Carita Ngahiyangna Pajajaran - 1

Pun. Sapun.
Ka Pupunclak Agung Pamunjung, Anu Agung Sang Rumuhun. Hiyang Guru Agung Pangruhum, Anu Nunggal di Kalanggengan. Anu Langgeng dina Nunggalna. Anu Ngabogaan Sakabeh Alam, Anu Ngabogaan Sakabéh Jagat

Paralun. Sapun.
Ka Sakur anu di Luhur, Ka Guru Hiyang Nunggal, Ka Déwa nyangking Kawening, Ka Déwa ngagem Wewenang, Ka Déwa nunggal Kawasa

Ka sakabéh.
Nu kumelip, nu arusik, nu ngawararuga, Dina wujud séwang-séwangan. Nu ngagelar, nu ngarumpay. Nu narangtung, nu ngagantung. Nu ngagulung, nu narangkub. Nu nangkarak, ku ngarambat, Ka sakabéh, Nu kadeuleu teu karasa, Nu kaambeu teu kadeuleu. Teu kadeuleu tapi aya.... Ka sakabéh, Nu ngarédag, nu lumampah Harirup jadi pangeusi Nyaricingna jagat ieu, alam ieu

Paralun
Sabab kaula eudeuk nyatur, Nyatur pantun nu buhun, Handeuleum tunda karuhun, Hanjuaneun anu marapay.....

Paralun
Matak kaula, Ku sabab Pajajaran dijieun carita, Tapi disilok Ku anu sarieun. Dipajarkeun mumuja Déwa jeung diréka dirarobah
Dijarijieun-jieun, kanu gariruk...Jeung ku sabab, Kaula nyaho, Engké jaga, baris datang deui jelema Loba ménak loba pangkat Harayang diaraku deui Rawayan ti Pajajaran

Paralun....
Paralun. Jin, Iblis, Sétan marakayangan, Ipri, Onom, Dedemit, Jeung jurig nyiliwuri.

Rampés nun.
Lalinggih. Ulah arobah tina sila, Ulah arusik tina calik. Bandungan dina jajaran, Jajaran darékan karuhun. Sebab kaula Eundeuk jajararkeun carita, carita Ti baheula Pajajaran.  Ngajajarkeun jeujeur sajati, Nu asalna Lain beunang ngaréka-réka. Tapi, digelarkeun ku karuhun, Kana haté nu rancagé. Haté saha? Haté Sunda, Nu sundana dina-dani, Nu danina dina hirup, Nu hirupna sagala samar, Nu samarna ngalaman deui, Ngalaman jaman cara baheula Boga Raja heunteu sulaya

Tunda ka 2 doeloer!!!

Baca Juga :

Tidak ada komentar