Ulikan Kasumedangan Bagean Ka Dua


Saperti nu disebutkeun di bagian ka hiji yen "KASUMEDANGAN" mangrupakeun ulikan-ulikan nu lengkep ngeunaan elmu-elmu ka Padjadjaranan kaasup kasumedangan lokal memeh Sumedanglarang jadi puseur nagara. Ku sabab eta loba nu diajar kasumedangan:

1.  Leuwih gampang dina diajar atawa neuleuman leuwih jero ngeunaan ulikan-ulikan kapajajaranan nu mimitina atawa pernah mekar samemehna di luar sumedang larang kayaning misalna wae ulikan jadi sasaka sakawayana, kanyataan ngeunaan Ratu Galuh, sasaka ujung kulon jrrd,  ku cara teu kudu upruk-aprak heula, cukup metakeun ka-sumedang-an.

2.  Dina kuduna kaditu oge, ka daerah asalna/nu pangheulana manggihan eta elmu, tempat pernah mekarna elmu, ukur ngakurkeun/ngasakeun/nganuhunkeun, atawa teu kudu meulina ti awal mula deui. Misalna wae, dina inditna ka pulo sari wahanten girang ujung kulon sanghyang sirah, memehna ka Agrabinta ngadongkang ka Sindangbarang pakeun manggihan deui rintisan JATI SUNDA (Tarumanagara/Salakanagara/Sunda), oge geus boga referensi nu lengkep tina ka-sumedang-an memehna, ameh teu salah madep nu engke diadumaniskeun jeung purbatisti purbajatina Galuh nu jadi tuturus ngajenglengna Padjadjaran Anyar.

3. Apaleun kana asul-usul na elmu/ulikan. sebut wae diantarana, najan ulikan tilem/ngahyang/kasampurnaan bisa kahontal ku ka-siliwangi-an/ka-sumedang-an jeung oge ku cara Islam, tapi nu diajar tilem pasti apaleun yen nu mendakan ngawitan di Sunda ngeunaan eta ulikan teh luluhur agung Sang Seuweu Karma Batara Kuli-Kuli ti Saung Galah Kuningan. Kahontalna teh saparantos masieup inovasi-inovasi ulikan ramana, Sang Sempakwaja  nu nyaean jalan-jalan jalma nu dina paehna, menta bantuan sato (munding). Sedengkeun, cara paeh make bantuan munding salah sahiji metoda teknik nu memehna disebarkeun ku salah sawios luluhur Galuh ka Nusantara – nu diantarana aya nu dipake ku jalma-jalma pakeun jadi/nyieun alam ‘kasorgaanana’ sorangan samemeh dunya ieu rusak/kiamat qubra, najan watang ageungna mah metu ngalangkungan Sang Wretikandayun.  Loba teknik-teknik jeung panta-pantana cara ninggalkeun alam dunya, panggorengna nu paeh kasarad, pang ponclotna tilem. Tilem satuluyna disampurnakeun teknik-teknikna diantawisna ku Rahyang Wastu Kancana ku Sri Baduga sareng nu sanesna generasi generasi saatosna. Tingali kabeungharan ulikan kasumedangan ka 33, Salah sahiji prinsip/tips ulikan diantarana geus nerap di lembur-lembur, yen lamun ka kabuyutan rengganis (dayeuh luhur) Sumedang tempat nu tilem teu meunang make/mawa batik. (tingali :  naha teu meunang make/mawa batik ka dayeuh luhur) lain pedah ngewa ka Jawa/Cirebon/Batik, da eta oge sakocoran ti Galuhna nu Agung, nu nyebut kitu mah ukur ula-ilu ngabeo jalma bodo nu resep baceo.

Ulikan kasumedangan (kapadjadjaranan) beda jeung carita cenah atawa mitos sindir simbol siloka analisa  kira-kira mungkul, tong hayang meakeun waktu mikiran nu kararitu. Saperti dituliskeun dina kalam kasundaan  disebut ulikan sabab : salah sahijina  bijil tina hasil/bisa diudag ku/kapanggih mangrupa multiple case study. Protocol jeung data base kajian sadia pikeun external validity, Teoritical proposition keur nganalisa papanggihan aya, sabagian ditepikeun dina ieu tulisan Keur internal validityna. Key informants masih aya, Dokumentasi artefak arsipna aya, oge chain of evidence dina hambalan sundana bisa nedunan construct validity, Tinggal daek langsung jadi participant observer ngalakukeun kajian sorangan pikeun nganyahokeunana. Yen lain ngan saukur mitos simbol sindir siloka analisa kikirataan kumaha kayakinan masing-masing jrrd, nu sok moekan elmu kasundaan tapi AYA, EMPIRIK, jeung BISA DIPAKE. Ngan tangtu pikeun ngalakukeun participant observation, maca data base jeung nyusud chain of evidence na perlu ‘training’ heula.

Dihandap ieu dituliskeun deui sababaraha warna ulikan kasumedangan bari dipasieup ku nyaritakeun kajadian baheula nu kudu dibuktikeun enya henteuna dina metakeun ulikan.


BAG-BAGAN KASUMEDANGAN  TINA KA PAJAJARANAN
Lamun nu kungsi ziarah ka Dayeuh Luhur Sumedang kantos ngadanggu, Kisah Babad Pajajaran Prabu Geusan sareng 4 kandaga lentena tah ayeuna urang bahas. Manawi teu leupat kisah, hapunten sateuacanana bilih ieu aya kaleupatan dina nyeratna.

Geus kacatet dina sajarah yen Sumedang Larang teh pamarentahan/karajaan nu nuluykeun Padjadjaran nu Burak sirna ing bhumi di tahun 1579 M. Bari di jalma rea kajadian burakna Pajajaran teh diimplik-implikan ku caritaan ayana pacogregan beda ageman nepikeun ka perangna (karajaan Banten). Harita di Pakuan geus euweuh nu jadi Ratu, Nalendrana tos tilar ka Pulasari. Nya nu kaririweuh nguruskeun kaayaan nagara nu geus runtag jeung memeres pajuriwetna tuluy ngahangkeutkeun keur kahareupna teh taya lian ti para sesepuh sesepuh manten pananggeuhan nagri. (lengkepna carita kaasup tokoh-tokoh nu ngilu gempungan, dimana wae pusakana disimpen di Banten, kabuyutan mana wae nu kudu ditalaah/didatangan nu aya hubungana jeung ulikan-ulikan Sunda-Galuh nu kapanggih tina ulikan kasumedangan).

Hasil gempunganana, sabagian pusaka disimpen di wilayah Banten keur jadi ciri yen kasultanan banten oge sarua dulur sekeseler Prabu Siliwangi nu boga kawajiban nu sarua nanjeurkeun wawangi luluhurna. Oge nu utamana, pakeun nunjukeun yen aya ‘ajaran/kaluhungan’ nu asal mulana ti beh kulon, sunda, nu kudu disimpen deui di kulon lamun kapajajaranan burak/teu bisa mancur nyambuang deui, nu engke kudu kahontal/kaulik/kacokot (lain dicokot pusakana tapi dibeuli kamatihan kamampuhanana supaya sinelir) deui ku seuweu-siwi nu hayang nanjeurkeun kapadjadjaranan deui - tingali kasumedangan ka 26 27 28: ulikan sasaka Ujungkulon, Sasaka Kabantenan, jeung Sasaka Sunda Jati/Jati Sunda.

Ari Sabagian pusaka deui diancokeun keur nu neruskeun ‘pajajaran’ nu anyar, nyaeta Sumedang Larang. Bari jeung ngarana teu bisa make ngaran padjadjaran sabab aya sababaraha ‘value’ nu teu bisa/can kahontal ku Sumedanglarang salaku ‘pamarentahan penerus’ harita.

Kusabab Sumedang larang dipiharep jadi Padjadjaran Anyar, nu neruskeun Padjadjaran. Ieu para sesepuh Siliwangi teh ngadamel/nitah ponggawa/team nu masihkeun pusaka-pusaka salaku ciri nalendra/pamarentahan anyar oge bari karersaeun keneh, meureun leuwih benerna mah ngersakeun anjeun, mantuan langsung supaya eta ‘pilot project’ teh hasil maksud. Nu harita Pangeran Angkawijaya na anom keneh pisan (21-22th), nu tangtu nu masih suda sepi tina pangalaman ngaheuyeuk nagri tapi nyepeng amanah kedah tiasa neraskeun pamor/ngawangikeun deui kapajajaranan ku sumedang larang. Eta ge seueur nu ngawagel ka eta salah sawios sesepuh nagri, saurna: ‘atos atuh tong ngaririweuh deui anjeun’, namung Walerana teh: ‘keun we,… masih keneh butuh bimbingan’.

Nya kongas nepikeun ka ayeuna carita di jalma rea ayana 4 kandaga lante ti pajajaran nu ngabakti ka Sumedanglarang ngajadikeun Sumedanglarang neruskeun Padjadjaran. Kandaga lante teh kapala tina sababaraha kandaga (kapala rayat/daerah) nu nyepeng/nyekel pepeten/pusaka nagara sanggakeuneun ka nalendra – peti pasagi tempat pusaka oge sok disebut kandaga. Kitu teh sabab nu ngajadikeun/ngangkat/ngaleler Sumedanglarang nu neruskeun Padjadjaran lain deui Ratu/Raja. Bohong mun aya nu nyebut kandaga lante teh dititah ku nu jadi raja, tapi kaputusan karesian/pimpinan/wawakil/kokolot rahayat/daerah Padjadjaran.

Dina kamus kacatekeun hartina : kandaga nyaeta, 1. basa Sunda kuna : gorbak gedé paranti ngawadahan upeti sanggakeuneun ka Naléndra; sok disebut ogé ka­naga; ka dikeunakeun hartina ~ kapala rayat anu ngagem pepetén nagara ; lanté kapala sababaraha kandaga; 2. Sskr. peti emas, pepetén.

Naha bener nu nyebutkeun yen eta 4 kandaga lante teh adi lanceuk. Nu puguh mah beda generasi aya nu beh dituna pisan jaman Sri Baduga masih jumeneng aya oge nu sajaman jeung raja panungtung. Di Sunda mah matak aya pancakaki tujuh turunan teh sabab baheula mah paranjang umur kasebut nepi ka janggawareng kakait siwur aya keneh, ayeuna mah sabab zaman geus robah cara ngajamanana oge geus beda siga teu pati guna pancakaki 7 turunan teh, da geus teu parati panjang umur. Hiji jalma ayeuna mah nepikeun ka boga incu-buyut oge geus untung/jarang.

Ngan, matak disebut saukur opatan teh sabab saenyana mah ngawakilan kelompok 4 kadaton/4 departemen utama/pupuhu/lulugu/poponclot (Sri) jajaran ‘pendukung’ Ratu/Nalendra. Nyaeta nu diheuyeuk kadatuan 1. Bhima 2. Punta 3. Narayana jeung 4. Mathura anu ngadukung/ngajaga/ngawangikeun – kadaton ka 5. Suradipati - SRI BIMA PUNTA NARAJANA MATHURA SURADIPATI. ‘Suradipatina’ dipilih Pangeran Angkawijaya nu jadi Geusan Ulun sarerea. Hal kitu teh supaya manajemen/administrasina sawarna jeung Padjadjaran di Pakuan anu samemehna – tingali kasumedangan ka 17 ulikan kawilyahan/kapadjadjaranan.

Matak saenggeus di Sumedanglarang, salah sawiosna aya nu janten panglima/pamuk/patih, rada aneh teu aya pangkat kanagaraan paling ku masyarakat disebut Ki/Embah/Eyang/Uyut jsb, sabab ti generasi nu leuwih ti heula, aya nu janten nangganan ‘menteri dalam negeri’ sahandapeun patih pangkat/gelarna Dipati, aya nu janten "Kondang Hapa" pangkat/gelarna Sanghyang, aya nu janten Terong Peot "Pancar Bwana" pangkat/gelarna Batara. Beda beda kaahlianana jeung beda-beda tugasna. Karir supaya meunang pangkat Batara jeung Sanghyang oge dipati di Padjadjaran mah bari teu sagawayah teh beda pisan susukan dina nyusudna - tingali kasumedangan ka 18.

Jadi oge salah pisan nu nyebutkeun opatanana bareng perang jeung Cirebon dina kasus Ratu Harisbaya da beda kaahlianana teu kabeh perkasa jaya dina perang, jeung da lain tugasna. Nu perang mah sorangan nya pamukna, bari teu mamawa prajurit matak kongas jenenganana "Jaya Perkosa". Bari sababaraha urang sesepuh karaton nu sanesna, isteri nguruskeun talak ka Cirebon. Pamuk Jaya perkasa sanggem kitu teh saurna “nyokot tinimbangan,... yen kusabab eta mah (masalah isteri) urusan pribadi raja, komo antara dulur keneh (Pangeran Girilaya jeung Pangeran Geusan Ulun), ulah nepikeun ka ngorbankeun somah (rahayat katut prajurit). Nya pikeun kontrol Raja di karaton, ieu Jaya Perkosa melak tangkal hanjuang. Indikatorna lamun kaciri dauna layu cirining bobor karahayuan, raja karek make rencana nu lain nyaeta perang nagara ngerahkeun prajurit jeung rahayat kabeh.

Satuluyna matakna jadi aya intrik Hanjuang ditigas ku nangganana, terus ngadongsok ka Pangeran Geusan Ulun supaya karaton dipindahkeun ka benteng pertahanan di kabuyutan rengganis (ayeuna disebut Dayeuh Luhur), kusabab beda wawasan/rencana nya nga ‘handle conflict’ jeung pamuk/panglima anu geus disatujuan raja memehna, nyaeta mung pamuk Jaya Perkosa mungkul nyalira nu ngayonan, nu ngarurug bari nungguan hasil nu nguruskeun talak.

Ari nangganan mah hoyongna perang nagara Sumedang-Cirebon campuh prajurit, nya raja ngamarkas di kabuyutan supaya dina ahirna Cirebon bisa kaereh deui. Gunung rengganis dipilih salian aya di pagunungan nu rumpil oge nyanghareup pisan ka wilayah Cirebon, tapi mangrupakeun kabuyutan. Tingali elmu perang sumedang – ulikan kasumedangan no 4.

Matak bisa kaharti kumaha benduna Pamuk Sumedanglarang pas mulih ka karaton, raja bet cidra kana janji nu mimiti, kadongsok ku ideu ‘lebih berkuasa’ tibatan ngupayakeun talak, bari teu paheut/taliti nengetan Tangkal Hanjuang nu disepakati (hanjuang dauna teu layu, tapi ditigas). Padahal tos hese cape nyalira ngajaga ulah janten perang campuh.

Urang-urang lembur mah pada apaleun keneh pada pada nyatetkeun/nyaritakeun loba-loba tempat tilas tapak kajayaan kaperkasaanana dina waktu kacapeaan Jaya Perkosa mayunan prajurit Cirebon, eta kabeh natrat nepikeun ka ayeuna : cenah aya tongkatna nu aya bisa dipuntir-punter, dibaledog-baledogkeun/diparentah sakahoyongna, nu ayeuna jadi batu pamangkonan di kabuyutan Rengganis (Dayeuh Luhur).

Siga kamampuhan Prabu Walangsungsang Cakrabuana kapungkur ngabedah nyacar leuweung jati purwa jadi Cirebon ku golok cabang nu dipetakeun ukur bari sila; Walungan ditepak, nepikeun ka prajurit Cirebon teu bisa maju, sanggeus nginum eta - daerah urut ngantosanana disebut kampong dago jawa; batu ditepak murudul nepikeun ka nu rek ngarurug teu bisa kebat - kasebut daerah batu gulung jrrd. Tempat tempat tilas ngabuktoskeun kaperkasaan kajayaan ieu Pamuk nyegah perang bari ngantosan beresna nu ngurus talak.

Dina waktu benduna harita, Terongpeotna dialungkeun ka kiduleun rengganis-limbangan, Kondanghapana ditajong ka wetan-ragrag di panjalu. kitu deui Jaya Perkosa nanggananna ditewak salirana dipendem di sisi katuhu lawang ka makamna pangeran Geusan Ulun di Dayeuh Luhur.

Tapi saterusna teu siga carita budak nu nyebutkeun tuluy pundung ka kabuyutan. Nu pundungan nu elehan nyeri hatean mah moal bisa.... Saterusna aya keneh lalakona, kongas kasebut aya sesepuh nu gaduh ngaran Sayang Hawu. Sayang hawuna balarea nu masieup kabuyutan rengganis nepikeun ka aya 9 pancuran jrrd, sateuacan tileum. (Sayang = tempat indung ngagedekeun, tempat orok/anak digedekeun, tempat nyiruruk; Hawu=tempat masak siduru ngariung saimah imah).

Najan ahirna rencana Pamuk Jaya Perkasa mah hasil dina harti teu jadi perang campuh nu ngalibetkeun prajurit jeung rahayat tapi ukur mayar talak ku wilayah-wilayah dimana rahayat ukur pindah manajemen ku turunan Siliwangi keneh. Tapi caritaan kandaga lante jeung system 4 nu ngajajar ngadukung jajaran ka 5 Geusan ulun anggeusan. - tingali bagian satuluyna pantangan nu ngulik kasumedangan.

Bagian Ieu tutulisan miyuni gagak, bari jelas nyebutkeun pamanggih salian tinu disebutkeun ‘wadul’ ngira-ngira tapi henteu enya
, hiji hal nu dipahing pisan pakeun hayang repeh-rapih jeung sasama. Nu ukur tepi ka nyanggakeun kumaha masing-masing wae, daek sukur hanteu kajeun wae, silih ajenan wae, teu kudu silih elodan kacape-cape, da enya kacape-cape ngabejaan ari kasasama mah. Nu embungeun ukur malik moyok malik teu suka moal ngeunaheun papanggihanana disalahkeun; lamun keur nu daekeun ukur 'nyapekeun' nyaeta kudu diajarkeun kudu dituduhkeun lamun kabeneran urangna bisa atawa nyaho jalma mana nu bisa diguruan, lain eta teh pagawean? Tapi ngahaja ditulis make babasan nu jelas dimana posisina sabab nyaritakeun hiji ulikan nu mere lolongkrang teknik/metoda ngajelaskeun nu bisa dipake ku nu lian ku saha wae pakeun ngaenya henteukeunana asal tapis dina make metakeunana, tingali definisi ulikan/elmu di bagian saencana.

Komo deui ngeunaan kajadian nu baheula mah kudu nanyakeun langsung kanu ngalamanana, nu ayeuna geus euweuh di alam dunya. Kumaha nanyana? ulikan kasumedangan, ditempat lain beda ngarana tangtu bisa jadi hiji panghubung passing over knowledge ngeunaan alam-alam jaman baheula. Ngaliwatan salah sahiji metoda proven ulikan kasumedangan nu disebut ulikan pangkat jadi corong. Kumaha bisa kitu, naon cirina, naon cecekelanana, kumaha ngabedakeun jeung kasurupan, ambatan, ilapatan, impian wawangsitan jeung tipu-tipu denge nu kasaput ku dedengean pangdenge, tipu-tipu deuleu ku kasaput kudeudeuleuan pangdeuleu, tipu-tipu ucap sabab kasaput ku ucapan pangucap wisaya nu gaib-gaib.

Ke disambung deui mun keyeng....


Baca Juga :

Tidak ada komentar