si Léngsér mah hanteu eungeuh. Inyana tonggoy baé nyacar, nyacar, nyacar....! Mani haliwu bari pakeupis, datang ka hanteu eungeuh nyacar téh.

Dituturkeun Radén Santang Parabu Anom jeung Nyi Putri éwé inyana, jeung ku balad loba salapan, jeung éwé arinyana loba salapan. Naruturkeun sabari wani, bubuhan nuturkeun dua jago, hanteu ludeung hanteu ludeung ogéh sok kabawa ludeung. Ngan Raja nu ngilu ngarandeg. Lain ngarandég lantaran hanteu wani hanteu ludeung, tapi ngarandeg téh Raja urang mah ngabaturan nu teu laludeung, ngaburihan anu karéder, sabab Raja urang mah Raja nu puguh nyaah ka somah.

Tunda nu ngarandég, sina diburihan neangan Raja atawa Pamimpin Sunda anu Adil!
!! Tahapi adil ka kabehan lain sewang-sewangan atawa golongan.

Baca Juga :

Tidak ada komentar