Carita Ngahiyangna Pajajaran - 12


Urang Lajeung deui!!! 

Urang mah, urang tuturkeun Si Léngsér nyacar baé. Najan nyacar maké parangjah, ari geus datang ka wayah kudu tepung ka kabéh kudu mah, najan Léngsér Pajajaran ogéh nya kapaksa nyacar téh  kudu ngarandeg. Lain ngarandeg lantaran keueung, lain ngarandeg sabab teu ludeung, tapi lantaran ngadak-ngadak gobang jeung parang téh ujug-ujug rarompang jeung potong gagang.

Ceuk Si Léngsér bari héran : "Éh...éh naeun jeung nu hanteu teurak?"

Laju diilikan! disebut cadas da lain cadas. Disebut batu da lain batu, disebut tunggul da lain kayu. Disebut buleud da puguh léncop ka handap, disebut gepéng da puguh ngunggul cara pais bakatul! Jeung di tengahna aya legok pameulahan. Jeung ari diingét-ingét, baruk badis surabaha didempétkeun.

Ceuk Si Léngsér : "Naeun ieu téh batur?"
 
Tapi nu diajak ngomong naroyod terus! Jiga hanteu ngadaréngéeun.
 
Laju ceuk Si Léngsér : "Sugan tarooooooorék?"

Tapi nu diajak ngomong naroyod terus, narabas leuweung acan dicacar, cara badak naratas atas. Narayod baé bari ngabuyut bari wani eujeung ludeung, da ngarana géh nuturkeun anu laludeung Radén Santang eujeung Nyi Putri.

Si Léngsér jadi himeng, Inyana deuk nyacar deui, Ku gobang rompang teu maké gagang, ku parang romping teu maké gagang. Car sakali car kadua kali, Car... car... car ka génép kali car, Parang téh ngan kari ngaran.

Laju eundeuk nyacar maké gobang nu geus rompang. Tapi gobang nu romping potong dua bari mécléng. Ragagna? Ragagna di Tanah Jampang, nu sapotong pondok ragagna di hiji gunung leutik. Nu sapotong deui ragagna di hiji gunung leuwih ruhur. Éta dua gunung engkéna disarebut séwang-séwang Gunung Rompang.

Ceuk Si Léngsér dicowongkeun : "Batur! Batur! Batuuuuur!"

Tapi nu naroyod térus, naroyod térus!
 
Ceuk Si Léngsér : "Nya bénér taroooooorék. Ngomong sakitu bédasna hanteu kadéngé mah, Nya heueuh bénér tarorék! Mémang jaradi tarorék".

Lain torék sabab torék ngadak-ngadak. Tapi torék géh hanteu kadéngé sabab urang Pajajaran nyarasab. Arasup ka jéro leuweung nu katelah Leuweung citorék. Ari leuweung citorék? Lain leuweung sabongbrong leuweung. Tapi leuweung anu monés amun jero leuweung citorék jelema ngomong ka jelema deui. Najan ngomong hahaokan, najan ngomong ditamplokeun keuna ceuli nu paréndéng, moal eundeuk kadéngé sora. Ku ceuli dihoakan, da ngarana géh, di leuweung citorék. Amun aya nu nuwar kayu digécok nyeblog bedog inyana, jeung dorokdok gubrag tangkalna, moal nu nuwar eundeuk ngadéngé gécokna sora ti bedog, gurubugna sora nu rungkad. Da ngarana géh di leuweung citorék. Leuweung citorék anu baheula. Nyaooooo ari dileuweung citorék nu kiwari mah.

Urang caturkeun deui Si Léngsér, inyana luak lieuk. Laju gegerowan : "Batur hueueueuw batur! Baruk bet jadi keueung batur?"

Ceuk Si Léngsér bari gégérowan : "Ulah keueung heuheuh".
Ceuk Si Léngsér kénéh baé : "Ari keueueueung huhuh".

Ceuk Si Léngsér kénéh baé bali culak cilék : "Camahan! Camahan atuh!"

Laju satiung ku daun bolang, laju Si Léngsér ngudar cangcut inyana, gurinjal padonghol, Lol ngagayot badis sayang tawon rérabkeuneung. Bari nyamahan beungeut Si Léngsér ngarawél daun bolang. Laju ditiungkeun, kakara inyana éngeuh.

Ceuk Si Léngsér : "Hohhoh héhhéh. Ihiiih baruk ieu mah geuning leuweung citorééééék! Laju kadeuleu ku inyana rupa-rupa deudeuleuan anu tadi hanteu kadeuleu, ting arayun ting gayabag, ting garayang ting gayabag, ting kodongkang ting kojéngkang, ting jarebé ting baregég.  Jeung patinjalawak empot-empotan".

Kadeuleu anu manyong anu ményéng, Anu bentelu tapi pacer, anu mononod cara térong.... Beuki gédé beuki panjang, cuculagétan jiga hileud jeungkal. 

Kadeuleuanu cépér namarok mébér, anu muncul nyuat di handap, anu kandel bari peungkeur, anu kandel tap beyé, anu péyot mani hépé...Kadeuleu, nu jambulan ngan diruhur, nu buukan jiga jabringan, nu buukan tapi parondok, nu buukan tapi carang jeung nu garundul euweuh buukan. Kadeuleu, nu jangkorang nyaruncung hulu, nu baréké garépéng hulu. Tapi anu panglobana mah anu badis baé supa paré ka tungtungna. Kabéh kabéh ting palotot ting arelél arenyét nyarampeurkeun.

Ceuk Si Léngsér : "Heuheuy éta siiia!!! Dédémit jurig eujeung siluman, Jurig jarian eujeung kélong. Déwék nyaho di ngaran sia. Ngésér! Awas siah!!! Amun heureuy pangangguran, amun jail hiri déngki sia ku déwék Dibekok! Citorék jeung leuweungna, leuweungna jeung eusina sakabéh jeung sia. Pajajaran anu boga! Hayuh! Ngésér!!!"

Laju Si Léngsér ngareuhak, bari nagreuhak sabari hitut, mani paburiyak saeusi leuweung nyarusup pajauh jauh, nyarumput pabuni buni! Ti dinya laju Si Léngsér nyampeurkeun Raja.

Ceuk Si Léngsér: "Katalimbang Gusti! Mulang deui. Ieu leuweung loba eusina, loba jurig jeung dédémit". 

Laju urang Pajajaran nu ngarandég téa marulang deui, marundur deui marapay galur.

Urang tunda heula! Keun sina isuk jaganing geto marundur deui marapay galur reujeung Gunung...

Baca Juga :

Tidak ada komentar