Carita Ngahiyangna Pajajaran - 10
Wilujeung wayah kieu batur.
Bisi aya nu kaperluan keur di mana, kaula deuk ngawaris "Rajah Pamunah" pieun merenahkeun kabéh dedemit alias jurig. Ajang nu daék baé nu embung mah kajeun.
Bisi aya nu kaperluan keur di mana, kaula deuk ngawaris "Rajah Pamunah" pieun merenahkeun kabéh dedemit alias jurig. Ajang nu daék baé nu embung mah kajeun.
Kunyit bodas haneut jahé Panglay ngaran panglajuan, ngalajukeun jeung munahkeun sagala gawé ti béda pikir.
Pikir kula di manusa, Pikir dia di dedemit, Teu ku sia deuk kapikir, Teu ku sia dipikir heula,
Kadupak da bongan sia, Katajong da bongan sia, Kadiukan da bongan sia, Kababuk da bongan sia, Katénggor da bongan sia, Kaciduhan da bongan sia, Kakiihan da bongan sia,
Apan sia mah teu kadeuleu ku mata manusa.
Tapi sia anu neuleu, Kunaha heunteu ised, Kunaha teu ngabéjaan, Ulah sia eudeuk licik, Ulah sia deuk anjukan, Hayuh ésotkeun! Nyingkah! Bisi dibura di mata sia, kuciduh reuhak Pajajaran. Reuhakeun ciduhkeun...Pwaah...pwaah...pwaah, Musnah sia!
Kocapkeun Matapowé surup ka kulon. Nu nyarusup nyareungeut amar...Samaruk arinyana di anu singkur jero leuweung. Hanteu nyarahoeun kadeuleu ku musuh ti kajauhan, laju disarusul!!!
Gér perang deui!!! Paperangan marawa obor. Pajajaran ngaganda térus, nya karuhan. Mudu mundur térus deui, Lain mundur hanteu nanding hanteu tanding. Tapi hanteu tanding dina bilangan. Pes! Pas pis pes pus...Pos! Sakabéh obor Pajajaran dipareuman. Powékna mani mongkléng jasa mundur sabari ngileus, ngileus kajéro powék. Ari musuh? Lantaran powék sagala powék, nya kakadék jeung teuteunggeul téh hanteu barisa bari deudeuleu heula. Karuhan! Loba balad musuh anu marodar dikadék batur arinyana kénéh, loba balad musuh patinggarojod gegerungan, ditareunggeulan batur-batur arinyana kénéh. Urang Pajajaran mundur térus. Mundur, mundur, mundur!!! Mararundur di anu powék...Téngah jalan, papapag jeung awéwé limaan, ngarélék samak nyaruhun anggél.
Ceuk Si Léngsér : "Kamarana jeung peuting-peuting?"
Ceuk awéwé limaan : "Eudeuk ngéndong, deuk ngéndongan nu hudang ngajuru".
Ceuk Si Léngsér : "Kula géh daék diajak ngéndong, ngan embung jeung anu hudang ngajuru".
Ceuk awéwé limaan : "Kula géh moal ngajak ngéndong, da kabéhan boga salaki".
Ceuk Si Léngsér : "Kula géh moal eudeuk ngéndong atuh, ngan kaula eudeuk nanya, Ka mana nyai jalan buni nu teu heurit?"
Ceuk awéwé limaan : "Tuturkeun baé kaula. Tapi ulah parék teuing bisi adék".
Ceuk Si Léngsér : "Moal atuh. Ngan bisi kapohoan, bubuhan nu keur pararowék, aya di anu pararowék, halangan béa tah ku anggél".
Di urut lébahan papah jeung éta awéwé limaan engkéna ngadeg lembur anu disarebut Panca wati.
Ku awéwé anu lima urang Pajajaran Bogor dianteur, dianteurkeun ka gunung jauh ti musuh. Bray beurang! Laju ngareureuh!
Ceuk Raja ka awéwé anu limaan : "Geus! Datang ka dié baé! Naeun hayang piburuheun dia nganteur?"
Ceuk awéwé salimana : "Gusti! Kaula kabéhan, Hanteu hayang diburuhan. Kaula mah seja ngabakti".
Ceuk Raja : "Hadé!
Tapi turun-runday rawayan dia kabéhan, Sakur anu narurut ka kolot arinyana, baris jémbér salila hirup. Seug! Geus marulang! Di urut éta awéwé lima pamitan eudeuk marulang engké téh ngadeug lembur anu baris mawa ngaran parbakti.
Ti dinya, urang Pajajaran terus maju ngidul rada ngulon. Sup ka leuweung, jol ti leuweung! Asup leuweung, ka luar leuweung! Unggah gunung, turun gunung! Arasup deui ka jéro leuweung - Ka luar leuweung. Hanté eureun-eureun, gunung, leuweung, gunung. Leuweung, leuweung, leuweung deui leuweung deui, Leuleuweungan di ruhur gunung.
Tunda! Hanca heula.....
Post a Comment