Carita Ngahiyangna Pajajaran - 2



Paralun.
Bandungan. Urang kocapkeun. Kocapkeun. Di nagara Pajajaran, Lain Pajajaran nu kiwari. Pajajaran géh anu baheula. Nu jadi Raja? Gagah sakti kaliwat saking Nya Dia, Anu ngarana Prabu Siliwangi Ari anakna? Lobana tilu kali salawe, Da bongan, Biangna géh, Saratus punjul satengah.

Urang nyaritakeun hiji anak inyana, Nu sakti ngala ka aki. Nu gagah ngala ka bapa. Ari ngarana? Ki Hiyang Santang Aria Cakrabuana. Euweuh pantar, Euweuh tanding.
Nyarita inyana ka si Léngsér : Uwa...uwa. Ngaing téh ayeuna mah, cukup élmu jeung pangweruh. Tapi haté ngaing heunteu betah jasa sabab geus lila euweuh teunggeulaneun, geus lila euweuh sepakeun, euweuh sanagara, euweuh musuh ngajak rusuh. Kumaha lawan téh, Ngan tinggal sia baé uwa? Kumaha amun ngaing nyaba jauh, Nyiar lawan di nagara deungeun?

Ceuk si Léngsér: "Ulah adén... ulah".

Ceuk ki Santang : "Ku nahaeun diulah-ulah"?

Ceuk si Léngsér : "Sabab amun adén miang ka buana luar, Ka nagara nyabrang lautan, Engké di mana adén mulang, Pajajaran téh ngan kari ngaran".
 
Tapi dasar peuteukeuh, teu beunang diulah-ulah. Nya miang inyana ka nagara sabrang lautan. Paralun.

Keun Ki Santang sina nyabrang. 

Kocapkeun ayeuna di karaton. Karaton mana? Karaton Pajajaran, Karaton Pajajaran géh nu baheula. Nu kiwari geus euweuh urut-urutna acan. Datang cenah hiji utusan, Mawa surat tilu gémbolan.

Ceuk Raja : "Léngsér!!!"

Ceuk si Léngsér : "Ké heula."

Ceuk Raja : "Kunahaeun maké ké heula?"

Ceuk si Léngsér : "Bisi tutung. Pais bakatul deuk nyuguhan sémah."

Ceuk Raja : "Heu'euh, Bisi tutung. Balikeun!!Laju Dia ka dieu, pariksa ku dia éta utusan".

Ceuk si Léngsér :  "Wah... teu kudu dipariksa deui, Kula mah nénjo jelema sarua jeung neuleu manggis. Nyaho ti cupat, Nyaho di eusi, Irung kitu mah, Geus tangtu moal nyalahan deui. Dicicingna sagedé lelejing, dimotahna bisa sagedé honjé, Panjangna bisa sa asta leuwih".

Ceuk Raja : "Lain jelema. Suratna ku dia pariksa".

Laju si Léngsér mariksa surat Lobana tilu gembolan. Mariksa... Mariksa... Lilana Tilo
é poé tilu peuting. Awahing ku tunduh Jeung loba teuing surat nu dipariksa, Si Léngsér jadi nundutan, nundutan bari ngelay. Lay lay Laaaaaaaaay. Lay keuna surat-Lay keuna baju, Lay keuna mata ucing Nu ngaringkuk dina tumpukan surat. Laaaay...lay...lay...laaaaaaaaay.

Ceuk si Lenser : "Teuing. Da kula mah apan teu bisa maca". 

Ceuk Raja :  "Kadieukeun. Tah éta, nu aya gambaran béntang eujeung bulan".

Dorolong Raja maca surat, Maca barian édég, Da ngarana géh Raja.

Buncelik, Molotot...Mani sagedé-gedékenong, Da ngarana géh mata Raja.

Ceuk Raja : Ééh..Éé..éh..ééh. 

Ngomongna bari téténjrag Téténjrag datang ka eundeur,  Brong bréng brang Sora ti dapur Téténong ragag ti pago Da ngarana gé téténjrag Raja.
Ceuk Raja : Léngsér.
Ceuk si Léngsér : Sumuhun dawuh.
Ngomongna barian nyembah, Ngan nyembahna bari peureum. Awahing ku tunduh.
 
Ceuk raja bari téténjrag Brong bring brang, Sora ti dapur, Baréok pago, Rungkad hawu....Da ngarana géh téténjrag Raja. Ceuk Raja : "Léngsér. Ieu surat dijempolan Ku Raja sebrang kulon. Geuning, Bet ngajak rusuh".

Ceuk si Léngsér : "Bebetkeun baé. Maenya Raja éléh ku surat". 

Si Léngsér ngomong bari nyembah Nyembah barian tukusruk Awahing ku tunduh

"Deuleu!" Ceuk Raja, bari téténjrag. Borobot dapurna runtuh, da ngarana géh téténjrag Raja. 

"Deuleu!" Ceuk Raja,  dina surat NgAING kudu disundatan. Mun teu nurut Pajajaran baris dipagang.

Ceuk si Léngsér : "Ulah Gusti. Ulah daék disundatan, bisi disapatkeun. Kalah ngajak perang mah, Lawan baéeeeee". 

Si Léngsér ngomongna bari nyembah Nyembah na bari ngaringkuk Awahing ku tunduh. 

Ambek Raja kabina-bina, Matana mani molotot, Molotot bubucelikan, cara keuyeup ngadeuleu keukeuk. Raja tetenjrag deui Nenjrag deui, nenjrag deui, mani eundeur sanagara. Da ngarana géh téténjrag Raja ieuh. Pating dorokdok balandongan Pating baréok lawang saketeng. Awahing ku tunduh.

"Léngsér", Ceuk Raja, bari téténjreg deui, borobot, baréok, dorokdok. Hag siah,....béak tah ayeuna mah ka imah mitoha-mitohana. Nya eundeuk dikumahakeun? Da ngarana géh téténjreg Raja.

Tunda ka 3 doeloer!!!

Baca Juga :

Tidak ada komentar