Sajarah Terbangan Buhun di Sumedang

Kumaha sajarahna nu ngawitan nyandak kasenian Islami Terbangan Buhun ka Sumedang? Ayana "Terbangan Buhun" di Kabupaten Sumedang dikenalkeun ku Dipati Ewangga Sona (Mbah Depok).

Anjeunna kapungkur kantos Ngajabat di Cianjur dina jaman Pajajaran sateuaacan Burak atanapi kirang langkung dina jaman kaparabonan Ratu Pucuk umun Sumedanglarang sareng Pangeran Santri masa pamarentahan 1530 - 1578 Masehi, anjeunna kantos oge janten adipati Kuningan sabadana ti Cianjur dina jaman Mataram nguasai Cirebon sareng Banten.

Dipati Ewanggsona lungsuran ti Kabataraan Pakuan Pajajaran Gunung Gede Bogor. Saatos lungsur ngecagkeun kalungguhannana anjeunna nyebarkeun ajaran Islam di Daerah Conggeng - Tamjungkerta - Buahdua kamungkinan waktos di Sumedang anjeunna disuhunkeun bantosan kanggo ngajarkeun seni maen po sareng bag-bagan kaelmuan ka agamaan ku Pangeran Santri.


Dipati Ewanggsona lungsuran ti Kabataraan Pakuan Pajajaran Gunung Gede Bogor. Saatos lungsur ngecagkeun kalungguhannana anjeunna nyebarkeun ajaran Islam di Daerah Conggeng - Tamjungkerta - Buahdua, kamungkinan waktos di Sumedang anjeunna disuhunkeun bantosan kanggo ngajarkeun seni maen po sareng bag-bagan kaelmuan ka agamaan ku Pangeran Santri.

Di daerah Conggeang - Tanjungkerta - Buah Dua, Dipati Ewanggasona dikenalna Mbah Depok. Sabada nerapkeun ajaran agama Islam Mbah Depok ngalangkungan akulturasi budaya Sunda & Terbangan Buhun  alat musik nu ditakol  ku ramo leungeun.

Patilasanna aya "Daerah Depok Tanjungkerta Sumedang". Di Cipanas Tanjungkerta anjeunna kalandih Buyut Depok / Mbah Ewangga / Mbah Wali suci. Nu ngadamel lirik lagu "Engko Terbangan" dina masa pemerintahan Ratu Putcuk Umun Sumedang Larang.

Embah Dipati Ewangga Kebo mulih pakandangan nalika Pajajaran Burak anjeuna ngantunkeun lahan nu kalintàng legana nu dihak guna pake ku Mbah Nangka Beurit / Raden Aria Wangsa Goparana, nu ayeuna janten tuturunan Dalem Cikundul Cianjur.

Kebo mulih pakandangan disarengan ku ki Jalun Jaka, lulunta ti tutugan Kabataraan Gunung Gede Bogor ngantunkeun Bogor ninggalkeun tanah di Cianjur syiar di Sumedang ngalangkungan Seni Terbang tug dugika Sukaraja Majalengka.

Sabada rengse ngalarapkeun ajaran Islam di daerah Conggeang - Tanjungkerta - Buah Dua, anjeunna mulang deui ka Tatar Jatiwangi Majalengka ngeusian tanah bengkok di daerah eta sarta ngarundaykeun di Daerah Jatiwangi Majalengka.

Sumber sejen yen Mbah Dipati Ewanggasona oge ngajarkeun Seni Beladiri (maen po) da anjeun ti Kabataraan Gunung Gede Bogor, malah pala putrana ti karaton Cirebon dina mangsa Sunan Gunung Jati aya dititipkeun dialajar maen po jeung kaagaman ka Dipati Ewangga Sona tos aya di daerah Jatiwangi Majalengka eta.












Ti mimiti harita Terbangan Buhun sumebar ka sababaraha wilayah di Sumedang. Aya perbentenan Terbangan Buhun baheula jeung Terbangan nu kiwari, rubakna terbangan buhun leuwih gede diameter lingkaranana, tibatan terbangan biasa.

Tantgtuna sorana leuwih tarik jeung ngebass nalika ditakolan ku leungeun. Nu matak kunaon disebatna "TERBANGAN BUHUN", kumargi "TERBANGAN BUHUN" tos aya dina jaman masa pamarentahn Pangeran Santri (Rd. Sholih) atanapi Pangeran Kusumadinata carogena Ratu Pucuk Umun / Ratu Inten Dewata (Ratu Satyasih) masa pamarentahan 1530 - 1578 Masehi. 

Cag....

Baca Juga :

2 komentar:

  1. Sampurasun. Punten admin pangguarkeun literatur atawa kisah Sangiang Purbawisesa.. hatur nuhun. Rampes.

    BalasHapus
    Balasan
    1. Dalam Buku Cipaku diceritakan ada 2 orang datang ke Tanah Sunda / Sundaland / Lemah Sagandu keturunan Nabi Nuh a.s yaitu : Purbawisesa, Terahwisesa

      Hapus